• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Abrulan nu Ngajingjing Sirah

Kénging Mitha Sas Edi
Kintun kana Facebook
Dipercaya ku Emang téh purah ngawal barang dagangan. Ngirim-ngirimkeun Uréa ka unggal tempat nu pesen. Harita jaman keur hésé ku gemuk uréa. Teu kawas kiwari gampang da geus disadiakeun ku Bimas.

Ngawal téh ka Lemahsugih, kamantren nu tuluyna mah dijadikeun kacamatan. Indit ti Majaléngka téh geus burit, sabab di tempat éta téh nurunkeun heula saton satengah. Sésana kakara di kirimkeun ka Lemahsugih.

Indit téh jeung supir matuh, Mang Umang. Ari kenékna Jang Sukri si tukang suaban.

Najan indit geus reup poék ogé teu ngarasa hariwang. Najan mobil kolot, kuat dipaké nanjak. Dodgé kitu weweg naker,

Di Padarek eureun deui. Nurunkeun satengah ton bari jeung minuhan radi­ator lantaran rék nanjak nu leuwih netek.

"Kulem baé di dieu Jang, enjing deui baé ka Lemahsugih mah ..." Cék tukang warung Bah Oji.

Ditembalan téh kapalang hanca, da puguh soré kénéh ieuh.

"Wantun kitu ...?” Cek Abah Oji téh deuih.

"Ari kitu masih kénéh aya gorombolan Bah ..." cék kuring bari nampanan duit pamayar Uréa sésana nu dititah ditarima ku kuring.

"Teu aya ari gorombolan mah mung ..." Teu laju nyaritana kaburu Mang Umang nyalukan ku klakson.

Mobil maju bari ngeden . Wantuning jalan nanjak bari jeung galing ku batu mani taringgul. Galéong ka ditu galéong ka dieu milihan jalan nu rada rata. Bari muatan masih kénéh pinuh.

Anjog ka nu dijugjug geus satengah sapuluh. Untung baé nu dikirimna keur aya di imah jeung tacan sararé.

Ngan riweuh téh ku nu nurunkeunana. Ngadadak néangan heula. Atuh nurunkeun pupuk dua ton téh maké méakkeun waktu kana dua jamna.

Ku Kang Bandi ogé diandeg mondok. Keun baé isuk deui mulang mah. Pokna téh.

Keur kuring onaman nu lalagasan kénéh teu jadi pikir. Ngan karunya téh ku Mang Umang. Adat boga bojo gedé timburuan.

Atuh geus peuting ogé maksakeun mudun deui harita kénéh.

"Heg baé kétang. Ngan kahadé di jalanna sing iatna. Sakieu geus peu­ting. Komo lebah Padarek sateuacanna jambatan mah ..." Cék Kang Bandi.

Deui-deui aya nu omat-omatan. Malah Kang Bandi mah maké dibarengan ku ngabirigidig sagala."

"Sok aya naon kitu Kang lebah dinya téh?" Kuring nanyakeun bari bengong.

" ... tapi moal kétang da sanés malem Jumaah." Pokna téh deuih.

Oh ngarti atuh. Cek dina pikir. Moal salah sok aya jurig. Enya inget. Saméméh asup ka lembur aya kuburan. Teu anéh jeung teu matak keueung. Di mana-mana ogé aya kuburan mah. Komo ieu nampeu sisi jalan. Mindeng kagiridig ku anu lalar-liwat, najan arang kénéh. Komo deui dina mobil aya tiluan. Moal matak keueung. Naha bet dipaké sieun atawa hariwang. Jeung da mobilna ogé jagjag ieuh.

Satengah dua welas miang ti pakarangan imah Kang Bandi. Panon ogé geus hayangeun reureuh. Kaayaan simpé réhé wantuning geus dina kaayaan peuting pisan. Jang Sukri ogé ari geuleuyeung mobil, ari lenggat-lenggut nundutan. Uyuhan Mang Umang mah sakitu geus peuting ogé panonna tahan. Nyaring.

Duka kumaha mimitina. Da asana téh kakara ogé sakotéapan. Pédah éta kitu kuring ogé sarua nundutan. Saré salenyapan.

Mobil ujug-ujug reg eureun. Dierém mani nyentok ngadadak pisan. Kagét. Setir ngagiwar ka sisi karasa cicingna mobil nyempong. Lampu gedé pareum. Duka pareum dipareuman, duka pareum sorangan. Kuring curinghak. Sukri palanga-polongo. Ari Mang Umang nyarita pegat-pegat arapap-eureupeup. Bari leungeun katuhu curukna nunjuk ka hareupeun mobil.

Panon digisik-gisik. Laju neuteup ka hareup nuturkeun curuk Mang Umang nu nunjuk ka luar. Jang Sukri disenggol. Kalah ka nyedekkeun. Karasa awakna ngeper ngadegdeg. Teu aya nu nyoara. Saréréa olohok mata simeut eun némpo adegan nu kajadian hareupeun. Awak ngabirigidig, punduk kukurayeun. Kawasna Mang Umang ogé sarua. Da salila-lila teu lemek.

Kaayaan alam nu remeng remeng poék. Caang saukur ku cahyana béntang nu baranang. Kaayaan di luareun kabin atra katingal najan remeng re­meng ogé.

Kadéngé aya sora nyegor. Katémbong aya nu baris saabrulan. Ditema ku sora gegerungan, sora ngorok lir munding keur dipeuncit. Geus kitu nu baris téh   meuntas jalan liliwatan; Muru kuburan.

Tiluan ngayekyek teu mangga pulia. Untung kénéh baé jandéla panto mobil; ditutupkeun. Lamun henteu … Beu boa mah ngorowot ka jero.

Anéhna téh deuih nu baris saabrulan téh teu baroga sirah. Getihna ulaweran. Malah aya nu ngajingjing sirah sagala. Yeeey.

Kakeueung ngawasa kaayaan.


“Lain, lain ngimpi jeung lain dina impian,” cék Mang Umang nu kawas geus eling deui. Silih pelong sajong. Méh bareng maca istigfar ngusap beungeut. Malah Mang mah   ngagereyemkeun ayat kursi basa kadenge aya nu haharegungan téh.

"Lamun supirna lain Mang Umang…” cék dina haté.

“Hiih … hiiih…” Jang Sukri bibirigidigan. Sakitu nu sok suaban téh harita mah teu bisa ngomong.

“Untung urang téh Jang teu tiguling. Lamun Emang tadi teu rikat ngerém mah boa matak tigebrus lantaran salah. Inget rék ngaliwatan kuburan, tuter téh ditabeuh.

“Ari pek ningali nu kitu nya Mang?"

“Heueuh ... sia mah keur molor meureun nya bieu téh?" cek Mang Umang bari nyetarter tuluy nincak kopling jeung ngasupkeun perseneling hiji.

“Da kuring ogé milu nyaksian nempo nu barisna mah.” TEmbal Jang Sukri. Reureuh tina kareuwas kakara inget kana ududeun.

Basa tadi keur di Bah Oji jeung di Kang Bandi diandeg mondok téh dicaritakeun ku Mang Umang téh. Mang Umang nganaha-naha bet teu bebeja tadi cenah. Nyaho aya nu nyarek mah kajeun dibelaan balik isuk. Pokna téh.

Mobil nyemprung balik. Datang ka lembur geus kongkorongok hayam.

Panasaran basa dijurung deui ka Padarek, papanggihan téh ditanya-keun ka Abah Oji. Cék béja ti Abah Oji, aya nu kitu peta téh geus teu anéh deui. Nu matak harita diandeg ogé.

Di dinya téh tempat ngajagal sing saha nu diculik ku gorombolan basa jaman ririweuhan baheula.

Saméméh ditugel jangga, nu dijagal téh sina ngali lobang heula keur eukeurna kénéh. Keur nguburna.

Kamari sabada sakitu taun teu nyaba ka lebah dinya, ngaliwat rék ka Cipeundeuy Kacamatan Wado. Jalan angger garintul garinjul kénéh. Aya tapak ngaspal mah. Ngan geus ancur deui. Iwal ngulonna geus rada meueus an malah ka Cipeundeuykeunana mah geus hade deui.

Deukeut kuburan téh diadegan wangunan S.D. Inpres. Moal matak keueung lamun lumaku ti peuting sugan.***

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: