• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Urang Sunda
dina Sajarah Nasional

Kénging Ensa Wiarna
Kintun kana Facebook
Mangle
Parapamilon keurseus sajarah jeung kabudayaan Sunda [Potrét/Ilustasi: Ensa]

Buku sajarah, bisa waé robah. Kitu téh, luyu jeung papanggihan nu panganyarna.  Matak, teu anéh, upama buku sajarah nu geus dianggap bener, dilelempeng deui,  dirobah, ditambah, malah teu jarang nu dipiceun!

Sajarah mah kumaha karep nu nyieunna. Ku lantaran kitu,  nu kungsi kajadian mangsa ka tukang téh,  teu jarang disurahan kumaha kahayang nu keur nyekel kakawasaan. Hartina, nu ditulis dina buku téh bisa  béda jeung paktana.

Kaayaan sajarah kawas kitu, mun diantep, ngarugikeun balaréa. Masarakat bakal maham nu kaliru. Nu enya dilain-lain, nu lain dienya-enya! “Ku lantaran kitu, para ahli sajarah gé ngarasa perelu nyusun sajarah geusan ngalelempeng tulisan sajarah saméméhna,” ceuk  Prof. Dr. Nina Herlina Lubis, M.S., Ketua Yayasan  Masyarakat Sejarawan Indonesia Jawa Barat.

Saméméhna gé  geus aya buku sajarah nasional nu dieditoran ku Nugroho Notosusanto. Eta buku ka tukang-tukang mah dijadikeun babon sajarah keur nyusun pangajaran sajarah di sakola. Ku lantaran éta sajarah téh, ceuk para ahli,  teu tuna tina ‘campur tangan’ pihak nu boga kakawasaan mangsa harita, tangtu wé dina sawatara kajadian sajarah téh aya nu teu luyu jeung kanyataan.  “Upama nu diserat ti payun kaliru  kedah dilereskeun,” pokna.

Sajarah, ceuk ieu Guru Besar Universitas Padjadjaran (Unpad) Bandung téh, kudu siap diuji saban waktu. Hartina, cenah, upama saterusna kanyahoan nu ditulis ti heula téh kaliru, nya kudu dibebenah deui. “Cindekna mah kudu bruk-brak sadia dikoréksi iraha baé jeung ku saha waé,” pokna ka Manglé dina acara Hari Sejarah jeung Budaya Sunda nu lumasngsung di Museum Sri Baduga Bandung, sawatara waktu ka tukang.

Harita, éta kagiatan téh, anatarana,  ngawanohkeun deui buku sajarah nu anyar.  Judulna, Indonesia dalam Arus Sejarah (IDAS).  Teu eun-eun, da salapan jilid kalayan beuratna ge kurang-leuwih 20 kilo.

Medalna éta buku, ngaliwatan lalakon panjang. Disusunna gé merelukeun waktu sapuluh taun, kakara rengse taun 2008 kalayan nu nyusunna 101 urang sajarawan ti méh sakumna propinsi di lemah cai. “Atuh, eusina gé lega naker, da ti mimiti nyaritakeun jaman prasejarah nepi ka satutasna reformasi,” ceuk Prof Nina dina  eta acara.

Lian ti ‘ngembarkeun’ buku IDAS, eta acara téh deuih palantikan Pangurus Masyarakat Sejarawan Indonesia (MSI) Komisariat UIN Sunan Gunung Djati Bandung. Nu ngistrénanana  Dr. Mumuh Muhsin, Ketua MSI Jawa Barat.

Acara harita, euyeub naker, da diteruskeun kana Kursus Sajarah jeung Kabudayaan Sunda. Kagiatan ieu mah,  gawe bareng YMSI, Mangle jeung Museum Negeri Sri Baduga Propinsi Jawa Barat .  Kursus  kawas kitu mah, nu kaopat kalina kalayan lumangsung saban Saptu nepi ka tanggal 2 Maret 2013.

 

Sunda dina Sajarah

Nulis sajarah, memang butuh kaahlian. Nya kaahlian saperti kitu ogé nu ngalantarankeun sajarah hiji tempat teu sarua lobana jeung tempat séjén. Kaanyaan kitu ogé kalaman ku Sunda dina mangsa ka tukang. Lantaran ahli sajarah Sunda teu loba sarta nu nuliskeun sajarah nasional teu pati wanoheun kana sajarah Sunda, tangtu wé kajadian-kajadian sajarah di Sunda atawa di Jawa Barat gé loba nu kaliwat atawa ngahaja diliwat.

Dina buku IDAS mah teu kitu, sajarah Sunda gé bisa manggung luyu jeung kanyatanana, najan memang bisa jadi tacan nyugemakeun urang Jawa Barat. Di antarana nu kapidangkeun dina éta buku téh, saperti karajaan-karajaan di Jawa Barat nu katukang-tukang mah dina panggung sajarah nasional ukur sabengbatan. Dina buku ieu leuwih jéntré lain ukur tamba teu kacatur.

Kitu deui, pahlwan wanoja,  lian ti Dewi Sartika, ogé  kacatur deui R.A. Lasminingrat (teureuh Garut) jeung Siti Jenab (Cianjur). Dina éta buku nu ditataan bieu gé kawilang ‘kumplit’.  “Sakur nu jinek sumberna sarta nyumponan pasaratan kanggo dilebetkeun kana éta buku, tangtos kapidangkeun,” ceuk Prof. Nina

Dina nangtukeun asup henteuna kajadian sajarah, teu tuna  tina padungdengan. Kitu téh, lantaran éta buku téh hasil gawé tim.  Ari pangaweruh masing-masing tim kana hiji pakta sajarah apan teu sarua. “Teu jarang mutuskeunana téh ngalangkungan  ‘perdebatan’ anu panjang,”  ceuk ahli sajarah ti Unpad teh.

Lian ti nu disebutkeun di luhur, nu dipanggungkeun dina éta buku téh, antarana deuih Paguyuban Pasundan. Ieu organisasi écés ketakna dina mangsa nagri urang diajajah deungeun.  Paguyuban Pasundan nu ngadeg taun 1913 téh, organisasi ‘perjuangan’ geusan  ngamajukeun Sunda/Indoensia.

Ti antara nu 101 urang paraahli sajarah, panulis ti Jawa Barat duaan, Prof. Dr. Nina Lubis, M.S., (Unpad Bandung)  jeung Prof. Helius Syamsuddin (UPI Bandung). Malah, Prof. Nina mah kaasup salah saurang editor ti 16 editor éta buku.

Buku IDAS saméméhna gé kungsi diwahohkeun ku Wapres Budiono di Senayan (2012). Saterusna éta buku téh diterbitkeun ku Kemendikbud sarta dibagikeun ka sakumna Disdik Kabupaten/Kota sa-Indonesia.  Jawa Barat gé kabagéan 37 sét éta buku keur Disdik Kab/Kota sa-Jawa Barat. Lian ti éta nu narima IDAS téh deuih gupernur Jawa Barat, Disdik Propinsi, jeung Polda Jawa Barat. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: