• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Liang Cocopét

Kénging Mang Lintrik
Kintun kana Facebook

“Jaman werit kieu mah mah, Mang….”

“Kumaha, Lo?”

“Sasatoan ogé milu ngaririweuh.”

“Ngaririweuh kumaha ari Alo?”

“Sasatoan nu asalna tara nanaon, malah urang ogé baheula mah sok remen manggihan, ayeuna mah jadi mahabu. Di Wartakeun aya sababaraha daérah nu diserang ku éta sato. Malah lamun aya nu manggihan éta sato, najan ngan ukur hiji, tuluy baé jadi ibur.”

“Sato tomcat maksud Alo téh?”

“Enya, Mang.”

“Cocopét téa meureun ceuk basa urangna mah.”

“Meureun. Ngan nu jelas mah cenah racunna kacida matihna, sok sanajan teu ngabalukarkeun jalma nu keuna ku éta racun jadi maot.”

“Padahal ti keur leutik gé mindeng Mamang manggihan cocopét, tapi teu jadi matak kawas ayeuna.”

“Bener, Mang. Malah cenah saenyana si tomcat téh sato anu gedé gunana keur manusa, lantaran sok ngadaharan hama wereng. Prédator ceuk basa légégna mah.”

“Ari kitu, naha atuh bet jadi ngaganggu ka manusa nyah?”

“Boga manusa kénéh ku kitu téana mah, Mang?”

“Har?”

“Lantaran dina tatanén kiwari para patani sok réa teuing maké péstisida kimia. Antukna éta sato jadi mutan, robah kalakuan, jadi barangasan.”

“Beu.”

“Lian ti kitu, habitat atawa tempat hirupna geus réa kaganggu ku manusa. Tomcat atawa cocopét nu biasana hirup di sawah jadi liar ka imah warga, lantaran sawahna geus réa nu salin jinis jadi perumahan.”

“Ari kaya kitu mah lain salah-salah teuing sakadang cocopét atuh, Lo.”

“Bener, Mang.”

*

“Baheula mah alatan cocopét atawa tomcat téh mangrupa sato anu biasa aya dina sabudeureun tempat hirup manusa, sok aya istilah najan ka liang cocopét gé bakal milu atawa nuturkeun.”

“Oh.”

“Éta babasan biasana diterapkeun ka wanoja anu satia ka beubeureuhna, atawa awéwé anu taat ka salakina, nepi ka rido najan dibawa ka liang cocopét ogé.”

“Hartina, Mang?”

“Najan dibawa sangsara ogé bakal satia ka jalma nu dipikacintana.”

“Emh.”

“Matak kitu ogé kapercayaan ka jalma nu dituturkeunana éstuning gembleng. Lantaran nu dituturkeunana moal genah garinah sorangan. Mun bagja kabéh kabawa bagja, mun sangsara nya saréréa sabar tawekal.”

“Sabagja sacilaka nya, Mang?”

“Enya.”

“Kuduna mah pamingpin jeung rayatna téh kitu, Mang.”

“Maksudna?”

“Rayat téh kudu tuhu ka pamingpin, kudu daék nuturkeun najan ka liang cocpét ogé.”

“Nya kitu idéalna mah.”

“Tapi ayeuna mah rayat bangun nu cadu dibawa ka liang cocopét ku pamingpinna, Mang. Geuning rencana naékkeun BBM gé ramé ditarolak.”

“Matak kitu gé pamingpin téh geus teu pati dipercaya ku rayatna.”

“Geuning?”

“Lantaran ari ka liang cocopét mamawa rayat, ari asup ka goah nu pinuh ku dahareun hayang sosoranganan.”

“Bangun nu embung sabagja sacilaka, Mang. Manéhna raharja urang sangsara.”

“Enya kitu, ceuk istilah sarkasmeu téana mah.”

“Kudu maké sarkasmeu sagala, Mang?”

“Alatan geus remen teuing dikakaya matak kitu gé, Lo. Atawa geus leungiteun kapercayaan.”

“Ambuing.”

“Matak tibatan daék dibawa ka liang cocopét mending kénéh jadi tomcat.”

“Nu ngaluarkeun racun alatan kahirupanana digunasika nya, Mang.”

“Enya. Kitu gé mun wasa kénéh jadi tomcat. Mun henteu mah nya urang pasrah sumerah wé. Da bongan jadi rayat.”

“Beu.”

***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: