• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Malim Onta
Kebon Binatang Bandung

Kénging Eep NR
Kintun kana Facebook
Mangle
Dikdik, Aep Rosid jeung Abdul Rozak, sapopoé ngurus onta. [Potrét/Ilustasi: eep]

Mun geus nurut mah tinggal ngareunahna. Maréntah onta gé bisa cukup ku isarat. Tapi kumaha hésé bélékéna supaya onta jadi tunggangan anu lindeuk, para malim onta Kebon Binatang Tamansari Bandung brukbrak ka Manglé

Saméméh dipercaya ‘nyekel’ onta, Abdul Rozak kungsi gawé téh di koperasi Kebon Binatang bagéan pembukuan. Terus ditarik jadi karyawan bagéan kebersihan. Geus kitu jadi keeper (penjaga) mamalia jeung primata saperti bagong jeung monyét. Kungsi ogé ditugaskeun ngurus maung jeung singa ngaban­tuan Pa Yayat Ruhiat  pawang maung anu sakaligus kapala urusan mamalia di kebon binatang. Malah ngurus aves (sabangsaning manuk) ogé kungsi dilakonan.

“Pokona ampir kagarap ngurus sato mah,” ceuk Abdul Rozak anu mimiti gawé di Kebon Binatang Tamansari Bandung téh ti taun 1990-1991.

Taun 1994 Abdul Rozak dikirimkeun ka Taman Safari pikeun diajar kumaha cara-cara ngurus onta. Méré parabna katut cara ngawaratna. Teu pati lila, sabab harita mah ontana ogé di kebon binatang téh tujuanana ukur keur ngeuyeuban sasatoan anu geus aya.

“Tongtoneun wungkul,” ceuk Rozak jeung Aep Rosid anu ayeuna pancénna dina onta tunggang.

Balik ti Taman Safari téh bari jeung ngadatangkeun ontana. Opat taun onta di kebon binatang téh ukur lalaojaneun wungkul. Taun 1998 pihak kebon binatang Tamansari Bandung ngadatang­keun onta, dokterna katut palatihna ti Ustrali. Malah ku sabab onta nu datangna ti Ustrali teh ngaliwatan heula kebon binatang Gembiraloka ti Jogja, palatih onta ti Gembiraloka ge sarua datang ka Bandung. Kurang leuwih sabu­lan Abdul Rozal digémbléng meruh­keun onta supaya bisa kaarah  gawena pikeun alat tunggang.

Maké basa Inggris ngalatih onta harita mah, sabab Mr. Steve Maiden palatih onta nu ti Ustrali téa ukur bisa basa Inggris wungkul, atuh daék teu daék Rozak gé kudu bisa diajar basa Inggris saeutik-eutikeun mah saperti nitah nangtung ka onta, nitah depa jeung sabangsana anu harita mah ngagunakeun basa Inggris.

Najan ukur sabulanan, latihan ti urang Ustrali téh napak nepi ka ayeuna. Rozak jadi ahli ngalatih onta.

“Hanjakalna wé ngan sakedap. Mun lami mah Mr. Steve Maiden di Bandung, panginten sim kuring ayeuna lancar basa Inggris,” Abdul Rozak mulangkeun panineungan.

Ku kaahlianana meruhkeun onta, taun 2000 Rozak kungsi boga murid ti Kebon Binatang Banjarnegara 2 urang. Dilatih di Bandung nepi ka pinterna. Geus pinter dianteurkeun deui ka Banjarnegara sakalian bari mawa ontana ti Bandung. Terus basa di Subang aya kebon binatang, Rozak oge ngalatih dua urang pikeun dijadikeun pawang onta. Dilatihna di Bandung ongkoh, di Subang ongkoh.

Abdul Rozak jeung Aep Rosid dua urang pawang onta anu kasebut senior di kebon binatang Tamansari Bandung geus welasna taun ngurus onta. Ayeuna mah teu pati ripuh teuing ari ontana geus nalurut jeung ngalarti mah. Ukur ku isarat, onta geus daék depa, nangtung jeung sajabana. Basa anu digunakeun ogé lolobana ku Sunda ayeuna mah. Tapi kadangkala sok ku basa Indonesia katut Inggris. Padahal keur ngamimitian ngalatih mah héséna kabina-bina.

“Badé beuheungna dikongkoyangan tambang gé sadinten nembé tiasa. Malahan tiasa langkung ti sadinten da onta téh sok abrét-brétan anu sok ngabahayakeun sanes wae kanggo pawang, tapi keur ontana nyalira,” ceuk Rojak.

Mun geus bisa ditalian beuheungna terus dititah leumpang, mugen. Hésé pisan daék majuna téh. Kapaksa sok di­singsieunan dibabuk ku hoé palebah anu teu pibahayaeun. Mun dititah leumpang geus daékeun, kakara dititah depa. Hésé deui waé.

“Nya kedah sabar wé,” ceuk Rozak jeung Aep.

Tahapan saterusna onta téh dipa­sangan sadel sapuratina. Mun éta geus lancar, kakara onta téh ditungtun pikeun diwanohkeun ka lingkungan tempat engké manéhna jadi alat tunggang keur nu daratang ka kebon binatang. Kituna téh bari dibeungbeuratan ku karung. Tah keur kitu téh nurutkeun Rozak mah onta teh sok totokér sésépak anu ngabahyakeun pisan. Mun tahapan-tahapan éta geus lancar kakara onta bisa dipaké alat tunggang.

“Tiasa dua sasih prosés dugi ka kitu téh,” ceuk Aep jeung Rozak deui.

Béda jeung gajah tunggang mun aya hujan gajah mah teu matak nanaon, onta mah lain. Tara ditunggangkeun wé. Sabab, lian nu tarumpakna ogé geus pasti arembungeun ari hujan mah, ontana ogé sok sésépak. Embungeun. Nu matak ari miripis mah ulah ngarepkeun urang bisa tumpak onta tunggang.

Danget ayeuna onta (Camelus Drome­darius) di kebon binatang Tamansari Bandung aya opat. Dua anu geus bisa dipaké alat tunggang, dua deui mah anakna kénéh.Kabéhanana ogé onta pupundakan (punuk) hiji ti Ustrali. Ngahaja cenah ngurus onta punuk hiji mah supaya leuwih kuat ku iklim di Indonésia hususna Bandung. Nu nyekelna ogé duaan deuih, Rozak jeung Aep. Tapi kadangkala dibantuan ku Dikdik jeung Dede Rahmat. Sakuriling tumpak onta urang kudu meuli karcis heula anu hargana sapuluh rébu.

 

Marajian

Kapadulian Rozak kana sasatoan nu aya di kebon binatang lain ukur kana onta waé. Meureun geus kitu wé naluri karyawan kebon binatang mah. Ayeuna Rozak sok ngurus binturung (artistic binturong, sato sabangsa careuh tapi leuwih gede jeung hirupna sok resepeun dina punclut punclut tatangkalan galedé). Diurus ti mimiti lahir tepi ka binturung téh bisa kakalacatan dina tangkal. Estu idena sorangan. Nu matak ceuk pangakuanana, ku lobana binturung anu bisa salamet nepi ka gedé téh pihak kebon binatang méré kadeudeuh mangrupa bonus.

“Atuda binturung mah upami ngalahirkeun téh ku indungna sok dicandak naék kana punclut tangkal. Seseringna mah nya sok murag paraéh. Ti dinya kawitna sim kuring gaduh emutan hoyong nyalametkeun téh,” ceuk Rozak.

Sakapeung anak binturung téh dibawa ka imahna disusuan maké dot. Isukna dibawa deui ka kebon binatang. Kitu jeung kitu nepi ka anak binturung téh kuat bisa dileupaskeun deui kana habitatna.

Anu matak reueus téh deuih Rozak jeung Aep leuwih ti sapuluh kali kungsi marajian lahirna onta. Anu mana onta-onta éta téh geus disebarkeun atawa ditukeuran jeung hewan sejen  saperti ka kebon binatang Ragunan, Pematang Siantar, Banjarnegara jeung Taman Safari.

Welasan taun pagilinggisik jeung sato meureun kungsi ngalaman aya anu ngadat atawa bengal saperti onta. Kumaha palakiahna tah?

“Nu penting mah urang kedah nyaah ka sato. Kedah terang kahoyong sato. Insya Alloh sato ge bakal nurut,” ceuk Abdul  Rozak anu dienyakeun ku Aep Rosid katut Dikdik. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: