• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Pangantén Anyar

Kénging Cucu Rahmat
Kintun kana Facebook

Najan hawar-hawar, kadéngé kénéh sora anu keur lumpat téh. Gogorobas meulah tengah-tengah kebon salak anu upluk-aplak. Ngabelegbeg da puguh jauh ka lembur. Rajeun kacaangan téh ukur ku cahaya bulan katompérnakeun.

Ngaguruh handaruan. Sakapeung sok paselang jeung sora nu nyakakak bangun mupuas, atawa nu ngajerit kanyenyerian.

“Wani-wani, siah!” bari ngamang-ngamang parang. “Dagoan, montong kabur!”

Ti jero kebon kadéngé deui nu nyakakak, kawas nu surti nembal kana kukubuk kuring. Gorobas! Gorobas! Les..., geus kitu mah teu kadéngé nanaon deui, ukur séah angin anu beuki motah ngoyag-ngoyag tatangkalan.

Ambek nyedek tanaga midek. Kakeuheul gedé, tapi teu wani kebat ari kudu ngudag ka jero kebon mah. Anyaran cicing di dieu téh, can apal situasi. Palaur, kumaha kéh mun ngabongohan. Itu mah jigana apal pisan kana kaayaan di jero kebon matak kaburna ka lebah dieu gé.

“Duh Gusti... naha bet jadi kieu?”

Tungtungna ngahuleng salila-lila. Napsu kapegung. Panon manco kana beungeut kebon salak nu ngabelegbeg. Teu karasa, berebey aya nu ngalémbéréh haneut mapay pipi, ngarakacak ari ras ku nasib diri. Gusti...!!! Ku teungteuingeun pisan anu deleka téh...

Jigana mun bieu bisa nyacapkeun kapanasaran, bakal suda sakabéh amarah. Dék bébéakan nyasaak mangkelukna anu kumawani ngaganggu katingtriman.

Sebrot... sebrot... cahaya sénter kokolébatan kana daun salak, kana pucuk tangkal caringin, kana gawir, kana jajalaneun jeung kana taneuh nu keur ditincak.

“Jang...!” Jaang..!! Ujang palih mana?” sora mitoha lalaki gogorowokan.

 Sebrot... sebrot... cahaya sénter kokolébatan deui.

 Teu sabaraha lila geus norojol. Sebrot, sénterna ditojokeun kana awak  kuring.

“Beu...! Buru paké tah sarung nu apa, bising katingali ku batur.” bari seuri lalaunan.

Barang kuring melong kana awak, Gustiiii! Beungeut beureum. Karék inget mun tadi basa saméméh ngudag téh ngahaja muka baju heula.

*

 “Geus... sujang, ulah teuing dipikiran. Mana kitu gé dodoja keur Si Ujang jeung Si Nyai ieu téh. Ulah kurang-kurang nya sabar. Komo gurung-gusuh ngagugu hawa napsu mah.” kitu pok-pokanana basa mitoha lalaki ngupahan kuring opat poé ka tukang. Harita téh keur mérésan babawaan kuring tadi beurang sésérahan.

Mitoha awéwé mah teu milu nyarita, kalah ngagukguk eueuriheun, andiprek hareupeun panto kamar kuring. Sedengkeun di jero, pamajikan keur awong-awongan. Bedang najan diélingan. Bébéakan yupata kuring. Malahan mah maké jeung ditungtungan ménta disérahkeun sagala. Atuh anu saimah jeung tatangga dekeut mah gujrud.

“Naon atuh salah abdi téh, Apa?”

Mitoha ngahuleng, rénghapna beurat bangun seunggah.

“Enjing, ngahaja bada subuh abdi badé teras ka lembur heula. Raray apa sareng ibu di rorompok bet kapiraray baé...”

Mitoha ukur unggeuk bari nepakan taktak kuring.

“Jung... gera ka cai, gera isa heula ayeuna mah, sungkeun rohmat sareng pitulungan Mantenna. Keun..., Si Nyai tanggung jawab apa di dieu.”

Teu ngajawab. Mebeskeun roko kana asbak––anu padahal karék nang nyeungeut bieu pisan. Laju ka tukang, ka tampian.

**

Méméh magrib, tilu poé ti harita geus balik deui ka lembur pamajikan. Ngahaja di lembur téh néangan tarékah sangkan rumahtangga kuring bisa langgeng, teu kagunasika ku napsu anu ngabeberung.

Alhamdulillah... bagja, basa sadatangna téh dibagéakeun ku marahmay. Mitoha awéwé mah ukur imut, terus rurusuhan ka dapur kawas nu surti.

Paroman pamajikan teu katingali riuk-riuk ngambek, malahan mah kalah léléndéhan. “Hampunten, akang... basa kamari téh teu aya niat nyarios kitu, tapi naha atuh ieu lambey bet jiga aya nu mawa, jiga aya nu ngadalikeun?” bari ditungtungan ku ngagelenyu.

“Emmhhh... beuki cahayaan baé pamajikan téh.”

Pipikiran terus ngacacang, ngabayang-bayang jigana engké peuting mah bakal bisa nganggeuskeun tugas anu katunda kamari téa, dék lalayaran paduduaan. Séréngéh, seuri sorangan...

Dék teu bagja kumaha ieu haté, meunangkeun manéhna téh kabeneran pisan batu turun keusik naék. Tapi najan kitu gé nu bogoheun mah loba, malah anu panasaran mah maké jeung ngangancam sagala.

Sosonoan teu kebat, kapotong ku adan magrib...

Pamajikan teu kawas sasari, teu gesit ka tampian mun ngadéngé adan téh. Éléh déét kuring nu ka cai. Bérés solat pamajikan cicing kénéh. Basa dipaksa pamajikan kalah mureleng bari ngaherengan. Kuring colohok banget ku reuwas.

Ningali panonna jiga nu hurung, rindatna rancingeus.

“Nyai... ieuh... ku naon, nyai?”

“Siaaa!” sorana dadakan jadi agem, leungeunna tapis ngépéskeun leungeun kuring.

“Gustiii... istigfar, nyai!” beuki reuwas.

“Sia geus campelak! Wani-wani ngarebut bébéné kula!”

“Nyai...?”

“Ahhh...!! Sia kudu modar peuting ieu!” leungeunna hareuras ngaragamang dék nyekék. Kuring undur-unduran ka juru kamar. Muka panto, terus ngajorowok.

Mitoha lalaki hariweuweus kaluar ti kamar. Mitoha awéwé mah langsung andiprek bari ngagukguk.

“Kumaha mimitina ieu téh, Jang?” mitoha lalaki memetot leungeun kuring, terus asup ka kamar ningali pamajikan.

“Sia dék pipilueun deuih!” dorokdok, bru. Mitoha lalaki ngajengkang, nangkarak bengkang dina palupuh.

Jleng! Pamajikan luncat ka tengah imah bari terus gegereman...

Bener ceuk Bah Jahra, kuring kudu ati-ati. Tapi keun... moal dék éléh atah-atah. Mulya kénéh manusa batan jurig! Sanggeus babacaan heula, teu antaparah puhu ceuli pamajikan ditampiling. Koloyong! Koloyong! Bru, ngarumpuyuk.

“Sok siah!”

“Panas...! Panas...!” pamajikan gogorowokan. Les wé kapiuhan...

Imah ujug-ujug inggeung kawas ku lini. Parabotan gé tangka marurag.

Inget amanat Wa Jahra, kuring buru-buru ka luar. Cenah mun aya nanaon téangan di luar. Mun ningali nu anéh kudu babacaan sabisa-bisa, terus téwak, beubeutkeun wéh satarikna ka lemah.

Panon rarat-rérét, ngan saukur ningali cakung anu ngadaplok dina tihang imah. Katingalina jiga nu keur eundeuk-eundeukan. Beu, piraku pantar cakung bisa ngeundeukeun imah mah?

Najan sieun, buru-buru cakung téh ditéwak, terus dibeubeutkeun satarikna. Tangka sukuna parotong. Ngan anéhna téh bet kawas nu meubeutkeun batu badag, da sorana ngageblug handaruan. Riyeg! Bumi inggeung. Séor... dadakan aya angin puyuh, datangna béh tukangeun imah. Séor... séor... dorokdok tangkal sélong runtuh. Sabudeureun imah jadi geueuman.

Barakatak! Sora nu seuri bangun ngeunah. Kuring babacaan sabisa-bisa. Angin beuki tingsaléor, ngubeng luhureun sirah. Beuki mereketkeun babacaan, angin téh kawas nu nyingray.

“Moal dék ngagugu kaéra siah!” bari terus ngalaanan baju. Kitu ceuk Wa Jahra gé; nyanghareupan nu kitu mah urangna kudu bulucun, ulah aya nu napél dina awak najan salambar gé.

Anéhna angin téh jiga nu ngaanggangan, beuki ngajauhan. Sanggeus nyabut parang anu nyelap dina bilik, kuring ngudag angin. Séahna kadéngé muru ka jalankeun. Barakatak... barakatak seuseurian. Sup ka sawah, terus ka jalan leutik, bras wé ka kebon salak nu upluk-aplak bari teu eureun babarakatakan...

***

Keur saré dihudangkeun ku pamajikan. Isuk-isuk kénéh geus gujrud, di imahna Mama Kuwu ramé ku tatangga, cenah Jang Dodong parna, peuting tadi basa balik kuliah ti dayeuh aya nu ngarogahala. Sukuna potong...

****

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (4)

alam muharam

Eta mah timburu teu kalaksanakeun ngahiji..

karda firdaus

Hatur nuhun mangle anu tos online, hatur nuhun pangarang carita misteri anu cariosna sae pisan, sok emut kapungkur di lembur, ngupingkeun dongeng teh,, ari tos waktosna teh sok manco payuneun radio he he he

adi

Mani asa pangalaman sorangan, nuhun dongengna. Pamugi jaman kiwari mah tong ngangge nu karitu nya.

kangmedin

Hatur Nuhun sae dongeng teh matak tegang ...

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: