• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Ani Rostiani, S.Sn.,M.H.;

Ketak Kaum Wanoja dina Legislatif

Kénging Rumpaka
Kintun kana Facebook
Mangle
kagiatan rakor forum komunikasi & kajian gender Jabar [Potrét/Ilustasi: Rudi]

 

Kalungguhan wanoja dina législatif kacida pentingna. Kitu téh, lantaran loba pisan pasualan jeung bangbaluh nu tumiba ka éta kaum. Geusan ngungkulanana, butuh kawijakan nu mihak ka wanoja. Hartina, ketak kaum hawa di parlemen jadi harepan jeung kabutuh sakumna pihak. 

Jumlah kaum wanoja di Indonesia téh 51 persén tina sakumna jumlah padumuk. Hartina, éta téh modal kamajuan bangsa nu kacida gedéna. Ngan, kanyatanana, dina nangtukeun kawijakan pulitik mah wanoja téh kawas nu teu walakaya. Balukarna, loba kénéh kaum wanoja nu katalangsara alatan ajén SDM éta kaum handap kacida.

Ilubiungna kaum wanoja dina pulitik, sabenerna mah geus aya dadasarna anu jinek saperti Pasal 20 Undang-undang No. 2 Taun 2008 ngeunaan partéy pulitik. Di dinya gé aya réngkolna nu nyebutkeun,  wanoja nu ngawakilan kaumna dina partéy pulitik téh sakurang-kurangna 30 persén. Katangtuan kawas kitu ogé, kudu diatur dina AD jeung ART masing-masing partéy pulitik.

Ayana undang-undang atawa aturan kawas kitu, kudu jadi lawang pamuka keur kaum hawa sangkan leuwih loba deui kasempetan icikibung dina rupa-rupa widang. Ngan, nu leuwih penting deui, sora wanoja nu bisa milu nangtukeun kawijakan di parlemén kudu leuwih kuat deui. Hartina, jumlah éta kaum nu ngawakilan wanoja di législatif, boh di tingkat puseur boh di daérah ogé sakurang-kurangna téh 30 persén kudu bener-bener katedunan!

Pakarepan méré lolongkrang ka kaum wanoja dina widang pulitik kawas kitu, nyatana mah, can kacumponan. Malah, waktu harita, tina pilihan umum 2004, kaum wanoja dina badan legislatif jeung eksekutif téh ngan 9 persén, padahal jumlah kaum wanoja harita  109, 14 juta jiwa.

Pameredih sangkan kaum wanoja ngabogaan kalungguhan nu leuwih jinek tur leuwih bisa milu nangtukeun nasib kaumna, mémang lantaranana mah kateuadilan nu tumiba ka éta kaum. Kituna téh témbong jeung karasa ku kaum wanoja ti mimiti balita nepi ka déwasa. Pangwiwilah kawas kitu, tumali jeung adat, budaya, jeung ‘persepsi’ agama nu lumangsung ti waktu ka waktu nu ngaliwatan lolongkrang mangsa puluhuan taun. Ku lantaran kitu ilubiungna wanoja dina pulitik boh di tingkat lokal, nasional, ogé internasional teu gampang lésotna tina budaya patriatik (nu nganggap leuwih unggulna lalaki batan awéwé) nu kacida ngakar jeung kuatna dina budaya di lemah cai urang.

Kumaha ilubiungna kaum wanoja dina prosés démokrasi? Sabenerna mah loba andilna kalayan milu bajuang babarengan jeung kaum wanoja. Dina ngamajukeun ieu bangsa ogé teu éléh ku kaum lalaki.

Ti waktu ka waktu, kaum wanoja teu cicingeun. Ti mimiti milu ngamerdekakeun ieu bangsa, ngusir jeung nolak gerakan komunis, kaasup ngaruntuhkeun rezim Orde Baru, kaum wanoja milu andil. Nilik ka dinya, ketak kaum wanoja teu éléh ku lalaki.

Dina widang pulitik, kaum wanoja, sabenerna mah bisa ngamangpaatkeun affirmative action, katangtuan kuota 30 persén. Ngan, tangtuna gé kudu aya karep nu kuat ti masing-masing pribadi kaum wanoja sangkan daék ancrub kana dunya partéy pulitik. Saterusna, kudu boga karep nu kuat ogé dina nyalonkeun diri jadi anggota legislatif boh di tingkat puseur boh daérah. Kitu deui, ieu kaum gé kudu ilubiung dina pilihan umum saperti  jadi panitia pilihan umum (pemilu) atawa pangawas pemilu ti mimiti tingkat nu pangahandapna, kaasup di tingkat kalurahan/desa jeung kacamatan.

Kadaék kitu ogé, kudu meunang pangrojong ti lingkungan nu pangdeukeutna, saperti ti kulawarga jeung masarakat. Lantaran ‘panjang léngkah’ awéwé, butuh pandeudeul anggota kulawarga séjénna.

Dina sisi séjén, kaum ibu gé ulah cicingeun upama dirina ngarandapan nu matak ngarugikeun dirina. Cindekna, kudu leuwih sadar hukum, ulah ukur tumamprak kana nasib nu karandapanana. Upama dina hiji waktu dirina ngarandapan paripolah nu matak teu genah ti pihak séjén, komo deui nu patukang-tonggong jeung kaadilan, nya sakuduna leudeung mawa éta kasus kana jalur hukum. Lantaran mun ukur cicing komo deui ukur sumuhun dawuh mah kacida teu sajalanna jeung upaya nanjeurkeun hukum ogé proses demokratisasi nu samistina dibajuangkeun ku sakumna pihak.

Upama kaum wanoja mampuh ilubiung sacara pinuh dina rupa-rupa kahirupan, teu mustahil prosés pangwangunan nu dipiharep téh bakal gancang-gancang kahontal. Atuh, mun teu sagemblengna kahontal gé, bakal loba udagan-udagan nu katepi. Hartina, upama miharep partisipasi sapinuhna ti kaum wanoja, sawadina upaya ngawalakayakeun kaum wanoja, teu bisa ditunda-tunda.

Patékadan ancrub kana dunya pulitik nu saterusna ilubiung dina legislatif, keur kaum wanoja mah mémang teu gampang. Mun hayang jadi wawakil rahayat gé, apan kudu ngaliwatan tilu tangtangan. Kahiji, mimiti dirina sorangan nu nimbang-nimbang pribadina; kadua, dipilih jeung ditimbang-timbang ku partéyna; ka tilu dipilih ku nu boga hak pilih dina pilihan umum.

Bangbaluh mimiti, mémang datangna ti diri pribadi éta calon. Ti saméméhna kénéh gé bakal nimbang-nimbang diri atawa mapantes dirina. Saterusna, inyana ogé bakal  nimbang-nimbang lingkungan nu bakal diasupanana. Mémang, kanyataan nepi ka danget ieu kapercayaan diri kaum wanoja ancrub kana widang pulitik téh handap kénéh. Pasipatan kawas kitu bakal mangaruhan kana kakuatan éta kaum dina makalangan di rohang publik nu memang nepi ka danget ieu mah dianggap ‘pamali’ kénéh ku masarakat patriarki.

Bangbaluh kadua, nyampak dina lingkungan partéy pulitik. Di dinya galib ayana nominasi atawa pihak-pihak/pribadi-pribadi nu dianggap punjul. Kaayaan kitu bisa rupa-rupa sabab, di antarana aya nu leuwih neueulkeun sentralisasi ogé partisipasi. Nu disebut mimiti leuwih ditangtukeun ku pingpinan fraksi. Ari nu sipatna partisipasi mah leuwih bruk-brak, méré lolongkrang ka pihak mana waé nu leuwih mampuh ngemban pancén gawé. Tah, dina partéy nu pasipatanana bruk-brak, kaum wanoja gé leuwih boga lolongkrang pikeun nempatan calon di éta partéy. Di dinya, kaum hawa bisa némbongkeun ajén diri luyu jeung kamampuhanana.

Tumali jeung kuota, bisa lumangsung kalayan rupa-rupa cara. Kahiji, aya kuota nu dumasar kana undang-undang.  Ku cara kitu mah, aya pasaratan sakurang-kurangna sangakan kaum wanoja bisa kapilih. Kadua, ngaliwatan aturan pilihan umum nu ngadongsok sangkan saban partéy nangtukeun kandidat wanojana sacara pasti. Nu kawas kieu mah, mémang dirojong ku Undang-undang No. 2 taun 2008. Tumali jeung hal ieu, sabenerna méh saban partéy pulitik ngabogaan sumanget nu sarua dina ngarojong éta kaum ancrub jeung jaradi kandidat di partéyna. Hartina, geus aya kasadaran perluna kasaimbangan antara kandidat lalaki jeung awéwé. Ngan, ari dina prak-prakanana mah teu babari. Komo deui partéy-partéy nu dadasarna Islam, hayang nyumponan kuota téh  dua kali leuwih hésé batan partéy-partéy séjén. Hartina, dina partéy séjén teu babari komo deui nu dadasarna Islam. Hal kawas kitu tumali jeung ‘persepsi’ ajaran agama ogé ulama nu teu pati ngarojong kana kailubiungan kaum wanoja kana dunya pulitik. Katilu, perelu ‘kaguyuban’ pakarepan LSM, kaum wanoja di parelemen, organisasi wanoja, ogé media masa. Sabenerna kaum wanoja di parlemen ogé boga karep ngawangun ‘kaukus perempuan’ nu garapan gawéna meuntasan tapel wates partéyna masing-masing. Tujuanana, ngawangun kasapukan bajuang geusan leuwih ngawalakayakeun kaum wanoja dina rupa-rupa widang.

Teu gampangna kaum wanoja ancrub kana widang pulitik, mémang lantaran pangpangna mah pasualan kultural. Kahirupan nu teu leupas tina budaya, salawasna mangaruhan kana paripolah jeung anggapan. Nu boga karep ancrub kana dunya pulitik, ogé masarakat lingkunganana, teu leupas tina pangaruh budaya.

Anggapan kaum wanoja mah leuwuh pantes ngurus hal-ihwal rumah tangga jeung kulawarga, masih kuat di masarakat. Dina masarakat kawas kitu, masih kénéh boga  anggapan ayana pagawéan/propesi nu pantes jeung teu pantes dipilampah ku wanoja. Anggapan kitu ogé terus nurun ti generasi ka generasi, jadi kabiasaan pribadi, kulawarga, ogé masarakat. Balukarna, nu méngpar tina éta budaya, dianggap ‘kurang hadé’ ku masarakat lingkunganana.

Ayana anggapan kitu, tangtu wé kudu dirobah. Kudu aya pihak-pihak nu bisa mupus anggapan kaliru. Kasadaran ‘gender’ perelu walatra di saban pihak nu dipiharep anggapan-anggapan salah bisa dirobah. Masarakat atawa lingkungan sabudeureunana kudu paham, yén nempatkeun wanoja dina pulitik teu sing salah. Malah, ku cara kitu, prosés démokratisasi nu dipiharep balaréa bakal gancang tinekanan.

Ahirna, geusan nyadarkeun balaréa kana pentingna wanoja dina widang pulitik, butuh gawé babarengan sakumna pihak, saperti Lembaga Swadaya Masyarakat (LSM), organisasi masa, jeung media masa. Hartina, atikan pulitik ogé advokasi pulitik nu neueul kana kapentingan kaum wanoja kudu leuwih digiatkeun kalayan dibarung ku prak-prakanana. *** 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: