• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Tazkiyatun Nafsi

Kénging Arif Nur Hakim
Kintun kana Facebook

Manusa téh hamba Allah. Ku kituna hirup di dunya téh mibanda amanah ti Gusti Allah Swt. Dina ngalaksanakan amanah tangtuna ogé teu gampil. Komo deui, dina diri manusa téh tumerap dua sipat, sipat hadé jeung sipat goréng. Tapi kitu, manusa kudu bisa ngaoptimalkeun sipat hadé nu aya dina dirina sangkan jadi manusa nu adipikaasih tur dipikaayah ku Allah Swt. Jadi manusa anu mulya mungguh Allah Swt.

Ku kituna nu namina kaimanan sareng katakwaan kedah teras dironjatkeun, sakumaha anu kaunggel dina Al-Qur'an surat Al-Hujurot (49) ayat 13, "...Inna akromakum 'indallahi atqookum..." (Saéstuna anu pangmulyana di antara maranéh disagedengeun Allah téh nyaéta anu pangtakwana).

Ceuk H. Usep Romli mah, "muttaqin" téh ras manusa anu paripolahna lir ahlak Allah, manusa anu bisa ngamekarkeun poténsi Ilahiahna  tepi kajadi. Ceuk Iqbal téa mah, "mardli khudla" (manusa téh imitasi ti Gusti). Hiji hadis Nabi SAW nétélakeun, "Takhallaqu bi akhlaqillah," anu pihartoseunana, "Pelakkeun  ahlak Allah dina diri anjeun".

Dina tapsiran panyajak kahot Jalaluddin Rumi téa mah, "Moal aya talajak anu leuwih sieup kajaba talajak anu dituladankeun ku Mantena". Manusa pinunjul jiga kieu anu mangrupa puncakna ciptaan Allah, malah moal nutup kamungkinan kualitasna ngaleuwihan malaikat.

Pikeun ngudag éta tingkatan, manusa salaku hamba Allah, dina prak-prakanana kedah milampah salah sahiji prinsip syari'ah nu disebut amar ma'ruf nahi mungkar (nanjeurkeun bebeneran, nyegah kamungkaran). Imam Ghozali dina kitabna Ihya 'Ulumuddin, nétélakeun yén prinsip amar  ma'ruf nahyi mungkar bisa disebut 'top sentral ajaran Islam' atanapi 'al-Quth al-A'dzam Liddin'.

Nepikeun bebeneran, nyegah kamungkaran, ditegeskeun deui ku Saefuddin AF. Isma'il, kiwari  geus leungit tina kaayaan budaya urang, nepi ka 'amar ma'ruf nahyi mungkar' mung sakadar seruan wungkul, teu ieuh dibarengan ku prak-prakanana.

Allah mépélingan ka urang sadaya dina surat Al-Maidah ayat 79, nu hartosna kieu : "Maranéhna saurang jeung saurang lianna henteu ieuh silih nyegah kamungkaran nu geus dipigawé. Saéstuna goréng pisan naon-naon nu geus dipigawé ku maranéh téh."

Pépéling Allah di luhur kudu jadi pecut pikeun urang sadaya. Watek Islam nu ngajadikeun amar ma'ruf nahi mungkar salaku budaya jeung méntal pikeun umatna kudu terus digedurkeun. Tong malah sabalikna, jadi amar munkar nahi ma'ruf. Naudzubillahimin dzaliik.

Ku kituna, Rasulullah SAW salawasna mépélingan umatna sangkan ulah cicing dimana nempo kamungkaran, sok komo ngalégitimasi kamungkaran. Malahan Rosulullah ngajurung umat Islam sangkan panghareupna dina jihad merangan kadoliman. Tina sababaraha kadoliman téh, di antarana korupsi nu kiwari kacida mahabuna.

Malik bin Nabi, filosuf Al-Jazair ngajéntrékeun deui salah sawios hadis: "Saha jalma ti antara maranéh nu nempo kamungkaran, prak maranéh geura ngarobah ku leungeun maranéh, lamun teu sanggup, pék ku omongan, lamun teu sanggup, pék ku haté, jeung éta téh salemah-lemahna iman." (HR. Muslim, Ashab Sunan, Ahmad)

Di urang, lembaga atawa tempat amar ma'rup nahyi mungkar téh, nya éta législatif téa. Ngukur, naha wawakil urang téh geus wani nanjeurkeun bebeneran, nyegah kamungkaran atawa sabalikna. Lamun kamari-kamari ieu, loba kacaritakeun kumaha mahabuna kasus korupsi di lingkungan déwan téh, atuh ayeuna pisan, pamingpin nu nyekel amanah, kudu sieun kana papagon agama. Sanajan pamaréntah terus nanjeurkeun kaadilan keur ngabasmi korupsi, tapi lamun papagon agama teu dijadikeun padoman kahirupan mah, tinangtu moal loba hartina. Mabahuna korupsi téh alatan lolongna manusa kana beneneran.

Dina taréh Islam,  jaman sohabat nu dituluykeun kana jaman salaf téh, nu ngaranna sumangat amar ma'ruf nahi munkar geus jadi cecekalan hidup. Teu kacaritakeun budaya kolusi, sok komo korupsi. Abu Bakar Ash-Shiddiq, pamaréntah pangheulana saparantosna pupusna Rosulullah SAW, kantos nyarios dina pidatona: "Saéstuna kawula geus diangkat salaku pamingpin maranéh jeung kawula ngaku yén kawula téh lain jalma pangalusna ti antara maranéh. Mangka lamun kawula migawé kahadéan jeung wijaksana, pék dukung ku aranjeun. Tapi, lamun kawula migawé kagoréngan, mangka maranéh sing sanggup menerkeunana." (Ibnu Katsir, Al-Bidayah wan Nihayah, vol.VI/264.

Kitu deui, Amirul Mukminin, Umar bin Khathab kantos sasauran kieu, "Héy, rayat kawula, saha waé ti antara maranéh nu nempo kana pagawéan kawula nu nyimpang, mangka prak geura benerkeun. (Abdul Aziz Badri, Al-Islam bainal 'Ulama' wal Hukkam, hal. 59)

Cacariosan para sohabat nu didadasaran agama téh lain rétorika wungkul, lain basa-basi politik, tapi bener-bener dibuktikeun kalawan istiqomah.

Imam Ghazali dina kitab Ihya', nandeskeun deui, 'mentalitas elit umat' jeung para ulama nu istiqomah teh aya dina amar ma'ruf nahyi mungkar. Kayaning Thawus Al-Yamani ka panguasa Hisyam bin Abdul Malik, Sufyan Tsauri ka Abu Ja'far Al-Manshur, Fudhail bin 'Iyyadh ka Harun Ar-Rasyid nu terang-terangan negeskeun: "Prak, jarauhan korupsi nu mantak ngahalangan hak rayat, sabab Rosululloh SAW kantos ngadawuh: 'Saha jalma nu nipu rayat, manéhna mustahil bisa cium bauna sawarga."

Ku margi kitu, ka saha waé, para pejabat dina amar ma'ruf nahyi mungkar téh, masing istiqomah. Moal rugi jalma nu istiqomah dina bebeneran, itiqomah nyegah kadoliman mah. Kayaning judi, tempat-tempat ma'siat, korupsi, kolusi, koalisi nu mantak madorot, éta téh bahan amal pisawargaeun lamun urang bisa istiqomah dina amar ma'ruf nahyi mungkar. 

Para anggota déwan nu tugasna ngawas pikeun bebener kahilapan éksékutif, saur Yusuf Al-Qardhawi dina Fiqh Ikhtilaf-na sareng Imam Ghozali dina kitabna, Ihya' negeskeun yén nu kudu dijalankeun ku papada urang wabil khusus ku para déwan sareng pajabat téh: kahiji ikhlas karana Allah, migawé téh karana ngudag kamaslahatan sareng lain karana hawa nafsu. Kadua, prak tinggalkeun 'fanatisme' rék ka individu, partéy atawan golongan. Katilu, biasakeun sipat husnudzon, alus sangka sareng 'positif thinking' malahmandar silihajénan, silihélédan ka papada manusa.

 

Nanjeurkeun Ukhuwah 

Para ulama negeskeun tilu konsép pikeun nanjeurkeun ukhuwah nu aya hubunganana kana ikhtilaf palebah ngabahas perkara agama.

Kahiji,  tanawwu' al-ibadah. Konsép ieu téh, papada maphum dina palebah 'keragaman' dina ngalakukeun prakték ibadah. Pacéngkadan antargolongan atanapi antarorganisasi kaagamaan ngeunaan ikhtilaf, saleresna teu janten masalah. Di dieu kudu aya rasa ukhuwah dina palebah béda pendapat. 

Kadua, al-mukhti'u fi al-ijtihad lahu ajr. Nu salah ogé dina ijtihad bakal meunang ganjaran. Nu nangtukeun salah jeung benerna, mung Allah SWT. Katilu, konsép la hukma lillah qabla ijtihad al-mujtahid (Allah moal netepkeun hukuman sateuacan ayana ijtihad kana éta masalah). Ieu hartosna hasil ijtihad téh mangrupa hukum Allah masing-masing para mujtahid, sanajan hasilna tiasa béda-béda. Ku tilu perkara éta, biasa dina kaayaan nu béda, atanapi biasa ngahormat ikhtilaf, dianjurkeun pisan dina agama Islam.

Ku margi kitu, ukhuwah jeung nanjeurkeun amar ma'ruf nahyi munkar tos jadi kawajiban urang. Pamingpin, sagedengeun ngajalin ukhuwah, ogé kudu sanggup nanjeurkeun amar ma'ruf nahyi munkar. Dina ngajalin ukhuwah, naja béda pikiran, béda agama, golongan, partéy, ukhuwah mah tetep kudu dinomorhijikeun. Ngan ukhuwah nu dianjurkeun, nyaéta ukhuwah pikeun ngawujudna amar ma'ruf nahyi munkar téa.

Mudah-mudahan ku kuatna urang merangan kadoliman baris nanjeurkeun ukhuwah di antara urang, tur masing dijantenkeun dilimpahkeunana kabarokahan. Lantaran mung jalma nu miboga takwa jeung iman, nu bakal meunang barokah sareng magfiroh ti Gusti Nu Mahasuci. Ulah sabalikna, kalolobaanana jalma mung ngabarohongkeun ayat-ayat Allah, nepi ka Allah nibankeun siksa, lantaran kalakuan manusa. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: