• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Ahli jeung Kaahlian

Kénging Ensa Wiarna
Kintun kana Facebook

Ahli, ceuk kamus Sunda mah, nu bisa tur hade dina ngalaksanakeun atawa migawe hiji widang.  Mun ngalaksanakeun hiji pagawéan, kudu ku ahlina. Anggapan kitu mah universal.  Ceuk kekecapan agama gé, apan mun pagawéan dipigawé ku lain ahlina, kari ngadagoan ruksakna wé.

Pentingna kaahlian écés dina rupa-rupa kekecapan. Saperti the man behind the gun, ogé the right man on the right place. Eta gé gambaran pentingna kaahlian dina ngalaksanakeun pancén gawé.

Karuhun Sunda ngaku ayana rupa-rupa kaahlian. Kitu téh, kagambar dina naskah Sunda Kuno, Siksakandang Karesian. Cenah, gajah nyaritakeun leuweung, lauk nyaritakeun laut, soang nyaritakeun talaga, bangbara nyaritakeun kembang.

Pentingna rupa-rupa kaahlian, mekar rupa-rupa propesi. Méh dina sagala rupa nu tumali jeung kabutuh balaréa aya ahlina. Di dinya, pangajén kana propesi gé témbrés naker.

Pangajén ka ahlina, natrat ti mangsa ka mangsa. Ti baheula mula aya jalma-jalma nu ahli dina widangna. Pentingna ahli, gambaran ajén kana hiji pagawéan. Mémang, teu saban jalma bisa jadi ahli.

Baheula propési paraji (indung beurang) jeung paraji sunat kacida pada ngajénanana. Kitu téh, lantaran teu sagawayah jalma bisa nulungan nu rék ngajuru, ogé kacida arangna jalma nu bisa nyunatan. Jarangna propési kawas kitu, gambaran banggana ngalap élmu dina éta widang.

Dina jaman kiwari, propesi téh rupa-rupa naker. Leuwih loba pangabutuh, butuhna kaahlian gé leuwih rupa-rupa. Luhurna ajén propesi gumantung kana kabutuh nu pimakeeun éta hasil kaahlian.

Kumaha ari kapamingpinan? Nya tangtu wé, sarua luhur ajénna.  Ceuk Montesque, kaahlian dina ngurus nagara gé, rupa-rupa kaasup legislatif, eksekutif, jeung yudikatif. Tangtu, papasingan pancén gawé kawas kitu, ogé butuh masing-masing kaahlian.

Kaahlian, mémang penting pisan. Komo deui nu tumali jeung kasalametan. Mun numpak kandaraan, heug apal supirna ukur supir témbak, tangtu wé nu tumpak gé moal jongjon. Komo deui mun  tumpak kapal, heug pilot kapal  kakara diajar, nu tumpak kapal gé bakal gegebegan!

Dina kaayaan normal, kaahlian jeung mercaya ahlina, teu bisa dipisahkeun. Lantaran kaahlian téh jaminan, copélna, nu maké éta jasa ngarasa tingtrim. Bisa ngandelan harepan jeung kapercayaan, tujuanana bakal kahontal.

Kapercayaan kitu ogé wujud tina pangajén kana pangabisa batur. Cindekna, wujud pangajén kana kamampuhan atawa pangabisa pihak séjén. Nu kiwari mah katelahna téh propesional téa.

Upama mercayakeun hiji pagawéan ka ahlina, mémang ilahar. Lantaran kitu téh, wujud tina pangajén kana pangaweruh atawa pangabisa. Ku lantaran kitu, saha waé nu kapapancénan ngalaksanakeun pagawéan, nya kudu ahlina téa.

Mun ayeuna loba jalma nu ngarasa bisa padahal lain ahlina, bisa jadi kitu téh, gambaran kapercayan diri anu kacida kandelna. Ngan, antara bisa jeung ngarasa bisa atawa bibisaanan, kacida bédana!

Kétang, bisa disurahan rupa-rupa. Mun nu lain ahlina dipercaya jadi pamingpin, misalna, bisa jadi lantaran ‘lolobana urang’ geus teu normal, atawa teu percaya deui kana padika-padika nu biasa. ***  

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: