• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Ti Sri Mangana Cakrabuana
ka Syarif Hidayatullah

Kintun kana Facebook

Minggu pengker pedaran parantos dugi ka nyarioskeun lalakon Ali Rachmatullah nu ngantunkeun Banten, ngabujeng Jawa Timur nepangan sadérékna di karaton Majapait. Di Majapait, Ali Rachmatullah ngadeuheus ka Nyai Mas Ratu Darawati praméswari Prabu Kertabumi Brawijaya V.

 

***

Ari raina Nyai Mas Darawati nyaéta Nyai Mas Candrawulan, ibuna Ali Rachmatullah. Atuh kacida bingahna Sang Ratu waktu dideuheusan ku kapiputrana. Dumasar kana usul Ratu Darawati, Ali Rachmatullah ku Prabu Brawijaya dipaparin tanah di Ampél Dénta Surabaya.

Nya keur saterusna Ali Rachmatullah bumetah di dieu, ngawuruk agama Islam bari nyebarkeun ka sakuliah daérah jeung sabudeureunana. Sapanjang lima taun nyebarkeun agama Islam jeung ngawulang padumuk Ampél Dénta, ahirna urang Ampél Dénta kabéh ngagem agama Islam.Ali Rachmatullah atawa Radén Rachmat ahirna mashur  jujulukna Susuhunan Ampél atawa Sunan Ampél anu kajodokeun ka putra Bupati Tuban Radén Arya Téja nyaéta Nyai Mas Ratnawati atawa Nyai Ageng Manila. Sunan Ampél ti Nyai Ageng Manila kagungan sajumlah putra, opat di antarana nyaéta (1) Maulana Makdum Ibrahim anu gelarna Sunan Bonang, (2) Maulana Syarfudin gelarna  Sunan Drajat, (3)  Nyai Ageng Maloka atawa Nyai Ageng Tendes. (4) putra istri anu ditikah ku Sunan Kalijaga (Radén Sahid).  Jadi putra Sunan Ampél, dua jadi Wali di antara Wali Sanga. Saurang deui mah mantu nyaéta Sunan Kalijaga. Ti Siti Khorimah, Sunan Ampel kagungan putra Ki Wiryosarojo kagungan dua putra istri nyaeta Siti Murtasyiah nu ditikah ku Raden Paku atawa Sunan Giri, nu kadua Siti Mursimah.

Ari Radén Sahid atawa Sunan Kalijaga éta téh putra Bupati Tuban Radén Tumenggung Majapait.

Lian ti nikah ka putra Sunan Ampel, Sunan Kalijaga ogé nikah ka Nyai Dewi Saroh putra  Maulana Ishak, ti dieu kagungan putra pameget jeung tilu istri nyaéta (1) Radén Umar Sahid gelarna Sunan Muria, keur nonomanna disebut Radén Prawoto, (2) Dewi Rukayah, (3) Dewi Sofiah.

Ari Radén Umar Said atawa Sunan Muria nikah ka Déwi Sujinah putra Sunan Undung Déwi Sujinah téh raina Sunan Kudus. Sunan Muria ti Déwi Sujinah kagungan putra pameget nyaéta Sunan Kadilangu.

Ari Sunan Giri éta téh putra Maulana Ishak ti garwana asal Blambangan. Sunan Giri nikah ka Siti Wardah lian ti ka Siti Murtasyiah putra Sunan Ampél. Ari Siti Wardah  putra Ki Ageng Bungkul.

Sajeroning kitu putra Sunan Bonang nyaéta Dewi Rukhil ditikah ku Jafar Sidik atawa Sunan Kudus. Kagungan putra pameget, Amir Hasan. Sunan Kudus ogé nikah ka putra Pangéran Pecut Tanda Terung, kagungan putra pameget jeung putra istri dalapan urang. (1) Nyai Ageng Pembayun, (2) Panembahan Palémbang, (3) Panembahan Makaos  Hanggakusuma, (4) Panembahan Kodi, (5) Panembahan Karimun, (6) Panembahan Joko, (7) Ratu Pakoja, (8) Ratu Prodo Binabar nu ditikah ku Pangéran Pancawati Senapatna Sunan Kudus.

 

Radén Patah Ngadegkeun Demak

Caturkeun Raja Majapait anu mangsa harita keur ngawasa nagara Brawijaya V nikah ka Endang Sasmitapura, kagungan putra Arya Damar atawa Arya Dillah. Arya Damar jadi Bupati di Palémbang sabab harita Palémbang aya dina kakawasaan Majapait. Garwa Prabu Brawijaya anu séjénna, nyaéta Nyai Ratna Siu Ban Ci anakna Tan Go Wat atawa Ki Bantong, Cina sugih mukti nu netep di Gresik ngagem agama Islam. Bapa jeung anak guguruna ka Sunan Ampel.

Siu Ban Ci jeung Brawijaya kagungan putra  hiji, kakasihna Jin Bun, ku ramana dipaparin jenengan Radén Praba anu engkéna mashur jadi Radén Patah atawa Al Fatah, jenengan pamaparin Sunan Ampél, guru anu jadi mertuana ogé. Ku ibuna dibawa ngumbara ka Palémbang, sabada Siu Ban Ci pipisahan jeung Prabu Brawijaya. Di Palémbang tepung jodo jeung Arya Damar Sang Bupati, tepi ka kagungan putra Radén Kusen atawa Bupati Terung. Prabu Brawijaya ti garwana anu séjén nyaéta Nyai Bondan Bondri Camara kagungan putra pameget Radén Bondan Kejawan nu ngajodo jeung  Nyai Dewi Nawangwulan, ratu Mataram anu ngagem agama Budhagotama. Ti Nyai Dewi Nawangwulan kagungan putra istri Nyai Mas Ratu Angin-angin anu mashur sok ditelah Nyai Roro Kidul kajodokeun ka Sitawijaya nu ngadegkeun Mataram Islam. Dina Dongéng Rayat, Roro Kidul sok diaranggap turunan siluman lantaran agemanna Budhagothama.

Caturkeun Jin Bun atawa Radén Patah ngumbara ka Pulo Jawa terus guguru agama Islam ka Sunan Ampel, kajodokeun ka putra Sunan Ampel Nyai Ageng Maloka. Jenengan Radén Patah ogé asalna ti guruna anu maparin jenengan Al-Fatah ahirna jadi Radén Patah. Radén Patah ngababakan di hiji kampung nu mekar jadi désa, dingaranan Demak, anu lila-lila terus mekar jadi kota anu haneuteun tepi ka ahirna jadi Kadipatian Demak. Nyaksian kamekaran Demak, Prabu Brawijaya rama Radén Patah jadi ngaraos risi jeung rempan, inggis Sang putra ku kakuatannana jadi malik ngajorag Majapait.

Tapi kasalempang Sang Prabu mémang kajadian. Taun 1393 Sala atawa 1471 Maséhi tilu taun noron Radén Patah nyandak wadiabaladna ngajorag Trowulan puseur dayeuh Majapait. Radén Patah kajurung ludeung ku balabantuan para wali anu mepek balad ti daérahna masing-masing. Kaémbohan deui ku bantuan ti Jawa Timur, armada angkatan lautna luar biasa tepi ka ahirna kajadian perang campuh anu kacida ragotna, ménta wadal nyawa pirang-pirang prajurit. Pasukan Majapait tumpur lebur, nu salamet marubus ka leuweung, Prabu Brawijaya gugur di Bukit Sawar. Trowulan karebut ku wadiabalad Demak. Majapait tumpur, karajaan anu sakitu digjaya jeung jugalana téh tumpur lebur ku putra Sang Prabu nyaéta Radén Patah. Majapait dirobah jadi Kasultanan Demak, ku para Kamastu atawa para Wali Radén Patah diistrénan jadi Sultan Demak munggaran, gelarna Sultan Alam Akbar Al-Patah.

 

 

Syarif Hidayatullah atawa Syayid Kamil

Larasantang atawa Hajjah Syarifah Moda’im ti ménak Mesir kagungan putra, kakasihna Syarif Hidayat, dibabarkeun taun 1370 Saka atawa 1448 Maséhi. Sabar tur soléh, kacida  kumerebna ka ibu, henteu kaeunteupan sipat adigung adiguna sanajan uninga yén Sang Pangéran putra Maharaja Pajajaran anu mashur Prabu Siliwangi. Cita-citana palay jadi guru agama, ku sabab kitu bral ngabujeng ka Tanah Suci Mekah guguru élmu kaagamaan Syéh Rajudin al-Kubri. Harita pisan uningana ka Imam Syafi’i ti Syéh Athallahi Sajjili, di dieu guguru dua taun lamina.

Ti Mekah ngabujeng Bagdad, di dinya guguru Tasawuf  Rasul. Guguruna di pasantrén sadérék ramana, ti dieu ngabujeng Mesir. Syarif Hidayat kacatur dina rupa-rupa jenengan, di antarana Sayid al Kamil, Syéh Nuruddin Ibrahim Ibnu Maulana Sultan Mahmud Al Kubti jeung jenengan séjénna deui. Ahirna Syarif Hidayat ngabujeng Pulo Jawa, sindang heula di Gujarat kénging tilu sasih. Nurutkeun taksiran Pangéran  Wangsakerta, jigana mah di dieu tepangna jeung Dipati Keling katut 98 urang anak buahna téh, nu saterusna kabéh jadi murid jeung kabéh asup Islam. Saterusna Dipati Keling ngiring Syarif Hidayat balayar ka Pulo Jawa, kabéh anak buahna milu.

Saperti anu diungkabkeun ku Pangéran Wangsakerta dina pustaka I Bhumi Jawadwipa parwa 1 sarga 4, kieu unina; Dina lalampahanana ka Pulo Jawa, Syarif Hidayat diiringkeun ku Dipati Keling jeung 98 urang anak buahna. Saterusna sindang heula di Paséy, Syarif Hidayat rerebna di pasantrén kagungan sadérékna nyAETA Sayid Iskak nu jadi guru agama Islam di Paséy, di dieu lamina 2 taun.

Dina waktu neraskeun lalampahan ka Pulo Jawa, sindang heula di Banten, tétéla geus loba padumukna anu ngagem agama Islam. Di Banten, Syarif Hidayat kajodokeun ka Nyai Mas Kawung Anten, putra Bupati Banten. Dina Carita Parahiyangan sarga 4, Pangéran Wangsakerta ngécéskeun, Adipati Banten Sang Arya Surajaya, putra Bupati Sarosowan jeung para pangiring katut sabagian kesatuan bersenjata nyalametkeun diri ka leuweung gerotan arék ngungsi ka Pakuan Pajajaran.

Ari Sang Arya Surajaya téh rakana Kawung Anten garwana Syarif Hidayat. Kawunganten jeung Syarif Hidayat kagungan putra, di antarana Pangéran Sabakingkin. Swurajaya maréntah Banten ngan tujuh taiun, ti taun 1441 Saka tepi ka 1448 Saka.

Saterusna Sayid Kamil Syarif Hidayat ngabujeng Ampel tunggang kapal layar urang Jawa Timur. Harita para Wali nuju hempak ngabagi tugas pikeun nyebarkeun agama Islam di daérah-daérah tepi ka désa-désa di lemburna masing-masing. Saterusna Syarif Hidayat sabalad-nalad balayar ka Cirebon seja ngadeuheus ka Uwana, Sri Mangana Cakrabuana. Syarif Hidayat jeung Dipati Keling sabalad-balad nétélakeun niatna ka Sri Mangana geusan babakti di Pakungwati, nya dipaparin tempat di Giri Sembung ngagéroh Pondok Quro Amparan Jati. Malah Sang Pangeran dijodokeun ka putra Sri Mangana, Nyai Putri Pakungwati.

Di Giri Sembung putra Larasantang ti Pangéran Mesir téh ditarelah Maulana Jati atawa Syéh Jati. Di dieu ngagéroh pasantrén ageung. Urang Cirebon guguru ka Syarif Hidayat anu beuki lila beuki mashur sarta pondokna beuki gedé jeung kamashur. Lila-lila gelarna jadi Susuhunan Jati atawa Sunan Gunung Jati. Di dieu neraskeun hanca Syéh Datuk Kahfi. Henteu sulit pikeun Sang Pangéran, sabab santri anu sakitu réana téh kabéh ngagem pahan Madhab Syafi’i.

Kurang leuwih 30 taun lamina, Sri Mangana Cakrabuana mingpin karajaan Islam Cirebon. Ngaraos geus kalamian teuing mingpin Cirebon jeung yuswa nambahan terus, ahirna Sri Mangana Cakrabuana ngawariskeun karajaan Islam Cirebon ieu ka Syarif Hidayatullah. Diistrénanana ogé ku Sri Mangana jadi Tumenggung hiji-hijina di Karajaan Islam Cirebon, gelarna Susuhunan Jati. ***(Hana/ Nagara Cheng Islam Pakungwati Cirebon/Drs.Yosep Iskandar).

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: