• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Marakayangan

Kénging Eni Setiani
Kintun kana Facebook

Isuk kénéh Nyi Onih indit ka pasar, bari nungtun budakna. Waktu meuntas jalan, manéhna rugag-regog. Jedak! Katabrak mobil. Budakna kabantingkeun kana trotoar. Rob! Jelema ngariung Nyi Onih nu geus teu nyawaan. Teu sawatara lila kurumuy pulisi rék mariksa kajadian nu kalakonan ku Nyi Onih. Réngsé pamariksaan mayit Nyi Onih dibawa kana ambulan, laju ka Rumah Sakit.

Wanci tengah poé di imah Nyi Onih, jalma masih ngagimbung rék mantuan ngurebkeun layon. Teu sawatara lila kapireng sora serine mobil ambulan. Buriak jalma pada ka jalan, mapagkeun layon Nyi Onih. Laju dibawa ka masjid dék disolatan. Réngsé disolatan terus dikurebkeun. Bus layon Nyi Onih disaupkeun kana sodong, keur sesedengna nalkinkeun! Teu aya tanggara ti tadina, Breg téh hujan gedé nakeranan, nya atuh nu keur nalkinkeun téh asa karurusuh. Gura-giru hanjat laju muru tatangkalan nu aya di sabudeureun astana. Warga nu séjénna terus ngurug layon. Brus! Brus! Taneuh disaeurkeun nepika muncugugna. Laju pupuhu kampung ngadunga sangkan Nyi Onih Manggih Bajga di kalanggengan.

Wanci peuting, di lembur jadi réhé comrék, katambah soréna geus hujan téa. Sakabéh jalma pada ngaringkeb, taya nu wani ngulampreng ka luar, sab kabiasaan, cenah mun aya nu maot tabrakan tur ninggalkeun getih, biasa sok ngajungjurigan. Da geuning enya. Peuting harita Nyi Onih kakalayangan, néangan budakna nu ngan hiji-hijina. Unggal panto diketrokan, taya nu némbalan. Kalayang deui, bari teu weléh ceurik ngadingdiut, semu anu nahan nyeri.
Kapirengeun ku Nyi Onih aya sora budakna, keur diajak ngobrol ku Mang Toha jeung Bi Unéh. Geuleuyeung! Dideukeutan, geus sidik budakna aya di dinya, hing! Nyi Onih ceurik. Bulubus asup kana sela-sela bilik.
"Nénéng ieu Ema!" Pokna semu haroshos.
"Ema di mana?" Nénéng ceurik bari rarat-rérét.
Gabrug! Budak dirontok ku Bi Unéh. "Nénéng! sadar Geulis, pan Ema mah geus maot,"
"Bohong ! Geuning bieu aya ka dieu," ceuk Nénéng .
Mang Toha luak-lieuk, weléh teu kacirieun, padahal Nyi Onih aya hareupeun.
"Puuuh" Nyi Onih niup beungeut Mang Toha.
"Allohu Akbar!" Mang Toha luncat bari terus susumbar.
"Ulah melang ka budak, keun ku kami dirawatan, cig geura indit da geus béda alam ayeuna mah!" Ceuk Mang Toha bari ngeleper. Bray! Panto muka ku sorangan, dibareng ku sora ngahihina Nyi Onih. Geleber! Laju ngiles diteureuy poékna peuting.
Reup Peuting, bray beurang di lembur jadi bahan carita Nyi Onih marakayan. Dina malem Jumaah di kantor RW aya riungan nyawalakeun Nyi Onih. Pamustunganana isukan bada Jumaah cenah deuk disampurnakeun ku Mama Ajengan Usman.
Riungan bubar, mulang ka imahna séwang –séwangan. Kurdi nu pangheulana balik tibuburanjat balik deui ka kantor RW bari hariweusweus.
“Hahahaya Honih bieu megat urang!” pokna téh.
“wah, di mana euy? Maenya beurang kénéh siah! Karék gé jam salapan peuting ieu téh,’’ ceuk Mang Momod.
Séooor! Angin.
Paralak anu keur ngariung di buruan kantor RW aya nu ngawuran. Sakabéh pating raringeuh. Hiek! Bau hanyir getih, bari semu bau hangru.
“Nyi. Tong nyingsieunan lah! Kadieu wé ngen bisi hayang milu ngariung!” Mang Ohim susumbar.
“Hihihihihi….,” Nyi Onih seuri di tukangeun pisan Mang Ohim.
Sakabeh nu ngumpul jadi tagiwur, bus arasup deui ka ruangan kantor RW. Bray lampu diharurungkeun.
“Sugan kudu cararaang euy, améh teu wanieun nyampeurkeun,” ceuk Mang Momod.
“Heueuh, naha hayang naon nya ari Nyi Onih? Budak aya anu ngarorok, ceuk urang mah geus we cicing ngahenang-ngahening teu kudu ripuh kukurilingan peuting, da capé meureunan kitu peta téh.” Ceuk Mang Karta mairan.
Geleber! Plok kana kaca kantor RW, cikikik seuri. Teu sawatara lila, pok ngomong, “ Mana Si To’ib nu merkosa aing basa baheula!”
Mang To’ib nu aya di tukangeun Mang Momod jadi ngahodhod. Wer! aya nu ngucur maseuhan calana pangsina. Bru! Ngalumbuk teu inget di bumi alam.
Geleber deui Nyi Onih hiber, néangan tempat pamatuhan. Manggih tangkal waru doyong di lebah péngkolan. Clé! Diuk dina dahanna, bari ucang anggé dibarung ku cicirihilan.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (3)

karda firdaus

Iiiiyyy asa aya nu naplok dina punduk

Eni Stiani

Kang Bibih, hatur nuhun tos maos carpon ieu.

kang bibih

meni muringkak sabulu-bulu.

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: