• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Solihin

Boéh

Kintun kana Facebook

Geus tilu poé pamajikan nyaritakeun ngadéngé nu ceurik ngabangingik. Henteu pati didéngé. Saperkara kuring mah teu percaya ka nu kararitu té,h tahayul meureun, maké aya nu ngabangingik sagala. Sidik, taya sémah, taya jelema séjén iwal ti kuring, pamajikan, jeung si Bibi. Si Bibi ngaku henteu ceurik, pamajikan henteu, komo deui kuring, teu pupuguh ceurik. Basa disebut dédéngéan téh pamajikan mah nyanggéréng.

“Akang mah dadanguan-dadanguan, puguh sidik. Cék abdi gé sidik. Mani tetela, nangisna téh bangun nu kanyenyerian pisan.”

Kuring lila-lila mah ngaheueuhan wé da puguh ngarah teu gandéng. Sanajan haté mah keukeuh henteu percaya. Teuing pédah awahing ku capé meureun, da ari balik ti kantor téh, geus teu bisa ubral obrol, dug seré téh lain heuheureuyan. Jadi perkara nu ceurik tengah peuting jeung itu ieu téh, alhamdulillah henteu kabagian. Tapi pamajikan kalah beuki borangan. Cenah ayeuna mah ceurikna beuki tetela kadéngéna. Bangun anu kanyenyerian pisan.

“Kang nganggo tulung-tulungan sagala. Abdi mah sieun. Geura Akang ngadangukeun sakali mah.”

“Sok loba lamunan atuda Titi mah, jadi wé loba dédéngéan.”

“Ari Akang ngalamunan naon?” tembal pamajikan.

“Enya sok dijajadikeun, nyingsieunan manéh?”

“Akang, ulah tibra teuing kulem téh, nya abdi sieun,” pokna.

Kuring unggeuk nyanggupan. Najan dina kanyataanana mah angger saré deui kawas sasari tibra. Cenah éta gé diguyah-guyah ku pamajikan mah, da sora téa kadéngé deui. Tapi kuring mah angger henteu ngadéngé nanaon.

Kakara basa peuting ka tujuh kuring ngadéngé. Harita téh malem Jumaah. Peuting kacida cangrana. Taya pihujaneun. Tapi najan kitu carang nu ngulampreng. Da najan langit lénglang gé, angin kacida ngagelebugna. Nepi ka lamun mukakeun panto téh, mani kawas aya nu nyurungkeun ti luar.

Saenyana kuring aya maksud rék néang indung. Tapi dicarek ku pamajikan, cenah sieun. Ongkoh pangaruh malem Jumaah beuki nambahan kakeueung ka nu borangan. Bari keheul gé teu burung ngagugu kana paménta pamajikan. Kawasna kabawa ku kakeuheul, pitunduheun téh ngadadak laleungitan. Acara tipi kalalajoan tepi ka seri Invisible Man, acara paméakan. Basa ngagolér gigireun pamajikan, manéhna geus ngaguher saré.

Pamajikan diteuteup. Kakara kaciri, mani pias. Kawasna lantaran kurang saré, diganggu ku sora nu ngabangingik téa. Karunya teuing simbut dibebener, sina nuruban awakna.

Kuring curinghak, ngadéngé nu ceurik. Réy bulu punduk carengkat. Boa enyaan caritaan Titi téh. Didéngé-déngé, tétéla nu ceurik. Beuki didéngékeun, beuki atra, enyaan bangun kanyenyerian. Kuring cengkat rék néangan ti mana datangna sora. Nu ngabangingik téh beuki kadéngé. Sorana mah sora awéwé. Bangun kapengpet ceurikna téh. Kuring mukakeun jandéla kamar. Taya sora nu kadéngé, di lular mah. Jandela ditutup deui pageuh. Koréléng ka tukang, kadéngé nyegreg. Capéuen meureun. Terus ka luar, bari mawa batré. Ngajugjug buruan, tukangeun kamar kuring. Bisi aya galadangan ngadon ceurik di buruan tukang. Nu ngabangingik kadéngé atra. Sidik ti jero kamar kuring. Rey bulu punduk carengkat. Satengah lumpat kuring asup ka kamar.

“Hiuk, brug” panto dapur meundeut satakerna.

“Aya naon Adén?” si bibi tibuburanjat kaluar.

“Nu ceurik téa, Bi!” tembal kuring.

“Sumuhun Bibi gé ngadangu hawar-hawar, tadi.”

Kuring lumpat ka kamar, melang ka pamajikan. Bray mukakeun panto. Taya sora nanaon. Pamajikan angger ngageubra saré.

Meunang dua jam mah teu kadéngé nanaon. Si Bibi geus ngampih deui ka kamarna, saré. Kuring nyoba meureum-meureumkeun manéh. Kakara rék ngalenyap, pamajikan ngaguyah-guyah.

“Akang, Akang…” pokna.

“Héh,” cék kuring. Titi tipepereket nangkeup. Beungeutna nyulusup kana dada kuring. Kuring gé reuwas asa kagebah.

“Kang, dangukeun, tah,” omongana.

Ku lantaran tadi geus kadéngé enya aya nu ceurik ngabangingik, ayeuna mah kurig gé milu curinghak.

“Tiriiis… kadieukeun baju kuring cenah. Tetela naker. Kuring ngoréjat, montél kana leungeun. Lomari ditajong, da tetela sora téh datangna ti dinya. Jempe sakeudeung. Tapi teu lila jerit bangun nu nyeri pisan.

“Tiriiis…” cenah, dédéngéan téh.

Tetela, ayeuna mah sidik. Sora téh datangna tina jero lomari. Najan bari sieun kuring maksakeun nyampeurkeun lomari. Pamajikan beuki pageuh muntangan.

“Cicing atuh!” cék kuring ngépéskeun leungeun pamajikan.

“Atuda sieun, Akang,” manéhna luwaléwé.

Tungtungna duaan birat ka luar ti kamar. Sup ka kamar Si Bibi, geus poho dikaéra. Poho di kakolotan.

“Astafpirullah, Endén, Adén…” Si Bibi ngoréjat. Kawasna manéhna mah rék hudang, rék bébérés. Meureun ti tadi téh Si Bibi gé teu daékeun saré. Tungtungna ngariung di kamar Si Bibi. Lain béja saré diénggon bujang, Si Bibi ngagolér diamparan samak di handap.

Isukna kuring mukakeun lomari nu tadi peuting tetela datangna sora téh ti dinya. Bulu punduk carengkat. Breh waé aya kaén bodas ditilepan di handap. Ku kuring dicokot, diambeuan. Tetela; bau téh ti dinya datangna. Antara bau mayit jeung kamper ngahiji, pabaur.

Kaen téa dibawa ka tengah imah. Sok luhureun méja makan.

“Titi, ari ieu lawon saha?” cék kuring.

“Kenging mésér…” tembal Titi, sanggeus norojol ti dapur.

“Ambeuan!” cék kuring.

Manéhna ngadégdég, nyampeurkeun. Ari ngambeu, ari birigidig waé. Gabrug ngarangkul ka kuring.

“Kang, naha bet bau nu pupus.”

“Ti saha meulina?”

“Ti nu ngalangkung.”

“Saha?”

“Duka. Tapi da teu acan dibayar. Nembé engké siang kadieuna, da abdi nyuhunkeun waktos saminggu.”

Kuring ngarahuh. Antara keuheul jeung bingung. Teu kaharti ku akal, aya lawon bau mayit, di jero lomari kuring. Tur unggal peuting kadéngé aya nu ceurik.

Enyaan, pabeubeurang aya nu nagih duit lawon. Ku kuring ditanya ti mana manéhna boga lawon?

“Kenging mésér ti réréncangan.”

“Ti saha?” cék kuring.

Sabot kitu kuring nitenan Si Bibi ngagerian budak Tarka. Teu kungsi lila breg waé, mani pinuh di imah kuring. Lila-lila manéhna ngaku, cenah éta téh boéh, meunang ngali ti kuburan anyar. Sakongkol jeung kuncén.

“Kuburan saha?” cék kuring.

“Kuburan Neng Minna, mojang nu maot lantaran ragrag ka jurang tina mobil.”

Rey bulu punduk carengkat. Pantes unggal ceurikna téh nyebutkeun tirit-tirisan.

Kuring masrahkeun ka pulisi sagalana. Ngan di imah, salila saminggu mah diayakeun tahlilan, itung-itung nitah Neng Minna ingkah ti imah, da bajuna geus dipulangkeun.

“Ulah sok dolog kana barang murah téh. Meuli keur sepré mah ka toko baé da loba,” cék kuring ka pamajikan. Manéhna ukur tungkul. Rumasaeun salah.

Alhamdulillah taya dédéngéan deui. Ngan peuting kadalapan kuring ngimpi tepung jeung mojang geulis. Teu pira ukur nyium kana pipi, bari nganuhunkeun. Wahususona ila arwahi, Neng Mina.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (3)

gugum

bisa jadi kajadian dimanawae tangtu nyata

aki alsub (asli subang)

Abdi mah alim, bujeng bujeng di cium, pendak oge najan geulis ari makhluk lelembut mah iiiyy..ulah.. ulah kaalaman

jenal muksin

lumayan aya landong sieun, nyium nu geulis sanaos dina ngimpen ge!!

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: