• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Suster Geulis

Kénging K. Solihin
Kintun kana Facebook

GEUS rék dua minggu géring di rumah sakit téh. Saenyana teu daék tatamba di dieu téh, tapi lantaran cék katerangan dokter panyakit kuring parna, kapaksa daék. Lain ku nanaon ari gering di rumah sakit téh sok kareueung, jeung loba tetenjoan nu pikasieuneun. Enya ge lalaki, da ku nu kitu mah sieun wé sarua. 

Tapi nu dipikarisi téh horéng ukur wangwangan, da dina seuhseuhanana mah teu singna. Malah maké ngarasa betah sagala, sanggeus peuting tadi wawawuhan jeung suster ngora kénéh jeung geulis deuih.

Keur uleng ngarep-ngarep Suster geulis, bet hayang ka cai. Da meunang obah téa awak téh, kapaksa mencet bél ngageroah Suster. Lila taya nu nyampeur keun waé. Padahal tina kalangkang kaca jandela nu rumeuk katénjo maranéhna teh kawas keur dariuk. Geus teu kawawa ku hayang kiih, maksakeun turun. Rék kana pispot téh, bet pinuh. Kawasna urut tadi beurang soréna encan kapiceun.

Tungtungna, éléh ku pangseng mah, kuring leumpang ka cai. Kaluar ti cai téh kasampak manéhna bangun nungguan.

"Kiat mulihna ?" Ngan sakitu nanyana téh. Kuring ngarénjag da teu nyaho ti tadina yén aya nu nungguan.

"Maksakeun wé ka cai, da teu kiat. Tadi ngabel teu aya nu ngadangueun rupina."

Manéhna ukur imut. Gap leungeunna nyekel leungeun kuring. Tiis caméwék. Kawasna ti tatadi téh di laluar, matak kuring ngebel henteu kadéngé oge. Leungeunna nu caméwék nyekel leungeun kuring, nuyun. Haté degdegan, asa hareudang dadak-dadakan. Basa asup ka nu caang, kakara sidik horéng ma­néhna téh geulis pisan. Atuh asa ngadadak cageur awak gé ari dituyun ku nu, geulis mah.

Kuring ngagolér, disimbutan ku manéhna. Teuteup panonna nu liuh asa nengtremkeun haté nu keur karesel.

"Geuning asa nembé katingal kamari, nembéan dines?"

Manéhna gideug, henteu nyarita. Teuing gideug téh hartina manéhna geus lila dines di dinya, teuing gideug encan lila. Tapi kuring henteu hayang nanyakeun sakali deui.

"Kabagéan dines wengi?" cék kuring deui.

Ayeuna mah manéhna unggeuk bari imut. Ah, imutna. Matak deungdeuleueun. Henteu daékeun ingkah diuk wé dina bangku leutik. Teuteupna nanceb, bangun hayang nyusur haté, nyuksruk aya naon di jerona.

"Suster... saha jenenganana?"

Kalah imut bari némbongkeun ngaran dina dadana, disuat tina benang beureum, Sarah Sarjan, cenah. Rét kana irungna nu mancung, jeung panonna nu semu bulao, moal kitu manéhna téh urang Walanda. Jeung ari di tanya téh cukup ku unggeuk jeung gideug, carang némbalan ku kecap.

"Suster..."

"Sarah wé..." Manéhna némpas. Kuring imut.

Hartina manéhna embung aya kecap-kecap nu resmi, embung aya sesebutan nu resmi, hayang leuwih midulur. Genah kana haté, asa aya nu ngaku. Terus terang karak tepung gé haté geus bogoh. Keun teuing teu dilayanan gé, nu penting Sarah hayang nyobat mana kitu gé.

"Yaman..." cék ku­ring, basa manéhna nunjuk ku gado, maksudna meureun nanyakeun ngaran kuring.

"Di luar aya béntang, terang béntang?"

Kuring unggeuk. Asa teu marerenah teuing nanya téh. Tapi da nu nanyana nu geulis, lucu wé karasana.

"Dulu pernah ada béntang di hati Sarah, tapi pudar," pokna.    

Gering kitu ieu Suster téh, maké ngobrol ku puisi sagala? Tapi piraku, papakéan sakitu bararesihna beungeut sakieu geulisna.

"Yaman pernah punya béntang ?" cenah direumbeuy.

"Kapan ayeuna payuneun" Les poho papatah dokter teu meunang cengkat, kuring diuk.    

"Mmmhhh..." pokna, nyéh imut.

"Sarah henteu dines, geuning calik waé di dieu."

"Sarah tos lami teu dines, nembé ayeuna ka dieu deui."

"Naha ?"

"Henteu naha-naha, pédah aya Henry di dieu."

Nyel aya ambek teu pupuguh. Geus tangtu Henry téh panutan haténa. Timburuan, cenah daék sotéh dines pédah aya Henry.

"Ku naon kitu Henry téh?"

"Tipes, pan ?"

"Sami atuh.”

"Hmmmh..."

"Di mana tidurna?" Kuring nurutan direumbeuy, ngarah gaya.

"Di Zal 10 bed nomer opat."

Ngarenjag, heu kapan éta mah ayeuna gé keur disaréan ku kuring. Naha maké aya deui zal 10 béd nomer sakitu ?

"Pan éta mah tempat abdi," cék kuring.

"Hééh, matak Sarah di dieu"     

"Ieu mah Yaman sanés Henry"

"Ya Yaman, ya Henry juga." Rey bulu punduk cengkat, karasana. Moal kitu Suster siwah asup ka dieu. Tapi piraku jelema bangun jejeg naker, maké kurang saons. 

"Yaman urang ukur heula panasna." cek manéhna, bari nyekel taktak kuring nitah ngagolér. Nurut wé. Manéhna nuturkeun, leungeunna angger nyekel kana taktak. Ngok téh nyium kana tarang.

Rey hareudang. Suster geulis nyium kana tarang, nyeblak. Gap manéhna kana termométer, sup dikana-jero-kelekkeun. Gék diuk, bari ngusapan buuk kuring.

"Ari Papa Rewiyn aya kénéh, Man?"

Papa Rewyn? Asa teu wawuh jeung ngaran kitu. Pupu Papa komo. Ka bapa gé kuring mah pan nyebut Abah.

"Duka teu terang"

"Anu sok ngagambar kembang tulip. Geuning harita gambar kincir air nu téréh kelar ku Henry kacorétan..." Angger direumbeuy.

"Rupina Sarah kasamaran. Abdi mah sanés. Henry, sakali deui sanés Henry, tapi Yaman.

"Hmh  kajeun api-api gé. Yaman yeuh Henry mah sama. Maenya Gusti nyiptakeun jalmi sarimbag-sarimbag teuing irung mancung, jeung buuk Yaman nu galing, moal robah...”

“Tapi da abdi mah teu kenal sareng Papa... saha? Papa Rewiyn, nu sok ngagambar kembang tulip...” cék kuring.

Sarah kalah imut. Buuk kuring nu ngarumbay kana tarang diusap, disiklakkeun ka tukang. Panonna neuteup seukeut. Kuring gé males ku teuteup deui. Bet rada ngalenyap basa tetenjoan panonna téh asa euweuh sikian. Ah, geuwat kuring gigisik.

“Meneer Kran nu kapungkur sok ngabuburak urang, ayeuna tos tilar dunya...” cék manéhna.

Beuki baluweng, maké aya Menir Keran sagala, da tara nyoo cai kuring mah. Naha saha atuh Sarah téh. Enyaan kitu suster atawa nu panyakit jiwa, sasab kadieu.

“Sarah, ulah kasamaran. Yamana teu terang nami-nami nu ku Sarah disebat bieu."

Kalah ngabelenyeh imut. Seblak kuring reuwas, nénjo suatan ngaranna bet ngalémbéréh kawas getih. Panon digisik, ah téténjoan waé kitu.

Manéhna nyokot térmometér tina kélék, tuluy diilikan. Ah, bet kawas dieusi getih termometer kaca téh. Kuring gigisik deui, henteu geuning. Naha téténjoan téh. Pédah geus peuting kitu? Kuring geus tunduh jadi teu puguh téténjoan.

Basa ngadéngé sora karéta dorong, manéhna semu reuwas. Geuwat nangkeup ka kuring. celengok nyium. Syal nu meulit beuheungna lésot, bru ngalumbruk dina dada kuring.

"Sakedap deui subuh, Sarah kudu uih, da séép dinesna. Najan sono Sarah kedah uih," cék manéhna. Kuring ngoréjat hudang. Panto muka, sababaraha suster asup, mawa kareta dorong pinuh ku ubar saurang. Tapi basa ngalieuk ka lebah Sarah rék balik, kacida kagétna. Atuda acan dua menit leumpangna téh, bet geus euweuh. Rey bulu punduk cengkat.

Suster nu duaan nyampeurkeun  kuring. Nu saurang nyekel térmometér, terus méré isarah sangkan diasupkeun kana kélék.

"Parantos diparios bieu," cék kuring.

"Ku saha?"

"Ku Suster Sarah."

Duanana ngahuleng. Gap nu saurang mah nyekel tarang. Marukan gélo meureun kuring téh. Sidik ieu gé keur baluweng. Barabat waé dicaritakeun naon anu bieu karandapan.

"Angger unggal aya pasén kasép sok sumping," cék manéhna.

Basa kuring seuri manéhna bareureum. Poho meureun nyebut kasép ka kuring, hareupeun.

"Naha kitu ku naon Sarah téh?"

"Teu aya suster nu nami Sarah di dieu mah. Ngimpen panginten" cek nu bohono.

"Tapi da sidik. Malih syalna gé," rék nyokot pisan syal, kuring reuwas, da kacabak horéng getih saguruntul, terus asa ngécér, peuray, tapi leungeun garing.*** 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: