• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Korupsi di Jaman Nabi

Kénging H. Usep Romli, HM
Kintun kana Facebook

Pagawéan korup, alias korupsi, katut sagala rupa unak-anikna, kayaning seperti manipulasi, mark-up, ngurangan ukuran/bestek, geus lumangsung ti  zaman nabi. Boh zaman Nabi Muhammad Saw, boh zaman nabi-nabi saméméhna.

Ku kituna, korupsi mangrupa produk kuno pisan. Salah kacida, upama aya nu boga anggapan, korupsi kaasup perkara modéren, luyu jeung  “trend” mutahir. Sabab geus aya ti jaman para Nabi nu jumeneng rébuan taun ka tukang. Nya tangtu baé, sagala wangun kajahatan nu lumangsung harita, sanajan terus lumangsung nepi ka kiwari, kasebut kuno, primitif, jahiliyyah, jeung sajabana nu sarwa negatif.

Da nu modéren mah, nu aktual luyu jeung kondisi pajamanan, nyaéta perjuangan, ihtiar, jeung da’wah para nabi nu ngalarang laku kitu. Nu nyegah umatna tigebrus ka dinya. Éta nu “up to date”. Pas kana pameredih norma katut étika manusa berahlak, mibanda pangaweruh jeung ngahargaan kana kasucian hirup lahir batin.

Conto kasus korupsi  jaman Kangjeng Nabi Muhammad Saw, réa diungkab dina hadits. Di antarana hiji hadits sohih riwayat Imam Bukhari jeung Imam Muslim, nu dicutat ku Syekh Syamsuddin Utsman adz Dzahabi, dina kitab “Al Kaba-ir” :

“Waktu perang Khaibar (th.9 H), Rosulullah Saw, angkat disarengan ku Abu Hurairah katut sababaraha urang sohabat séjénna, dibaturan ku hiji bujang nu kapapancénan mawa “ghonimah” (barang rampasan) mangrupa bahan kadaharan jeung pakéan. Keur reureuh capé, éta bujang ujug-ujug ngajungkel. Kakeunaan panah musuh. Nepi ka tiwasna di dinya. Para sohabat takbir. Ngarasa reueus ku predikat maot syahid éta bujang.

Rosulullah Saw gogodeg bari cumarios, yén éta bujang jauh tina maot syahid. Lantaran geus rerencepan nyokot hiji kantong saméméh ghonimah dibagikeun ku hak ngabagikeun, ka nu boga hak narima. Barang dipariksa, dina kantong téh aya tali sendal dua siki.

Kalawan tandes, Rosulullah Saw sasauran: “Hiji atawa dua tali sendal itu, tetep mangrupa bagéan tina seuneu neraka,” (Syirokun awu syirokani min narin)

Teu pira ukur tali sendal dua siki! Ngan lantaran dipibanda ku cara korup, jadi bagian tina seuneu naraka. Jadi suluh pameuleum nu bakal disorang ku katunggaraan jaga di ahérat.

Masih kénéh dina perang Khaibar, hiji prajurit “nilep” batu marjan nu hargana dua dirhameun (kl. Rp. 30 ribu). Basa éta prajurit tiwas, Rosulullah Saw nolak nyolatkeun mayitna (hadits soheh riwayat Abu Dawud).

Rosulullah Saw ogé, ngajelaskeun, Alloh SWT teu narima solat tanpa wudu, tur lain sodaqoh lamun  hartana meunang korupsi (hadits sahih riwayat Imam Muslim). Anjeunna gé sumpah :

“Demi Allah, lamun seug di antara aranjeun nyokot naon baé teu kalawan hak, dina poé kiamat manéhna baris ngadep ka Alloh SWT bari nanggung barang-barang nu baréto kungsi dicokot ku manéhna (hadits sohéh riwayat Imam Bukhari jeung Imam Muslim).

Dina jaman Nabi Syu’aib Alaihissalam (kl.1.500 tahun saméméh Masehi), pagawéan korup mahabu pisan di kalangan bangsa Madyan. Maranéhna téh para padagang binekas, ahli niaga palinter, sudagar nu ngawasa jaringan produksi, konsumsi katut ékonomi makro jeung mikro. Atuh maranéhna beurat beunghar, luhur kuta gedé dunya, hirup pinuh kaméwahan, bari kauntungan teu petot ngocor saban waktu ti saban tempat.

Kisah bangsa Madyan kaunggel dina Quran, S.al A’raf: 85-93, S.Hud 84-95, jeung S.al  Ankabut : 36-37.

Dumasar kana tafsir Al Manar karya Muhammad Abduh/Rasyid  Ridla, kasuksesan bangsa Madyan dina dunya perdagangan, nyumber kana keteujujuran. Milampah curang dina urusan jual-beuli. Sok ngahaja malsu timbangan jeung ukuran. Mun meuli ti para patani, timbangan atawa ukuran ukuran dileutikan. Ambeh barang nu katarima, leuwih réa tina samistina. Mun ngajual, timbangan jeung ukuran digedéan, sangkan barang nu dikaluarkeun leuwih leutik. Nu milampah kitu téh, lain baé di kalangan padagang écéran laleutik. Tapi deuih di kalangan para saudagar kelas kakap, di tingkat produsen jeung distributor. Jelas pisan ngahaja, jeung dirarancang kalawan mateng, keur néangan kauntungan ku cara maling hak-hak jalma séjén. Lain lantaran gawé iseng kalan-kalan.

Padahal sakuduna maranéhna sukuran, geus meunang lahan usaha jeung kauntungan tikel tali. Sukur kana  ni’mat Allah SWT nu geus méré kaahlian jual-beuli ka maranéha, ku cara numuwuhkeun kahadéan ka papada sasama manusa. Lain ngarampas hak-hak jalma ku cara ngulinkeun timbangan jeung ukuran samodél kitu.

Kapada kaum Madyan, Alloh SWT ngutus Nabi Syu’aib pikeun nerangkeun hukum-hukum nu patula-patali jeung kajujuran dina jual-beuli. Sakaligus nerangkeun ancaman katut akibat nu baris tumiba lamun teu ngeureunan pagawéan nipu. Intisari panggero dawah Nabi Syua’ib, nyaéta, harta nu dipimilik kaalawan halal jeung bersih, bakal hadé, langgeng jeung pinuh barokah. Ngadatangkeun kabagjaan jeung katengtreman ka nu bogana, jeung ka nu kaduumanana. Sabalikna, harta nu dipibanda kalawan teu halal, teu bersih, ladang nipu, macikeuh, korupsi, jsb. bakal ngondang kasangsaraan lahir batin jiwa raga sakur nu mibanda jeung kaduuman éta harta.

Ngan bangsa Madyan nolak sapajodogan sakabéh pangajak Nabi Syu’aib. Maranéhna nuding, Nabi Syu’aib ngalanggar hak asasi manusa, nyengker kamerdekaan mikir jeung karancagéan warga masarakat nu geus hasil ngabuktieun kapinteran jeung karancingeusan dina ngamajukeun ékonomi bangsa. Soal  korupsi, manipulasi, jeung sabangsana, éta mah ukur taktik strategi keur ngahontal sukses.

Balukar éta kabedangwangkelangan, Alloh SWT nibankeun azab ka bangsa Madyan, rupaning hujan angin bula-bali, dibarung beledag gelap jeung lini gunjang-ganjing nu ngarubuhkeun sakabéh wangunan katut manusa pangeusina. Ancur lebur taya nu nyésa.

Ti harita, bangsa Madyan kaasup kana kelompok bangsa nu musnah ti latar jagat (al-baidah). Ngan ari adat kalakuanana mah, teu mustahil terus ngocor ti generasi ka generasi, nepi ka danget kiwari.

Kitu fakta katut data sajarah nu dibéjérbéaskeun ku ayat-ayat kitab suci, sarta ucapan jeung tindakan (sunnah) para Nabi. Yén korupsi geus aya ti jaman Nabi kénéh. Sok sanajan nu dikorupsi ukur tali sendal, tapi ancaman siksaanana matak muringkak bulu punduk jalma nu éling ka poé ahir.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: