• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Aas Asmara

Jurig Sasak

Kintun kana Facebook

Imut, geulis, manis, lempay. Tos dua taun sosoranganan, éta nyi randa téh geus mah boga rupa nu hadé, tingkah polah nu merenah. Emh, éta mah si geulis, si bageur. Tapi ngaran-ngaran randa angger waé jadi pasirikan tatangga. Cenah genit, mun leumpang sok guyat-giyet némbongkeun imbit, socana nu sipit cenah sok genit ngiceupan salaki batur. Padahal teu sing kitu nyi randa mah.

Kuring nyaring tengah peuting kagareuwahkeun ku warga kampung Rindukuring anu tumplek cing arabring muru imah nyi randa, sawaréh aya nu marawa sénter ngajugjug ka sasak déngdék nu aya di tungtung lembur. Jadi pananya kénéh keur kuring mah, da nu ngabring ka imah nyi randa téh ibu-ibu wungkul. Ari bapa-bapa mah ngabring ka sasak dibarengan ku sababaraha urang pulisi.

“Aya naon Gan,” ceuk kuring lulungu kénéh.

“Éta Kang... Nyi Randa. Duka geubis duka aya nu ngarogahala, da aya nu mangmanggihankeun sampingna ngait dina sasak, nyi randana nyangsang na gebog nu teu palid ka wahangan, mastakana baloboran getih, tayohna mah kanu batu. Ah, duka ketang da tos taya nyawaan.” Tembal si Agan bari ngusapan punduk, tuluy nyusul abringan bapa-bapa.

“Innalillahi wa ina ilaihi rojiun, geulis sing tenang di alam baka,” gerentes téh bari tuluy nyusulan, rék ngalongok nu kapapaitan.

Nepi di tempat jalma-jalma sakampung tumplek kabéh, malah ti luar kampung ogé loba nu ngilu ngalayad. Kitu ogé pulisi aya sababaraha hiji. Numutkeun pamariksaan sementara mah cenah, nyi randa téh aya nu ngarogahala. Katerangan pulisi beuki kuat ku kapanggihna péso belati ti sabudeureun cikaso nu disusud ogé ku warga.

Ngadéngé anakna aya nu ngarogahala mah, kelepek deui Bi Inah teu inget di bumi alam. Bapana ogé siga nu euweuh kaéra, ceurik roroésan bari jejeritan. Tayohna teu nyangka, budak nu ngan hiji-hijina kudu nemahan pati kalawan aya nu maéhan mah. Bi Sum, anu sarua cicing di imah tuurna beuki noroktok jeung pias ningali kaayaan saperti kitu mah.

*

Sabada kajadian kapapaténan Nyi Randa mah, sasak déngdék téh jadi karasa geueuman. Taya jalma nu wani ngulampreng liwat ti magrib. Malah sanggeus asar ogé geus karasa combrék, jarang nu lalar liwat. Nu barorangan pisan mah, suka kénéh leumpang ngurilingan tibatan kudu ngaliwat éta sasak mah.

Béja pabéja-béja, tatalépa lir hiliwirna angin, pajar loba nu kawénéhan manggihan Nyi Randa nu keur ngabangingik palebah sasak. Bari sasambat hayang disampurnakeun. Atuh di lembur téh beuki gujrud jeung genting, majar Nyi Randa paéh ngajungjurigan.

Jurig sasak dengdek jadi kacapangan balaréa, malah lain waé di lembur kuring, ka lembur lain gé geus sumebar. Naasna keur kuring, unggal poé téh kudu waé ngaliwatan éta sasak. Pakasaban kuring ngawulang SMP kelas soré di lembur peuntas. Balik téh sok liwat magrib-liwat magrib waé. Harita mah nu sasarina balik jam sababaraha waé ogé bisa, ayeuna mah rada kokompodan.

Salian ti ngawulang, di lembur sabeulah ogé aya bébéné kuring. Imaha teu pati anggang ti SMP tempat kuring ngajar. Mun pareng malam minggu téh sok balik tengah peuting waé. Ti saprak aya jurig sasak mah sok rada mikir dua kali heula rék apél téh. Babakuna mah, pimitohaeun téh sok keukeuh nitah mondok, komo lamun Yén-yén –bébéné kuring- geus nyingsieunan mah, keur leumpang sorangan, ditengah sasak aya nu ngajanteng bari beungeut baloboran getih... hiyyy... cenah. Asa enya lamun manéhna nyingsieunan téh.

Lain embung éta ogé mondok téh. Tapi ari unggal minggu teuing mah asa teu ngeunah. Da dihenteu-henteu ogé Yén-yén téh karék katalian ku lamaran.

Wanci geus mimiti reup-reupan. Sabada solat Magrib, kuring pamitan ka Yén-yén jeung pimitohaeun. Keukeuh kudu mondok, da isuk ogé cenah ngawulang deui. Komo mun Yén-yén geus nyabit-nyabit nyi randa mah, horéam waé mulang téh.

Nepi di sasak déngdék, getih asa leungit kabéh. Sasak téh asa beuki manjangan, wanci nu geus reup-reupan beuki nambahan kakeueung. Léngkah asa beuki beurat, tapi dipaksakeun rurusuhan, malah satengah lumpat. Sanggeus sasak kaliwatan, haté beuki tenang. Ah, geuning euweuh nanaon. Dasar urang lembur, sok digegedékeun ari nanaon téh, gerentes kuring bari tuluy muru imah. Can oge sababaraha léngkah ti lebah sasak, hareupeun aya nu kokorosokan. Teg jajantung asa coplok, awak asa euweuh getihan. Komo sanggeus écés katingali aya nu norojol bangun rurusuhan mah. Jadol téh, horéng jalma ieu mah. Ngarandeg sakeudeung, ditingali téh aya ibu-ibu ngagémbol jeung rebo ku babawaan. Nya tos naon aya? Euweuh kasieun pisan, sakitu sasak déngdék keur jadi kacapangan ku jurig téh.

Teu gareuwah ningali kajadian bieu téh. Di lembur mah beuki saheng waé ku nu mindeng kawénéhan. Komo ayeuna mah Bi Sum, bibina Nyi Randa mindeng kasurupan. Jurig Nyi Randa nu nyurup hayang dianteuran sasajén ka handapeun sasak. Tiap Senén jeung Jumaah, kapaksa Bu Lurah jeung warga-warga lianna bagilir nedunan sasajén.

Teu sing aya sieun ayeuna mah mun kudu ngaliwatan sasak déngdék téh, rék jam sababaraha waé ogé ditorobos. Babatura di sakola mah padah muji waé kana kawani kuring. Komo Yén-yén jeung pimitohaeun mah, beuki reueuseun waé sigana boga piminantueun siga kuring nu taya kasieun téh. Balik jam sababaraha ogé teu masalah.

Tiap Salasa jeung Jumaah ngahaja balik ngajar téh sok hayang bada magrib, sanggeus milu solat di imah Yén-yén. Nu sok némbongan bari mawa gembolan di Sasak Gawir téh horéng beuki écés saha-sahana, komo sabada ngahaja diintip mah. Kabatur mah teu betus. Nu mawa gembolan ogé teu apaleun yén aya kuring nu sok nyerangkeun peta jurig nyiliwuri sétan mindah rupa téh. Teu loba carita, Pa Lurah waé nu diharéwosan téh.

Lembur mingkin combrek, komo ayeuna geus mimiti asup ka usum ngijih. Saban poe teu weleh ngaririncik, hujan peuting ninggang di lembur nu keur nandangan tunggara jeung kasieun ku jurig sasak. Katambah-tambah, Bi Sum nu saban poe teu weleh kasarumahan Nyi Randa. Lembur teh geus leungiteung katengreman.

Wanci sareureuhna budak, Si Agan geus hariweusweus ngetrokan panto imah. “Pa, hayu urang ka bumi Bi Inah, nu ngajungjurigan di sasak teh geus kapanggih.” cenah bangun teu sabar hayang geura indit.

“Jung wae ti heula, ke nyusul. Aya gawean heula,” cekeng teh.

Ngahaja indit teh rada kaleked. Da geus katebak saha-sahana nu sok ngajungjurigan di sasak dengdek teh.

Isukna ibur salembur, Bi Sum ditewak polisi. Sabada diintip ku urang lembur, unggal poe Salasa jeung Jumaah Bi Sum sok ngadon ka sasak dengdek, nyokotan kadaharan sasajen nu meunang ngajagjragkeun warga ajangkeuneun jurig dengdek. Sabada disaliksik ku pulisi, horeng nu ngarogahala Nyi Randa oge Bi Sum. Tayohna manehna neuteuli, pedah salakina baheula kungsi kagoda ku Nyi Randa. Sok sanajan dulur pet ku hinis oge, Bi Sum teh horeng neundeun ka ceuceub ka Nyi Randa, nu tungtungna wani-wani ngarogahala.

Salakina Bi Sum asup penjara, gara-gara kagoda ku Nyi Randa nu antukna wani maehan salaki Nyi Randa. Ngan kulantaran kagorengan mah teu bisa disumput-sumput, tungtungna mah kapanggih. Tuluy asup bui duka nepi ka iraha. Ayeuna kari-kari, Bi Sum ngadon nyusul nu jadi salakina ka Bale Watangan.

**

Ayam tingtrim ayeuna mah lembur teh. Sabada kajadian rajapati jeung teror jurig sasak nu geus mere kalangkang baluwas ka sakabeh masarakat. Jalma-jalma geus taya kasieun deui ngaliwatan jembatan dengdek.

Sabada pamitan ka Yen-yen mah, tuluy kuring mulang. Najan jarum jam geus nuduhkeun angka sabelas pas oge, kuring terus noyod muru imah. Inget isukan kudu nyiapkeun soal ujian keur murid-murid.

Nepi di jembatan dengdek, rarasaan teh asa beda ti sasari. Bet aya sir jeung rasa nu beda. Angin peutin ngahiliwir nyelecep niupan awak. Tikajauhan hawar-hawar sora sit incuing jeung anjing nu babaung teu eureu-eureun.

Sabada nincakkeun sasak, rada ngarandeg. Di tengah-tengah sasak aya wanoja nu keur ngalamun tanggah neuteup langit. Barang disidik-sidik, horeng Yen-yen.

“Yen-yen?” ceuk kuring asa rada teu percaya. Manehna tuluy ngalieuk, nyeh imut. Tuluy anteng deui nyawang langit.

“Yen-yen, naha aya di dieu? Euweuh kasieun cicing di sasak dengdek peuting-peuting. Hayu urang uih deui,” ceuk kuring bari tuluy ngadeukeutan Yen-yen, leungeunna dituyun rek dibawa mulang.

Bet beda ti sasari, leungeun Yen-yen karasa tiis nyecep kawas es, barang dituyun oge beuratna teu katanagaan. Beurang ngareret beungeutna, bet robah lain Yen-yen. Sirahna baloboran getih semu bejad, awak ngadadak hese diusikeun, rek lumpat teu bisa, rek ngajerit oge hese. Tungtungna mah les kapiuhan, teu inget deui di bumi alam.

Inget-inget awak geus ngagoler dina ranjang di tengah imah. Awak karasa lungse nu taya papadana. Di tepas kasampak loba jalma nu ngariung. Yen-yen oge nyampak digigireun bari rambisak. Manehna katingali ngucapkeun hamdalah sababaraha kali.

Heuleut saminggu, sanggeus kuring jagjag, karek indung teh balaka. Kuring teh kapanggih keur ngagoler ditengah sasak gawir. Saminggu ti harita mah teu sadar-sadar, keukeuh wae sasar jeung hayang keukeuh hayang nyusulan Bi Sum di pangberokan. Sabada disararetan ku Ajengan Burhan, kuring sabihara-sabihari deui.

Sanggeus bener-bener ngarasa jagjag, rek ngawulang jeung ulin ka imah Yen-yen teh bet hoream ngaliwatan sasak gawir, sok ngadon malibir muter ka jalan lain. Sok sanajan jadi jauh oge, asal teu ngaliwatan sasak gawir wae.***

 

Nu nulis siswa kelas XI MA Al-Hoiriyah, nganjrek di kampung Randukurung, Kutawaringin.

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: