• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Munjung

Kénging Andang S. Argayuda
Kintun kana Facebook

Ti kajauhan mah gunung estu ku endah katingalna, tingrunggunukna tatangkalan anu dibeulit ku areuy – areuyan mawa geueuman, angin anu ngahiliwir tiis matak tingtrim kana ati sanubari, palataranana iuh linduh matak betah.

Tapi saha nu nyangka yen di eta gunung ngagolak kawah chandra dimuka, saha nu nyangka ditempat nu ayem tentrem ngagulidag seuneu naraka, buta kalamangsa nyakakak bari nulak cangkeng ngeundeurkeun leuweung jero gunung.Awakna ngaharelung jangkung hideung, huntuna ranggeteng sagede – gede baliung, mata bolotot kawas buleudan keong, irung ngadungkuk sagede terong.

Ieu meureun anu disebut jin Tomang teh, anu dipunjung dipuja ku jalma – jalma doraka, jalma anu hayang beurat beunghar loba harta banda kujalan anu sakedet netra, munjung menta tulung kanu ngageugeuh gunung, muntang ngajukeun kahayang ka jin Tomang, teu ieuh boga kabeungbeurat ka sanak kulawarga, kop anak, kop teh teuing indung bapa, asal diri buru – buru pinanggih sugih, asal tujuan jadi jalma anu beurat beunghar bisa tereh kajadian.

Deudeuh teuing jalma anu kasarung, hirup mangprung ngudag – ngudag kalangkang nu ngajorelat di awang – awang, padahal dunya teh cenah mah ukur kalangkang, butuh soteh ku kalangkang lamun urang keur aya di tempat caang, engke mah dimana urang geus ngampih ka alam anu poek mongkleng, sagala kalangkang bakal sirna tina paningal diri urang.

Tapi dasar jalma murugul, ari ngomong ngan wadul jeung rahul, hutang wae di kaler di kidul matak lieur matak gundul, antukna hirup pinuh ku kabingung nu teu pinanggih jeung tungtung, pareng panggih jeung jalma gejul, ngajak lunta neangan dunya barana ku jalan munjung ka gunung.

Keur anteng nyawang sakuriling gunung, gibeg... alam ngadadak oyag asa aya lini anu rongkah,  terus aya anu ngahahah tarikna nanding guludug tibeurang. Breh hareupeun aya anu ngajurungkunung ngaharelung jangkung hideung, nulak cangkeng huntu ranggeteng huluna buleneng herang, biwir beureum jebleh kawas anu nyeupah, terus tutunjuk bari nyarita anu sorana matak soak.

“Hey manusa...., saha anjeun bet kumawani datang ka tempat kula, naon pamaksudan anjeun ?”

“Kula manusa biasa, tapi cenah bangsa jin mah weruh sadurung winarah, piraku teu apal ka kaula...”

“Anjeun manusa tukang uclak aclok ka ditu ka dieu lin ...?”

“Enya rumasa.., tapi kaula mah teu sumujud sumembah ka bangsa anjeun, kaula mah sumujud sumembah iwal ti ka nu nyiptakeun bangsa kula jeung bangsa anjeun, nyaeta Gusti Alloh Robbull Allamiin.”

Ngagerung tah raja jin teh dibere jawaban kitu mah, tapi terus nanya deui biasa bari hohoak, ngan ayeuna mah teu mureleng kawas tadi eleh pamor jigana mah.

“Naon pamaksudan anjeun... ?”

“Kula seja nyusul hiji wanoja parawan keneh anu majar dibawa ka dieu dipake seba, eta dulur kula mun teu dileupaskeun berarti anjeun ngajak perang jeung kula.”

“Saha ngarana...?”

“Teu kudu disebut ngarana da kula apal kana rupa nu jadi dulur...”

“Ke .. urang mana...?”

“Urang Tasik , indungna datang ka anjeun hayang beunghar, tapi teu apaleun yen anakna rek dicokot dipake tumbal, ayeuna ceuk mata manusa mah anakna gering payah, tapi kula apal eta wanoja dibawa kdieu...”

“Oh ... Nu eta meureun tah anu dina gotongan keneh, sok tempo atuh.”

Barang breh ditingali bener bae éta teh wanoja anu keur dipapay sabab di dituna mah manéhna teh gering geus teu eling – eling.

“Enya bener anu ieu, sok atuh pulangkeun deui ka tempat asalna.”

“Hey gulang – gulang , anteurkeun deui ieu awewe ka tempat asalna, ayeuna pisan.”

Katingali eta anu ngagotong budak awéwé teh balik deui ka kulonkeun, ka arah tempat asal muasalna eta wanoja.

“Hai manusa ..., pamenta ajeun geus ditedunan, tapi pamenta kaula peupeujeuh anjeun ulah pipilueun kana urusan kula...”

“Kula beda alam beda kahirupan jeung anjeun, kula teu boga hak pikeun ngalarang anjeun, tapi ... mun aya jalma anu menta tulung akibat ulah bangsa anjeun anu nyokot tumbal, kula bakal datang deui ka dieu...”

Ngagerung deui tah si raja jin teh dijawab kitu mah, tapi teu dipake pikir isukan mah kumah behna, aya tugas deui mah pasti dijorag deui tah raja jin teh. Geus beres tugas gejlig indit ninggalkeun karajaan jin anu aya dipuncak gunung, teu pamit teu nyarita deui ngaleos bae bari mawa hate anu bungangang asa meunang perang.

Poe isukna aya deui tamu, cenah urang Tasik kajurungan ku kulawarga budak awewe tea, allhamdulillah tos damang deui ayeuna mah, ibuna ngahaturkeun nuhun tapi teu acan tiasa nepangan ka dieu, masih ginggiapeun cenah.

Keun bae da teu ieuh hayang dipulang jasa, nulungan jalma unu katideresa estu ikhlas ridho lillahi taalla, hirup di lembur teu ieu loba kahayang nu aneh – aneh, keur mah desa Patakaharja mah kawas anu dipiceun ku pamarentah. Di tengah jalan batu tingguruntul, logak lalegok matak tigurawil. (Patakaharja, Rancah, Ciamis)

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (2)

iwan

leres pisan eta carita teh, yen daerah etamah (pakidulan) masih keneh aya bangsa nu sok dijadikeun pamunjungan...

aden rangga pradita

Karunya teuing jalma model kieu...iman eleh deet ku zaman.. Munjung beakeun ku akal, beunghar sugih ku harta hayang, ari usaha jeung doa mumul... Nu kitu teh naon dakkk..... Baturna setan bungkeuleukan... Punten ah,,,

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: