• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Prof. Dr.Harmani Kalim, MPH, SpJP (K);

Nyéhatkeun Rayat
Kakara dina Kompanye

Kénging Rudi H. Tarmidzi jeung Ensa Wiarna
Kintun kana Facebook
Mangle
Prof. Dr. Harmani Kalim, MPH, SpJP (K) [Potrét/Ilustasi: rudi]

Ilaharna nu kampanye, hayang ngirut haté masarakat. Pasualan nu raket tumalina jeung kabutuh masarakat, teu weléh jadi pangbibita. Kitu téh kaasup oge nu tumali jeung kasehatan. Ngan, kumaha buktina?

Kasehatan penting pisan. Komo deui keur urang Jawa Barat mah. Mun paamprok jeung saha waé, nu ditanyakeun téh kasehatan. Kumaha damang? Kitu apan pok-pokanana téh. Ku lantaran kitu, teu anéh upama saha waé nu hayang jadi pamingpin, di antara dagangan kompanyena téh, ningkatkeun ajén kaséhatan masarakat.

Nyaritakeun kasehatan, ambahanana gé lega pisan. Kitu téh, lantaran kasakit mah rupa-rupa naker. Ti mimiti nu teu pira nepi ka nu jadi ancaman jadi cukang lantaran mungkas lalakon hirup di ieu alam dunya.

Nyinglar kasakit, jadi bagian penting. Malah kekecapan karuhun gé jinek naker. Cenah, mending ditiung méméh hujan. Omongan kitu gé, payus naker upama dipaké padika dina ngariksa kaséhatan masing-masing.

 

Nu Ngadodoho

Di antara rupa-rupa kasakit, nu kacida matak pikahariwangeun téh, kasakit jajantung.

Lir nu ngadodoho éta kasakit mah. Loba kajadian nu ngarandapanana teu katulungan. Remen kacatur nu maot teu gering heula. Horéng, cukang lantaran maotna téh, kasakit jajantung téa. “Gejalana tiasa rupi-rupi ti nu karasana teu pira nepi ka nu parna malah nepi ka pingsan. Ku margi kitu, teu jarang nu katarajang kasakit jajantung téh teu apaleun ti anggalna,” ceuk Prof. Dr.Harmani Kalim, MPH, SpJP (K), Guru Besar Fakultas Kedokteran Universitas Indonesia (UI) Jakarta.

Nu katarajang kasakit jajantung, mingkin dieu téh mingkin nambahan. Tangtu wé, kaayaan kitu téh, kudu jadi panalinga balaréa, sabab éta kasakit téh, jadi cukang lantaran maot nomer hiji. “Panyakit jantung mangrupi ancaman maot nomer hiji di urang mah,” pokna.

Mingkin dieu, ceuk Prof. Harmani, nu katarajang kasakit jajantung mingkin nambahan. Kituna téh, tibalik pisan jeung paraahlina nu misti ngungkulan éta pasualan. “Nambahan kasakit jajantung peryogi kaahlian, mung ahlina kurang pisan,” pokna deui.

Dokter spesialis jajantung, ceuk ieu carogé Hj. Ida H. Kalim, langka kénéh. Jumlah sa-Indonésia téh, kakara 550 urang. Nilik ka dinya mah, kari ngabandingkeun jeung jumlah padumuk Indonésia nu leuwih ti 240 juta jiwa!

Kitu deui di Jawa Barat, nu padumukna propinsi panglobana di Indonésia, nu kacatet dina daptar pemilih tetap (DPT) Pilihan Gupenrur (Pilgub) gé leuwih ti 32 juta jiwa, karara boga dokter Spesialis Jajantung kurang leuwih saratus urang.  “Komo deui di daérah mah, sa-propinsi téh, tiasa diétang ku ramo leungeun,” ceuk ieu lulusan Tulane University, New Orleans,  Los Angeles, Amerika Serikat basa tepung di Bandung.

Najan kitu, karep ngaronjatkeun jumlah dokter spesialis jantung, teu eureun-eureun. Kiwari, mémang lembaga nu nataharkeun dokter spesialis jajantung téh geus aya kana 12 perguruan tinggi negeri. Tangtu, cenah, ti waktu ka waktu misti ngaronjat, nepi ka ahirna, dina taun 2020 téh bisa ngahontal sakurang-kurangna 1.500 urang dokter spesialis jantung. Nilik ka dinya, paguron luhur nu nataharkeun pendidikan spesialis dokter jajantung téh, kaasup kurang kénéh.

Kurangna lulusan, lain lantaran taya nu boga karep jadi dokter jajantung. “Pasualanana mah, masih kénéh kawatesanan sarana sareng ahli anu aya di saban paguron luhur,” ceuk ieu Wakil Ketua Majelis Kolegium Kedokteran Indonesia dumuk di Jakarta téh.

Nu boga karep jadi dokter spesialis jajantung, mémang teu kurang-kurang. Buktina nu daptar jadi calon ahli jajantung téh, tara kurang ti opat puluh urang di sapaguron luhur téa. Ngan, nu katarima mah, ukur limaan. “Lian ti butuh sarana ogé kedah aya ahli nu ngabingbingna,” pokna.

Nu kuliah dina éta widang, mémang butuh kasabaran deuih. Kitu téh lantaran nepina ka lulus jadi ahli téh lila naker, antara lima nepi ka genep taun. Kitu ogé dina dangka sakitu, nu lulus dina waktuna mah, ukur dua atawa tilu urang dina saangkatan téh. “Nilik ka dinya, tangtu peryogi pisan panalinga pamaréntah nu langkung daria,” ceuk ieu ahli jajantung nu remen ngalanglang mancanagara tumali jeung kaahlianana téh.

 

Butuh Panyinglar

Ceuk kekecapan kolot, kasakit mah mun datang tumpak kuda, mun undur kundang iteuk. Datangna tara disangka-sangka, ari kana cageurna lila naker. Ku lantaran kitu, ceuk para ahli kaséhatan gé leuwih hadé nyinglar batan ngubaran.

Kumaha carana nyinglar kasakit jajantung? Ceuk ieu Prof. Harmani Kalim, nandeskeun, najan loba kajadian kasakit jajantung téh lir panarajang nu ngadadak, sabenerna mah, teu kitu. Lantaran nepi ka témbongna jadi mamala malah nepi ka jadi cukang lantaran maot téh, lantaran jajantungna atawa sabagian otot jajantung aya nu ruksak. “Hartosna, tiasa kanyahoan gejalana atawa totondénna,” pokna.

Mémang, lantaran teu kabéh nu katarajang kasakit jajantung ngarasakeun ‘gejala’ nu sarua, bisa jadi masing-masing pasén gé ngalaman nu béda jeung pasén séjénna. “Nyinglar cara aman, kedah rajin mariksakeun kaséhatan ka ahlina,” pokna semu nyarankeun.

Upama nu séjén, tangtu wé nyinglar téa! Kitu téh, bisa ditumalikeun jeung sabab-musababna nu balalukarkeun éta kasakit. “Kedah ngawayahnakeun manéh ngalakonan pola hirup séhat,” ceuk ieu Ketua Kolegium Ilmu Penyakit Jantung jeung Pembuluh Darah tandes.

Pola hirup nu basajan, misalna waé, nyinglar jeung ngalaksanakeun ‘anjuran’ pihak-pihak nu ahli dina widangna. Misalna waé ngeureunan ngaroko, ngusahakeun awak teu gendut teuing, teu nuang jeung teu nginum nu baris jadi cukang lantaran katarajang éta kasakit. “Sareng misti hirup tingtrim, nyinglar stress,” pokna ngawawadian. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: