• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Kagémbang ku Mojang Hérang

Kénging Féndy Sy. Citrawarga
Kintun kana Facebook

Teuing da kuring mah resep pisan tumpak sapédah téh. Carékna, lamun bujur geus napel dina sadel asa wegah misahkeunana. Ngaboséh, ngaboséh, ngaboséh, terus wé kitu. Tuda tumpak sapédah mah matak seger kana awak. Enya lamun keur ngaboséh anca heug digeberan angin ririh, duh mani tingtrim da.
Lain bohong tumpak sapédah mangrupa gerak awak nu murah meriah téh. Geura étah ngaboséh nyorang tanjakan nu matak regah-regéh, kabéh tanaga diketrukkeun. Késang ngoprot maseuhan awak, lekik nginum. Piraku kokotor na awak teu kapalidkeun ngilu jeung késang mah. Ana gorolong lebah pudunan, leuh mani tumaninah.
Siga poé ieu, kuring keur jongjon ngaboséh nunutur gilinding sapédah sakarepna. Enya, meungpeung keur peré tina gawé, cuti. Ngahaja ider-ideran saba lembur, lembur batur. Resep kacida sasapédahan saba lembur téh, lian ti apal pirang-pirang lembur, ogé pelesiran murah meriah téa. Lain teu hayang siga batur peré cuti téh sapiriumpi ka tempat rékréasi nu sarwakumplit siga di basisir, Bali, Pangandaran jeung nu séjénna. Apan ka tempat-tempat modél kitu mah kudu maké duit gedé, moal kauntup ku pangala kuring nu ukur pagawé leutik mah.
Geus opat poé ngaprak saba lembur téh. Tara kungsi undang-éndong, sok ngahajakeun baé buru-buru balik deui ka imah. Lamun pareng kaburitan gé sok terus baé mulang, kajeun teuing datang peuting.
Kalima poé ieu, karasa capé ayeuna mah. Awak lungsé jeung pararegel. Meujeuhna da hantem-hanteman teuing. Nu matak ayeuna mah mindeng eureun-eureunan. Padahal niat mah rék saminggueun, tah nu saminggu deui mah peresun di imah. Da nyokot cuti téh dikorédaskeun baé dua minggu!
Ayeuna mah mani asa ramohpoy heug keur nyorang jalan pasawahan, taneuh campur koral, jukut ngajejembrung, sawaréh kebul da usum halodo.
Rék reureuh heula ah di saung tuh kabeneran aya. Ngaboséh rada digas hayang geura nepi. Alhamdulillah nepi. Ngan barang nyidik-nyidik ka jero saung, dina balé-balé saung geus nyampak...awéwé. Alah kumaha atuh nya. Orokaya rék laju ngaboséh deui geus kagok ngerém tur ituna geus nénjoeun, mencrong seukeut bangun nu geus lila ngawaskeun. Jeung, jadol téh maké imut sagala.
Heueuh di tengah pasawahan, hawa panas, aya imut saulas. Piraku teu matak ngaliuhkeun haté. Tikoro garing paduli teuing, késang ngoprot kumadinya. Nu penting éta imut. Enya imut mojang lembur atuh! Lah, aing mah mani bagja kabina-bina diparengkeun tepung jeung manéhna.
Najan kitu, kuring kalah ngajeten. Biwir asa dikaput. Éta tuda kasima ku imut.
''Badé ngiuhan A? Mangga, abdi gé nuju reureuh. Raos, tiis,'' cenah ceuk nu cikénéh imut téh. Sorana, duh hipu. Ter kana jajantung aya nu nyetrum mani beuneur.
Sabada culang-cileung, sapédah dituyun, laju disetandarkeun. Topi dicuplak. Gék diuk dina tatapakan tihang saung, tiba napel teu merenah.
''Muhun ah badé ngiring reureuh. Capé ning ngaboseh téh,'' pok téh bari maling rérét. Yéy, mani geulis sari-sari démplon nyi mojang téh. Cacak ngora kénéh kira umur duapuluh taunan, tapi salira mani naleuhneur. Dipasieup imut kareueut.
''Muhun mangga, di dieu atuh calikna moal raos di dinya mah. Abdi gé da nembé jol, wangsul ti dayeuh,'' cenah deui. Dilak, gelenyu, sérédét kana jajantung. Kalalakian kuring dumadak nguniang teu ngingetkeun kacapé urut ngaboséh. Jung cengkat maksud mah rék nyumponan pangulemna ngarah tumaninah diuk dina balé-balé saung, ngaréndéng jeung nyi mojang. Ngan rumegag, sanajan  seungit awak nyi mojang geus kaambeu neumbrag irung. Puguh wé jajantung ratug ngadulag.
''Euleuh, mulih ti dayeuh?''
Manéhna unggeuk.
''Nyalira?''
Unggeuk deui bari teu weléh imut.
''Ari bumi di mana?'' tanya téh nyosok jero.
''Tuh palih ditu, satanjakan deui, di mumunggang pasir,'' cenah nuduhkeun runggunukna pasir.
''Ih tebih kénéh atuh. Kiatan mapah bari nyalira deuih!''
''Tos biasa da. Mangga atuh calik!'' cenah deui demi mireungeuh kuring sabada ngajurungkunung tina tatapakan téh kalah ngajengjen siga patung. Manéhna ngagésér meueusan, méré lolongkrang keur diuk.
''Wios kitu bau késang?''
''Wios, hawatos! Ari kitu mulih ti mana angkat ka mana?''
''Nuju pelesiran sasapédahan,'' pok téh éra-éra gé balaka baé.
''Geuningan....nyalira nyah?''
Kuring unggeuk.
''Mani kersaan. Padahal pelesiran mah sareng garwa sareng palaputra ka tempat nu asri sapertos hotél,'' cenah mapagahan.
''Na da Aa mah lalagasan,'' pok téh teu asa-asa ngabohong. Padahal lalagasan téh ari di luar imah siga ayeuna di imah mah nya indungna nya budak saopat-opat. Teuing tuda mani ujug-ujug kapaut imut nyi mojang. Di lelewek  nu jauh ka ditu ka dieu, di pasawahan, di jero saung nu liuh linduk kahieuman tangkal nangka walanda, birahi kalalakian kuring mokaha nguniang.
''Lalagasan?'' manéhna mencrong. Teuteup seukeut ngemu kaceuceub, taya imut nu kareueut.
''Mu, mu, muhuuun...di dieu mah,'' pok téh bari maksakeun imut.
''Ih na nya pameget mah mani resep ngabohong,'' nyindiran.
Kuring bati kéom. Imut manéhna témbong deui. Seungit kasturi melenghir ngahudang birahi!
Teu nyangka, kawas aya nu metot leungeun kuring mimiti palid. Éta tuda, manéhna gé diukna ngagésér méh paadek. Geter birahi tangka motah, digeberan angin pasawahan. Disaksian ku rajegna paré nu keur baleuneur héjo. Romantis kabina-bina.
Kalah paheneng-heneng antukna mah. Geus moal boa ngulinkeun rasa séwang-séwangan. Leungeun kuring cunihin, palid kana leungeun manéhna. Teeer...aya rasa nu béda. Tiis.....! Gelenyu manéhna imut.
''Alim ah,'' cenah. Leungeun kuring diképéskeun. Mani matak nyeri haté.
''Naha, pan teu aya sasaha?''
''Ari sapédah?'' ngabodor.
''Moal nanaha!''
''Ké kumaha mun sapédah wawartos ka garwa di ditu cenah ngaheureuyan abdi, teras abdi diontrog!''
''Lah Nyai mah sok aya-aya baé. Moal, moal!'' ceng téh dina galura asmara anu mingkin handaruan.
''Piraku nembé papendak badé minculak?'' tanyana bangun ngadakwa.
''Biheung patepang deui!''
''Moal hanjakal nyah?''
''Hanjakal ku naon? Moal!'' pok téh. Bareng jeung kuring ngomong kitu ana hiuk aya angin ngagelebug. Langit nu tadi béngras na musim halodo, ujug-ujug hideung ku pihujaneun, nu rarasaan téh ukur di lelewek saung sawah éta.
Tapi, dasar napsu nu geus ngagugudug, lila-lila alam téh jadi wirahma nu matak leuwih betah.
''Ih Aa mah mani maksa nya. Nya mangga wé ari moal hanjakal mah!''
''Kaduhung ku naon? Bagja wé nu aya tiasa metik mawar di tengah sawah!''
''Sanaos teu ka balé nyungcung heula gé nyah?''
Kuring ngabigeu, teu nyangka bakal ka dinya léokna.
''Alaaah...meungpeung aya kasempetan,'' cékéng téh bari jeung teu sadar muka jékét, terus kaméja. Harita kénéh kuring ngajangélék jadi ucing nu keur manggih pais. Gabrug manéhna dirontok, rék digaléntor, rék nyacapkeun kasono. Lat ka temah wadi.
Teus sangka, sugan téh manéhna rék sumerah pasrah, sadia narima tresna galura nu kebek napsu angkara birahi, ari hég kalah ngagiwar. Teu kalis kitu, manéhna malikan. Kek, dua leungeunna newek beuheung kuring mani ngagégép. Kuring teu bisa hojah.
''Jahanam, lalaki buaya! Teu rido aing mah!'' hawar-hawar kadéngé manéhna ngawakwak dina sora geueuman. Leungeunna ngagégép kénéh, kuring nyoba nakis. Pageuh. Keur kitu ngong adan ti lembur. Leungeun nu ngagégép ngendoran, nepi ka teu karasa pisan. Tapi awak kuring asa pasiksa, pangpangna lebah tikoro. Kereles kapiuhan.
Nyah beunta, geus aya di hiji imah. 
''Sadar Pa?'' aya lalaki nanya, teuing saha.
''Tos émut Pa?'' ayeuna mah awéwé. Kuring unggeuk sauted da saawak-awak karasa nyeri kénéh.
''Di mana abdi ieu téh?'' gék diuk, maksakeun da teu hadé ngawangkong bari ngagolér mah.
''Di rorompok. Nepangkeun abdi Komar, ieu pun bojo Darsih,'' ceuk si lalaki, solongkrong ngajak sasalaman.
''Bapa téh kapidara di saung sawah abdi sawewengi, kapendak tadi énjing-énjing.''
''Nya dibarantun ka dieu. Ku naon atuh Bapa téh? Boa-boa kagémbang ku mojang hérang  nya?''
Gebeg, ngarasa éra, asa katohyan lalampahan kamari. Kolébat beungeut nyi mojang nu kamari di saung némbongan. Puriding......
''Sanés sakali dua kali kajantenan kieu téh!'' puringkak.......
''Ari kitu saha éta wanoja téh Pa?'' tanya téh. Bulu punduk asa beuki rancung.
Derekdek Pa Komar ngadongéng, cenah éta téh awéwé dedemit, teuing saha. Ngan lima taun ka tukang aya nu ngagantung manéh di éta saung alatan dinyenyeri ku lalaki nu pajah bujang kénéh ari hég geus rimbitan. Nu kolot ngontrog. Nyarékan béak beresih. Baning ku kanyenyerian peuting-peuting basa hujan  gedé manéhna luas maragatkeun nyawa ku cara ngagantung!
''Nu ngagantung manéh téh Nyi Atikah tatéh Adén, urang dieu. Ngagantung manéh nuju kakandungan opat sasih!'' ceuk Bi Darsih.
Rey... késang badag késang lembut.
''Unggal pameget leumpeuh yuni, sok diheureuyan baé ku éta dedemit téh, enya lalaki nu teu boga iman, nu gampang kagémbang ku nu hérang!''
''Nu matak ulah nyoba-nyoba nirca ka istri mah!'' ceuk Bi Darsih bari ngadelék ka Mang Komar, terus ka kuring.
Kuring ukur ngeluk, rumasa codéka ka indung budak. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

kang Medin

Duh sae pisan carita teh .... matak ratug kana jajantung oge matak muringkak bulu punduk .....

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: