• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Ngalap Khodam Alam Ahjar

Kénging H. Usep Romli, HM
Kintun kana Facebook

Karasa ku Sudinta, nyorang kahirupan téh beuki dieu beurat. Dagang olok modal, ka dituna nyanyandang hutang. Leuheung lamun nu nagih leuleuy jeung pengertian. Aya tinimbangan.  Ieu ari geus teureugeus. Teu nyaho euweuh, keukeuh  peupeuleukeuk. Komo éta ari geus mamawa “debt collector”. Tukang nagih nu barangasan. Baketut haseum. Sakalina nyarita, hohoak sesentak.

Ongkoh dagang téh réa saéngan. Jeung papada tukang dagang. Jeung toko supermarket. Jeung patugas Satpol PP. Ah, kitu lain kieu lain.

Ari tani, éstuning kari daki. Jaba lahan geus béak apan diganti ku pabrik, kantor, perumahan, réstoran. Euweuh keur tempat tatanén. Euweuh keur nengah mertelu kawas baréto.

Dina ayana gé, bisa kénéh pepelakan, geus barobah sagalana. Binih kudu meuli. Gemuk kudu meuli. Témpo panén, harga ngagejrét. Bororaah bati. Jinis gé kabawa ledis.

Ngabéca ka kota, geus lain wayah. Béak tanaga. Bari jeung muatan beuki dieu beuki suwung. Manasina jaman béh ditu. Keur tacan aya angkot. Tacan réa motor. Tacan aya watesan kawasan bébas béca.

Hual-hiul tambuh laku. Nganggur téa, geus aya kana taunna. Teu boga pangala enya-enya. Ukur tamba wungkul. Bubuhan percaya ka nu ngarijkian. Ka Gusti Alloh Nu Maha Maparin. Apan tong boro jelema, uteuk tongo walang taga geus aya ancoanana. Nepi ka bisa hirup.

Tapi angger wé marudah. Ras ka anak. Ngabadagan. Harayang sakola. Harayang kuliah. Uh, ti mana waragadna ? Harayang digawé. Ih geuning angger kudu aya duit. Ti mimiti keur motokopi ungkas-ongkos, nepi ka sagak-sogok. Da cenah geuning, asup gawé gé ayeuna mah kudu kikituan. Naha rék jadi PNS, rék jadi pagawé pabrik, angger kudu ngamplopan juta-juta.

Kungsi boga pikiran, rék nempuh jalan teu puguh. Bangsaning munjung, nyegik, ngipri, ngépét, ngingu tuyul, jeung sabangsana. Aya nu ngabéjaan asal daék nyumponan sarat-saratna, ké dituduhkeun tempatna jeung ka saha ngumahana.

“Naon sarat-saratna?” Sudinta semu panasaran.

“Gumantung naon nu dipuhit. Lamun nyegik, muhit bagong. Unggal peuting kudu jadi bagong. Asruk-asrukan néangan cacing saréa-réana. Tah cacing beubeunangan, éta nu bakal jadi duit. Munjung ka bangsaning buta hejo. Ngipri, muja ka oray, ngépét ka monyét, ngingu kecit kudu ngalayanan kecit. Kabéh gé aya ongkos jeung risikona. Beurat kacida. Tapi hawa napsu nu ngunung-ngunung nganggap énténg wé sagala nu kudu ditempuh téh. Sarat-sarat  séjénna, méméh prak kudu nganyatakeun heula murtad tina ageman urang. Teu percaya deui ka Alloh SWT sembaheun saéstuna, sabab rék sumembah ka nu séjén. Ka mahluk nu dipuhit téa. Sakalian ingkar tina ngaku karosulan Kangjeng Nabi Muhammad Saw, sabab rék ninggalkeun Sunnahna. Ancrub kana dunya syaitoniyah.”

“Astagfirullohal adzim, “Sudinta  istigfar. Terus morobot maca tahlil jeung solawat. “Kumaha mun keur kitu urang paéh?”

“Nya paéh kapir wé, paéh murtad. Maturan nu disembah ku urang langgeng dina seuneu naraka,” jawab baturna.

“A’udzubillahi minasy sayitonnirrojim…”Sudinta ta’udz bari bibirigidigan. “Kajeun hirup sangsara balangsak, batan kikituan mah. Kuat kénéh teu dahar saminggu, batan kudu kokojayan dina godogan timah naraka!”

“Barina gé,” babaturanana nyengir. “Najan aya kénéh nu maksakeun, beuki dieu beuki hésé nedunan saratna. Kawas nu nyegik jadi bagong, néangan cacing. Keur mah geus raang ku lampu listrik, tempat cacingna gé geus langka. Manasina baréto di pilemburan poék meredong. Réa kénéh saung lisung, sawah lendo, katut rurungkunan, tempat nyayang cacing. Ayeuna mah mana? Da percumah atuh ukur meunang cacing sapuluh dua pulu siki. Mun hiji cacing sahargaeun sarébu, meureun ukur sapuluh atawa dua puluh rébu. Jauh pisan ka kurup. Mending kénéh nyaloan wé di pangetemen angkot…”

Ngan basa aya nu ngabéjaan, yén aya élmu nu bisa dialap pikeun manggih kabeungharan, Sudinta ngadadak kataji. Terus nyeleksek. Teu burung kapanggih. Nu sok ngawiridkeun élmu kitu téh hiji ajengan di kota A.

Sawatara poé ti harita, ngahaja indit ka dinya, sakumaha panuduhan nu ngabéjaan. Naék beus nepi ka terminal. Disambung ku angkot. Eureun di parapatan jalan leutik. Clak kana ojég. Teu hésé kapanggih da tukang ojég geus arapaleun barang disebutkeun ngaran ajengan. Kawasna, geus ngalanggan kadatangan ku urang suklak-sikluk.

Geus dimanggakeun, ditanya saha jeung ti mana, saur ajengan :

 “Mangga atuh wudlu heula. Di ditu wé di kamar pengker.”

Dodongkoan Sudinta asup ka kamar tempat wudlu nu ngahiji jeung mushola. Mani asa tartib, husu jeung lila wuduna téh. Bubuhan rék diwirid élmu meureun.

Geus kitu mah, prak ajengan medar naon nu kudu dipigawé ku Sudinta.

“Tah ieu aos, unggal tengah wengi. Saratus dua puluh rébu kali. Sabaraha kali wé kiatna sawengi. Mun sarébu, panginten saratus dua puluh wengieun, atawa opat bulan. Salami ngawirid kudu puasa Senén-Kemis ulah kaliwat. Kedah puasa tilu dinten deuih, keur mangsa caang bulan tanggal 13-14-15. Nu disebat puasa “bith” atawa puasa “bodas”. Ku kolot kapungkur mah disebatna “mutih”. Tapi buka mah biasa baé, teu kedah cai hérang atawa sangu wungkul. Nu penting, ulah kaliwat tengah wengi… sakuatna ngawiridkeun ieu kalimah. Mun tos tamat, tur cumpon sarat, dina wengi panungtung bakal datang khodam ieu kalimah. Mangrupa jin ti alam ahjar. Alam hideung. Ngan duka kumaha dina datangna téh. Naha méré barang, atawa  méré pituduh. Ka unggal jalma béda-béda. Sok didu’akeun sing tinekanan…” Mama Ajengan ngusap embun-embunan Sudinta, terus ranggah ngadu’a.  Sudinta milu ranggah jeung ngucapkeun  “amin, amin,amin” sababaraha  kali.  

Teu hésé sakitu mah, cek pikir Sudinta nu mémang geus mindeng nyaring peuting.

Ti peuting éta kénéh, deker ngamimitian. Ngahaja, goah leutik paranti nunda padaringan, diberesihan. Diamparan samak anyar. Diamparan sajadah paranti sapopoé salat. Malah ngadadak dipasangan panto triplek, ambéh taya larbus ka goah nu ayeuna geus jadi tempat tirakat.

Unggal peuting menekung. Ti téng pukul 12.00 tengah peuting, nepi adan subuh téh ukur mampuh maca sarebu kali. Kadangkala kurang. Tapi terus dikeureuyeuh, lantaran keyeng hayang ningkat kaayaan. Jeung nu digarap lain perkara nyimpan tina akidah, kawas munjung. Ieu mah maca wirid keur ngondang khodam Jin ti alam hideung.

Panceg opat bulan. Wiridan jejeg dibaca saratus dua puluh lima rébu kali. Puasa gé lulus bangles, boh Senén  Kemis, boh puasa purnama. Peuting ieu Sudinta nganti-nganti nu rék datang mawa bagja.

Alarm béker jam 12.00 geus disada. Sudinta geus menekung di goah. Suasana jempling sepi. Angin taya nebak. Sasatoan bangsaning gang, jangkrik, cihcir, caricangkas, taya nu disada. Dalah embé nu sok bébéréléan lapar gé teu kecet-kecet.

Teu lila, riyeg imah panggung Sudinta nu geus meujeuhna diréhab, inggeung. Riyeg, riyeg, riyeg. Paralak, pré, kenteng pareupeus. Teuing sabaraha hiji. Ujug-ujug, bleg hareupeun Sudinta aya nu jiga dreum. Hideung lestreng. Buluna jabrig saudug-udug.  Disidik-sidik téh, horeng bitis. Teuing lebah mana pingpingna jeung dampal sukuna.

Sorana ngageleger handaruan, kawas guludug. Jéntré kadéngé ku Sudinta :

 “Hal turid?” cék éta mahluk ku basa Arab.

Puguh baé Sudinta melengek. Ti mana manéhna bisa basa Arab. Komo nyarita. Maca gé ngatog. Ma’lum teu kungsi tamat Quran, da keur budak ngedul ngaji. Kabawakeun ku resep ulin teu puguh.         
“Hal turid?”sakali deui sora handaruan nanya.

Meureun lantaran teu dijawab waé, mahluk nu bitisna sagedé dreum rabig buluan téh indit teu ngusap birit. Ukur ninggalkeun inggeung jeung kenteng pru-pre deui.

Nepi ka ray beurang Suhadma teu cengkat ti goah. Reuwas jeung arep-arepeun. Naon nu dibikeun ku éta mahluk minangka buruh maca wirid saratus dua puluh lima rébu salila opat bulan jeung hental-hentel puasa? Euweuh nanaon. Dikotéktak dikoréhan sagala dikebingkeun, teu, teu aya nanaon. Iwal ti bubuk kenténg balatak di pipir.

Kabawa héran jeung panasaran, uclak-éclok  ongkos, kencling ka tempat ajengan. Barang gok, barabat dicaritakeun sagala nu kaalaman tadi peuting.

“Astagfirulloh,” ajengan ngusap beungeut. “Hampura Mama teu ngabéjaan, yén éta jin téh geuning nyarita ku basa Arab. Biasana mah ku basa nu sok kahartieun ku nu dianjanganana. Éta jin nyarita “hal turid”, hartina “anjeun hayang naon?” Aduuuh, mun salira tiasa basa Arab mah, enggal dijawab “Uridu fulus katsiron”. Abdi hayang artos seueur, kituh…. Ahh lapur nya.”

“Kumaha atuh abdi, Mama???”Sudinta ngarasa handeueul pisan.

“Nya cobaan deui… ngawiridkeun ieu kalimah… sugan sarébu kali gé cukup…” Mama Ajengan ngasongkeun cewiran kertas. Dieusi kalimah nu kudu diwiridkeun deui ku Sudinta. Cukup sarébu kali.

Peutingna gancang dicobaan deui. Enya wé, barang jejeg sarébu, barang jleg aya nu datang. Sarua sagedé dreum. Sarua buluan jabrig. Sarua nginggeungkeun imah jeung maralakkeun kenteng. Ayeuna mah ngomongna ku basa Indonesia, bari ngasongkeun bungkusan leutik mani antel kana irung Sudinta.

 “Ini untuk Anda !” sora éta mahluk handaruan. Imah inggeung deui. Kenteng maralak deui. Les, leungit tanpa lebih, ilang tanpa karana. Kari bungkusan leutik dikeukeuweuk ku Sudinta nu lila ngahuleng nagaraga meneng. Manéhna héran, naha jin bet méré barang bari nyarita “ini untuk Anda…”

Lantaran Sudinta jujur, polos, tara curaling, subuh kénéh, kencling ka mah Anda, nu ukur kahalangan ku dua suhunan. Nu dituju, karék hudang. Lulungu kénéh.

 “Aya naon, Mang Dinta ?” waw Anda heuay. Simbut dikuyungkungkeun. Kolor ngaléléd.

 “Ieu aya titipan keur manéh,” Sudinta ngasongkeun bungkusan  leutik bari ngabalieur. Éra parade nénjo nu nolol olotod tina sésala kolor.

Nepi ka danget ieu, Sudinta masih kénéh . Nganggur. Pangala suda. Tapi tara humandeuar. Malah terus giat usaha, boh lahir boh batin keur ningkatkeun kaayaan hirup. Teu hayang nanyakeun ka Anda naon eusi bungkusan ti jin téh. Kitu deui teu hayang nanyakeun ti mana Anda boga duit keur ngalusan imah, tina panggung kana duduk jandela, terus boga roda dorong keur dagang  goyobod . Pamajikanana ogé boga roda dorong keur dagang gurang-goréng bangsaning géhu, bala-bala, cireng, comro, jeung sabangsana nu kajojo ku salelembur.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (2)

dasep hilman

Cager? Pohara, sakalakuan jeung si kabayan tapi aya bedana dina hal wiridna

Rachman Hendayana

Bodo jeung jujur bedana ipis.

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: