Ajrug-Ajrugan
Incu: “Nini, itu Si Aki nuju olahraga. Ajrug-ajrugan.”
Nini: “Lain olahraga éta mah Cu, pan bieu tas ngadahar ubar Aki manéh mah.”
Incu: “Kumaha kitu?”
Nini: “Cenah mah poho méméh didahar ubar téh teu dikocokkeun heula. Jigana ayeuna keur dikocok dina beuteungna.”
Wawan Kuswandi
Blok C Vijaya Kusumah
Bandung
Tong Ribut
Bi Umi: “Tong ribut! Cép Wawan karak oge kawin sataun geus boga anak tilu!”
Mang Umi: “Maenya bisa kitu?”
Bi Umi: “Puguh héran kami ogé. Tapi cenah mah kawinna téh ka randa anu geus boga anak tilu.”
Nunung Samsiar
Jl. Cicukang RT 02/05 45
Bandung
Alesan Kuat
Patugas: “Kapaksa anjeun kudu ditahan!”
Jang Adun: “Naon margina Pa?”
Patugas: “Sabab tumpak motor di jalan tol!”
Jang Adun: “Bapa uninga naon margina sim kuring tumpak motor ka jalan tol?”
Patugas: “Naon?”
Jang Adun: “Margi sim kuring henteu gaduh mobil.”
Nunung Samsiar
Jl. Cicukang RT 02/05 45
Bandung
ha ha ha,, mantaaap
sanes lumayan deui janten landong nuju manyun. hatur nuhun...hatur..nuhun