• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Nu Gedé di Lembur Batur

Kénging Dédi Supriadi
Kintun kana Facebook
Mangle
Seni angklung nanjeur di nagara-nagara deungeun [Potrét/Ilustasi: ]

Seni angklung di Malaysia diajarkeun di sakola-sakola, Malaysia ogé ngayakeun pasanggiri angklung unggal taun. Kumaha di urang? Kitu deui urang Jepang bisa ngahirupkeun, ngamumulé  seni angklung. Teu anéh mun barudak sakola di Malaysia jeung Jepang motékar dina maénkeun angklung.

Lain angklung waé nu di popohokeun ku urang Sunda, malah gamelan gé jadi asing keur generasi ngora mah. Nu anéh mah, kunaon seni ieu téh nanjeur di nagara-nagara deungeun. Urang-urang deungeun mupusti, ngamumulé ka seni urang. Malah sabalikna seni nu sorangan di tanggongan. Jadi mun loba kasenian uran nu diaku ku deungeun-dengeun, teu kudu ambek. Anggur urang introspéksi diri, na salila ieu urang merhatikeun kan banda sorangan? Cék para ahli mah, cenah krisis multidimensional kiwari téh kualatan bangsa urang geus teu ngupama jeung teu miroséa deui budayana sorangan. Ayeuna jati kasilih ku junti.

Manggihan fakta nu pikaanéheun, di nagara Prancis salah sahiji nagara adi-daya dina widang tehnologi. Mun nilik kana sajarah jeung budaya mah teu apa patula-patalina jeung nagara Indonésia. Tapi anéhna bisa nempatkeun gamelan Sunda di tempat géngsi. Percaya atawa henteu Perancis kungsi ngabéwarakeun “Taun Gamelan 2002”. Ngarah gamelan nanjeur, pamarentah Prancis dina taun 2002/2003 milih musik gamelan jadi palajaran wajib di sakola-sakola.

Musik gamelan mémang tempatna di oprea-oprea sandiwara, tongtonan-tontonan musik telepisi (saluran FR3) radio Prancis (France Culturea). Musik gamelan jadi musik instrumént di telepisi jeung radio di Prancis.

Program musik gamelan di Prancis di mimitian di Musee d I home nu ayeuna sumebar ka Cite de I Musique, nyaéta komplek musik nu diwangun taun 1983 Pare de la Villette, kagiatan ieu di subsidi ku pamaréntah, waragadna kira-kira 16 milyar euro sataunna.

Kitu deui di nagara Paman Sam, gamelan Sunda dipiwanoh ku para mahasiswa, atawa kalangan akademisi. Amerika Serikat mibanda 300 perangkat gamelan nu sumebar di sababaraha paguron. Jeung deui aya sakola husus nu neuleuman gamelan. Ti sajaba éta ogé USA ngirimkeun murid-murid pikeun neuleuman musik-musik tradisional ka Indonésia.

Mr. Toni salah saurang donatur ti Hawai, ngabagikeun gamelan degung ka sababaraha paguron di Amerika Serikat, saperti paguron Pitsburgh, Georgia, Bates College, Cangon, Ohio, California. Malah Andrew dosén di Pitsburgh geus kabéngbat ku seni Sunda, cenah rék ngadegungkeun laras saléndro, pédah ari gamelan Jawa larasna salendro. Di Santa Cruz Univercity California, aya 120 mahasiswa ti rupa-rupa jurusan milu neuleuman gamelan Sunda. Malah Santa Cruz mah mindeng disebut “lemburn Sunda” pédah kuatna kana kasenian geus jadi Sunda. Nurutkeun para dosén, mahasiswa ti Barat datang ka Bandung pikeun neuleuman degung, “Ayeuna degung geus jadi perhatian urang Amerika, jeung degung ayeuna geus jauh ti urang Sunda.”

Di Ustrali gamelan degung dipikaresep, malah Malbourne jeung Sydney mah geus aya grup degung. Di Ustrali néangan informasi ngeunaan kasundaan teu iyeuh susah, datang wéh cenah ka radio Bay di kota Byron Bay. Atawa bisa ngadatangan paguron-paguron luhur di Ustrali, informasi ngeunaan kasundaan lengkep pisan. Kitu deui néangan alat gamelan, di unggal paguron nyampak gamelan degung. Bandingkeun jeung di lembur sorangan, nyampak gamelan gé di gudang nu geus pacampur jeung barang-barang urut.

Mun di tatar Sunda nu diajar degung téh réana ibu-ibu atawa gadis-gasid di lembur, di Ustralia nu diajar degung téh ti kalangan profesi saperti dokter, pangacara, akademisi, mahasiswa, pelajar. Pikeun urang Barat mah musik geus mangrupa kabutuhan. Teu paduli musik datangna ti nagara antarah barantah.

Nu matak katajina, sikep deungeun-deungeun dina ngahargaan budaya urang, lain waé diajar neuleuman degung, wayang, tari sunda tapi ogé tambang Sunda. Maéstro tembang Sunda Euis Komariah di ulem ka sababaraha paguron di Amerika Serikat, bakat ku hayang pisan diajar tembang Sunda. Kajadian ieu asa can pernah di paguron di Indonésia.

Ngan saukur di pirig ku kacapi indung,r incik, suling haleuang ibu Elis nepika tiasa nyirep panonton nu haladir, boh kalangan akademisi, pon kitu deui masarakat. Sanajan musik jeung tembang asing keur manéhna mah asing. Tapi musik tradisional ieu bisa nembres kana rasa nu universal. Malah ibu Elis ngadongéngkeun, aya istri di Sattle nepi ceurik balilihan. Bari pageuh nyepengan panangan ibu Elis, anjeuna nyarios, “Oh mam, my heart is broken.”

Aya bungan pacampur jeung sedih, bungah pédah kasenian urang warisan karuhun bisa nanjeur di negri deungeun, sedih kunaon kasenian tradisional téh geus dipopohokeun ku urang Sundana sorangan. Kumaha mun isuk jaganing geto, dina buku sajarah aya hiji catetan nu nyebutkeun, Jawa Barat daérah nu sabagéan gedé dicicingan urang Sunda, beunghar ku budaya. Tapi kiwari geus euweuh dikieuna, lantaran urang Sundana geus teu resepeun kana budayana. Malah anak –incuna mun rék diajar neuleuman kasenian Sunda téh kudu ka Amerika Serikat, Ustrali, Eropa. Cag. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (2)

ajat sudrajat

Numutkeun simkuring, seni sunda kapopohokeun teh ku sabab : 1. Di dunia pendidikan, ti kawit TK, SD, SMP, SMA/SMK dugi ka Paguron Luhur teu disadiakeun/difasilitasi sakumaha mistina sahingga generasi ngora teu wanoh kana seni sunda; 2. Guru nu ahli seni sunda kacida langkana; 3. Seni, khususna seni sunda, ku sawatara ahli agama Islam di anggap haram (sora suling keur ngundang setan, matak mintulkeun kaimanan, euweuh conto ti Nabi jsb). Hal ieu kudu aya kajian anu komprehensif ti para ahli jeung pangrojong ti balarea supaya aya jalan kaluar samemeh seni sunda ilang musna ti tatar sunda. Wallahu'alam.

Lukmanul Hakim

Duh, mani ketir. Kumaha nya urang sunda teh? Iraha atuh urang Sunda rek saladarna?

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: