• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Prof. Dr. Karim Suryadi, M.S i.;

Rayat Kudu Unggul
Najan Pulitik Dikawasa Partéy

Kénging Ensa Wiarna
Kintun kana Facebook
Mangle
Prof. Dr. Karim Suryadi, M.Si., Guru Besar Komunikasi Politik UPI Bandung [Potrét/Ilustasi: ensa]

 

Pilihan gubernur lain ukur semet boga pamingpin, da manjangkeun lalakon. Pilihan nu sakedét nétra dina bilik sora, pangaruhna mah dangka panjang. Hartina, rayat  kudu asak jeujeuhan dina nangtukeun pamingpinna. Kitu ceuk Prof. Dr. Karim Suryadi, M.Si., Guru Besar Komunikasi Politik Universitas Pendidikan Indonesia (UPI) Bandung  ***

Upama dina penca mah keur padungdung, metakeun  sagala rupa jurus ampuh.  Tujuanana, sangkan pinunjul. Tah, kitu nu dipilampah ku masing-masing patandang atawa calon gupenur Jawa Barat jeung wawakilna téh.  

Mun patandang hayang meunang, kitu ilaharna. “Ngan, nu kudu meunang atawa nu kuduna pinunjul mah rayat nu marilihna,” ceuk Prof. Dr. Karim Suryadi, M.Si., muka wangkongan. Ngobrol téh di kantorna, Fakultas Pendidikan Ilmu Sosial (UPI) Bandung.

Pigupernureun  nu diasongkeun ku partéy pulitik, mémang, can tangtu nu panghadéna. Lantaran parpol téh tacan jadi ‘imah’ balaréa. Nu payus jeung marampuh ngurus ngatur masarakat, loba kénéh nu narah icikibung dina partéy pulitik. Ku lantaran kitu, nu diasongkeun ku parpol saperti pigupernureun, ukur kakara dumasar kana tinimbangan masing-masing partéy pulitik.

Kanyataanana, ceuk ieu teureuh Subang téh, nu boga tiket jadi calon gé diwatesanan pisan. Ilaharna, nu jadi calon téh, apan ukur ti golongan partéyna, kulawargana, ogé artis. “Tinimbangan nyalonkeun  artis gé bukti héngkérna partéy. Milih artis téh, lantaran sohorna, lain kamampuhanana dina widang pamaréntahan,” ceuk ieu Doktor Komunikasi Politik nu lahir taun 1970 téh. 

Ajén-inajén parpol tacan kauji. Kakuatanana ogé, lolobana mah gumantung kana ‘pigur’ salah saurang pupuhuna. Ku lantaran kitu, ‘aturan maén’ dina éta parpol, kaasup ogé lebah nangtukeun  calon pamingpin daérah, gumantung pisan ka éta pigur. “Ketak partéy kawas kitu, bakal leuwih ngajauhkeun masarakat ka éta partéy,” pokna.

 

Rayat Kudu Unggul

Lima papasangan patandang dina pilgub Jawa Barat geus jinek. Kari milih sakasuka. Ngan, tangtu wé nu rék milih gé, ceuk Prof. Karim, kudu gemet ngimeutan sagala rupana. “Waktuna warga masarakat meunteun calon pamingpina kaasup ogé meunteun partéyna,” pokna.

Dina netepkeun calon, sagalana gumantung ka partéy pulitik.  Antukna,  rahayat téh tumamprak, teu walakaya dina nyanghareupan ketak pihak partéy. “Nya dina mangsa pilihan umum, kaasup pilihan kepala daerah, kadaulatan rahayat ulah éléh ku kakawasaan partéy pulitik. Hartina, rahayat kudu sadar jeung bener-bener dina nangtukeun pamingpinna,” pokna tandés naker.

Mémang, ceuk ieu Guru Besar UPI Bandung  téh, masing-masing papasangan calon gé boga kapunjulan jeung boga kahéngkéran. “Urang imeutan wé nu panglobana kapunjulanana, tah éta nu misti dipilih,” pokna.

Pihak nu milih jeung nu dipilih teu bisa dipisahkeun. Ajén-inajén gupernur gé  gumantung nu milih.  Ngan,  tangtu wé butuh panalinga jeung kanyaah balaréa kana hirup-huripna rahayat Jawa Barat. Mun salah milih, balukarna gé matak sangsara balaréa. Ku lantaran kitu, pihak-pihak saperti akademisi, inohong, média masa, jeung sajabana  kudu milu aub ngupayakeun sangkan masarakat henteu salah pilih.  

Prof. Dr. Karim Suryadi, M.Si.  ngécéskeun, pamingpin kudu nyumponan pasaratan. Naon téa?  Ceuk ieu Dosén Teladan UPI (2008) mah, kudu nu moralna hadé, ngabogaan  kamampuh minijerial anu hadé, jeung ngabogaan katerampilan téhnis anu cukup. Moral, cenah,  penting pisan. Lantaran,  éta mah dadasar hirup manusa nu misti jadi cecekelan balaréa. Kitu deui nu tumali jeung minijmen, pamingpin mah kudu masagi. Lantaran, rupa-rupa poténsi nu nyampak boh sumber daya alam, sumber daya manusa, jeung sajabana kudu bisa dimangpaatkeun sahadé-hadéna keur masarakat sakumna. “Boga karep jadi pamingpin téh, ulah ngan saukur rék diajar mingpin,” pokna dibarung mésem.

Pilgub Jawa Barat ngondang perhatian pihak séjén. Lantaran ieu propinsi téh ngabogaan jumlah hak pilih nu pikaheroyeun. Kitu téh, da bisa jadi leuit sora dina pilihan legislatif jeung pilihan présidén. Ku lantaran kitu,  teu sing anéh saban partéy pulitik ngarasa boga kapentingan ilubiung dina Pilgub Jawa Barat.

Jumlah nu boga hak pilih dumasar kana daptar pemilih tetap (DPT)  32.536.980 urang. Sora nu sakitu, diparebutkeun ku lima papasangan patandang. Ngan, tangtu wé, geletuk batuna gejebur caina, bakal kasaksén dina waktu pilihan nu lumangsung 24 Pebruari 2013.

Pasipatan urang Jawa Barat, ceuk Prof. Karim, beda jeung Jakarta. Najan Tatar Jabar ngawengku sababaraha subkultur, Cirebon, Pantura, jeung sajabana, budaya Sunda ‘dominan’ kénéh.   Masarakat Jawa Barat nu égalitér, ilaharna boga pasipatan siger tengah. Dina nangtukeun pilihan gé tara kajongjonan. Mun nyaah tara nyaah teuing,  mun ngéwa gé tara ngéwa teuing. Pasipatan saperti kitu,  jadi dadasar mekarna demokrasi di Jawa Barat!

Galibna nu milih, ceuk ieu Dosén Tamu Nihon University Japan téh, boga padika husus. Biasana, cenah, tara tuna tina tinimbangan, the one of us (salah saurang ti antara urang), the  most of us (nu boga sipat-sipat hadé panglobana) jeung the  best of us (nu panghadéna). Cindekna, pamingpin mah kudu leuwih punjul sagala rupana batan nu dipingpinna.

Satutas pilihan pamingpin, nu penting mah, ceuk Prof. Karim kamaslahatanana. Saha waé nu kapilih sawadina calon nu pangpunjulna. Kasorangna harepan kitu, upama masing-masing pihak ngutamakeun kapentingan balaréa batan kapentingan pribadi, partéy atawa golongan. Tumali jeung harepan kawas kitu, hartina butuh kasadaran sakumna pihak.

Pasipatan masarakat Sunda nu ngutamakeun musawarah, silihélédan, sopan santun, sawadina jadi kakutan geusan paheuyeuk-heuyeuk leungeun ngamajukan Tatar Jawa Barat. 

 

Kasengsrem ku Mantri Jero

Karim Suryadi, pituin urang, Subang. Lemburna téh sisi walungan Cipunagara. Dumuk di tempat kitu, raket pisan jeung lingkungan. Malah, éta walungan téh jadi pangojayan barudak lembur.

Inyana ngarasa disenangkeun ku kolot. Da, tara dititah baranggawé. Malah, mun sakalieun ngala suluh jeung babaturanana gé dicarek. “Mung, upami teu kersa ngaos, wah pun bapa mah, galak pisan,” pokna nyoréang mangsa ka tukang.

Dina hiji waktu Karim mandi ka walungan. Enya ngahaja ukur rék mandi bari kokojayan. Ari baturna, nu sapantar, manjing umur kelas lima SD,  mandina ka dinya téh tas ngarala suluh. Biasa kituna téh, lantaran tas kukurusukan di nu bala mah, lian ti sok hareudang téh merang deuih. Ubarna, cukup wé ku marandi kokojayan!

Loba nu kabitaeun meureun ku senangna Karim téh. Malah,  dina hiji mangsa mah aya nu nanya, ”Hayang jadi naon euy ari manéh?” ceuk babaturan ulinna.  Atuh, pok wéh nu ditanya téh ngawalon. “Hayang asup ka surga ku cara senang!”

Jawaban Karim kitu téh,  kapangaruhan ku guru ngajina. Mama ajengan téh, biasa medar sual surga jeung naraka, sual ganjaran jeung siksaan. Pangajaran guru ngaji kitu téh, napel dina ingetanana.

Dina kahirupan sapopoé, Karim gé kabita ku Mama Ajengan. Gawéna  teu ripuh tapi hirupna téh senang pisan. Teu sing susah nyumponan pangabutuh sapopoé kawasna téh. “Tah, ti harita aya kahoyong janten guru,” pokna.

Nu kaimpleng ku inyana, jadi guru ngaji, lain guru sakola. Apan, tujuanana hayang jadi ajengan téa. “Mung, teu laksana janten ajengan geuning,” pokna teu weleh mésem.

Jadi guru, mémang laksana. Satamatna SMP, blus ka  Sekolah Pendidiak Guru (SPG) Subang. Sabada ti dinya, neruskeun kuliah ka IKIP (UPI) Bandung. 

Karepna nyiar élmu teu weléh ngagedur. Tamat SPG pilihanana téh IKIP  Bandung. Tolab élmu di Jurusan PMPKN FPIPS. Saterusna, tetep renggenek di éta kampus, kapeto jadi dosén di almamaterna.

Bari ngadosénan,  ngeureuyeuh kuliah. Luncat ka paguron luhur séjén, ka Universitas Padjadjaran (Unpad) Bandung. Di dieu, ieu carogé Tusti Setiawati, S.Pd., kuliah di Magister Ilmu Sosial (Bidang Kajian Utama Ilmu Komunikasi), lulus taun 1999. Najan riweuh ku pagawénana, sumanget nyiar élmu mah teu pareum. Ahirna, ngahontal gelar doktor (2006) satutas ngaréngsékeun  kuliah S-3  dina widang Komunikasi Politik PPS Unpad.

Nyiar pangabisana gé, lampar deuih. Di antarana,  miluan Training for Educator and Community Leader, Heartland International, USA, 2007. Ku lantaran kitu, kagiatan nu tumali jeung pancén gawéna gé beuki ngalegaan, jadi biasa ngalanglang ka jauh ngamancanagara.

Karesepna kana maca, kaipuk ti bubudak. Kituna téh  kajurung ku lingkunganana nu loba bacaeun, kaasup  koran jeung majalah. “Pun nini téh guru, seueur bacaeun di bumina,” pokna.

Rupa-rupa bacaanana téh, kaasup carita-carita heubeul. Prof. Karim Suryadi mah, apaleun kana lalakon-lalakon baheula, saperti Baruang Ka Nu Ngarora, Pangéran Kornél,  Mantri Jero, jeung sajabana. “Dina Mantri Jero aya gambaran jengléngan kapamingpinan Sunda,” ceuk ieu rama Nadhila Zulfa Khairani téh.

Dina éta buku karangan R. Memed Sastrahadiprawira téh,  aya gambaran paripolah nété tarajé nincak hambalan dina enggoning nyangking kalungguhan.  “Kedahna mah, mémang kitu, janten pamingpin téh, ulah teu puguh mimitina,” pokna. *** 

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: