• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Drs. Nunung Sobari, MM;

Molés “Gurilaps” Jawa Barat

Kénging Rumpaka
Kintun kana Facebook
Mangle
Kadis Parbud Jawa Barat, Drs. Nunung Sobari, MM. [Potrét/Ilustasi: Ensa]

Poténsi wisata jeung budaya Jawa Barat, kari miara jeung mekarkeunana. Da, puguh sagala rupana nyampak. Karep miara jeung mekarkeun poténsi kawas kitu, jadi karep jeung garapan gawé  Dinas Pariwisata dan Kebudayaan (Disparbud) Jawa Barat.

Keuna kana paribasa, mun ngarah supana, kudu daék miara catangna. Kitu deui tumali jeung pariwisata, ogé budaya. “Kantun miara kalayan daria ogé mekarkeunana sangkan kaalap mangpaatna,” ceuk Drs. Nunung Sobari, MM., Kepala Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Propinsi Jawa Barat basa ngawangkong di bumi pamatuhanana di Bale Endah, Kabupaten Bandung.

Tumali jeung poténsi wisata, memang kacida lobana. Lian ti tempat-tempat wisata alam, ogé budaya. Nu dua rupa bieu, katelahna téh ‘gurilaps’, wancahan tina gunung, rimba, laut nu sacara umum kaasup wisata air (cai), pantai (basisir) jeung seni budaya). “Kantun molésna sangkan langkung pikabitaeun,” pokna.

Tumali jeung pariwisata, nu jadi panalinga pihak Disparbud Jawa Barat, neueul kana sapta pesona, aman, tartib, beresih, sejuk,indah, ramah, jeung kenangan. Eta téh, tujuh rupa bagian pariwisata nu teu weleh jadi garapan gawé pihak-pihak nu tumali jeung dunya pariwisata.

Keur mekarkeun pariwisata, ayeuna mah, aya badan promosi. Kitu téh, ceuk Drs. Nunung Sobari,  wujud gedéna kasadaran sababaraha pihak kana pentingna ngawanohkeun poténsi wisata ka jauhna, kaasup ka mancanagara. Nu ilu-biung dina éta badan, pihak-pihak nu raket tumalina jeung wisata, saperti PHRI, Asita, komunitas nu mitineung dunya pariwisata, jeung masarakat. Promosina, lain ukur di urang, tapi ogé di mancanagara, kaasup muka kantor di Singapura.

Lian ti kitu, upaya Disparbud Jawa Barat ogé, teu weléh babarengan jeung pihak séjén geusan ngaronjatkeun ajén obyek wisata. “Tempat-tempat wisata ayana téh di daerah di kabupatén kota di Jawa Barat. Hartosna,  upaya ngaronjatkeun ajén masing-masing tujuan wisata gé kedah sasarengan sareng daérah,” pokna.

Wisata daérah, beuki dieu beuki mekar. Mingkin loba nu sohor ka mancanagara. Contona,  surfing nu ka tukang-tukang mah Bali nu sohor teh, ayeuna mah di Jawa Barat gé teu kurang-kurang hadéna, saperti di Cimaja, Sukabumi.

Ngokolakeun pariwisata jeung budaya, lumangsung di sababaraha tempat. Aya  Taman Budaya Jawa Barat, Dago Kota Bandung, Museum Jawa Barat, Anjungan Jawa Barat Taman Mini Indonesia Indah (AJB TMII) Jakarta, jeung sajabana.  Tumali jeung révitalisasi budaya, biasana lumangsung di Taman Budaya. Di dieu, ceuk Kadis Parbud, utamana mah, geusan ngalanggengkeun seni (budaya) nu aya téa. Carana ngaliwatan pawarisan boh  sacara vertikal, boh  horizontal. Sacara vertikal, pawarisan téh lumangsung ti kolot ka turunanana, sacara horizontal mah, ka masarakat saentraganana.

 

Butuh Pangrojong

Ngobrolkeun pariwisata jeung budaya, Kadis mah, pasehat naker. Kitu téa mah, da di dinya icikibungna. Tatapakan atikan Pa Kadis Parbud Jabar ogé  widang seni, da lulusan sakola seni. Atuh, pancen saterusna, nyambung naker. Méméh jadi kadis,  kungsi jadi kepala Taman Budaya, ogé jadi kepala AJB TMII. Pancenna, teu weléh raket jeung dunya seni ogé pariwisata.

Upaya ngawanohkeun pariwisata jeung budaya ka pihak luar, lumangsung di AJB. Eta tempat mah, lir jandéla  Jawa Barat. Nu ti luar bisa nempo poténsi wisata jeung kabeungharan budaya tatar Jawa Barat. Kagiatan budaya ogé pikeun ngébréhkeun kapunjulan-kapunjulan budaya Jawa Barat boh ka dulur di Nusantara boh ka deungeun-dengeun urang mancanagara.

Tumali jeung potensi budaya, ceuk Kadis Parbud Jabar, memang kacida lobana.  Situs oge leuwih ti sarebu nu sumebar di Jawa Barat. Kitu deui bangunan-bangauan nu ngabogaan ajen sajarah, moal kurang ti 900 wawangunan.

Kabeungharan Jawa Barat dina widang budaya, memang lain ukur kagambar tina barang-barangna wungkul, tapi deuih paripolah nu kasaksen di kieuna. Adat atawa kabiasaan, ogé tata cara kahirupan masarakat  Jawa Barat, mémang rupa-rupa naker. Di antarana nu kawas kitu téh, kagambar kénéh dina kahirupan masarakat kampung adat saperti Kampung Naga (Tasik), Dukuh (Garut), Ciptagelar (Sukabumi), jeung sajabana.

Kitu deui nu tumali jeung katuangan (kuliner) kacida lobana. Eta ogé hasil karancagéan masarakat Jawa Barat nu samistina terus langgeng jeung mekar.

Kumaha ari sual karajinan rayat? Nu kawas kitu gé loba naker. Nyampak di saban tempat, kalayan mun dijumlahkeun mah, moal kurang ti saratus rupa ngawengku anyaman, batik, gagarabah (dijieun tina taneuh liket), jeung sajabana.

Nyaritakeun budaya, rangeumanana gé lega naker. Lian ti nu ébréh bentuk atawa wangunanan (tangible) ogé intangible, saperti upacara adat tradisional, basa, kasenian, jeung sajabana. Nu disebut mimiti gé, kacida lobana, saban lembur boga adat jeung kabiasaan masing-masing. Buktina, upacara adat tradisional gé  aya kana 34 rupana. Malah, kasenian tradisional mah, moal kurang ti 370 rupa!

Poténsi nu  rupa-rupa kawas kitu, ceuk Kadis mah, mangrupa kabeungharan nu bisa jadi cukang lantaran karaharjaan masarakat.

Tumali jeung basa, ceuk Kadis Parbud perelu upaya miara jeung mekarkeun basa daerah di masarakat panyaturna. Jawa Barat nu ngabogaan tilu basa (Sunda, Cirebon, jeung Malayu Batawi),  jadi gambaran kabeungharan urang Jawa Barat ditilik tina basana.

Pentingna basa Indung, memang lain wungkul keur alat komunikasi, tapi deuih ebrehna rasa di antara panyaturna. Ku lantaran kitu, teu sing anéh upama Uneco gé kacida gedé katineungna kana basa indung téh.

Tarekah mekarkeun basa indung, Parbud gé kacida ngarojongna kana kongres basa jeung sastra daerah, ngarojong kagiatan-kagiatan basa/sastra daerah nu dilakasnakeun ku masarakat.  “Sagala rupi nu janten pancen Disparbud Jawa Barat, satekah polah dilaksanakeun luyu sareng aturan anu nyampak,” ceuk Nunung Sobari.

Ihtiar Pamarentah Propinsi Jawa Barat dina ngamumule jeung mekarkeun budaya, saperti basa, sastra, jeung aksara daerah, napak kana Perda No. 5 taun 2003. Ngalanggengkeun jeung mekarkeun, hartina, sangkan nu aya tetep ayana tur mekar luyu jeung kabutuh jamanna.

Mekarkeun pariwisata jeung budaya, butuh kanyaah tur pangrojong balarea. Ti mimiti ‘regulasi’, prak-prakanana, ogé wujudna di lapangan. Panalinga ti balaréa, ceuk ieu kadis kacida pereluna. “Alhamdulillah, perhatosan anggota DPRD Jawa Barat utamina komisi E sareng B kacida saéna,” pokna.

Nu teu éléh pentingna, cenah, memang perhatian masarakat. Nu tumali jeung pariwisata, apan nu baris ngararasakeun mangpaatna téh, pihak-pihak nu dumuk sabudeureun éta tempat. Hartina, upama ngarasa tujuan wisata geusan jadi salah sahiji pangrojong karaharjaan, masarakat gé kudu ilubiung miara jeung mekarkeunana.

Tumali jeung kagiatan budaya, taun 2013 Parbud ngayakeun rupa-rupa kagiatan. Di antarana, ngayakeun 12 festival nu lumangsung di sababaraha tempat.

 

Minijmen Seni

Ilaharna seni, boga daya pangirut. Saterusna, éta potensi téh kudu tetep hirup jeung huripna. Hartina, mekar luyu jeung kabutuh jamanna. Bisana kitu, memang, butuh tarekah jinek dina mekarkeun seni téa. Tumali jeung tarekah miara seni, Dinas Pariwisata dan Kebudayaan gé biasa ngayakeun workshop, seminar, latihan, jeung sajabana. “Ditambih sareng mininjmen senina,” ceuk ieu lulusan Magister Minijmen téh.

Dina minijmen aya opat hal nu baris nangtukeun, nu ngokolakeunana,  sumber daya alamna, waragadna, jeung cara  ngokolakeunanna. Nu ditataan bieu, jadi panalinga daria ti pihak Disparbud Jawa Barat. Lantaran pancen éta dinas gé  milu miara jeung mekarkeun dunya pariwisata jeung budaya masarakatna.

Kadisparbud nyontokeun, kasenian bisa tuwuh kalayan hade, upama antara masarakat jeung palaku seni silih pikabutuh, ogé ayana pihak-pihak nu milu ngarojong kana mekarna éta seni. Kasadaran seniman geusan terus-terusna mekarkeun kaparigelanana, jadi cukang lantaran éta seni dipiwanoh balaréa. Upama seni geus dipikawanoh jeung dipikaresep, di mana waé éta seni minton bakal jadi pangjugjugan. Kitu deui masarakat, mémang butuh kasadaran kana pentingna budaya (seni) nu jadi bandana. Kudu ngarasa reueus aya bagian masarakat séjénna nu masih kénéh miara éta seni. Hartina, di masarakat gé kudu tuwuh pipikiran jeung sawangan-sawangan positip kana seni nu dikokolakeun ku masarakat séjénna.

Tumali jeung pancén pamaréntah, ceuk Kadis, memang kudu jadi pasilitator mekarna poténsi budaya nu nyampak. Carana, milu ngarojong jeung nyinglar bangbaluh nu jadi halangan harungan mekarna budaya kalayan hade.  “Intina mah, masing-masing pihak tuhu kana pancénna geusan kamajuan balaréa,” pokna.

Dina widang seni, Kadis Parbud mah, lain ukur ‘biasa ngurus’ tapi ogé palaku seni. Kalangenanana kana seni Sunda, terus natrat nepi ka kiwari. Matak, teu sing anéh, upama bumi panganjrekanana gé kaseundeuhan paraseniman. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: