• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Dina Lahunan Enin

Kénging Holisoh ME
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1361525414.jpg [Potrét/Ilustasi: Agus M]

Geus saminggu Apa diopnameu di rumah sakit. Cenah ceuk Bi Yuyun adi Apa mah, panyakit kangker ati. Kuring teu ngarti, panyakit naon atuh nu kitu téh? Da sakanyaho kuring mah panyakit téh salésma, kalingsir, busung, koléra, jangar jeung rieut. Ari kangker panyakit naon atuh? Weléh teu kapikiran. Jeung anéhna téh deuih, kuring teu meunang nempo Apa. Padahal haté mah geus sono naker ka Apa téh.

Ngarumas ditinggalkeun ku Apa téh, sabab kuring hirup duaan jeung Apa. Galatak-gulutuk duaan. Apa nu ngurus dahareun kuring, pakéan, mandi, jajan, kabéh ku Apa. Da cenah indung kuring mah, maot basa kuring umur genep bulan, keur orok kénéh. Kuring teu nyaho siga kumaha beungeut indung kuring? Ngan cenah ceuk Apa, kuring téh sabeungeut jeung indung. Aya éta gé potrét indung ukuran poskar, nyelap dina bilik, teu dipiguraan-piguraan acan. Ku kuring remen ditelek-telek, da ceuk sasaha cenah jiga kuring. Ceuk Apa, ceuk Enin, ceuk Engki, ceuk Bi Yuyun, ogé ceuk tatangga. Tapi tetep kuring tacan bisa nyiptakeun sasampurna beungeut indung nu aslina. Sugan we engke geus sakola ka esde mah kuring mampuh nyiptakeun beungeut indung sarua jeung aslina. Ayeuna mah can kuateun meureun uteuk kuring nyiptakeunana.

Kasono ka Apa, can tangtu bisa kacacapkeun, sabab unggal aya nu deuk besuk ka rumah sakit, kuring hayang milu, tara meunang. Kajeun nepi ka kuring ceurik aleuk-aleukan gé tara dilalieuk. Padahal kuring gé moal utah mun naék mobil téh. Moal nyusahkeun, da moal hayang diaakeup. Kuring geus pinter najan tacan sakola. Tapi kunaon atuh mani arembung mawa? Engki gé embung mawa, padahal Engki téh nyaah pisan ka kuring da incu awéwé hiji-hijina. Pan incu ti Bi Yuyun mah duanana gé lalaki.

Mani nyeri haté, ieu itu arembung nepungkeun kuring jeung Apa. Na teu nyarahoeun maranéhna téh, yén kuring kacida sonona ka Apa. Hayang geura nangkeup Apa. Ngagaléntoran Apa. Hayang ngusapan Apa. Hayang nanyakeun, naon anu nyeri. Da najan unggal poé pagaliwota gé, Apa mah tara némbongkeun kanyeri, tara nyirikeun yén aya nu karasa. Apa mah hébat! Boga panyakit gé taya nu nyahoeun. Ngan basa saminggu katukang, Apa teu inget-inget kapaéhan. Untung keur aya Enin di imah teh, da Enin nganteuran godogan daun sirsak keur Apa. Cenah mah Apa ménta dikirim, talatah ka Mang Karna.

Apa digotong ka Puskesmas. Kuring gé milu, ngiciprit nuturkeun nu ngagotong Apa najan diulah-ulah gé. Nuturkeun téh bari ceurik sajajalan. Sakitu diupah-apéh gé ku Enin ku Engki, ku Bi Yuyun, teu daék répéh. Daék sotéh répéh, geus capé ceurik karék eureun.

Kuring diakeup ku Amang salaki bi Yuyun.

Ti Puskesmas, Apa teu balik deui ka imah, da langsung dibawa ka rumah sakit, di kota. Kuring, Enin jeung Engki baralik ka lembur. Bi Yuyun, Amang jeung lanceuk Apa, naraék ambulan ngalanteurkeun ka Rumahsakit. Malah dibarengan ku duaan pagawé Puskesmas. Kuring gé hayang milu kana ambulan nganteurkeun Apa, tapi teu meunang. Tungtungna mah balik wé, diakeup ku Engki. Tapi da tetep haté mah sedih, karunya ka Apa. Inget waé.

Tacan kungsi kuring mah pisah jeung Apa. Ari lain beurang mah, Apa usaha, kuring ulin di imah Enin. Ké Apa balik ti sawah, kuring disampeur. Ari ayeuna Apa geus saminggu euweuh.

Leuheung euweuhna mun keur nyaba, da ieu mah gering di rumah sakit. Kuring teu bisa males kanyaah Apa. Hayang némbongkeun kanyaah ka nu jadi bapa. Tapi tetep teu bisa.

Ngan kuring kungsi dibawa ka balédésa, nyieun kartu sehat keur jalma leutik. Cenah  méh teu kudu maké waragad ka rumahsakitna. Da panyakit Apa téh kacida beuratna. Ayeuna geus lima belas poé Apa di rumah sakit. Hartina geus lima belas poé kuring teu panggih jeung Apa. Kasono geus marudah. Mani geus hayang sagok-gokeun nempo waruga Apa. Kacipta meureun kuruna awak Apa. Cacak keur cageur gé Apa mah awakna kuru. Komo ayeuna meureun gering minggu minggu.

Kuring sok ceurik mun inget ka Apa. Hayang nepungan ka rumah sakit bari tong bébéja ka Enin atawa ka Engki. Tapi teu wani di jalanna, jeung teu nyaho naék beus naon naék angkot naon, da ceuk Bi Yuyun gé mun rék ka rumahsakit téh, gunta-ganti mobilna gé tilu kali. Kumaha mun kuring sasab? Kumaha mun kuring aya nu nyulik? Pan ceuk Enin gé di kota mah loba jelema nyulikan budak. Deuk dijual atawa dititah baramaén. Iyy, amit-amit kudu dijadikeun tukang baramaén, di lembur gé loba kénéh pacabakan, teu susah dahar, asal daék nyengkatkeun tuur.

Lamun Enin, Engki Amang, Bi Yuyun atawa tatangga entas baresuk ti Apa, kuring sok alewoh nanyakeun. Kabéh jawabanana, nyugemakeun. Apa geus maju ka cageur!

Apa geus rada jagjag!

Mimitina mah percaya. Tapi kadieunakeun kuring mikir, lamun enya Apa maju ka cageur, naha atuh lain dibawa balik ka lembur, ambéh kuring bisa ngurus. Bisa mangnyieunkeun bubur, ngahuapan, jeung manggodogkeun daun sirsak unggal isuk.

Dina minggu kaopat, kuring rebun kénéh geus diguyah-guyah ku Enin, rék diajak ka rumah sakit cenah, nempo Apa. Rada curinghak, pan biasana gé tara meunang ka rumah sakit teh pédah umur karek opat taun.Mana aneh,bet diajak ku Enin.

“Nyaan,Enin?” tanya téh rada teu percaya. Bari panon mencrong ka Enin.

“Enya. Maenya Enin ngabohong! Lin Enok téh hayang panggih jeung Apa?” Enin kalah malik nanya. Kuring teu némbal, ukur manggut.

“Sok atuh geuwat geura mandi! Bisi beurang teuing heug jauh! Kadé ulah utah deuih dina beus nya! Era ku batur.” ceuk Enin daria.

“Moal utah, Enin! Rék ménta antimo we ka Bi Yuyun.” Tembal teh bari ngaléos, rék mandi. Gejebur, mandi oray. Bisi ditinggalkeun ku nu rék baresuk, da ngaleut aya limaan. Amang mah nungguan di rumah sakit ti mangkukna, da bagilir. Aya lanceuk Apa nu cikal nu nungguan téh. Tara towong unggal poé gé.

Geus ngaleguk antimo nu dibubukeun dina sendok, karek sarerea arindit. Laleumpang nalikreuh ka jalan gedé. Di pos hansip saréréa areureun, ngadagoan beus. Sok lila da puguh langka ngaliwat kalebah dieu.

Geus aya  satengahna jamna karek aya beus, kitu ge mani geus padedet, loba nu nangtung.

Reg beus eureun, teu dipegat gé. Engki ngalieuk ka saréréa.

“Wayahna wé lah narangtung gé, batan kudu ngadagoan beus nu sejen lila deui!” ceuk Engki bari rada kerung. Da saenyana mah meureun Engki gé horéam naék beus pinuh mah, jaba mawa kuring budak leutik.

Cut cat saréréa arunggah kana beus. Kuring jeung Enin aya nu méré bangku, budak lalaki ngora kénéh. Mani sopan nitah diuk ka Enin. Kuring dilahun ku Enin.

Di jero beus mani giung ku kesang jelema. Kawasna mun teu ngadahar heula antimo mah, ti barang cat unggah ge geus utah. Utah ku bau kesang lain utah ku bau bengsin.

Mani asa jauuuuuh teh. Padahal geus deukeut ka kota mah loba téténjoeun sajajalan. Gedong gedong alalagreng. Jelema pabaliut, gararinding. Patalimarga matak lieur nu nénjo. Da puguh jalan téh asa mararaju. Ah, lieur! Untung hirup di lembur.

Bener wé geus tlu kali ganti mobil, karék nepi ka rumah sakit. Gedé rumahsakit téh. Puluhan mobil jeung ratusan motor ngajajar di buruan rumah sakit. Nu deuk baresuk meureun. Rombongan kuring mah, sabada tarurun tina angkot téh langsung ngabring laleumpang , pairing-iring. Panon rarat-rérét sapaparat jalan. Langka ning budak pantaran kuring mah. Enya meureun budak mah teu meunang ka rumah sakit, bisi katépaan panyakit. Teu bohong Bi Yuyun téh. Ngan naha atuh ayeuna kuring bet diajakan?

Di nu aya panto beusi, saréréa dipegat. Dipariksa. Meureun acan waktuna besuk geus maksa harayang asup. Tapi Engki gancang ka hareup, haharéwosan ka Satpam nu ngajaga, rada lila ngobrolna. Geus kitu ret Satpam téh nempo beungeut kuring. Asa sieun ditempo ku nu maké seragam téh. Sieun da boga dosa, teu meunang asup ka rohangan nu gering, ieu maksa. Kuring tungkul. Tapi gancang kuring ditungtun ku Enin, dibawa asup ngaliwatan  panto beusi.

Saréréa naraék kana tangga. Geus ngaliwatan dua tangga, karek maréngkol ka     jalan heureut nu kenca katuhu, pantona make nomer. Di dieu meureun Apa téh diopnameuna.

Bi Yuyun ngarandeg lebah kamar nomer 231. Lalaunan pantona dibuka. Panon rancingeus néangan Apa. Da aya dalapan urangna ning di kamar 231 teh. Tapi mana atuh Apa téh? Nu itu kitu nu ngagolér na ranjang nupangjuruna? Enya siga Apa. Tapi naha bet siga rorongkong hirup? Ukur panon wé culak-cileuk. Tarang kerung.

Bi Yuyun ngenyang leungeun ngajak ngadeukeutan ranjang nu pangjuruna.

Enya! Enya Apa! Tuh tuh geuning seurina kitu! Kuring apal. Naha atuh awakna bet kawas rorongkong? Enya ge awak Apa kuru, tapi da teu kitu kitu teuing.

Kuring geuwat muru ranjang Apa. Hayang nangkeup Apa téh hésé, da selang laleutik ranteng tina leungeun jeung irung Apa nyambung kana mesin. Kuring ceurik. Karasa leungeun Apa nu pinuh ku selang teh ngusapan sirah.

“Apa! Ayeuna uih nya, Pa! Urang laanan selangna nya? Nyeri tateh Apa?” ceuk kuring bari nginghak. Apa nyerengeh seuri. Tapi katempo ku kuring aya cai nyakclakan tina juru juru panon Apa. Ning Apa ge sedih. Rét ka Enin ka Engki ka Bi Yuyun, sarua ning jaruuh cimata.

“Tah Ujang si Enok aya. Tah geuning ngajakan mulang ka lembur.” ceuk Enin bari ngusapan suku Apa. Panon Apa neuteup beungeut kuring mani anteb.

“Enok  sing betah nya di Enin! Kudu nurut ka Enin. Kadé kudu sakola nya! Sakola Agama deuih.” Sora Apa pegat pegat, jeung kawas nu nahan kanyeri, da paromana béda. Hayang kuring nangkeup Apa. Hayang kuring mencetan Apa. Tapi moal bisa da mun diragap  sukuna ge kawas nu nyeri, mani nyengir.   

“Naon atuh Apa nu karasa?” ceuk kuring bari nginghak. Apa teu nembal ukur gideug. Leungeun digeuweungkeun ku Bi Yuyun. Nyarek sangkan kuring entong tatanya sual panyakit. Enin ge rada molotot. Tapi Apa geuwat nyekel ramo kuring. Laun pisan, kawas teu boga tanaga, taya tangan pangawasa.

“Enok kudu sabar nya! Panyakit Apa gé engke cageur.” Ceuk Apa lalaunan. Malah méh-méhan teu kadéngé. Batan nembal mah kuring kalah ceurik ngagukguk. Teuing haté téh asa jarauh panineungan, sieun kaleungitan Apa. Sieun Apa maot. Kumaha mun kuring ditinggalkeun ku Apa? Geus puguh ku indung mah teu pisan ngasaan kanyaahna. Boro-boro kanyaahna, dalah rupa indung gé apan teu apal. Lamun tea mah ayeuna kudu ditinggalkeun maot ku Apa, sampurna pisan katunggara teh.

Basa rek balik,kuring  nyekelan leungeun Apa nu teu dipasangan jarum.Apa neuteup mani anteb. Tapi angger tina jurupanonna aya cai nu ngagenclang herang turun mapay pipina.Ku dampal leungeun kuring diusap.

“Apa, enggal uih nya ! Enok teu aya batur! Keueung teu aya Apa teh?” ceuk kuring bari ditompokeun kana ceulina. Apa teu nembal. Tapi katembong cipanonna beuki juuh. Nepi ka marulangna, taya sakecap ge Apa nyarita. Keun bae ah karunya! Da geuning mun nyarita teh kawas aya nu nyeri dina dadana. Ngan mulang teh Bi Yoyoh mah teu milu deui, da ngaplus Amang nungguan Apa. Da mun seug meunang mah, kuring ge daek nungguan Apa di rumah sakit. Ngan apan kuring mah dianggapna teh budak leutik nu teu walakaya.

Dina poe Jumaah, dalapan minggu saentasna Apa dirawat, ka pakarangan imah aya ambulan asup. Sirineuna ti jauhna ge geus kareungeu. Sugan teh lain deuk ka imah Enin.

Paingan  ti  Subuh keneh tatangga jeung baraya baraya  Apa baleberes di imah Enin.Ditengan imah diamparan samak sakurilingna.Nu ngala  gedebog cau  tatadi ge geus datang, diperenahkeun di pipir imah deukeut sumur. Malah aya bapa Si Pikri tukang ngaweredonan, geus campego ti rebun keneh.

Hayang kuring nanyakeun ka Enin, ka Engki,ka sarerea baraya baraya Apa atawa baraya baraya ti indung, tapi teu wani, sabab kabeh paromana bangun keur sararedih. Ngan basa tina mobil aya layon nu geus dibungkus bodas, digotong diasupkeun ka imah, karek hate ngadegdeg, geumpeur, sieun, jeung teuing rasa nanahaon deui nu pagaliwota na hate. Enin ngoceak, tarik naker. Katangka dicarekelan ku dulur dulur indung kuring.

“Uwa, eta teh Apa?” ceuk kuring bari dareuda.

“Enya, Nok! Sing soleh nya ditinggalkeun ku Apa.” asa hawar hawar ngadenge sora Uwa teh. Karasa awak asa aya nu mangku. Padahal kuring keur ngabayangkeun, kumaha hirup pada ninggalkeun ku indung jeung ku bapa. Kuring direndengkeun jeung Enin nu keur nyarande kana panto. Panonna juuh ku cimata. Karasa sirah disangkeh, diteueulkeun kana dada Enin. Hareupeun layon bapa nu digolerkeun nyangirah ngaler. Boeh lebah beungeut Apa dibuka. Kuring ngojengkang, ngagalentoran beungeut Apa bari ceurik jejeritan. Kuring pada ngarejengan bari dijauhkeun tina beungeut Apa nu kawas rorongkong. Geus taya dagingan kawasna awak Apa teh. Jahat panyakit kangker mah. Jahat. Kuring ditangkeup deui ku Enin bari diceungceurikan.

            “Enin, Apa teh rek di ka makamkeun deui kawas Amah Enok ? Atuh Enok  teh jeung saha, Nin? Amah euweuh, Apa euweuh!” ceuk kuring bari hiung deui ceurik, nyuuh kana lahunan Enin. Kuring pada ngupah ngapeh ku sarerea. Tapi batan repeh mah kalah leuwih tarik. Asa nyeri hate ditinggalkeun ku Apa teh ! jaba moal bisa panggih deui.

Moal bisa riung mungpulung deui.moal bisa menta jajan.Moal bisa menta dihuapan. Jeung saha atuh ayeuna kuring hirup ? Indung euweuh,bapa euweuh. Kuring nyegruk na lahunan Enin.Nini kuring nu umurna ge geus kolot. Nu buukna geus cetuk huis.Komo Engki mah, geus ropoh pisan. Gusti, abdi nunggelis teu indung teu bapa.Teuing sabaraha jam kuring nyuksruk na lahunan Enin, da cengkat cengkat teh layon Apa nu tadi ngagoler di tengah imah, geus euweuh. Cenah mah geus dibawa ka pamakaman umum. Kuring ukur bisa ngarenghap panjang. Gubrag deui, sirah nyuuh na lahunan Enin. Da rarasaan teh dunya asa kacida poekna. Poek mongkleng teu tembong curuk curuk acan.***

Sukasari tungtung Desember 2012

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (8)

Itang suratman

Sae pisan tulisan...tiasa ngagugah rasa, sok sanaos carita pondok..tapi rasa sedih tetep, ngemutan diri..pun anak..pun bojo..

Itang suratman

Sae pisan tulisan...tiasa ngagugah rasa, sok sanaos carita pondok..tapi rasa sedih tetep, ngemutan diri..pun anak..pun bojo..

Itang suratman

Sae pisan tulisan...tiasa ngagugah rasa, sok sanaos carita pondok..tapi rasa sedih tetep, ngemutan diri..pun anak..pun bojo..

Itang suratman

Sae pisan tulisan...tiasa ngagugah rasa, sok sanaos carita pondok..tapi rasa sedih tetep, ngemutan diri..pun anak..pun bojo..

Itang suratman

Sae pisan tulisan...tiasa ngagugah rasa, sok sanaos carita pondok..tapi rasa sedih tetep, ngemutan diri..pun anak..pun bojo..

Lilis

Karaos ku diri tos teu aya indung bapak,komo aki nini....ci soca teu tiasa di bendung....

AaEd

Duh... teu karasa cimata nyalangkrung dina juru panon. Sedih ati, asa mangnyerikeun hate. Kacipta budak leutik kudu ngalaman tunggara. Hirup pahatu lalis teu indung teu bapa. Enya oge diriung-riung ku baraya, da angger beda kanyaahna. Duh Gusti nu ngusik malikkeun abdi sadaya, mugia pun anak cacap mendak kanyaah ti abdi sareng pun bojo nu jadi kolotna. Mugia abdi tiasa ngaping ngajaring hirup huripna ti mangsa budak dugi ka engke jaga mangkat dewasa.

shep

Duh carita teh mani matak ngahelas kana hate, sanajan kuring lalaki tapi ... aya rasa sedih.

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: