• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Di Rumah Sakit

Kénging Rumpaka
Kintun kana Facebook

“Tos ngalongok Haji Mabrur kamari mah, Lo.”

“Ti rumah sakit, Mang?”

“Enya.”

“Kumaha kaayaanana, Mang?”

“Alhamdulillah maju ka cageur katingalina mah.”

“Sukur atuh ari kitu mah.”

“Asa gararenah puguh di rumah sakit téh, Lo.”

“Ih, naha kalah nyebut genah di rumah sakit?”

“Maksud téh ruanganana bareresih, tiis henteu gandéng, perawatna daréhdéh saroméah.”

“Da atuh diopnameuna ogé di kelas hiji, Mang.”

“Bener, Lo.”

“Komo deui waktu ngalongok incuna Juragan Taud nu dirawat kelas VIP, Mang.”

“Leuwih genah ti kelas hiji nyah, Lo.”

“Nya heueuh.”

“Kawas di imah sorangan baé, Lo.”

“Emh.”

“Dilayani sacara istiméwa, Lo. Aya nanaon kari méncét bél, suster atawa perawat tuturubun nyampeurkeun. Éstuning dagdag-dégdég pisan.”

“Ngaranna ogé kelas VIP atuh, Mang.”

“Patukang tonggong pisan jeung Mang Komar, Lo.”

“Mang Komar salakina Bi Cicih loték, Mang?”

“Enya.”

“Patukang tonggong kumaha?”

“Manéhna mah diopnameuna téh di kelas tilu, Lo.”

“Maké Jamkesmas nyah, Mang?”

“Enya. Saruangan téh ngabarak, badis dipangungsian. Kaayanana matak sareukseuk. Aambeuan asa barau, teu sareungit kawas di rohangan VIP.”

“Nya heueuh atuh, Mang.”

“Nya heueuh kumaha ari Alo?”

“Nya heueuh da ari di kelas hiji jeung VIP mah aya duitan, mayarna mahal. Moal bisa disaruakeun jeung kelas tilu nu sagala haratis.”

“Heueuh ari kitu téa mah. Ngan ieu mah lebah perawatna, Lo.”

“Na kumaha kitu, Mang.”

“Sok aya baé nu buad-baeud. Judad-jaded. Tungi. Mun aya nanaon sok hararésé mariksa pasén téh.”

“Tapi henteu kabéh kitu pan, Mang?”

“Henteu ari kabéh mah, kapan tadi gé ceuk Mamang, sok aya wé hiji-dua mah.”

“Heueuh, wayahna wé. Da bongan jadi jalma leutik.”

“Papadaning kitu, Lo.”

“Kumaha, Mang?”

“Sok sanajan jalma leutik gé ari urusan kaséhatan mah, urusan nyawa, ulah dibéda-béda. Da sarua manusa. Sok sanajan ruanganana sareukseuk ogé pelayanan mah tetep wé kudu manusiawi.”

“Enya kitu idéalna mah, Mang.”

“Kapan kiwari ogé pamaréntah téh keur meumeujeuhna ningkatkeun program kaséhatan masarakat. Masarakat nu teu mampuh dibéré kemudahan, bisa diubaran atawa diopnameu di rumah sakit bari teu kudu mayar kapan, Lo.”

“Bener.”

“Rumah sakit teu meunang nolak pasén ti golongan masarakt miskin, Lo.”

“Kitu kuduna, Mang.”

“Tapi kamari-kamari aya kajadian anu matak ngenes, Lo.”

“Enya. Orok nu ngaran Dara téa mun teu salah mah. Kaayaanana kritis sarta dirujuk ka rumah sakit gedé, tapi tina dalapan rumah sakit gedé nu didatangan taya hiji gé anu narima, da puguh kolotna jalma miskin.”

“Enya, Lo. Nepi ka antukna éta budak téh tilar dunya. Teu kaubaran.”

“Asa teu logis lamun ti dalapan rumah sakit kabéhanana maké alesan pinuh mah, Mang.”

“Padahal ari urusan nyawa mah kuduna ulah ningali si miskin si beunghar nyah, Lo?”

“Enya, Mang. Kuduna mah pihak rumah sakit téh boga rasa kamanusaan.”

“Ari geus kajadian kitu kakara ribut. Rumah sakit nu bersangkutan pada negor. Malah aya nu usul éta rumah sakit téh diaudit.”

“Béjana mah Mang, kajadian jalma miskin anu tilar alatan ditolak ku rumah sakit téh lain sakali dua kali.”

“Beu.”

“Muga-muga baé kajadian Dera téh nu pamungkas, Mang.”

“Enya. Pihak rumah sakit sing katodél haténa. Boga kanyaah ka jalma miskin. Ulah ukur mentingkeun propit jeung duit wungkul, tapi ogé kudu merhatikeun kamanusaan.”

“Amin.”

***

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

heri

siapa suruh jadi orang miskin ........Emang.....Gue .......Pikirin

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: