• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Carekeun jeung Piomongeun

Kénging H. Usep Romli, HM
Kintun kana Facebook

Ulah carekeun !”

“Ulah piomongeun !”

Dua kecap cikeneh, mindeng kadenge  sapopoe dina hirup kumbuh. Dikedalkeun dina raraga nyegah saha bae milampah hal-hal nu matak mawa goreng. Matak nimbulkeun kakeuheul, pacengkadan, katut kateupanuju sejenna. Sanajan dianggap teu pira, tapi baris manjang. Meubeut meulit. Rambat kamale. Nepi ka meakeun waktu sarta tanaga nu saenyana leuwih perlu keur ngurus perkara nu leuwih penting.

Bebenjit, ti mimiti lelengkah halu , nepi ka umur sapuluh taunan, biasana nu sok“carekeun” jeung “piomongeun” teh. Hiji budak leutik, sababaraha kali dicaram naek kana pager, keukeuh we. Barang labuh, nging ceurik. Indung bapana, bari ngarawu budak sok spontan nyarita  “matak ge ulah carekeun”.

Conto sejen, sawatara urang barudak bangor, ngaranjah tangkal buah di kebon batur. Kanyahoan ku nu bogana, heg dibejakeun ka kolot-kolotna. Nu meunang laporan, tangtu nyarekan jeung mapatahan, bari kukulutus “piomongeun pisan budak teh !”.

Boh“carekeun”, boh “pimongeun” ngandung harti sarua. Nuduhkeun kalakuan  nu sabenerna bisa disingkahan. Lamun angger ngahajakeun, atawa ngahanakeun, prak deui prak deui, eta pisan nu disebut “piomongeun”. Ngahudang  komentar “miring” ti ditu ti dieu. Ngahudang kateuresep, malah kaceuceub balarea. Ngan dasar bebenjit, sanajan geus nyaho carekeun jeung piomongeun, prak deui prak deui.

Anehna, pagawean “carekeun” jeung “piomongeun”, nu kaasup kalakuan barudak olol leho, dina jaman kiwari malah rea dipilampah ku jalma dewasa. Ku kolot-kolot, tur kawilang lain jalma jore-jore. Jalma nu sakuduna sawawa boga wiwaha, sangkan laku lampahna teu matak onar ka balarea. Henteu ngabarerang ka dirina, kulawarga, institusi atawa lembaga nu jadi panyirurukanana.   

Upamana bae, kungsi para anggota DPR-RI meredih dana Rp 15 miliar saurang Cenah keur “dana aspirasi”. Puguh bae pada mentog. Pada ngarentog. Da puguh kaasup “carekeun” jeung “piomongeun”.  Repeh eta, ger rencana ngawangun gedong DPR-RI Rp 1,2 trilyun. Piomongeun jeung carekeun deui wae. Komo mun dibanding-banding kana sikep katut hasil gawe para anggota DPR-RI nu kaitung kandulan. Teu pararantes teuing gadong anggreng ngajunggiring, ari nu ngeusianana mindeng bolos.

Nu ngararancangna ge deuih, carekeun jeung piomongeun. Piraku teu nyaho kaayaan nu sabenerna, nu kudu diukur pantes jeung henteuna. Lain sakadar molotot kana kauntungan tina meunang proyek wungkul.    

Atuh para anggota DPR-Rina sorangan, estuning ngahajakeun jeung ngahanakeun. Satengahing maranehna katembong teu mampuh nanaon enggoning ngabuktikeun jangji-jangji kampanye bareto, sanggeus kapilih bet ngaheulakeun kapentingan sorangan. Disaeuran ku rupa-rupa fasilitas lir ibarat pupulur memeh mantun. Rek teu disebut carekeun jeung piomongeun kumaha?

Conto sejen, cikeneh pisan, para pingpinan DPR-RI, nu diwangun ku Ketua jeung opat wakilna, ngayakeun silaturahmi jeung calon Kapolri nu karek diasongkeun ku presiden. Tacan diuji kapantesanana dina forum “fit and proper test” ku Komisi III DPR-RI.    

Der atuh ribut. Para anggota Komisi III nganggap Ketua jeung Wakil Ketua DPR-RI teu nyaho tatakrama. Calon pejabat nu acan ditest test acan geus dihaturanan. Kawas nu ngisarahan, yen eta calon kudu diluluskeun ku para anggota , da geus dihiap-hiap ku pingpinan. Malah cohagna mah, teu kudu diuji deui. Geus we.     

Atuh jadi carekeun jeung piomongeun. Papada neugtreug. Ieu ngarasa teu salah, itu ngarasa bener. Saheng deui. Estuning marebutkeun paisan kosong wungkul.

   Atawa memang, ieu bangsa jeung nagara ngahaja nyieun careken jeung piomongeun saban waktu ? Ambeh terus-terusan ribut jeung riweuh. Cul dogdog tinggal igel? Taya garapan nu maslahat jeung mangpaat, iwal ti ngadu sungut parea-rea budah dina perkara nu matak carekeun jeung piomongeun?   

Pagawean nu teu pantes pisan pikeun ukuran umur jeung status mah apan. Sabab carekeun jeung piomongeun wungkul keur barudak olol leho. Bebenjit nu tacan nyaho lilinggeran aturan hukum, etika, katut kapantesan boh keur dirina boh keur batur.

Atawa pamanggih jenatna KH Abdurahman Wahid,  memang merenah. Harita,keur jeneng Presiden RI (1999-2001), Gus Dur teu euleum-euleum nyebut “anggota DPR mirip anak-anak TK”. Teu mustahil, Gus Dur “satuduh metu saucap nyata”. Buktina, nitenan kajadian-kajadian nu teu weleh matak piomongeun jeung carekeun, kawas-kawas enya. Para  elit bangsa. Boh di legislatif, boh eksekutif, rea nu leuwih “carekeun” jeung “piomongeun” ti batan bebenjit olol leho. Boa enya !***

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: