• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Prof. Dr. Ir. H. R. A. Bustomi Rosadi;

Urang Sunda Kudu Katara Ayana

Kénging Ensa Wiarna
Kintun kana Facebook
Mangle
Prof. Dr. Ir. H. R. A. Bustomi Rosadi [Potrét/Ilustasi: Ensa]

Lunta jauh, lain tambuh laku. Da, puguh mancén gawé. Milu ngamajukeun daérah nu dicicingan. Kitu karep jeung paripolah urang Sunda nu dumuk di Lampung. Ngan, naon mangpaatna keur urang Sunda nu aya di Jawa Barat? Prof. Dr. Ir. H. R.A. Bustomi Rosadi, Ketua Paguyuban Jawa Barat (Pajar) Lampung, bruk-brak ka Manglé. ***

Teu sing kurung batok Urang Sunda gé.  Buktina, loba nu lunta ka jauhna. Malah, nepi ka bubuara bumetah di lembur batur.  Tangtu, kituna téh, lain lantung tambuh laku, lain lunta tanpa seja, lantaran boga karep jeung kahayang geusan hirup jeung huripna. Nya, tangtu deuih geusan metakeun pangabisa sangkan masing-masing kamampuhan kaalap mangpaatna ku balaréa.

Memang, ilahar dina hirup mah, silihsabaan, silihanjangan. Malah, ilahar deuih antukna mah bumetah di lembur sejen. Kitu teh kasaksén di mana-mana. Dulur-dulur ti sélér bangsa séjén,  ti lembur batur, loba nu ngahaja bubuara di tatar Sunda atawa di Jawa Barat,  kitu deui sabalikna, urang Sunda  gé loba nu ngahaja ingkah ti lembur ngadon bubuara atawa ngadon usaha. “Seueur urang Sunda atanapi urang Jawa Barat nu dumuk sareng bubuara  di Lampung,” ceuk Prof. Dr. Ir. H. R.A. Bustomi Rosadi, Ketua Paguyuban Jawa Barat (Pajar) di Lampung muka wangkongan.  Ngobrol téh di bumi ramana, R. H. Rosadi, Jalan Kanayakan, Dago Bandung. Harita, ramana téh  milangkala panceg saratus taun.

Paguyuban Jawa Barat teh, kumpulan urang Sunda atawa Jawa Barat nu dumuk di Lampung. Jumlahna gé lain saeutik,  kurang leuwih sajuta jiwa. Memang, ceuk H. Bustomi, éta téh lain urang Sunda wungkul, tapi ogé ti sélér séjén nu kungsi dumuk di Jawa Barat atawa aya patula-patalina jeung Jawa Barat. “Mung, margi seuseueurna urang Sunda, nu katinggal écés dina kahirupan sadidinten gé budaya Sunda,” pokna.

Dina ngariung, budaya Sunda tembrés naker. Contona, dina pintonan seni gé, di antarana, nu remen kasaksén téh, saperti pencasilat, tari-tarian Sunda, degung, wayang golek, jeung sajabana.

Ngadegna Paguyuban Jawa Barat, teu lesot tina kamekaran pajamanan. Dina mangsana gulidagna refromasi, nu kabandungan ku H. Bustomi mah, kaagulan ka seler bangsa masing-masing gé tembong naker. “Balukarna, teu jarang,  témbong pasipatan nu teu ngajénan kamampuhan pihak séjén lantaran béda ti sélérna,” ceuk ieu teureuh Bandung nu lahir taun 1949 téh.

Kaayaan kitu, karandapan pisan ku urang Sunda nu dumuk di pangumbaraan, saperti di Lampung. Harita, aya mangsana mukimin Sunda nu aya di Lampung téh, kawas-kawas nu kurang narima pangajen. “Ku margi kitu, sawatara pihak mikahayang sangkan urang Sunda atawa Jawa Barat di Lampung ngadamel beungkeutan,” ceuk ieu urang Lampung asal Jawa Barat téh.

Urang Sunda nu soméah hadé ka sémah, bakal ngarasa teu genah upama lunta ka lembur batur  teu meunang pangajen nu samistina. Ngan, tangtu, cenah, mun hayang diajenan téh kudu aya pupurieunana. Cindekna mah, urang Sunda di lembur batur gé kudu milu ngarojong kamajuan éta tempat. “Urang Sunda kedah tembong ayana,” pokna.  Maksud Prof. Bustomi, ayana di dinya mah, hartina nembongkeun ketak, urang Sunda méré mangpaat keur balaréa di sabudeureun lingkunganana.

 

Butuh Pangrojong

Dumuk di lembur batur, teu poho ka bali geusan ngajadi. Urang Sunda di Lampung ge, ceuk H. Bustomi, tetep nyaah ka sarakanana. Ku lantaran kitu, dina nembongkeun kanyaahna ka lembur karuhn téh, tara tuna tina karep jeung miara budaya Sunda. “Nu ngalumbara, butuh pangabetah, di antawisna ku cara miara budaya karuhunna,” ceuk ieu Guru Besar Universitas Lampung teh.

Urang Jawa Barat di Lampung, sumebar di saban tempat. Ngan, ku lantaran aya paguyuban téa, nu ti mana nu ti mendi teh remen ngumpul ngayakeun rupa-rupa acara. “Tah, dina kaayaan kitu mah, sakantenan dianggo nataharkeun lengkah paguyuban mangsa ka hareup,” pokna.

Paguyuban Jawa Barat, boga karep jeung kahayang. Enas-enasna mah, ceuk H. Bustomi, di mana wae urang Sunda ayana, tetep kudu mere mangpaat keur lembur nu dicicinganana, oge keur sarakan karuhunna. “Urang Jawa Barat, kedah nembongkeun mangpaat di mana waé ayana,” ceuk ieu bibit-buit  Bandung nu kiwari jadi urang Lampung teh.

Urang Sunda di Lampung warna-warni pisan, boh kasangtukang atikan, boh sosialna. Ngan, ku lantaran aya dina beungkeutan ‘kasundaan’ nu dumuk di Lampung teh, waktu amprok jeung nu asal ti Jawa Barat mah, ngarasa loba dulur. Kitu téh, penting pisan keur nu ngalumbara mah, lantaran bisa nambahan kabetah.

Keur nguatan rasa duduluran téa, biasana mah ku ngayakeun kagiatan-kagiatan nu sipatna  sosial jeung kamasarakatan. Nu kawas kitu téh dipilampah ku urang Lampung asal Jawa Barat.

Raketna duduluran urang Sunda, misti dipiara. Di antarana, carana téh ku ngayakeun kagiatan babarengan téa. “Kasenian Sunda tiasa dijantenkeun pamatri duduluran,” pokna. Ngan, cenah, alat-alat kasenian Sunda téh kacida kurangna di Lampung mah. “Rupina tumali sareng kabutuh alat-alat kasenian, peryogi bantosan Pamaréntah Propinsi Jawa Barat,” ceuk H. Bustomi neundeun harepan.

Upama H. Bustomi bumetah di Lampung, memang lain lunta tanpa seja. Da, pamianganana gé hayang milu babakti ka lemah cai. Kitu téh, kasundut ku babaturanana nu nyumangetan, cenah, atuh ngawangun téh ulah di Jawa wungkul, tapi ogé di luar pulo Jawa.

Kekecapan babaturan dina organisasina, dipikir ku H. Bustomi aya benerna. Nya, antukna mah, milih jadi dosen téh di Lampung. Harita, icikibung di antarana milu marajian Politeknik di Lampung malah saterusna ngokolakeun éta lembaga.

Najan mancén gawé di Lampung, milih neruskeun sakola mah ka Universitas Padjadjaran (Unpad) Bandung.  Kitu téh, ngarah teu hésé keur pangajrekan, da bumi sepuhna téh di Jalan Kanayakan Dago, Bandung. Hartina, mun kuliah di Unpad mah, teu kudu hésé keur cicing,  da sasat balik ka lembur sorangan.

Icikibung dina dunya tatanén, Prof. Bustomi gé teu weléh ngimeutan tatanén di Jawa Barat. “Kedah  tiasa nyaluyukeun wanci tatanén sareng kaayaan iklim,” pokna semu nyarankeun.

Ka tukang- tukang, usum-usuman téh jinek naker. Ngijih jeung halodo aya waktuna anu maneuh. Kitu deui antarana nu kasebut mamaréng apan jinek bulan naon-naonna. Tapi, ayeuna mah teu kitu, usum hujan jeung usum halodo teu kawas baréto. “Ku lantaran kitu, ngolah lahan gé kedah nyaluyukeun sareng usumna tea,” ceuk ieu putra kagenep ti sapuluh sadulur téh.

Ngolah lahan, miara tatanen, butuh panalinga daria ti pamarentah. Atuh di lapangan, patani téh kudu meunang bingbingan jinek, dina nangtukeun usum tatanen. Hartina,  panyuluh widang tatanen kudu mampuh nuyun patani dina ngolah lahanana. “Pihujaneun pihalodoeun tos kairong ti anggalna,” pokna. Hartina oge,  patani kalayan panuyun  panyuluh tatanén kudu mampuh ngamangpaatkeun tehnologi nu bisa ngira-ngra cuaca.

Lian ti eta, sual cai gé samistina dimangpaatkeun bener-bener. “Waktuna, parapatani ngamangpaatkeun cai hujan kalayan bener-bener,” ceuk ieu ahli ngokolakeun cai keur tutuwuhan teh.

Hujan kudu jadi anugerah keur balaréa. Kudu kaalap mangpaatna keur rupa-rupa kapereluan. Nya, tangtu deuih kudu mahing balukar goréngna. Cai nu ngalirna jauh  bakal malidkeun rupa-rupa nu kaliliwatanana, kaasup malidkeun taneuh.  Beuki jauh lalampahan éta cai, beuki loba nu kapalidkeun. Ku lantaran kitu, cek ieu Doktor lulusan Jepang téh, cai hujan gé kudu dikokolakeun sahade-hadena sina  sagancangna nyerep kana taneuh. “Misalna ku ngayakeun biofori atawa nyieunan liang keur asupna cai hujan,” ceuk ieu caroge dr. Hj. Iesye téh.  

 

Tibelat ka Lembur

Lunta jauh, ka bali geusan ngajadi mah teu poho. “Angger wé tibelat ka lembur mah,” ceuk H. Bustomi.

Ngan, kumaha Bandung kiwari dibandingkeun jeung kiwari? “Tos seueur bentenna,” pokna. Maksudna, robahna alam, lantaran nu asalana pinuh ku tutuwuhan téh, salin rupa, diadegan wawangunan, pabrik, toko, imah jeung sajabana.

Parobahan kitu, ceuk Prof. Bustomi, gambaran teu jinekna rarancang tata ruang jeung tata wilayah. Memang, cenah,  jinek ari aturanana mah, ngan larapana eta aturan nu teu tigin kana aturan téh.

Hesena nanjeurkeun aturan, karandapan ku H. Bustomi gé. Kungsi ngalaman, keur ngora, waktu aktip di organisasi, hayang ngeukeuhan lahan keur kapentingan balaréa. Harita, teu jauh ti bumi panganjrekanana di Dago téa, aya lapang maenbal. Biasana éta tempat téh keur arulin urang dinya. “Tapi, tetep teu tiasa majar kumaha, margi antukna mah, kumaha nu ‘kuat’ boh sacara kakawasaan boh finasial,” pokna. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: