• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Kangjeng Nabi Muhammad SAW;
Saé Budi Parangina, Lir Bulan Purnama

Kénging RH. Tarmidzi
Kintun kana Facebook

Puji sinareng syukur hayu urang salalamina sanggakeun ka Gusti Allah nu Maha Gofur. Solawat miwah salam, mugia dilimpahkeun ka jungjunan alam, nyatana habibana wanabiyyana Kanjeng Nabi Muhammad SAW, ka para kulawargana, ka para sobahatna, tabi’in-tabi’in tug dugi ka urang salaku umatna.

Mikacinta ka Rosul téh wajib hukumna. Qul inkuntum tuhibbunallah, fattabi'uni yuhbibkumulloh, wayag firlakum dunubakum, wallahu gofuururrohiim. Nu hartosna kirang langkung kieu : “Prak ucapkeun, saha jalma nu mikacinta ka Allah, mangka lakonan naon-naon nu disyari'atkeun ku Kami, mangka Allah ogé bakal ngahampura maranéh, Allah téh Maha Jembar Pangampura tur Maha Welas Asih.

Kitu dawuhan Allah nu kaunggel dina surat Ali Imran ayat 31.  Margi kitu, urang micinta Allah hukumna wajib, atuh toat ka Rosulullah oge wajib. Paréntah di dieu ogé, sanés waé wajib ngalakonan paréntahna, tapi ogé wajib apal kana naon nu janten pasipatan mulya ti Kangjeng Rosulullah téh. Apanan dina rukun iman ogé, toat ka Rosul, kalebet ka Kangjeng Nabi Muhammad SAW téh lebet kana rukun iman nu ka opat.

Naon sababna iman ka Rosul kalebet kana kaimanan? Margi Rosulullah teu wungkul wajib aya jirimna, tapi ogé alatan Rosul ngemban misi ajaran nu hak (bener)  mungguh Allah. Ieu nu sacara filosofis, henteu wungkul urang percaya, tapi wajib apal sareng ngajalankeun ajaranana.

 

Lir Bulan Purnama

Kangjeng Nabi Muhammad SAW téh putra Sayyid Abdulloh bin abdul Mutholib nu katelahna Syaibatul Hamda, nu saé budi parangina. Bin Hasim jujulukna Amru bin 'Abdi manaf jujulukna Muhiroh nu salamina naék tingkat kumargi kaluhunganana. Kaluhurna deui, bin Qushayyi jujulukna Mujammi Qushayyi, maksadna padumukanana di Qudu'ah nu nyengceling, fi biladi qudi'atal qosiyyah. Dugi ka anjeunna diuihkeun deui ku Allah ka kota Haram Mekkah nu dimulyakeun sareng anjeunna tisa ngariksa dirina tina rupi-rupi larangan nu aya di kota Mekkah.

Ka luhurna deui bin Kilab, bin Murrah bin Ka'ab bin Lu'ayyi bin Gholib bin Fihr sareng ogé namina Quraisy nya ka Fihr. Ieu nu salajengna dinisbatkeun suku bangsa Quraisy. Sareng turunan ka luhurna deui Malik bin Nadlr bin Kinanah bin Khuzaemah bin Munrikah bin Ilyas. Nya anjeunna nu pang payunna ngahadiahkeun Onta di Mekkah. Bin Mudlor bin Nizar bin Ma'adi bin Adnan nu saterusana ka Nabi Ismail a.s bin Nabi Ibrohim a.s.

Nalika Allah Swt. hoyong nyiptakeun Nabi Muhammad SAW sareng parantos ngagelarkeun jasmani sareng rohani dina sifat bathiniahna, nya Allah ngalihkeun nur éta kana tempatna, nyaéta kana rahim Siti Aminah Azzuhriyyah. Sareng Allah nu Maha Caket nu ngobulkeun do'a tos nangtoskeun yén Siti Aminah téh mangrupa Ibu nabi nu pinilih.

Diémbarkeun ka satungkebing langit sareng bumi, yén Nur kanabian parantos aya dina kandungan Ibuna. Kaayaan sarupa kitu téh kacida dihareupkeunana ku sakur jalma nu hoyong énggal kana kalahiranana. Disaurkeun, wakusiyatil ardu ba'da tuuli jad biha minannabati hulalan sundisiyyah. Sareng bumi nu tos lami dina kaayaan cénghar tuluy nuwuhkeun rupa-rupa tutuwuhan nu subur saperti amparan sutra. Nalika éta deui,  sakabéh pangeusi bumi ngilu ngarasakeun kagumbiraan saperti tukang mabok keur minum arak. Jeung jin ogé pada gumbira pédah deukeutna kana kalahiran Nabi SAW tur rusak sakabéh ramalan dukun jeung geumpeur pandita-pandita Nasroni. Jeung para ahli pangaweruh, kullu habrin khobiirin wa fiihulaa husnihi taah, pada karumpul ngobrolkeun kahéranan sifat kahadéan nabi. Sareng diuningakeun ka ibuna, yén saéstuna anjeun nuju bobot hiji pamingpin alam sareng pangsaé-saéna mahluk. Sareng upami tos ngalahirkeun pasihan nami Muhammad karana anjeunna bakal jadi jalmi nu pinuji. Nalika nuju dina kandungan kénéh, nya Sayyid Abdullah pupus di Madinah. Saparantosna Siti Aminah sampurna kandunganana, dina maleman dilahirkeunana Kangjeng Nabi sumping widadari-widadari ti sawarga. Nya karaos ku ibuna yén badé ngalahirkeun. Solallahu 'alaihi wasallam nuuron yatala la'u sanah. Nya lahir kangjeng Nabi kalayan cahaya nu gilang gumilang. Wamuhayya kassamsi mina mudi'u asfarot 'anhu laelatun goro'u. Pameunteuna lir ibarat panon poé nu nyinaran kalawan sumirat tipeuting. Lahirna kalayan nyimpen dua pananganana di bumi sarta mastakana tanggah ka langit nu luhur. Tempat dilahirkeunana Nabi téh di hiji tempat nu kasohor dipikampungan di kota Mekkah. Hiji kota nu dilarang di dinya pikeun nuar tangkal jeung nyabut tutuwuhanna. Ieu téh méré pituduh kana kapamingpinan tur kaluhungan martabatna.

Ibuna nyauran éyangna Abdul Muthollib nu keur ngurilingan Ka'bah. Nya gasik anjeunna ngabujeng kalayan pasemon nu pinuh ku kagumbiraan. Lajeng éyangna ngalebetkeun Nabi SAW kana Ka'bah nu Mulya lajeng ngado'a kalayan ihlas. Toyyiban dahinan makhulatan bikuhlil 'inaayah 'aenahu. Kacida seungitna nganggo minyak tur disipat dua socana. Wadoharo 'inda wiladatihi khowariku wa goroibu goibiyyah. Dina waktos dilahirkeunana Nabi SAW seueur kajadian-kajadian nu luar biasa sareng kajadian goib nu matak ahéng. Ieu mangrupi katangtosan kanabianana iber, yén anjeunna Nabi nu dipilih ku Allah Swt. Nya ti kawit dibabarkeunana Kangjeng Nabi penjagaan langit dikuatan jeung diusir sétan-sétan jeung kulawedetna nu rék norobos ka langit. Béntang-béntang nu suminar maledogan satiap sétan nu rék norobos ka langit. Watadallat ilaihi solollohu 'alaihi wasallam, anjumuj juhriyyah. Béntang jahroh turun ka handap ngahormat kana lahirna Nabi. Wagodot buhaerotu sawata wakanat baena hamadaani waqumma minal biladil 'ajamiyyah. Jeung ngembeng cai talaga sawah nu ayana antara Hamdzan jeung Qumma di negri ajam (Iran). Harita lahir Kangjeng Rosul sateuacan fajar dina dinten Senén ping dua welas Robi'ul Awal taun Gajah, saperti nu katelah, yén Allah parantos nolak tur ngajaga tanah Haram Mekkah tina serangan pasukan Gajah.

Kangjeng Nabi Muhammad SAW téh hiji jalmi nu sampurna, dedeg pangadegna, saé budi parangina tur kagungan sifat-sifat nu luhung. Kitu deui jangkungna sedeng, kulitna bodas semu beureum, dua socana lebar jiga nu dicelak, bulu socana kandel halisna melengkung saé. Waosna rada carang bahanmna lebar, katangen saé tur pikaresepeun pameunteuna, saé taarna lir bulan sapasi, daa jabhatin hilaaliyyatin.

Kangjeng Rosul, kasaurkeun ogé damisna lemes pangampungna bangir. Taktakna lega dua dampal pananganana rarubak, ramo-ramo pananganana ararageung sakedik, kandel rumbahna, mastakana seseg, rambutna pantes dugika cepilna.

Wabaena katifaehi hootamun nubuwwati qod 'ammahun nuru wa'alahu. Sareng diantara dua walikatna aya cap kanabian nu pinuh ku cahya nu sumirat.  Karingetna saperti mutiara sareng seungitna ngadalingding leuwih seungit batan minyak kasturi. Angkatna tungkul jiga nu angkat mudun ti tempat nu luhur. Sareng nalika panangan nu mulya téh sasalaman jeung batur, nya kaangseu seungit ngadalingding sababaraha dinten lamina. Marahmay pameunteu nabi nu mulya sapertos bulan purnama. Satiap jalma nu kantos tepang sareng nabi, bakal nyarita : yén kaula can pernah mendakan jalmi nu nyarupaan boh saméméhna atawa sanggeusna.

Kitu deui, Nabi Saw, hiji jalmi nu tawadhu, handap asor, kersa ngoméan tarumpahna sareng ngajahit raksukanana sarta ngaladénan kulawargana ku ahlak nu mulya. Anjeunna ogé resep ka fakir miskin, sok calik sasarengan jeung maranéhna. Anjeunna sering ngalayad nu teu damang jeung nganteurkeun ka kubur sareng teu pernah ngahina jeung nganggap sapélé ka jalma nu fakir. Tara némbongkeun sikep ngéwa. Teu gimir ku raja, ambek jeung rido anging karana Allah ta'ala. Dina kapamingpinana, Kangjeng Nabi teu resep migawé nu taya gunana, sareng pangheulana ngucapkeun salam mun patepang jeung batur. Resep gaul jeung jalma-jalma nu dipandang mulya, gaul jeung jalma-jalma nu boga pangkat luhur. Tara nyarios naon waé anging éta cariosan téh bener sarta cariosan nu dipikacinta tur dipikaridho Allah Swt.

Ku kamulyaan sareng saé budi parangina Kangjeng Rosul, tangtos ieu téh kedah janten tuladan dina kahirupan urang salawasna. Naon margina? Tangtos upami dipatalikeun sareng mangsa kiwari, ahlak kamulyaan hiji jalmi seueur nu tebih tina ahlak Rosul. Padahal, saur Kangjeng Nabi nyalira, Innama bu’itsu li utamimma makarimal akhlak. Saéstuna kuring diutus ka ieu alam dunya, pikeun nyampurnakeun ahlak. Malihan, upama ngabandungan kaum rumaja kiwari, geuning seueur pikahariwangeun wungkul. Mupusti idola, keur jadi conto, modél kahirupanana, geuning lolobana ka bangsa jalmi nu tebih tina agama. Boa-boa generasi ayeuna, loba teu arapal ka sang idola sajagat, idola nu teu aya tandinganana Kangjeng Nabi Muhammad SAW. Upama kitu kanyataanana, saha atuh nu kedah tanggung jawab? Naha mung bisa nyalahkeun balukar globalisasi atawa kabébasan informasi?

 

Sababiyah Ningkatna Kaimanan

Saparantosna urang terang ka Rosul Allah, sanaos terang kana lahir sareng sipatna, mugia waé tiasa janten sababiyah pikeun ningkatkeun kaimanan sareng katakwaan urang ka Allah Swt. Margi, mustahil cinta ka Rosul sareng ka Allah Swt, upama diri urangna teu terang, saha ari Nabi Muhammad SAW téh. Allah Swt. parantos ngadawuh dina surat An-Nisa ayat 69, nu kieu hartosna: “Jeung saha jalma nu toat ka Allah sareng Rosul-Na, nya aranjeun bakal babarengan jeung jalmi-jalmi nu salawasna dipaparinan ni’mat; nyaéta para nabi, para shiddiqin, syuhada sareng jalmi-jalmi soléh.”

Ku margi kitu, mangga urang munajat ka Gusti, mudah-mudahan urang salalamina kagolongkeun jalmi-jalmi anu teu pegat cinta ka Rosul Kangjeng Nabi Muhammad SAW. Allahuma yabasithol yadaeni bil atiyyah, ya man ida rufiat ilaih, akufful 'abdi kafah, ya man tanajjaha fi daatihi wasifa tibhil ahdiyyah. Ya Allah Dzat nu meberkeun kakawasaan nu pinuh ku Anugrah karunia-Na, mugi Gusti salawasna maparinan ka abdi sadayana pituduh kana jalan hak, sakumaha ajaran Kangjeng Nabi Muhammad SAW. Allahumagfir, lil muslimina wal muslimat, wal mu’mininna wal mu’minat, mugi Gusti nyalametkeun ka urang sadayana ku limpahan magfirah. Sareng mugi Gusti, salawasna ngalimpahkeun pituduh pikeun salawasna micinta Rosul minangka suri tauladan nu taya tandinganana. Allahuma adhilna mudhola sidqi wa ahrijna muhroja sidqi waj alni milladunka shultonan nasyiiro. Robbana aatina fiddunya hasanah wafil akhiroti hasanah wakina adzabannar. Amin ya robbal 'alamiin. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: