• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Ngusir Jurig

Kénging H. Usep Romli, HM
Kintun kana Facebook

Keur jaman aya Abah Dukun Juhadma, sakur urusan goib nu kajadian di lembur Pasir Bulistir, pasti jadi bagéanana. Nu gering, nu cilaka, nu kabadi, nu kasurupan, jeung sajabana, nu dipatula-patalikeun kana kahirupan alam jurig, jin, onom, sétan, siluman sileman saparakanca, Abah Dukun Juhadma bagéanana.

Bakat ku geus legok tapak genténg kadék, Abah Dukun Juhadma mah, tara kudu nénjo heula jalma nu kasibat. Karek dibéjaan Si Anu ngagerebeg kasurupan, langsung wé Abah Juhadma nyarita :  

“Lah paling dideukeutan ku balad-balad Si Zalitun éta mah. Lain tadi subuh ka pasar?”cek Abah Dukun yakin pisan.

“Enya, Abah. Pan unggal janari gé si éta mah matuh ka pasar,” témbal nu ngabéjaan.

“Keun bagéan Abah…sayagikeun baé lalawuh matuh keur ngusir nu teu pararuguh. Heueuh, duwegan ngora, surutu, patukuyan,nu pokona heula. Keun kabutuh séjénna mah engké, geus puguh adu hareupan….”

Duwegan ngora, surutu, parukuyan, mémang senjata andelan Abah Dukun keur ngusir jurig nu datang ngusik-ngusik kahirupan manusa. Nu gering kumaha baé, asal panyakit holna ti jurig,  sok diasongan parukuyan ngebul ku puruluk menyan. Dibura ku cai duwegan. Diserebung haseup surutu. Malah lamun jurig mantangul,jalma nu kakeunanana, kudu diulasan getih hayam rengge, adonan surabi, atawa naon baé nu ceuk Abah Dukun dikudukeun. Hasilna, sakapeung jurig teh gancang nyingkah. Sakapeung hésé béléké.

Kungsi Mang Sarkon ngagerebeg. Ukur satengah jam geus eling deui. Terus ngalempréh. Gering biasa. Panas tiris meunang saminggu.

Tapi Nyi Murniah mah, nepi ka tilu jam adug lajer. Kasarumahan jurig rupa-rupa. Jurig ti kidul, ti kalér, ti kulon, ti wétan. Malah ti sesela bumi jeung sisi langit sagala rupa. Ceuk nu nyaksian, lamun lain Abah Dukun Juhadma nu ngayonanana, teuing kumaha nasib Nyi Murniah. Meureun éta randa geulis ngora kénéh téh pasti diboyong ka mana boa. Dijadikeun prameswari mahluk nyiliwuri.

“Untung Abah Juhadma tagen jeu tapis. Ku nu kumaha waé ogé moal bobor karahayuan, “ ceuk Omon nu mindeng nandéan surut urut atawa sesacai duwegan sanggeus meunang paidin ti Abah Dukun.

Duka sabaraha puluh taun Abah Dukun Jumad jadi tunggul lembur dina nyanghareupan sinuku siwulu-wulu  ti alam béh ditu. Boa moal kurang ti genep puluh taun. Apan Komar nu ayeuna nincak umur 40 taun, keur umur lima taun, disunatan ku Abah Dukun Jumad. Da sajaba ti ngadukun téh, Abah Dukun Jumad gé ngarangkep jadi bengkok. Tukang nyunatan.

“Ayeuna Abah Dukun Jumah hirup keneh. Wanian kénéh ngalawan jurig. Hanjakal teu nurun ka anak-anakna,”Komar cacarita ka batur-baturna sabot ngaronda  di garduh.

“Mun basa ilaing disunatan umur tilu taun, Abah Dukun umur harita umur 40 taun, meureun ayeuna umurna geus 77 taun nya, “Ganda, guru honorér di SD nu ngan hiji-hijina di wewengkon éta, némbrong.

“Moal kurang ti sakitu…malah leuwih gé teu mustahil Saratus taun upamana,” cek Komar deui.

“Paingan atuh, beuki sakti tambah gagah, jeung béjana nu ngulik élmu pahodaman mah, beuki kolot beuki kebel élmuna,” Mansur, tukang domba, ngéngklokan. “Ngan ku nanahaon anak-anakna, komo incuna, euweuh nu hayang nuturkeun nya.”

“Teuing atuh. Béjana beurat sarat-saratna hayang jadi dukun lepus téh. Kudu ngisat awak, nyengker hawa napsu, katut réa-réa deui, sangkan martabatna leuwih hébat ti batan jin sétan nu arék dilawan,” Komar nerangkeun.

 “Heueuh, komo cenah kudu dimimitian ku puasa mutih. Opat puluh poé opat puluh peuting teu kararaban nanaon. Mati geni bari ngadaplok di para hawu. Tempo buka, heueuh geus opat puluh poé opat puluh peuting puasa, ukur ngaregot cai hérang…..”Mansur nerangkeun. “Saha nu daék jaman kiwari kikituan, saincak-incak dahareun wungkul. Geura wé ari uing nyiar domba ka pilemburan, teu weléh ngangseu seungit pasakan ti unggal imah. Bangsaning gurang-goréng, ungan-angeun…”

“Malah ceuk béja, nepi ka ayeuna gé Abah Dukun mah tara dahar sangu beyé atawa pulen. Éta wé bangsa kerak garing, cangkaruk mulud, aron….”cek Komar.” Malah lalab-lalab bangsa kangkung, génjér, saladah, katut nu leuleus-leuleus mah, dicadukeun. Cenah mun hayang lalab, Abah Dukun mah ngala daun hampelas atawa reunghas, dicoélkeun kana sambel céngék wungkul….”

Geus lima taun ti barang diomongkeun di garduh, Abah Dukun Juhadma maot. Biasa wé sakumaha maot mahluk hirup. Gering heula, terus sakarat, nepi ka lesna ngaleupaskeun nyawa. Diurus sakumaha mayit jalma Islam. Komo aya salah saurang incuna, nu masantrén nepi ka hatam, nu geus biasa ngaweredonan, ngaboéhan. Nepi ka nyalatkeun jeung ngurebkeun sarta nelekin.

Duka geus terus rasa yén akina maot bakal pada ngomongkeun, duka ngajaga kamungkinan sumebarna kagoréngan salelembur,bérés nyalatkeun di tajug, Ujang Sarmin, incu Abah Dukun Juhadma nu geus nyangking tetelahan Ustadz Amin, menta persaksian heula ti nu nyalatkeun. Yen akina téh jalma iman jeung Islam. Sanajan keur hirupna kaceluk jadi dukun, hiji pagawéan nu dicempad ku aturan agama, jeung dilarang keras ku Alloh SWT katut RosulNa, tapi dipiharep henteu pukah kaimanan jeung kaislamana.

“Ieu perlu ditandeskeun, “cek Ustadz Amin. “Bisi engké aya isu, pajah bakal aya ririwa. Arwah marakayangan. Heg neumbleuhkeun ka Abah, pun aki. Lantaran tadi geus disakséni ku saréréa, yén Abah téh iman jeung Islam, tangtu bakal siap nanggung risiko di alam kubur. Mun Abah kénging rohmat Alloh mangrupa rohmat kubur, bakal betaheun di dinya. Moal kudu ngulayaban ka alam dunya. Kitu deui mun kudu nandangan siksa kubur, nya kumaha pibisaeun ngejat ? Komo ngaririwaan nyingsieunan jalma. Nepi ka masjid ngagadak sepi. Taya nu berjamaah magrib, isa jeung subuh. Pajah téh sieun ririwa. Komo pasaran  urut ngagotong mayit nanggeuh luareun paimbaran.”

Tapi dasar uyah tara téés ka luhur, Ustadz Amin gé bet kapeto kudu daék ngubaran jalma-jalma gering nu kasarumahan jurig. Persis kawas akina baheula. Nya ditedunan be. Ngan sarat katut tatacarana jauh pisan jeung akina, Abah Dukun Juhadma jenatna.

“Peryogi duwegan, Ustadz?” cek hiji jalma nu ngahaja ngogan, pedah anakna mojang jekekan meujeuhna menter, kasurupan ti isuk-isuk nepi ka rék lohor adug lajer kénéh.

“Kantenan wé, raos meureun ngalandongan nu teu damang, ngaleguk heula cai duwegan,” témbal Ustadz Amin.

“Janten kanggé Ustadz?” nu ngogan ngajenghok.

“Muhun. Kanggé saha kitu?”

“Pedah wé jaman tuang éyang mah, cai duwegan kanggé arwah nu nyarumah.”

“Keun wé jaman aki mah. Pan ayeuna geus sagala robah.”

Barang srog ka nu gering, ujug-ujug gorowok nu nyurup téh ménta cai duwegan.

“Entongm, entong dibéré. Pan tadi gé éta mah hancengan abdi,”Ustadz Amin nyegah. Atuh duwegan nu geus dipesék rék diasongkeun ka anakna, teu tulus, da gancang di jewang. Leguk ditotor disakalikeun. Eureuleu Ustadz Amin teurab.”Na aya ciduwegan amis-amis teuing. Lebar mun  kudu diinumkeun ka jurig. Cing tarok, keruk kalapana. Sakalian jeung kurud gula beureum….emh, kalapa jeung gula téa, pelem…..”

Kawasna, jurig nu nyurup keuheuleun dilédék. Budak abrug-abrugan, gogorowokan. Sorana agem.

“Ahhaing mohoal nyingkah lahamun caahan dibéhhéré ngihhhinum cahhai duwegehan….”

“Kuma sia…hayang mah ngala ku sorangan ka dituh. Naék, pesék. Nyapékeun batur!” Ustadz Amin molotot ka budak nu kasarumahan.

“Ehhh…sssiihhhia sssahaaa wani wani ngalawahhan aing?” sora jurig muni deui.

“Aing jelema. Tangtu wani sabab harkat darajat aing leuwih mulya batan sia nu ukur bisa  nyelegon dina jasad jalma !” Ustadz Amin nyentak.

Jurig teu éléh géléng. Pok nyarita deui :

“Eh sia….teu nyaho aing saha?”

“Nyaho !”gancang Ustadz Amin némbalan ku sora teugeug.”Sia lain lain Si Jalitun jurig pasar, pasti Si Wasinun nu sok nyilakakeun batur. Atawa Si A’was nu sok ngagebruskeun jalma kana maksiat. Teu mustahil sia Si Hilaf, tukang mabok inuman keras. Atawa Si Murrah nu gawé ngéngklak dina raraméan….Aing apal ka kabéh balad sia…ka Si Laqus nu tukang nyasarkeun akidah manusa, ka Si Mussawit tukang nyebarkeun beja infotai. Ka Si Dasim nu sok ngadodoho di juru imah. Ka Si Walhan tukang ngagoda jalma nu keur ibadah jeung amal soléh….Sok sia ngaku !” Ustadz Amin nunjuk rorék.

“Lain…lain…Aing mah Raja Gunung Kucubung…. Piraku sia teu engeuh !”jurig némbalan.

“Teu..teu…aing teu wawuh ka raja kajajadén kawas sia. Ngaku-ngaku raja Gunung Kucubung. Cing aing neuleu bisluitna…..Mun ka Raja Arab Saudi aing apal…ka Raja Brunei, ka Raja Inggris…sanajan ukur tina tivi ogé. Ari sia? Mun enya raja mah…meureun saia kasohor, kaberitakeun dina media. Gunung Kucubung, huhh….tempat nyayang  bedul……”Ustadz Amin ngajejeléh.

“Deuleu siah mata aing, disebrot siah…nepi ka sia serab…..”jurig masih kénéh satékah polah ngalawan.

“Sok ka dieuh !”Ustadz Amin mencrong panon nu kasurupan kalawan teungeung jeung wibawa. “Sok aing sebrot…serab keneh ku batré siah, batan ku sorot panon sia….”

Jurig teu kuateun ngadu pelong. Kelemes, kelemes, guprak nu kasurupan leuleus. Ngalenggerek sakedapan. Tuluy lilir bari morobot istigfar. Éling wéh.

“Tah mun kitu ti tadi istigfar. Pasti moal kasurupan jurig jarian….tadi lila teuing di cai nya?” Ustadz Amin ngalelekan. Dijawab ku unggeuk.

Geus puguh budak cageur, Ustadz Amin mapatahan kolotna, sangkan telik ngaping ngajaring laku lampah budak sapopoé. Kudu daék mapatahan. Nyaram kana salah, nitah kana bener.

“Tadi ieu Si Eneng ngadon nyirekem di cai aya kana dua jamna, nanahaon gawé atuh ?” Ustadz Amin ngalelekan.

“Da….da…réréncangan ngahapé waé dugi ka abdi teu kaur brus mandi,”jawab budak ABG semu éra.

“‘Tah kudu digeunggeureuhkeun atuh ku emana jeung ku abahna,” Ustadz Amin ngawawadian ka kolotna.

“Nyéta tara daék dicaram budak téh, Pa Ustadz,” jawab indungna hareugeueun.

“NYa ari embung dicaram mah, keun baé atuh sina unggal waktu kasarumahan…” Ustadz Amin nyungkun.

“Punten Ustdaz, dupi éta murangkalih kasarumahan jurig naon?” hiji awéwé kolot nanya.

“Ku jurig cai, bongan nyirekem dua jam di cai. Terus ku jurig hapé, bongan terus-terusan hahapéan, nepi ka poho kana nanaon. Nu kitu tah pikaresepeun jurig,”Ustadz Amin pamitan ka pribumi.***       

        

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: