• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Milih Calon Gupernur
Ngukur Kamampuh Pipamingpineun

Kénging Rumpaka M-Online
Kintun kana Facebook
Mangle
Milih Calon Gupernur Ngukur Kamampuh Pipamingpineun [Potrét/Ilustasi: Ensa Wiarna]

Piliheun geus jinek. Kari prak milihna. Ngan, tetep misti ati-ati jeung taliti. Nu kumaha? Dr. H. Deden Suhendar, M.Si., Doktor Administrasi Publik lulusan Universitas Padjadjaran (Unpad) Bandung, medar pamanggihna. ***

Ilahar mun patandang hayang meunang. Atuh, tarékahna gé rupa-rupa, kaasup metakeun jurus keur ngirut haté rahayat. “Nu milih ulah kabobodo, ulah ukur kabita ku jangji pihak calon,” ceuk Dr. H. Deden Suhendar, M.Si., muka wangkongan.

Dina nyanghareupan pilihan gupernur, obrolan ajen-inajen kapamingpinan gé,  brasna mah kana nyaritakeun calon gupernur Jawa Barat. Kitu téh, kacida pentingna. Lantaran, saha waé nu kapilih pangaruhna mah bakal manjang.

Bisa jadi, patandang téh metakeun rupa-rupa tarekah, kaasup ngumbar jangji amis keur rahayat. Ngan, ceuk H. Deden, masarakat ge kudu ask-asak milihna.  Papatah kolot sing asak-asak ngejo bisi tutung tambagana, sing asak-asak nenjo bisi kaduhung jagana,  payus jadi cecekelan.

Upama balangah, milih ukur kumaha ramena, nangtukeun pamingin ukur dumasar kana jangji-jangjina, bisa jadi mamala. Pilihan  nu ngan sakedet netra dina bilik TPS, pangaruhna mah bakal manjang. “Mun salah milih rugina mah lima taun ka hareup,” pokna.

Malah, kawijakan pamarentah nu salah, bakal natrat nyesakeun tapak katugenah, najan ahirna si eta pamingpin geus maren pancen. “Ngomeanana ge bakal hese kacida,” ceuk ieu Rektor Universitas Al-Ghifari, Bandung téh.

Milih pamingpin, kudu nu kaukur. Maksud H. Deden mah, calon nu baris dipilih kudu diajen kamapuhanana. Ti mana ngajenna? “Ngalangkungan visi katut misina, oge ngukur kasanggupanana,” pokna.

Kasanggupan calon gupernur, oge bakal katangén tina jangjina. Tah, lebah dieu rahayat gé kudu meunteun jangji pamingpin dumasar kana  kamampuhanana.  Ukuranana, bisa katangén dumasar kana SDM nu sadia di pihak nu ngajangjikeun téa,  carana ngokolakeun rarancangna,  waragad nu sadia, jeung bahan nu nyampak nu bisa  ngarojong kana kahontalna jangji-jangjina téa.

Jangji pamingpin, kudu kaukur. Jeung deuih sabenerna, nu ngajangjikeun gé kudu mertélakeun cara-cara ngahontal jangjina. Cindekna, ulah saukur ngabubungah rahayat! Kitu ceuk H. Deden.

Nangtukeun pamingpin, mémang teu cukup ku ngandelkeun rahayat. Ajén-inajén pamingpin nu baris kapilih bakal gumantung ka pihak-pihak nu tumali jeung éta pasualan. Saperti ketak KPU, ceuk H. Deden mah, kudu bener-bener nuwuhkeun kasadaran masarakat daék milih sarta mastikeun rahayat bisa milih kalayan bener.

Ajén Pamingpin

Ajén-inajén calon ogé mistina mah gumantung ka tim suksés. Ngan, lebah nu urusanana jeung tim suksés, ieu rektor teu pati neundeun harepan. Lantaran ilaharna, nu ula-ilu jadi tim sukses mah, bakal satekah polah ngarojong calonna. Hartina, upama ngirut haté rahayat gé, ukur demi kapentingan calon nu dirojongna.

Nu dipiharep ‘nyaangan’ rahayat dina milih pamingpin, ceuk ieu urang Bandung, para inohong masarakat. Lantaran, kalungguhan tokoh téh gedé pangaruhna ka masarakat. Malah, ilahar naker upama pamanggih atawa papatah tokoh mah masih kénéh dihaminan ku masarakat. “Tangtos para tokoh gé, kedah nétral, henteu mihak salah sahiji calon, sareng upami méré panerangan misti dumasar kana kapentingan balaréa,” ceuk ieu da’i nu biasa nepikeun bagbagan agama Islam téh.

Rahayat ilahar kebek ku rupa-rupa pangharepan. Masarakat  boga harepan mangsa datang leuwih hadé. Ngan, harepan kitu gé kudu kaukur, ceuk H. Deden mah. Lantaran bisa jadi loba jangji atawa nu dijangjikeun ku paracalon hésé ngabuktina.

Nu kudu jadi panalinga dina danget ieu, ceuk ieu dosén nu biasa ngajarkeun kapamingpinana téh,  pasualan-pasualan nu kacida raketna jeung kapentingan masarakat. Diaku atawa henteu sadar atawa henteu, atikan mah tetep nu pangpentingna. Ngan, upama calon pamingpin nepikeun jangjina, masarakat gé kudu apal, naha éta jangji téh bakal kahontal? Ukuranana, balik deui kana saha nu ngalaksanakeunana, sakumaha waragadna, ogé kumaha cara ngahontalna. Nun kadua, tangtu wé sual ekonomi masarakat. Ieu bagian penting nu kudu jadi panalinga sakumna calon. Lantaran hirup jeung huripna masarakat téh bisa jadi cukang lantaran karaharjaan jeung kamajuan. “Ulah nepi ka kajadian, ari nu dikompanyekeun sual ngurangan nu ngaligeuh, ari kabuktian, muka  usaha gé hésé,” pokna.

Saterusan, nu kudu jadi panalinga calon pamingpin, ogé sual kaséhatan masarakat. Sual éta mah, kabutuh saréréa. Tumali jeung kaséhatan, ogé bisa jadi loba jangji calon nu matak pikauruyeun. “Mung ulah waka kaolo ku pangolo,” pokna mésem.

Dina héabna pilihan, tangtu masing-masing pihak saperti calo, tim suksés, lir nu keur padungdung. “Putusanana mah angger dumasar kana pilihan masarakat,” pokna. Hadé-goréng pamingpin nu kapilih, bakal gumantung kana pilihan masarakat. Hartina ogé, calon nu jeneng téh gambaran ajén-inajén masarakatna.  *** (TM)

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: