• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

SMS ti Liang Kubur

Kénging Nina Rahayu Nadéa
Kintun kana Facebook

     Di pos ronda kasampak Marwah jeung babaturana keur mijah. Pikasebeuleun pisan tingkahna. Rangga ajrag-ajragan ngigel di pos ronda, leungeuna nyekel botol bir dipaké keur mik. Andi sarua kitu kénéh. Sakapeung seuri teu puguh.  Markus ngagolér di juru ronda, beuteung mendeyang, baju nutupan semet dada, nu laina atra ka mana-mana. Siga nu teu tiris, padahal nu di imah mah paloba-loba simut nutupan awakna bakat ku tiris. Abong nu mabok. Sagalana gé teu sadar. Di gigireunna botol inuman pating soléngkrah.

                Peuting éta nu kuduna saré tumaninah, bolay. Kabéh sibuk ngamankeun kaayaaan. Aya anu nepungan kolotna sangkan mawa budak anu keur mabok. Aya anu mémérés pos ronda anu awut-awutan teu puguh. Kabéh babarengan demi mémérés masalah. Geus aya kolotna, angger deui kabagéan kacapé. Da nyokot jelema mabok mah ning hésé diatur. Leungeun ngopépang ka ditu ka dieu. Sakapeung babadug siga nu gelut. Sakapeung niru-niru pulisi nu keur nyerek penjahat. Aya-aya waé. Teu sirikna kolot di éta lembur dikerahkeun pikeun naklukeun anu mabok.

***

                “Wan, cing atuh eureunkeun mabok téh, Ema mah enyaan geus éra ku tatanga. Manéh téh geus balég anggursing solat sing getol,  kaduhung mah moal ti heula,” Ema Esih mapatahan anakna.

                “Naha ku solat masalah bisa bérés? Lah geuning Ema nu remen solat  angger wé sangsara. Mening néangan kasenangan. Ngaleungitkeun masalah.”

                “Lain kitu, Wan. Da solat mah geus kawajiban salaku umat Islam. Mending néangan gawé lah daripada ruang riung jeung bagajulan mah. Manéh jadi kabawakeun.”

                “Gandeng lah lieur. Bongan Ema atuh, hayang motor teu dipangmeulikeun waé. Boga motor mah bisa-bisa kuring ngojég.” Marwah némbalan  teugeug.

                Ema Esih ngan bisa ngusap dada. Lain sakali dua kali Marwah nyieun katugenah kana haténa. Dipapatahan mah dipapatahan, tapi angger wé kalakuan teu euih –euih. Tong boroning ka batur ka manéhna sorangan salaku indungna angger poporongos,  ngomong  sangeunahna.

                “Béré ubar geura ka Ustad Solihin, sugan atuh budak téh rada bageur,” Ma Epon tatanggana méré kamandang ka Ma Esih dina hiji poé.

                “Ah dijiad angger wé ngadon urangna nu matak éra. Ka Ustad Solihin waé wani ngékéak, wani nyarékan,” Ma Esih némbal.

                “Sok mamawa Ustad ka dieu, rék kabur geura.” teu kanyahoan Marwah datang. Ma Esih jeung Ma Epon nu keur uplek ngobrol langsung jarempé. Marwah langsung ka jero imah. Dina haténa neundeun kamelang. Melang lamun enya Ustad Solihin datang deui.

               

***

                “Wan, ka dieu sakeudeng.” Ma Esih ngageroan Marwah anu keur ngagojod di kamar. “Buru tuh aya nu ka dieu.”               

                “Saha Ma? wayah kieu ngaganggu sakitu subuh kénéh.”

                “Subuh ti mana ari manéh sakitu geus beurang, sok buru-buru hudang,” Ma Esih ngagedoran panto anakna.

                “Gandéng atuh, Ma,” panto kamar muka. Sirah ngelol.

                “Sok ka dieu heula Jang, méh cageur geura.”

                “Saha éta Ma?” Marwah muncereng ka indungna. ”Wawanian sémah nitah ka kuring.”

                “Abah mah rék méré ubar.”

                “Ubar naon da kuring mah teu geuring.”

                “Enya cageur ngan maksud Abah téh sangkan manéh beuki cageur jeung bageur. Geura ka dieu yeuh Abah méré cai.”

                “Oh dukun di dinya téh?! Ubar nanaonan?” Marwah kaluar ti kamar. Leungeuna ngaragamang kana jekét nu ngagantung dina kapstok panto. Dangdak déngdék. Teu madulikeun Ma Esih jeung sémah anyar pinanggih merhatikeun kalakuanna.

                “Wan yeuh inum heula caina geura,” Ma Esih ngadeketan Marwah. “Karunya tuh si bapa jauh-jauh ka dieu.”

                “Ku Ema  atuh uyup. Méh cageur tina panyakit sangsarana.”

                “Eh budak téh kunaon nya, kitu peta ka indung,” eta lalaki siga nu mangkeheulkeun kana kalakuan Marwah. Terus manéhna ngadeukeutan. “Teu meunang kitu. Ka dieu geura. Sok inum saeutik wé...,” cenah semu ngolo.

                Sakedapan Marwah ngahuleng.

                “Sok atuh ka dieukeun caina.”

                “Tah kitu atuh da ka....Aduh nanaon ieu téh maké jeung ngabura sagala.” Éta lalaki ngagurubug teu nyana kana kalakuan Marwah. Sugan téh enya wé rék nginum cai meunang ngajiad manéhna. Tapi ning éta cai ngadon diburakeun ka palebah beungeutna pisan. “Kasebeleun. Sugan budak gélo,”cenah bari ngungkug ka luar ti imah teu ningali deui ka tukang.

                “Marwah enyaan manéh mah ngérakeun pisan.”

                “Matakna tong mawa nu kitu patut ka imah atuh Ma, nanaonan. Cenah ngaku beragama tapi mawa dukun ka imah. Kabéak – béak duit weh keur sangsara téh. Nyaho teu musrik nu kitu téh.”

***

                Dina hiji poé.

                “Ma, pangmeulikeun HP lah.”

                “HP téh mahal atuh Marwah, Ema mah teu boga duit.”

                “Lah ari kamari meunang arisan  ti Bu RT 250 rébu.”

                “Enya tapi keur kabutuhan sapopoé atuh, Wan.”

                “Ké ku Marwah digantian. Ayeuna rek usaha jualan pulsa.”

                “Enggeus teu kudu usaha mending cicing. Taak ngamodalan manéh mah.  Mun enya rék usaha mah bantuan Ema wé ka sawah.”

                “Teu lépel atuh Ma. Piraku pemuda jaman ayeuna kudu ka sawah.”

                “Ah nu penting mah halal wé.”

                “Pan ngajual pulsa gé halah atuh Ma.”

                “Nya ayeuna teu boga duit.”

                “Berarti Ema nitah kuring ulin deui, mabok deui, nya?”

                Eléh déét golosor  duit meunang arisan téh  dibikeun ka Marwah.  Ngan omat-omatan kudu bageur tong kabawa kusakaba-kaba.

***

                “Tah Ma. HP anyar,” ceuk Marwah bari némbongkeun HP ka Ma Esih, bari indit ka luar. Leungeuna mawa HP. Rék nepungan dulurna ogé sobatna, rék ngabéwarakeun no HP manéhna.

                Isukna Marwah amitan rék meuli pulsa keur modal jualan. Dijurungkeun wé ku Ma Esih. Ditungguan jam 12 can datang, soré teu jebul, peuting nya kitu. Ma Esih teu puguh cicing. Sanajan enya Marwah mindeng teu balik. Tapi peuting ieu beut asa béda karasana. Asa teu puguh. Teuing naon nu jadi marga lantarana. Beungeut Marwah kokolébatan waé.

                Guligah anu ngamomotan pikiran kajawab. Waktu peuting-peuting datang pulisi sarta ngabéjakeun yén Marwah geus teu dikieuna. Kacilakaan tina motor di daérah Tangkuban Parahu.

                “Ké, Pa. Pun anak mah da heunteu ka Tangkuban Parahu. Tapi badé ka daérah Cijerah mésér pulsa. Ma Esih ngomong ka pulisi.

                “Dupi ieu KTP tuang putra sanés?” éta pulisi mikeun KTP ka Ma Esih.

                “Leres....”

                “Tah ieu KTP aya dina saku korban.”

                Ma Esih teu walakaya, awakna nahnay kapidara. Komo barang ngadéngé béja ti pulisi yén Marwah ninggalkeun alam dunya dina kaayaan teu sadar. Alatan mabok. Inuman nu dioplos jeung pél nu asup kana awakna ngaleuwihan dosis, antukna lara nalangsa nibanan raga. Papisah ti alam dunya dina kaayaan teu daya. Inalillahi wa ina Illaihi roji'un.

                Marwah...Marwah naha teu ngagugu ka Ema atuh kasép, batin Ma Esih ceurik balilihan nandangan nalangsa. Sanajan enya Marwah sering nguciwakeun, sering poporongos, jauh kana ibadah tapi haténa kacida kaleungitan ku nu jadi anak hiji-hijina.

***

                Harita peuting-peuting keur ngariung ngaraji. Ngado’akeun si jenat sangkan ditampa iman islamna dihampura tina sadaya dosana.

                Kring sora Hp Rendi, alona Ma Esih disada. Dititenan aya sms asup.

                “Duh geuning enya siksa kubur téh aya. Hampura.” 

                “Ké ari ieu nomor saha?” manéhna némbongkeun sms ka nu aya di dinya. Sakedapan nu ngaraji eureun heula. Nyaruakeun no HP nu asup.

                “Éta mah no Marwah.”

                “Pan HP Marwah mah geus ringsek teu nyésa basa kacilakaan téa.”

                Kabéh tingharuleng.

                Di luar hujan ngagebrét tarik pisan, kasawur angin peuting anu nyéak  handaruan. Ti kajauhan lebah pajaratan, kadéngé nu nginghak nyambat-nyambat indung bapa.

                “Ema....Bapa....Hampura kuring.”***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: