• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Ulah Kabelejog Éndahna Dunya

Kénging Nurhayati
Kintun kana Facebook

Dawuhan Allah Swt. : "Jeung kahirupan dunya téh, taya lian iwal ti kasenangan pupulasan." (QS. Al-Hadid: 20)

Upami urang nafakuran yuswa nu parantos dipasihkeun ku Gusti Nu Mahasuci ka diri urang, tinangtos urang baris kersa nyaliksik diri. Tos dugi ka mana babakti ka Mantenna téh? Margi, nu namina yuswa mah apanan saha nu uninga. Duka énjing duka pagéto, nu tangtos mah bebekelan pikeun kabagjaan di aherat téh kedah diéstokeun, kedah diutamikeun.

Masih seueur di antawis urang nu kabéngbat ku kadunyaan, dugi ka hilap bebekelan pikeun kahirupan di alam nu bakal kasorang. Ti isuk jedur nepi ka soré jedér, ti janari nepi ka poék mongkleng téh antukna mah dipaké ngungudag kadunyaan, kasenangan nu saukur pupulasan. Ari bebekelan pikeun kahirupan di ahérat kamomorékeun.

Islam mémang henteu nyaram, ogé henteu ngaharamkeun, lamun manusa hayang hirup bagja di dunya. Tapi, Islam nandeskeun, nu bener mah kudu bagja di dunya ogé bagja di ahérat. Kasaimbangan antara nyiar bekel kahirupan dunyawi jeung ukhrowi téh kudu jadi cecepengan, sangkan bisa hirup bagja di dunya rawuh di ahérat.

Upami urang niténan ayat-ayat Al-Qur'an, saleresna urang parantos dipasihan tanda, tong ngudag-ngudag kadunyaan teuing komo bari jeung poho kana bebekelan pikeun kahirupan di ahérat mah. Margi, bisa hanjakal jaga. Perhiasan dunya mémang éndah. Tapi kaéndahanana téh teu jauh saukur pupulasan wungkul.

Allah Swt. parantos nandeskeun, "Jeung kahirupan dunya téh, taya lian iwal ti kasenangan pupulasan." (QS. Al-Hadid: 20). Kumargi kitu, kahadé tong dugi kabelejog katipu ku éndahna fatamorgana dunya. Kudu émut, hirup di dunya téh saukur pikeun ibadah jeung ngabdi ka Gusti Nu Mahasuci. Ieu kedah janten prinsip nu matri dina ati. Margi, urang parantos dipasihan tanda, kurang-kurangna urang tiasa kalebet jalmi anu pangsarakahna dina ngudag kadunyaan. Hayu urang mangpaatkeun harta, tahta, jeung yuswa nu parantos dipasihkeun ku Gusti Nu Mahasuci ka urang téh pikeun babakti jeung ngabdi ka Mantenna.

"Jeung satemenna hidep bakal bisa ngabuktikeun yén maranéhna téh nu pangsarakah-sarakahna kana kadunyaan, malah leuwih sarakah batan jalma-jalma nu malusyrik. Maranéhna harayangeun hirup sarébu taun séwang, padahal umur panjang téh hamo bisa dipaké panyinglar siksaan. Jeung Allah téh Mahauninga kana saniskara amal maranéhna." (QS. Al-Baqoroh: 96).

 

Patukang Tonggong

Dina ajaran Islam, sagala rupa nu dipiboga ku urang di alam dunya téh kudu jadi sarana pikeun ngaronjatkeun kaimanan tur katakwaan ka Allah SWT. Lamun gaduh harta banda, nya mangpaatkeun dina jalan Allah. Ti mimiti ngabayuan kulawarga, nyakolakeun barudak, nginfakkeun di jalan Allah, sareng sajabina téh, kedah diniatan ibadah karana Allah. Insya Allah, éta téh baris janten amal soléh, nu baris jadi bekel hirup di alam ahérat jaga.

Kaimanan sareng amal soléh mangrupa konci pikeun jadi ahli sawarga. "Walladziina aamanuu wa 'amilushshaalihaati ulaa-ika ash-haabul jannah. Hum fiihaa khaaliduun." Jeung jalma-jalma nu ariman sarta ngamalkeun amal soléh, maranéhna jadi ahli sawarga. Maranéhna langgeng di dinya. (QS. Al-Baqoroh: 82)

Kitu janji Allah SWT téh. Saha atuh pijalmieunana nu teu hoyong janten ahli sawarga? Tangtos waé moal aya. Ngan hajankal, ari kahoyong jadi ahli sawargi, tapi geuningan amal kalakuan urang téh masih kénéh seueur anu patukang-tonggong sareng papagon Allah  Swt. Tah ieu pisan nu kedah dibébérés deui tina diri urang téh.

 

Ngeunteung Diri

Ilaharna eunteung nu sok dipaké ngaca, gunana ngarah sidik témbrés naon-naon nu nyampak dina diri. Ku kituna, tangtuna wé eunteung nu dipaké téh eunteung nu beresih. Lamun urang ngaca heug katempo beungeut ramijud, omat ulah rék nyalahkeun eunteung, tapi sawadina tumamprak kana kaayaan atawa introspéksi téa. Tah, dina ngeunteung amal urang sorangan ogé jiga kitu, kedah eunteung nu beresih. Upama kasadaran urang geus tepi ka dinya, narima panggeuing téh moal nampik, dinaséhatan moal aral, da nu ngageuing jeung nganaséhatan téh hakékatna mah diri urang sorangan.

Hirup urang nu moal leupas tina urusan dunya ogé, salawasna urang kudu beresan deui ku cara ngaca diri urang sorangan. Lamun ngurus dunya ieu, urang beresih, jujur, amanah, atawa némbongkeun kaayaan nu sanyatana, moal katémbongna goréng. Ngeunteung amal urang sangkan bener, objektif, nya kudu kana eunteung agama nu bener (diinulhaq), dumasar kana katangtosan Allah sareng Rasul-Na, sangkan katémbong hadé goréngna amal urang ku papagon nu hak téa.

Naon sababna urang kudu ngeunteung diri? Sabab siga jaman kiwari, geuningan teu kurang-kurang loba nu ngajadikeun agama sakadar kedok keur néangan kauntungan dunya. Siga nu enya ngabéla hak, padahal ngaruksak. Siga nu heueuh ngajungjung syiar Islam, padahal ukur ngajadikeun taméng keur nutupan kahayang napsuna nu patukang tonggong jeung bebeneran, nutupan sikep munapék jeung fasiq. Atuh, ngurus haleuah dunya ogé, lain keur muji syukur ka Gusti, tapi sabalikna keur kufur ka Gusti.

Margi kitu, mun urang rajin ngeunteung talajak kahirupan unggal mangsa, tanwandé hirup téh baris karasa tingtrim tengtrem lahir tumekaning batin. Sabab, urang moal ngantep kagoréngan nu baris ngarurugi diri ngéra-ngéra baraya. Cindekna, urang ngarasa untung ku panggeuing eunteung nu dijadikeun sarana ngabebenah laku lampah. Alatan urang bisa hirup lugina, téh, éta téh papagon Islam.  Pidawuh Rasulullah SAW.: "Migawé kahadéan téh baris nengtremkeun jiwa jeung ngaluginakeun haté, sedengkeun milampah dosa bisa nimbulkeun marudahna jiwa jeung guligahna haté, sok sanajan meunang fatwa ti tukang méré fatwa." (HR Ahmad).

Kitu deui, Allah Swt. negeskeun, sakumaha dawuhan-Na : Walladziina ida fa'aluu faahisatan ao dolamuu angfusahum dakarulloha fastagfaruu lidunubihim. Wamayyagfiruud dunuuba ilalloh, walam yusirruu 'alaa maa fa'aluu wahum ya'lamuun. Uula'ika jaja uhum magfirotum mirrobbihim wajannatun tajri min tahtihal anhar khoolidiina fiiha, wani'ma ajrul 'aalamiin. "Jeung jalma-jalma anu lamun migawé pagawéan keji atawa ngakaya dirina sorangan, tuluy maranéhna inget ka Allah jeung ménta pangampura kana dosa-dosa maranéhna jeung teu aya anu bisa ngahampura anging Allah nyalira. Jeung maranéhna téh ngeureunan pagawéan kejina, tur maranéhna nyaho. Ganjaran maranéhna téh nyaéta pangampura ti Pangéran maranéhna jeung sawarga anu di jerona ngamalir walungan-walungan, sedengkeun maranéhna langgeng di jerona jeung éta téh pangalus-alusna ganjaran pikeun jalma-jalma nu ngalaksanakeun amal." (QS Ali Imran 135 - 136)

Dina ayat di luhur urang bisa nyimpulkeun, yén jalma nu daék ngeunteung diri téh kacida nguntungkeunana. Dosa-dosa nu geus dipilampah, nu katangen tina hasil ngeunteung, kudu buru-buru diberesihan ku jalan zikir (émut) ka Allah ku cara tobat. Da, apanan nu disebut jalmi nu hade teh, lain karana dirina teu luput tina dosa, tapi jalmi hadé mah, jalmi bisa ngeunteung diri, tobat téa. Nyaéta, teu petot-petot tobat nepi ka urang balik deui milampah kahadéan. Dawuhan Allah Swt. : "Jeung poma maranéh ulah nyampuradukkeun anu hak jeung nu batil jeung poma maranéh ulah nyumputkeun anu hak sedengkeun maranéh nyaho."(QS Al Baqarah ayat 42).

Dina urusan dunya, urang kedah ngeunteung kana sajarah Qorun jeung Fir’aun. Islam, lain nyaram boboga, tapi alatan boboga dunya, ulah jiga Qorun. Alatan pedit jap jahé, ahirna dunyana neuleumkeun manéhna. Kitu deui, dina sual jabatan, kalungguhan. Lain hartina Islam nyaram ulah jadi pamingpin, nyaram luhur kalungguhan. Nu dicaram téh, ulah jiga Fir’aun, nepi ka hayang boga kalungguhan diluar kordat manusa, nyaéta ngaku Pangéran. Balukarna polahna, manéhna dilelepkeun ka dasar laut kalawan hina.

Tina sababaraha kajadian jeung pedaran sakumaha di luhur, mugia urang ulah sakadar gasik ngeunteungan raray tina kokotor lebu jeung sajabana, tapi rurujit nu ngotoran akidah, iman, jeung ahlak ogé kudu haripeut diberesihan ku cara ngeunteung kana papagon diinulhaq ngarah urang meunang untung ngundeur ganjaran ti Nu Agung. Mudah-mudahan urang sadaya aya dina panangtayungan Allah SWT. Amien.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: