• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Ngadu’akeun “Manglé” di Jabal Rohmah

Kénging H. Usep Romli, HM
Kintun kana Facebook
Mangle
Mangle di Jabal Rohmah [Potrét/Ilustasi: dok.pribadi]

Pareng indit umroh, 1-10 Maret 2013, bari mekel majalah “Mangle” sababaraha nomer. Basa towaf, jeung sa’i,  ngahaja dibabawa. Ditilepkeun kana kantong sendal. Atuh basa jarah ka Jabal Tsur, Jabal Nur, Arofah, Mudzalifah, Mina jeung Ja’ronah, dibabawa deuih. Malah di Jabal Rohmah, patempatan paling istimewa di Arofah, kaburu dipotret sagala. “Mangle” dipotret make latar kasang tugu Jabal Rohmah.

Itung-itung ngadu’akeun. Mugia ieu majalah Sunda nu umurna nincak 56 taun teh, mulus rahayu berkah salamet. Nanjung apanjang-apunjung. Tangtu bae kaasup sakabeh karyawanna, ti pupuhu, redaksi, staf, nepi ka bagean-bagean sejenna, sing sehat wal afiat, jagjag waringkas, jauh balahi parek rejeki.

Bet kagagas keur ngacungkeun “Mangle” dipotret di Jabal Rohmah. Rus-ras ka jaman  mimiti lelengkah halu ngarang.  Sanajan dimimitian di rohangan “Kujang Putra” kalawarta “Kujang” taun 1967, ari  ngamatengkeun kaparigelan jeung pangalaman mah, nya di “Mangle”. Teu poho, hadiah Al Fatihah ka opat jalma nu ngajeujeuhkeun nulis di “Mangle”. Kahiji, tangtu Pa Haji R.Oeton Muhtar (1908-1980), nerbitkeun “Mangle” di Bogor, kadua garwa Ny.Rd.Hj. Rochamina Sudarmika. Katiluna H.Rahmat M Sas Karana (1942-2002), jeung kaopatna Ki Umbara (1914-2004). Fi barkati al Fatihah…….

Januari 1968, diajak ku Rahmat M Sas Karana, nu geus jadi panyajak Sunda kawentar ku karyana nu dikumpulkeun dina “Ombak Laut Kidul” (1966), nu dileler Hadiah Sastra Moch.Ambri ku Paguyuban Pangarang Sastra Sunda  (PPSS) th.1967, ka kantor “Mangle”. Harita masih keneh di Jl.Buah Batu 45. Ngahji jeung bumi Pa Oeton. Tepung tuluy ruket gaul jeung Rahmat di “Kujang Putra”. Diwawuhkeun ku Kang Hidayat Soeryalaga (1940-2007) nu jadi pamingpin redaksi kalawarta “Kujang”.

Nyemah teh ditampa langsung ku Pa Oeton. Di dinya nyampak Ki Umbara. Atuh pada nanya ku dua kasepuhan sastra Sunda. Pada ngabageakeun. Mutuh matak conggah budak ngora umur 19 taunan nu keur utag-atog neangan jalan kamandirian.

Malah saur Pa Oeton :

“Ari ti Limbangan mah, komo ti pasantren, kudu jadi bujangga. Apan Limbangan jeung Garut geus kace luk jadi huluwotan para bujangga Sunda. Ti jaman Kiyai Hasan Mustapa, Haji Muhammad  Musa, Raden Candra nepi ka kiwari….saha teh geuning, Mat,entragan Mamat nu getol nulis sajak teh?” Pa Oeton malik ka Rahmat M Sas Karana.

“Apip Mustopa,”jawab Rahmat. “Mang Ola. Seueur asana….”

“Tah enya eta….”saur Pa Oeton bari ngamanggakeun ngahanca susuguh. Cikopi kentel jeung kere anak mujaer semu amis. “Tah kere mujaer, pangirim ti urang Limbangan mangkukna. Lumayan.”

Jeung Ki Umbara mah, ngobrol soal ngungkaban deui dongeng-dongeng heubeul keur barudak. Bangsaning sakadang kuya, sakadang peucang, diraeh ku basa jeung gaya kiwari. Diluyukeun kana kaayaan lingkungan sapopoe nu gampang dipikawanoh ku barudak. Saran Ki Umbara ieu, diestokeun pisan. Sajaba ti nulis carpon, sajak jeung essey, oge artikel-artikel “human interest”, mindeng nulis dongeng. Boh dina basa Sunda boh  dina basa Indonesia. Genep taun ti harita (1974), bet diparengkeun jeung Ki Umbara babarengan meunang honor buku bacaan barudak nu dibeuli ku proyek Inpres. Rata-ratya 24.000 (dua puluh opat rebu) eksemplar sajudul. Dibayar kontan.  Puguh we medah-meduh. Boga duit ratusan rebu jaman harita (paling saeutik Rp 150.000), kasebut beunghar kabina-bina. Bayangkeun,. Harga kapling 200 m2 di Turangga Bandung, masih keneh Rp 250.000.

Nya nganuhunkeun pisan ka Ki Umbara nu mere jalan pikeun nulis dongeng barudak. Geuning karasa mangpaatna. Tepung di penerbit “Pustaka Jaya” pimpinan Ajip Rosidi, Jl.Cikini Raya 73 (Taman Ismail Marzuki) Jakarta. Ki Umbara karek jol, dijajap ku Eto Saleto, supir “Mangle” kana jip Nissan. Kuring rek  mulang (bareng jeung Uwa Samsudi, Kang Sayudi, Kang Min Resmana nu sarua meunang proyek Inpres).

Rahmat M Sas Karana jeung Abdullah Mustapa ge sarua meunang. Sajudul sewang. Tapi teu kungsi bareng nyokot honor ka Jakarta kawas nu sejen.

Amanat Pa Oeton ngeunaan kudu jadi “bujangga”, pedah urang Limbangan, diestokeun pisan. Najan teu rumasa ngahontal tarap bujangga, ari semet pangarang biasa mah, nya lumayan bae. Geus mampuh ngahasilkeun karya-karya nu diwujudkeun dina buku. Atuh pangjurung ti redaktur “Mangle” katarimakeun pisan deuih. Kawas ti Us Tiarsa R, redaktur “Mangle” (1968-1972), nu  leukeun mariksa naskah kuring, kalawan diimplik-implikkan :

“Akang hayang Usep ngarang kalawan daria. Ngarang karya sastra. Jadi wayahna lamun nu asal-asalan mah ku akang ditolak.”

Alhamdulillah jeung Us Tiarsa terus babarengan jadi karyawan/wartawan “PR” nepi ka sarua pangsiun taun 2004. Malah ditambah ku Rahmat M Sas Karana, jeung Yayat Hendayana, katelah “empat sekawan”. Abring-abringan ka ditu ka dieu, nyorang hirup “bohemian”.

Atuh jeung “Mangle”, ruket dalit. Najan lain karyawan, larbek ka dinya. Tempo beakeun ongkos, bisa “kasbon” ka Ino (keuangan) atawa ka Ai Nawangsih (kasir). Taun 1980-an mah, “Mangle” jadi pamungpungan para sastrawan Sunda. Ngadon ngobrol sili guar pangalaman. Dahar nginum babarengan. Keur kakarek usum “yoghurt”, gigireun kantor “Mangle” aya nu dagang. Atuh payu. Mimindengna ditarktir ku Eddy D Iskandar nu harita hojih ku honor buku “pop” karyana nu difilmkeun, samodel “Semau Gue” , Puspa Indah Taman Hati” , “Gita Cinta dari SMA”, jsb. nu nyohorkeun bentang film rumaja Rano Karno, Yessy Gusman, Dewi Irawan, Lidya Kandow, jsb.

Matak khusyu pisan ngadu’akeun “Mangle” katut jajaranana, para karyawanna,dalah para pangarangna, nu papada bajuang nanjeurkeun komara basa, sastra jeung budaya Sunda. Di Jabal Rohmah nu dipercaya minangka tempat tepungna Nabi Adam jeung Babu Hawa sabada turun ka alam dunya.***  

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: