• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Nulis Sajarah
Mimiti nu Pangdeukeutna

Kénging Rumpaka
Kintun kana Facebook
Mangle
Pamilon kursus daratang ti mana-mana [Potrét/Ilustasi: dok.pribadi]

Bahan nulis sajarah nyampak di mana-mana. Kari prakna! Ngan, hanjakal loba nu kapopohokeun. Balukarna, loba pakta sajarah nu sirna méméh kaungkab. Kumaha ngungkulanana?

Saha nu kudu nulis sajarah? Tangtu wé ahlina! Ngan, mun ukur ngandelkeun ahlina saperti kaum akademisi, tangtu wé peristiwa sajarah mangsa ka tukang téh moal waka kabéh téréh kaungkab. “Sajarah mah ‘terbuka’ saha waé gé tiasa nyerat sajarah,” ceuk Dr. Mumuh Muhsin, M.Hum., Dosen Sajarah Fakultas Ilmu Budaya (FIB) Universitas Padjadjaran (Unpad) Bandung.

Ieu dosen téh, bangun nu nyumangetan sangkan masarakat boga kadaék nuliskeun sajarah. Ajakan Dr. Mumuh kawas kitu, kasaksén waktu inyana jadi nara sumber Kursus Sajarah jeung Kabudayaan Sunda nu diayakeun ku Yayasan Masyarakat Sejarawan Indonesia (YMSI) kalayan gawé bareng jeung Majalah Basa Sunda Mangle ogé Museum Sri Baduga, Propinsi Jawa Barat.

 

Nu Pangdeukeutna

Bahan keur nulis sajarah, nyampak di saban tempat. Teu kudu nu jauh, lembur masing-masing gé bisa jadi bahan tuliseun sajarah. Kitu deui karuhun séwang-séwangan bisa jadi bahan keur nulis sajarah. “Aya sumber aya sajarah, teu aya sumber moal aya sajarah,” ceuk Mumuh Muhsin.

Sabenerna, urang Sunda mah engeuhna kana sajarah téh ti baheula mula. Kitu téh, kagambar dina kekecapan, “Dina kiwari ngancik bihari, nu ayeuna sampeureun jaga”. Kekecapan kitu, ceuk Dr. Mumuh mah, misti jadi panyundut sumanget urang Sunda dina narulis sajarah.

Ngan, kumaha kasadaran urang Sunda kana sajarah?  Ceuk paniténan Dr. Mumuh,  kurang kacida. Buktina, sajarah ngeunaan kasundaan gé saeutik pisan. “Balukarna, urang Sunda kiwari loba nu teu apaleun kana sajarah bangsana,” pokna.

Ku lantaran kitu, ceuk ieu Ketua MSI Jawa Barat téh, kasadaran kana sajarah séké-sélér bangsa sorangan téh kudu jadi tarékah balaréa.

Kasadaran nuliskeun sajarah, bisa dibaladah ti pribadi masing-masing. Asal aya karep jeung kahayang nu dibarung ku prakna. Keur tuliseun mah teu kurang-kurang lantaran di tempat masing-masing gé loba bahanna. Hartina, saha waé gé bisa nuliskeun tempat jeung karuhunna.

Najan unggal jalma ‘meunang’ nulis sajarah, tangtu wé kudu napak kana padika anu jinek. Lantaran tulisan sajarah mah engkéna gé kudu bisa kasusud ku saha waé upama ngagunakeun bahan jeung cara anu sarua. “Sajarah mah élmu émpiris,” ceuk  Mumuh deui. Hartina, kajadian sajarah téh bisa dibuktikeun atawa diuji iraha waé.

Dina nuliskeun sajarah, mémang kudu imeut jeung ‘kritis’. Bahan-bahan nu ngarojong kana jéntréna kajadian sajarah kudu diimeutan kalayan diakurkeun jeung sumber-sumber séjénna. “Lantaran hiji kajadian téh moal leupas tina kajadian séjén,” Dr.  Mumuh ka Manglé dina lolongkrang acara kursus sajarah. Cindekna, hiji kajadian téh, aya waktuna anu jinek aya palakuna anu tangtu, ogé aya bukti-buktina atawa paktana.

Di masarakat umum, sajarah téh pabaur jeung dongéng. Malah, teu jarang ukur dongéng gé dianggapna kajadian sajarah. Ngan, tangtu, dongéng gé gedé mangpaatna keur bahan ulikan sajarah mah, lantaran di antarana tina dongéng nu turun-tumurun gé bisa waé aya pakta-pakta sajarahna.

 

Nyingraykeun Lalangsé

Sajarah Sunda loba kénéh nu kareupeukan ku lalangsé. Ku lantaran kitu, masing-masing pihak gé ngarasa boga kawajiban keur leuwih nyadarkeun masarakat kana sajarah. Nu boga karep kawas kitu téh, di antaran YMSI Propinsi Jawa Barat nu diluluguan ku Prof. Dr. Nina H. Lubis, M.S. Nya ieu yayasan nu kalayan maneuh ngayakeun kursus kawas kitu téh. Nepi ka ayeuna, kursus kawas kitu téh geus opat kali.

Kursus Sajarah jeung Kabudayaan Sunda lumangsung sabulan campleng, saban poé Saptu. Tempatna di Museum Sri Baduga, Jalan BKR Bandung.

Nu jadi narasumberna, di antarana, Prof. Dr. H. Nina H. Lubis, M.S., H. Usep Romli, HM, Soni Farid Maulana, Herry Dim, Hana Rohana, Ensa Wiarna, Karno Kartadibrata, Drs. H. Elin Syamsuri, Dr. Mumuh Muhsin, M.Hum., Dr. H. Undang Ahmad Darsya, M.Hum., jeung Miftahul Falah, S.S. M.Hum.

Kursus nu lumangsung ti tanggal 2 - 23 Pebruari 2013 téh, meunang pangbagéa ti masarakat. Nu daptar hayang jadi pamilon gé jul-jol ti mana-mana, kaasup ti Bogor, Sukabumi, Purwakarta, Garut, jeung sajabana. Ngan, da pamilonna gé diwatesanan, ukur 40 urang. “Seueur kénéh nu hoyong ngiring, mung da tempatna diwatesanan,” ceuk Tuti salah saurang panitia éta kagiatan.

Pamilonna ogé ti rupa-rupa propési jeung golongan umur, aya mahasiswa aya ogé pangsiunan nu umurna 83 taun, saperti Guryama, urang Bandung. Ieu pamilon sepuh mah, memang biasa ula-ilu nambahan  ngeunaan sajarah téh. “Kanggo nambihan pangaweruh,” ceuk ieu urang Bandung téh.

Keur nu resep kana sajarah, pangpangna mah ngeunaan Bandung ka ieu pangsiunan PTT téh moal bireuk deui. Lantaran pangaweruhna ngeunana sajarah Bandang mah, hésé babandinganana. Ku lantaran kitu teu anéh, upama Guryama gé remen kadatangan ku nu ti mana nu ti mendi, nu maksudna nanyakeun sajarah Bandung ka ieu lalaki kalahiran taun 1925 téh.

Hadéna pangbagéa kana éta kagiatan  Prof. Dr. Nina H. Lubis, M.S., boga karep hayang ngayakeun kagiatan kitu kalayan mayeng. Karep kitu, dihaminan jeung dibagéakeun ku Dra. Ani Ismarini, Kepala Museum Sri Baduga. “Kagiatan kursus sajarah sapertos kieu luyu sareng garapan gawé pihak Museum Sri Baduga,” pokna. Ku lantaran kitu, inyana gé nyadiakeun tempat keur kagiatan-kagiatan kawas kitu dina mangsa nu bakal datang. Dina waktu pungkasan acara, ieu Kepala Museum téh miharep, kagiatan kursus taun hareup mah langkung euyeub. Misalna wae, ditambahan ku kagiatan, saperti ngayakeun pangdongdon ka tempat-tempat nu ngandung ajén sajarah. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: