• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Lembur Kuring

Kénging Holisoh ME
Kintun kana Facebook

Léngkah ngarandeg lebah gundukan taneuh nu meunang nyungkalan ku buldozer. Mani ngagunung, cacak dikeureuyeuh diakutan ku treuk baradag, nu taya eureunna, bulak-balik. Kateuing ka mana diakutna.

“Sugan téh lain Anih! Mani pangling!” kadéngé sora Emin, sobat ti keur ésdé kénéh. Sirah ngalieuk. Emin ngais budak bari leungeun nu sabeulahna nanggeuy mangkok eusi bubur. Keur ngahuapan budakna meureun bari dibawa ulin.

“Puguh geus sono ka lembur téh, Min! Mana aya peré dua poé gé balik wé. Hayang tepung jeung kolot. Mani ngalangkang waé na kongkolak panon. Calageur kitu Ema uing téh, Min?” tanya téh daria.

“Calageur ! Kamari gé bareng jeung uing menerkeun cai ka girang,” témbalna bari ngelap biwir budak ku oto nu meulit na beuheung budak.

“Bedegong kolot téh. Padahal ku uing geus dicarék, ulah menerkeun cai sorangan, kajeun muruhan, nitah batur. Duit keur muruhanana apan ditinggalan,” ceuk kuring rada kuciwa.

“Biasa geus kolot mah sok bedegong!” ceuk Emin bari nyikikik seuri. Biwir nyéréngéh.

“Rék dijieun naon deui waé kebon téh, Min?” tanya kuring daria. Rada hanjelu, puguh ieu nu dikeduk taneuhna téh, apan kebon nu sakitu upluk-aplakna.

Nu panglegana mah kebon Mang Hanan, urang lembur kidul. Sésana mah ukur saluwuk-saluwuk, ngan kolot kuring mah  teu bogaeun kebon di dieu, da di tonggoh, kitu gé ukur satalapok munding. Jeungna deui, na rék dijieun nanahaon deui kebon, sawah di lembur téh  ngan disungkalan waé? Taun mangkukna, sawah kelas hiji nu lendo, diurug dijieun perum. Mangkaning puluhan héktar, da nyieun imahna gé nepi ka sarébu lima ratus unit. Kabayang, patani leungiteun pagawéan. Nu ngeusian éta perumahan téh, kabéh gé taya nu wawuh! Da lain urang lembur dieu.

Lain urang desa ieu. Ayeuna geus der deui, kebon dibuldoser, atuh bakal leungit pacabakan urang lembur téh. Kangaranan duit, kurang-kurangna teu bisa nyekel mah, béak sakeudeung gé. Buktina? Nu sawahna taun mangkukna bareunang ku perumahan gé, pan ayeuna mah buburuh ngabedug. Duit laladanganana téh ludes. Karunya. Da éta bodo téh dikarukut. Kuduna mah tong daraék ngajual najan diririhan najan dibibita gé. Geus salangsara mah, taya nu miroséa.

“Cenah mah rék dijieun toko gedé nu sagala aya.” témbal Emin asa-asa.

“Beu, atuh karunya ka Bi Acih, ka Bi Uha, dagangna moal payu!” témbal téh.

“Heeh, ieu mah kakara ceuk cenah ceuk béja nu geus sumebar di lembur.” témpas Emin.

“Bisa jadi. Pan ayeuna jalan ka urang geus diaspal. Dilegaan. Perum geus aya. Jaba apan kacamatan téh deuk pindah cenah ka dieu!” ceuk kuring daria.

“Lain deuk pindah! Enggeus! Geus anyégléng di tonggoheun Masjid Al Muhajirin. Geus dieusian, mana beuki kerep mobil nu lalar liwat ka jalan urang téh.” Ceuk Emin bari ngahuapkeun bubur nu kari sasendok deui kana sungutna. Geus waregeun meureun anakna mah. Kuring ngarénghap panjang. Emin mencrong kana beungeut.

“Engké mah mun hayang sampeu hayang lalab téh kudu ka pasar, moal bisa putak-petik di kebon!”

“Nya heueuh, ari kebonna beak dipake pangwangunan mah.”

“Enya, uing mah karunya ka kolot! Geus biasa buburuh nyungkal, ngagaru, macul, pék ayeuna mah meureun moal aya nu nitah. Deuk timana dalaharna? Uing batan sakieu.”

Kuring teu ngajawab. Sabab sorangan gé keur ngagolak haté téh, manghanjelukeun. Na kunaon atuh maké  dijarual kebonna? Lamun geus katalangsara deuk narulungan moal tah calo-calo tanah nu tukang ngolo-ngolo urang lembur téh?  Sakali deui kuring ngarénghap panjang.

“Hayu, Min urang balik!” ceuk kuring bari gap kana kérésék gedé, eusina dahareun. Wadah salin mah dina rangsel, naplok na tonggong.

“Hayu!” Ceuk Emin haripeut.

Bring duaan arindit, mapay jalan anu geus diaspal. Ngeunaheun, teu ngebul ari diaspal mah. Ngan karasa ngahéab hawa panas tina aspal. Padahal kuring mah geus biasa di kota, tapi da ari di lembur sorangan mah béda; biasana hawa lembur teh tiris.

Atawa mémang geus robah hawa di lembur téh kitu? Geus padet teuing pangeusina? Lebah masjid gedé, léngkah ngarandeg. Mobil plat beureum ka luar ti buruan masjid. Emin noél. Kuring ngarérét.

“Tah éta nu nyupiran téh pa Camat!” ceuk Emin daria.

“Oooh. Ngora kénéh ning!” ceuk kuring jujur. Da karérét tadi ge, budak ngora nu nyupiran téh. Sugan téh lain camat.

“Cenah mah lulusan ti STPDN! Teuing sakola naon STPDN téh,“ceuk Emin kalem. Kuring teu némbal. Mobil plat beureum dituturkeun ku panon. Hih ning asup deui ka kantor anu anyégléng, kantor kacamatan. Oh, tas ngadon salat meureun bieu mah di masjid. Nyantri ning boga pamingpin daérah téh.

Geus jadi kota geuning lembur kuring téh. Atoh teu atoh. Atohna lembur jadi kota. Toko sagala aya, nampeu. Moal aya istilah sepi, beurang peuting ge pasti rame. Mobil, motor balawiri. Jalma nu lalar liwat moal euweuh, da loba jugjugeun. Ngan orokaya urang lembur loba nu leungiteun pakasaban.

Geus nepi ka hareupeun imah Emin, léngkah ngarandeg. Kadak-kodok kana saku. Goréhél duit dua puluh rébu. Sésa ungkas-ongkos. Geuwat dikeupeulkeun kana leungeun Emin.

“Keur jajan budak!”

“Nuhun, Nih! Mudah-mudahan sing kagantian deui nya, Nih! Sing leuwih ti kieu,” omongna semu atoh. Tuda keur urang lembur mah duit sakitu téh kacida gedéna. Hésé ngala duit di lembur mah. Teu cara di kota, saincak-incak téh piduiteun, asal geus apal jalanna.

“Nya atuh bisi deuk milu ka imah mah hayu! Da mekel oléh-oléh.” Ceuk kuring bari seuri.
“Moal ah, geus burit.” témbalna.

“Heeh, hayu atuh nya! Salam wé nya ka Ema jeung Abah.” Ceuk kuring bari ngaléos.

“Heug, ditepikeun,“ témbal Emin bari ngingkig ka imahnakeun.

Ukur sapanyeupahan, léngkah geus nepi ka buruan imah. Ema jeung Bapa keur nyiukan paré dina giribig ku piring séng. Teu loba moé paréna gé, ukur dua giribig. Barang rét nempo kuring datang, Ema ngagorowok.

“Ieung, si Anih datang! Geuwat béréskeun. Tah nu meunang kami mah kari nalian karungna. Tah jarana dina luhur karung kosong!” Ceuk Ema bari geuwat nyampeurkeun. Ku kuring ditangkeup. Tapi Ema kalah undur-unduran.

“Tong nanangkeup Anih, mérang urut ngurus paré. Ké urang mandi heula. Kumaha cageur, Nih?”

“Séhat, Ema. Ari Ema jeung Bapa kumaha? Cageur encokna?” tanya téh bari sup ka jero imah. Rék ngaguar babawaan. Mawa kuéh kaléng nu ngareunah keur kolot. Karunya tara maranggih manéhna mah. Ukur taun kali, ari lebaran. Karunya. Da mun kuring geus maju mah hayang mawa kolot ka kota. Ngan apan ayeuna gé cicing di kota téh ukur nyéwa kamar. Sakitu gé alhamdulillah. Digawé di pabrik kosmetik, ti mimiti jadi tukang ngepak dus laleutik wadah wedak, ayeuna geus jadi pengawas. Padahal karék tilu taun digawé téh. Aya kamajuan. Mana nyéwa imah gé pindah ka tempat anu deukeut ka pabrik. Ngan rada mahal saeutik. Nya sarua sarua lah, pan baréto mah murah gé kudu ongkosan, ayeuna mah cukup ku leumpang gawé téh.

“Encok mah reureundahan, Nih! Mun katiisan mah nya kambuh deuii wé. Tapi da obat pangirim Anih mah geus béak bulan tukang gé.”

“Na atuh lain talatah ka si Uyéh ,pan minggu tukang manéhna ka lembur. Meureun ayeuna uing, mekel ubar,“ ceuk kuring rada hanjelu.

“Aah,keun waé da ayeuna gé diubar ku godogan  daun antanan.” Ceuk Ema bari léos ka tukang, rek ka cai meureun. Da ayeuna mah di pipir kakus, kamar cai téh, teu kudu jauh ka pancuran. Ngahaja wé kuring nyéngcéléngan, nyéngsarkeun tina gajih keur uma-omé imah.

Babawaan dijajarkeun dina bangku paranti dalahar. Mani ngabarak. Kuéh basah gé mani sabalastrang. Bapa mani ceuleumeut nempo dahareun mayak dina bangku teh.

“Angger Anih mah ari mawa dahareun teh mani sa erteeun.” ceuk Bapa bari celenun nyokot  lapis legit sakeureut. Belewek dihuapkeun. Mani peureum beunta, bangun nu ni’mateun. Tuda lapis legit nu mahal, nu dalapan puluh lima rebu tateh. Jol, Ema tas ti cai, ngaléléké ukur disamping sarung semet harigu.

“Tah ngopi heula kainyah!“ ceuk Bapa daria.

“Uluh etah dahareun kuat ka rupa-rupa. Sabaraha piduiteunana, Anih? Jeungna deui loba-loba teuing kawas nu loba jiwa!” ceuk Ema bari celenun nyokot kuéh talem.

“Keun wé, Ma, teu béak mah urang bagikeun ka sobat sobat Anih!” témbal téh. Da enya, ngahaja mawa loba téh, rék dibagikeun ka baraya. Ka sobat. Kajeun saeutik séwang. Nu penting mah saréréa kabagéan. Geura kéh nya entas Magrib téh bakal jul-jol, da pabéja-béja, komo nu sarua entas saralat di masjid mah. Resep wé kuring mah, oléh-oléh didalahar. Moal sieun béakeun dahareun, da mawa kuéh kaléng gé tilu kaléng nu sakiloan.

“Lain, Pa, ari kebon geus disungkalan deui waé, keur nyieun naon?” tanya téh daria.

“Cenah mah keur ngawangun toko gedé. Ayeuna mah lembur urang téh geus leungiteun ciri, Nih! Perum, kantor kacamatan, kantor UPTD Pendidikan, imah urang lembur gé aralus dirarombak, da loba ladang tanah. Malah Mang Mamad mah salian ti ngoméan imah téh, meuli mobil meuli motor.” Ceuk bapa mani jéntré.

“OKB atuh nya mang Mamad teh, Pa?” témpas téh.

“Lain Mang Mamad waé, kabéh gé nu kebonna dijarual mah orang kaya baru wungkul. Geura isukan isuk-isuk Anih leuleumpangan ka Landeuh. Pangling geura. Teu béda jeung di kota wé!” Ema mairan.

“Aaah, tong kabita, Ma! Urang  nungtut wé hayang ngoméan imah mah. Kebon mah jeung sawah, keur ubar kesel. Pan lamun sawah jeung kebon dijual, Ema jeung Bapa moal boga kagiatan. Duit mah kajeun sahunyudan gé, bisa ledis sapoé.” Ceuk kuring daria.

“Taya niat ngajual lahan, Anih! Sing percaya ka Bapa! Moal, moal dijual!” bapa ngayakinkeun. Kuring unggut-unggutan. Percaya. Kolot kuring jalma nu nyaah kana lemah cai sorangan.

Apan basa sawah diparaksa ku calo tanah kudu dijarual gé, bapa kuring kungsi paséa jeung calo tanah, ngabélaan Mang Idik, nu sawahna ukur sakitu-kituna, dipaksa kudu dijual kalawan harga sakahayang maranéhna. Tapi bapa éléh, da calo tanah téh nyogrogkeun Ki Ulis Desa. Pan urang lembur mah kacida halurmatna ka pangurus téh. Tara aya nu baha.       

***

Peré dua poé téh jadi manjangan. Da bibi, adi Ema nu bungsu, ngawinkeun anakna nu cikal isukan. Keun wé mangkir sapoé mah, da ayeuna mah gampil kari nelepon ka minijer. Untung diidinan. Bageur da sarua manéhna gé urang lembur. Ngan nitah nyieun surat katerangan sakit  ti Puskesmas.

“Kudu mondok di Talun meureun, Anih! Bantuan bibi maneh!” ceuk Ema nu keur tatahar ngumpulkeun bawaeun. Sagala dibawa. Samping meunang ngalamban, karémbong, kabaya, stagen, gelung, keur isuk meureun. Da ari kadaharan mah ti pisaminggueun gé geus dianteurkeun ka Talun. Lumrahna kitu di lembur mah. Silih bantu. Ti mimiti dahareun nepi ka tanaga tara alijiran. Lin deuk hajat wae tatéh! Nu deuk ngarakrak imah atawa nu deuk nyieun imah ge sok garotong-royong.

“Bapa deuk ayeuna bareng?” tanya téh. Pédah wé nempo bapa cicing wae, ngilinting-ngilinting daun kawung.

“Isuk bapa mah, Nih!” témbal bapa.

“Deuk naon di ditu gé moal milu masak. Mending nungguan imah.”  Ema mairan.

“Rebun kénéh ti dieuna, apan walimahna gé satengah dalapan! Lin jadi saksi?” ceuk kuring bari ngasup ngasupkeun baju kana kantong. Teu loba, ukur baju saré jeung baju keur isuk ngagondéng pangantén.

Geus barérés, jung arindit. Ema mah ngagandeuang, ngan kuring angkaribung. Na tonggong ngakeup rangsel wadah baju nu kuring jeung nu Ema. Selop jeung kosmetik mah dijingjing.

Nyalsé leumpang téh, deukeut ieuh ka Talun mah. Jaba kasorénakeun mah teu panas da panonpoéna ge geus ngampih. Lebah tanjakan Cikondang, léngkah ngarandeg heula. Tetempoan mani blung-blong ka mana-mana katempo. Sawah nu paselang jeung imah, écés katingali. Kebon kopi paselang jeung palawija. Panon asa cékas, nempo nu héjo-héjo teh. Tapi naha moal aya nu ngaranjah deui kitu ieu kaendahan téh? Boa boa, sakeudeung deui bakal jul jol calo tanah nu ngojok-ngojok urang lembur, sangkan ngajual kebona atawa sawahna.

Teu mustahil, sabab ieu lembur geus tembong pimajueun. Urang kota bakal jul-jol naréangan lahan di dieu. Kuring ngarénghap.

“Hayu, Anih!” Ema nu geus ti heula ngageroan, kuring lumpat  nyampeurkeun. Geus jauh tinggaleunana.

“Ema, kahadé entong ngajual kebon atawa sawah nya! Kajeun diarolo ku calo gé. Tong daék. Omat Ema!” ceuk kuring daria. Ema colohok. Tapi teu burung unggeuk. Plong, haté ngemplong. Sawah Ema, kebon Ema, kudu salamet. Lembur kudu salamet. Lembur kuring kudu angger boga ciri, pasawahan upluk-aplak, kebon lalinduk héjo ku dangdaunan. Pangeusina kudu angger  sabilulungan. Ulah pindah pileumpangan, ulah ngarobah adat ku nu can tangtu hadé pikeun urang lembur. Ulah ngarobah sagala rupa anu diwariskeun ku karuhun. Lembur kuring kudu pageuh dina tatali karuhun, ulah jati kasilih ku junti.***

Sukasari 2013

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (2)

Dasep

Asa kasindiran, rorompok teh Perum anu tadina mah sawah, tah ayeuna tos di adegkeun Perum deui, asa beuki bayeungyang we teu jiga basa waktu pindah, hawana seger

gugum

carpon eusina ngeunaan lingkungan padesaan nu kudu dipiara dipusti-pusti

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: