• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Nu Hayang Sawer-wereun

Kénging Nyi Roro
Kintun kana Facebook

Pras pris sora  hujan masih kénéh kadéngé. Hawa kacida pisan tiisna. Jurungkunung kuring nangtung tuluy nilepan sajadah. Golédag kana enggon bari masih kénéh maké mukena urut shalat Magrib. Haneut.

Karék gé rék ngalenyap, sada SMS asup. Nan, anteur ka toko mébel Jaya yu! Aralus barangna geura.  Sihoréng ti Ikeu. Sok baku si éta mah ari ngajak ulin téh  lagu saré, matak naon atuh tadi beurang? 

Ari teu dianteur karunya deuih... Ikeu téh teu boga batur pakukumaha, manéhna  randa teu boga budak, dipangbegérkeun ku salakina nu kabur jeung awéwé séjén. Ikeu geus pahatu lalis, boga gé adi hiji-hijina ngumbara jauh ka luar nagri.

Kurunyung deui SMS ti Ikeu nu unina mébel téh bisa dianjuk. Kuring langsung ngoréjat ari nyaho bisa  dianjuk mah. Susuganan. Sugan aya nu cocog. Sugan teu mahal régana. Sugan duit pangabutuh bulanan bisa dikilir-kilir. Meuli henteuna mah, kumaha engké baé. Untung barudak jeung bapana keur arulin ka imah mítoha, jädi rék iinditan gé moal aya nu merenyéng hayang milu. Kuring langsung ngaSMS salaki, ngabéjaan rék nganteur Ikeu sakeudeung. Ku salaki ukur dibales, heug.

“Tiiittt! Tiiit!” klakson Nissan Juke kelir beureum nu Ikeu eureun di hareupeun imah kuring. Najan randa gé Ikeu mah da turunan jalma beunghar ti dituna. Basa jumeneng kénéh, bapana Ikeu pangusaha jugala loba warisanana. Kiwari Ikeu gé digawé jadi PNS di kabupatén, golonganana geus  luhur. Hirup sorangan keur Ikeu mah medah-meduh loba leuwihna.

Sapanjang jalan ka toko mébel, kuring jeung Ikeu galécok ngobrol ngalér ngidul sagala diomongkeun.

"Keu, jauh kénéh ieu téh? Aduh hayang kiih mani asa sawér-wéreun," ceuk kuring ka Ikeu perbawa ku hawa tiis jadi bésér. "Sarua Nan, uing gé hayang kiih! Ké sabar, keudeung deui nepi," walon Ikeu bari ngagas mobilna.

Nepi kanu dituju, toko mébelna geus tutup.

"Ih, naha nya Nan, wayah kieu toko téh geus tutup? Da biasana mah sok muka nepi ka jam dalapan peuting?" ceuk Ikeu bari ningali jam dina leungeunna nu karék jam tujuh leuwih saparapat.

"Cik urang téang ka tukang Keu, sugan wé aya". Kuring jeung Ikeu tenga-tengo ka tukang. Hanjakal suwung. Kaayaan mani tiiseun pisan lian ti sora gaang nu réang mah, euweuh jelema nu ngulampreng saurang-urang acan.

"Keu, aduuuhh hayang kiih geus teu kuat yeuh, kumaha atuh? Moal enya ari kudu kiih dina calana mah?" kuring muringis bari nyengkongkeun pingping suku katuhu kana pingping suku kénca bari dongko.

Ikeu rurat-rérét sugan aya jamban nu bisa dipaké.

"Nan, kumaha mun urang ngilu kiih ka imah itu? Piraku teu meunangeun mah?" Ikeu nanya ka kuring.

"Hayulah, geus teu kuat!" ceuk kuring bari berengbeng lumpat miheulaan Ikeu

Nepi ka tukangeun imah éta, kuring  ngetrokan panto bari uluk salam. Euweuh nu némbalan. Keketrok deui, angger tiiseun. Geus teu kuat, panto disurungkeun. Teu sakara-kara, muka! Hadeuh, mun ti tatadi.

“Punten, badé ngiring kahampangan!”ceuk kuring rada tarik bari culang-cileung néang jamban. Sihoréng jambanna aya dijuru éta rohangan pagigir-gigir jeung dapur.

“Mangga!” ujug-ujug aya sora awéwé némbalan, ceuk kira-kira kuring mah ayana di patengahan imah.

Kaayaan kamar mandi teu bisa disebut alus, tapi lumayan bararesih. Rada héméng ogé, téhelna garing jiga nu teu dipaké geus sababaraha poé. Cai dina bak aya satengahna, sisiuk diteundeun dina luhur bak. Masing geus pangseng hayang kiih gé, da kuring mah teu payaan, kudu baé nitenan kaayaan néang cai pikeun ombéh. Aya, ayana mah cai dina bak,  tapi éta cai can puguh beresih.

Keran cai ngajaran dibuka. Tah geuning, aya caian. Cai nu nyurulung kana bak mandi ditandéan ku sisiuk. Teu kaampeuh, buru-buru muka calana tuluy wééér… Hadeuh, nuhun Gusti mani ngemplong. Geus réngsé mah kuring kaluar, piligenti jeung Ikeu nu geus nungguan di lawang panto.

“Ibu… Ibu…! Hatur nuhun!” kuring gegeroan ka nu boga imah, bada Ikeu geus réngsé. Nu boga imah teu nembalan. Jempling. Kuring silih rérét jeung Ikeu bari buru-buru ngajak ka luar, naha ieu bulu punduk ngadak-ngadak maruringkak?

“Sami-sami!” ujug-ujug aya sora awéwé nyelengkeung ti lebah imah éta. Kuring jeung Ikeu geus rada jauh ti dinya langsung ngalieuk ka asal éta sora. Kacaaangan ku lampu nu ngan ukur lima watt-an, bréh katingali aya awéwé nangtung hareupeun panto maké daster batik. Najan ukur renyem-renyem, teu pati jelas nitenan beungeutna, rambut eta awewe panjang ngaliwatan tak-tak. Kuring jeung Ikeu imut bari rengkuh, ngajénan nu boga imah.

Nepi ka hareupeun toko, Ikeu mencétan hapéna rék nelepon nu boga toko mébel. Aya kana saparapat jamna karék ngurunyung nu boga toko mébel maké mobil kol buntung.

“Aduh, hapunten Bu Ikeu, lami nya ngantosan abdi?” ceuk nu boga toko mébel bari nyolongkrong ngajak sasalaman, ngaranan Pa Imron.

“Lami pisan, dugi ka hoyong kahampangan gé ngiring ka tatangga Pa Imron”, ceuk Ikeu bari api-api baeud.

“Tatangga nu mana?” Pa Imron nanya.

“Étah nu pengkereun, untung wéh bageur”, walon Ikeu.

Pa Imron ngarenjag bari kerung, tapi manéhna teu loba carita tuluy muka panto toko ngahaturanan linggih. Kuring kuat ka molohok ningali jero toko nu ublug-ablag mani pinuh ku mébel kayaning lomari, korsi, bupet, ranjang, eunteung, pipinding jeung réa-réa deui nu dijieun tina kai jati. Mani aralus modélna, wareweg jeung rapih jieunanana. Jaman kiwari téa atuh nyiar kai alus téh héséna kabina-bina. Pasti lain beuli-beulieun ieu mah, regana gé moal cukup sajuta dua juta.

“Mangga Bu, bilih aya nu kaanggo. Tiasa dicicil," ceuk Pa Imron ka kuring. Tamba éra, kuring kuralang kuriling ningalian. Ikeu mah geus beubeunangan sasét méja makan katut korsina. Manéhna gugupay di beulah ditu. Ku kuring digupayan deui.

"Bu Ikeu sareng Bu Nani mani wantunan ngiring papang di bumi éta," ceuk Pa Imron basa réngsé jual beuli jeung Ikeu, da kuring mah masih kénéh mikir-mikir.  Bogoh mah bogoh ka hiji pipinding, rencana mah keur mindingan dapur ambih teu katempo teuing ti tepas. Rék bébéja heula kanu jadi salaki, bisi dicarékan.

"Kunaon kitu Pa?" kuring jeung Ikeu nanya ampir bareng.

"Har, kutan teu terang?" Pa Imron kalahka nanya. Ikeu godeg, kuring ge sarua.

"Pan tos tilu dinten bumi éta téh kosong, da nu gaduhna sakulawarga parupus aya nu ngabaruang,”ceuk Pa Imron deui.

Ngadéngé kitu, kuring jeung Ikeu ngajenghok reuwas kabina-bina, laju papelong-pelong.

“Ah, piraku Pa? Ari nu tadi saha atuh?” kuring nanya deui da asa teu percaya kana tetempoan tadi.

“Nya duka saha éta mah, mung titingalieun Ibu panginten. Sok, mangga geura pilari dina koran, atanapi dina internét. Da waktos kajantenan seueur pulisi sarang wartawan ka dieu. Numawi toko abdi nu biasana mah muka dugi ka tabuh dalapan wengi, ti saprak kajantenan mah mung dugi ka magrib. Tatanggi nu sanés gé biasana sok ramé, ayeuna mah ngararingkeb manéh da sarieuneun”, Pa Imron ngajentrékeun.

“Iiiihhh… kutan kitu Pa? Hayu ah Nan urang aruih! Mangga Pa Imron, dikantun heula nya.  Meja makan sareng korsina wios dijajapkeun enjing baé ka rorompok. Hatur nuhun…” ceuk Ikeu buru-buru ngabetot leungeun kuring.

Basa mobil rék ka luar ti buruan toko, kuring ngawani-wani manéh ningali ka lebah imah éta, mani tiiseun. Mobil nu disupiran ku Ikeu ngadius, teu sirikna ngebut ninggalkeun toko.

Geus rada jauh, Ikeu ngalaunkeun mobilna. Panon kuring manco kana hapé, ngahaja lalayaran di internet, maluruh sugan baé meunang info. Bray, manggih situs surat kabar lokal nu nyaritakeun yén tilu poé katukang aya rajapati di wewengkon éta, sakulawarga ditelasan pédah ditagih hutang ku jalan ngabaruang maké potas. Ngahaja ku kuring macana ditarikkeun sangkan kadéngéeun ku Ikeu.

“Nan, jadi nu tadi téh jjuuur…” Ikeu ngomongna teu kebat, manéhna ningali tina kaca spion aya awéwé rambutna panjang, make daster batik keur diuk di jok tukang. *** Saung Indung, 18 Pebruari 2013

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

mang yono

iyyyyyyy,........................

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: