• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Rusiah

Kénging Néng Lilis Nuraeni
Kintun kana Facebook
Mangle
Rusiah [Potrét/Ilustasi: Agus Mulyana]

Klep!” ati-ati panto kamar ku manéhna di tutup ti luar. Nyéh imut, maur. Rusuh muru panto hareup, bray muka! Asa-asa, manéhna ngarandeg. Panonna morélét neuteup rohangan nu cikénéh ditinggalkeun. Nyéh deui seuri meh teu nyoara, panto hareup ditutup halon pisan. Jrut, manéhna turun dibagéakeun sésa cai hujan nu ngeureuyeuh maseuhan taneuh. Ti kajauhan, kadéngé sora anjing leuweung babaung tilu kali ditémpas hiliwir angin peuting. Jep! Alam simpe deui.

Baluweng puguh gé, sirah karasa jangar. Geus aya kana lima poéna mikiran éta kajadian tapi weléh teu manggihan katerangan anu payus jeung haté. Panon mélétét sabeulah cirining utek keur muter. Awak ngahaja dilagedaykeun na korsi gawé bari leungeun sabeulah muter-muter pulpén, sabeulah deui nanggeuy sirah.

Tok-tok-tok! Kadéngé panto diketrok ti luar.

"Masuk!" cekeng téh bari teu ngarobah posisi diuk nu nyantéy. Kumaha mun nu keketrok di luar téh dunungan? Lah... paduli teuing, da teu sieun ieuh, ngan... segan wungkul!

Lol, sirah Sarja (batur sapagawéan) ngelol na lawang panto. Pangawakanana nu pendék leutik lunga-lengo. Gék diuk hareupeun pisan.

"Kunaon ilaing, Ulis? Siga nu baluweng kitu?"

Kuring ngarahuh, "Nyaéta Ja... kuring masih kapikiran kénéh kajadian lima poé katukang, asa..." Omong téh teu kebat.

"Menggeus lah, Ulis! Teu kudu dipikiran teuing, ka juet-juet.. pan kasus na gé ku Pa Lurah geus dipasrahkeun ka Polsék, keun wé sina bapak-bapak kapulisian nu ngusutna. Urang mah teu kudu loba pipilueun bisi goréng balukarna. Ngabantu mah urang saperluna wé," Sarja nyorocos hareupeun méja.

Kabiasaan si éta mah, ari ngomong téh sok pabuis jeung ciduh nu muncrat teu pararuguh. Kuring tibang ngelét bari angger neuteup lalangit.

"Bisi gering dekah ngomong kitu sotéh, nyaah ka ilaing! Kulawargana gé kapan geus ngaihlaskeun da lumuh ieu mah lain kajadian kriminal. Puguh niatna sorangan matak carana kitu ogé!" Sarja teu euleum-euleum nyarita bari was-wés-wos ngadahar kacang polong bawana sorangan.

Kuring mencrong ka Sarja, nu dipelong nyéréngéh bari angger runyah-reyoh, kumisna turun naék. Enyaan jorok si éta mah, cing geura kumis téh urus, teu dikerok gé atuh dirapihkeun-rapihkeun, asa teu mantes katempona gé, beungeut leutik, ari kumis... siga hileud nahun bangkotan! Ih, ari si Sarja mani euweuh kamonesan pisan. Kuring kukulutus na haté, da ari kudu kedal mah teu wani, sieun kasigeungeun.

"Ilaing yakin Ja... Ceu Munah tepi kawaktuna kitu téh ku alatan niat manéhna sorangan? Lain lantaran sabab nu séjén?!" Kuring nanya ka Sana nu keur gagayem.

"Nya heueuh atuh, Dekah yakin pisan! Pan cék pa pulisi gé kamungkinan gedéna, si Ceuceu téh bunuh diri cenah. Maenya ilaing teu yakin mah, kapan ilaing harita milu mariksa ka jero kamarna, lin?" Sarja malik nanya.

"Nyaéta nu jadi pikiran kuring téh, asa pamohalan Ceu Munah luas milampah kitu... asa..." témbal téh teu kebat, asa aya nu ngagokan na tikoro.

Kuring sadar, prasangka nu taya bukti komo deui saksi pamohaan bakal dipercaya ku batur. Komo ieu ngan sakadar feeling kuring wungkul, kuriak disangka owah. Jempé sajongjongan, kuring duaan patingharuleng.

"... Pan kanyahoan ku saléréa gé kumaha sapopoéna Ceu Munah di lembur, lian ti getol ibadah téh, ahlakna gé apan matak pikayungyuneun. Tara ngomongkeun batur, handap asor, hampang birit, jeung kacida sabarna sanajan geus mangtaun-taun teu dibayuan ku salakina gé... ah, asa cangcaya kuring mah," deui, kuring ngarahuh.

"Ah... ilaing mah, saléréa gé pasti hélok, ngarasa cangcaya, teu percaya... ari nggeus, kabuktianana kitu nya kudu dikumaha? Dina hasil visumna gé pan euweuh nu anéh nu matak pikacurigaeun boh nu katempo ti luar, boh nu aya dina jero awakna lian ti tapak jiretan tambang paragi pamoéan manéhna mah. Menggeus ah, tong ngomongkeun nu teu pararuguh. Situasi keur galaleumpeur kieu tong ditambah-tambah ku kacangcaya ilaing nu araranéh. Matak maruragan... éh... maruringkak bulu punduk!" Sarja ngabirigidig.

"Tapi Ja, kumaha mun Ceu Munah téh bener-bener aya nu ngabinasa?!"

"Ah, teu mungkin! Saha jalmana nu rék téga ngarogahala komo nepi ka luas ngarajapati jalma soléh modél si Ceuceu. Mun ku garong, pan katempo taya tapak-tapakna acan jeung deuih nya naon atuh anu rék diringkidna gé da puguh lain jelema aya manéhna téh...!" Sarja semu rampang-reumpeung.

“Tapi Ja..." Teu kebat da kaburu kapotong ku manéhna.

"Menggeus ah, ngupat nu teu pararuguh wéh... ilaing daék tanggungjawab maturan dewek di imah peuting hah....!" Ngomongna haroshos.

Teu antaparah kuring ngabarakatak. Utek keur uleng téh aya wé pikaseurieun ari aya si Sarja hareupeun mah. Duda balakacaprut, enya gé manéhna teu ngahaja ngabodor jeung teu niat banyol aya wé nu matak ngahibur kana haté téh, éta tuda beungeutna... bengeut Jojon!

"Manéh mah Ja… Ja, kumis wéh baplang, ari burih euweuhan. Cing cabak geura nu dihandap ayaan euweuh...?! Heu..heu..heu..." Ngeunah seuri puguh gé. Na ari si Sarja, liwat ti goreng ules téh, pondok bo'ol ongkoh. Sarja....Sarja! Nu diseungseurikeun bati manyun.

Isuk-isuk Kuring panggih jeung Teti, budak Almarhumah Ceu Munah, umurna karék jejeg salapan taun. Watir, budak leutik kénéh kitu, nu keur meumeujeuhna kapiindung, kudu jadi pahatu bari jeung teu ilahar ditinggalkeun ku indungna téh, deudeuh teuing! Tapi da kacida sonagarna Teti mah, cacakan budak awéwé jeung can manjing umur haténa teteg pisan.

Bener cek babasaan, “Teng manuk teng anak merak kukuncungan,” Teti mah, ngan beungeutna wungkul nu nambleg bapa teh.

"Teti badé kamana?" tanya téh basa pareng paliliwat, Teti imut. "Éh, Pa ulis... badé ka warung badé mésér roko piwarang bapa,"

"Oh...!" cekéng téh, unggut.

Kang Duloh, bapana Teti téh kakara balik opat poé ka tukang, dua poé ti tas dug na pamajikanana. Aya kana dua taun satengahna Kang Duloh ngumbara ka peuntas, cék béja manéhna téh kuli proyék di Palembang. Minangkana mah harita téh poé munggaran manéhna balik ka lembur ti saprak lunta ampir kana tilu taunna.

Kuring unggah ka tepas Bi Murti, lanceuk Kang Duloh nu imahna hareupeun imah manéhna. Da kasampak Manéhna keur niis di téras imah lanceukna. "Assalamualaikum.... Kang, kumaha damang? Hapunten ah, nembé tiasa nepangan, ma'lum seueur pisan padamelan..." Kuring ujuk salam. Beungeut Kang Duloh katémbong marahmay, song ngasongkeun leungeun ngajak sasalaman. Kuring imut, pédah ka sémah sugan, manéhna ngahaja neteg-netegkeun hate.

"Wa'alaikum salam.... Eh, gening Jang Ulis, nembé wangsul ti kalurahan? Ah, puguh kieu wé gening Jang Ulis... asa ngimpi akang téh, masih teu pereaya si Nyai luas milampah kitu..." Ngarénghap. Panonna neuteup ka jauhna, teuteup kosong nu jauh panineungan. "Paingan geus aya kana dua mingguna Akang téh teu garenah haté, teu ngeunah dahar, panya téh moal manggih kareuwas kaya kieu..." Omong Kang Duloh dareuda, panonna carinakdak.

"Cing sabar wé nya Kang! Panginten tos kedah kitu jalana. Jodo, pati, bagja jeung
cilaka téh éstuning rusiah gusti nu maha suci anu ku urang ogé pasti bakal karandapan, ngan duka iraha sareng kumaha jalana, anging Allah nu uninga. Anggur mah urang du'akeun mugi-mugi Almarhumah sing ditampi iman islamna, dicaangkeun di alam kuburna… atuh urang anu dikantunkeunana sing dipaparin kakiatan sareng kaiklasan…”

"Puguh akang téh asa disamber heulang, Jang Ulis! Rumasa akang téh tambélar kanu jadi anak pamajikan, dua taun satengah teu mulang komo deui méré biaya hirup, lain maksud akang ngantep maranéhna, maksud akang téh nyaéta améh hasil usaha akang salila éta téh karasa gedéna ari sakalian mulang mah dibikeuna, na ari ieu kalahka...." Walonna teu anggeus.

"Is... ulah kitu Kang, saha nu terang atuh kana kajantenan anu baris karandapan? Tangtos abdi gé ngartos kana katunggara Akang, cing sabar wé nya, Kang..." Kuring ngupahan, Kang Duloh unggeuk. Nyéh manéhna seuri, maur.

Jep jemping, taya nu nyoara.

"Numawi Kang, abdi kadieu téh sakantenan aya peryogi, katitipan amanah ti Pa Lurah tembusan ti Kapolsék, perkawis kasus Almarhumah téa... dupi saurna kasusna teh parantos ditutup, kasimpulana si Ceuceu téh leres bunuh diri. Ieu seratna, mangga manawi badé diaos ku Akang, hapunten abdi parantos kumawantun togmol, mugi Akang sing ikhlas..." Walon kuring alon. Ku karasa cawérangna omongan téh da puguh teu panuju jeung gerentes haté nu masih kénéh norowéco, cangcaya!

***

Peuting kacida keueungna, hujan ngaririncik ti sareupna kénéh, geus aya kana tilu jamna teu eureun-eureun maseuhan taneuh. Tok-tok-tok! Panto hareup aya nu ngetrok. Kuniang manéhna hudang. Gigisik, panonna kuram-kireum nyidik-nyidik jam nu napel na témbok luhureun lawang kamar. Tabuh salapan leuwih sapuluh. Wayah kieu saha nu nyémah? Moal si Akang balik kitu? Galécok haténa. Léngkahna sosoloyongan, lulungu. Tuluy nyetrékeun konci, bray panto muka. Bener ti sangkaan, salakina geus ngabedega hareupeun panto. Panonna mencrong ka pamajikanana nu keur gigisik.

"Akang...?! Huhujanan, tabuh sabaraha tidituna..?" Pamajikanana nanya bangun nu

reuwas. Ngok nyium leungeun Salakina, nu ditanya teu némbalan, sup manéhna ka jero imah dituturkeun ku pamajikanana.

“Tunduh mah jung wé geura peureum deui, Akang rék mandi heula, awak asa cararepel kieu, isuk deui wé ngobrol mah, méh salse.." Salakina ngaharéwos. Ngahaja, sieun anakna nu saré di kamar hareup hudang. Satengah nundutan Pamajikanana ngamar deui, teu kungsi lila reup deui tibra. Geus kabiasaan tileuleutik manéhna mah mun geus napel na bantal téh sok tuluy dugsek.

Salakina ngajega na lawang panto kamar, nyidik-nyidik nu keur ngagebra. Seukeut neuteup beungeut wanoja nu geus sawelas taun hirup laki-rabi jeung manéhna. Ngan nu jadi anéh lamun Pamajikanana nempo kana sorot panonna harita anu teu kawas sasari, sorot nu kawas kakara harita manéhna ningali awéwé nu geus jadi pamajikanana. Nyéh manéhna seuri, maur.

Manéhna ngaléngkah nyampeurkeun nu keur tibra saré, panonna teu ingkah ti beungeut

pamajikanana. Leungeunna ngodok saku calana, bréh katempo nu tina saku calana téh tuluy dipaké ku manéhna, sarung leungeun! Gap manéhna ngarampa bantal gigireun sirah

Pamajikanana, tuluy dicekel pageuh. Leungeunna semu tipepereket. Pel bantal nu keur dicekel teh diteundeutkeun sataker kebek kanu keur ngaguher. Tanaga lalaki nu keur kasétanan kacida bedasna. Galapak-galapak leungeun nu di handap roroésan néangan pamuntang. Tapi nu ditéangan lebeng teu kapanggih da sidik euweuh pamuntangan. Aya kana dua menitna nu di handap ojah, beuki lila beuki laun... les nepi ka cicingna.

Sanggeus yakin pamajikanana teu ojah deui, manéhna kaluar, teu kungsi lila jol deui mawa tambang nu disampaykeun na taktak. Gebrug, lalangit di totoskeun ku tungtung sapu uyun, teu kungsi sapuluh menit, layonpPamajikanana geus ngagantung na luhur kamar. Korsi plastik nu nampeu gigireun dipan dikoér ku manéhna ku tungtung sapu tuluy digolérkeun handapeun layon.

Panonna carinakdak neuteup layon nu geus kari cangkang. Ngan teu kungsi lila nyéh, seuri bangun nu sugema pisan.

"Sing bébas Nyai... ngahaja Nyai ku Akang dibéré jalan. Améh nyai teu nyeuri haté ku Akang disalingkuhan. Sing bébas, améh Akang ogé ngarasa bebas...!" Nyéh deui seuri.

“Klep!” panto kamar ku manéhna ditutup ti luar. Jung indit, reg ngarandeg, nyéh deui
seuri. Anjing leuweung babaug tikajauhan, mapag léngkah nu rurusuhan. Iwal ti simpéna peuting jeung dalingding angin ogé girimis ipis nu nyakséni peuting éta aya rajapati!***

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: