• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Nu Keketrok Peuting-peuting

Kénging Féndy Sy. Citrawarga
Kintun kana Facebook

''Kadé nya di imah téh!'' Si mamah papadon.
''Ulah uprak-oprék kana listrik, bisi kasetrum,'' ditéma ku bapa. 
Kituna téh si bapa mah bari ngasongkeun duit sapuluh rébu rupia, keur jajan cenah. Kuring tiba unggeuk bari atoh narima duit gedé. Jaba dahareun pasakan si mamah gé ngaleuya da cenah ngarah kari am.
''Ulah lalila di dituna!" Kuring gé papadon da embung ari ditinggalkeun lila mah.
''Moal, rék sapeuting baé, isukan gé pabeubeurang balik deui,'' ceuk si mamah. Laju nuduh-nuduhkeun mana nu kudu dipigawé jeung naon nu ulah dipilampah. Teu poho nuduhkeun dahareun.
Panceg tabuh lima si bapa jeung si mamah katut si adé, adi kuring mariang. Si adé digandong ku bapa, si mamah mani angkaribung babawaan.
Si bapa jeung si mamah téh  rék nyelang ka lembur,  ngalongok  Wa Ata --lanceuk bapa-- nu cenah gering ripuh. Isuk tadi nu ngabéjaan téh kana HP ceuk bapa mah da kuring mah teu nyaho da  keur sakola. 
Kuring teu milu sabab di sakola keur soson-soson diajar rék nyanghareupan ujian nasional (UN), latihan UN méh ungal poé. Kahayang mah ngilu, sono ka baraya papada budak. Ka lebaran jauh kénéh. Orokaya dicarék ku bapa jeung si mamah. 
''Wayahna nya Asép mah tong ngiring!''
Puguh wé heneg. Dalah dikumaha da enya sakola mah penting pangpangna rék nyanghareupan UN téa. Ngarah lulus mun geus lulus rék neruskeun sakola ka SMP.
Sajungna si bapa jeung si mamah, kuring ngadon hulang-huleng, asa rék ditinggalkeun ka nu jauh. Ngajejentul sorangan, langit meredong, combrék, keueung. Aya pikiran rék ngajak babaturan  sina maturan ngendong ngarah kuring aya batur, tapi teu wani. Kahiji bisi ulaheun ku kolotna kaduana éra bisi pajahkeun kuring borangan. Moal enya budak lalaki  teu ludeung cicing di imah sorangan. Antukna rék kumaha engké wé lah!
''Tréng, tréng, tréng!'' tukang baso ngadukeun séndok jeung mangkok. Sakilat  duit na pesak ngahuit, ''Jajan baso euy!'' 
Teu talangké, gura-giru tukang baso digero. 
''Baso!'' 
Tukang baso nyampeurkeun, laju ngaladangan.
''Ladaan Cép?''
''Sok sing loba, méh teu tiris!'' Nangtang.
Ngahékak ngahanca baso. Asa jadi raja da sasarina mah si mamah mani sok ramé, ulah itu ulah ieu, ulah lada ulah kamerekaan. Ayeuna mah bébas lah . Ngan sakilat baso samangkok pindah kana beuteung. Creng babayar, tilu rébueun. Sésana tujuh rébu, kalem wé ké gé aya nu dagang deui.
Ngong adan magrib di masjid, kuring gura-giru abdas rék ngilu solat barjamaah di masjid jeung babaturan.
''Rék ka mana bapa manéh Sép?'' Tanya Mang Dadang basa ngadagoan giliran abdas.
''Ka lembur, ua teu damang, Mang.''
''Jeung saha atuh Asép?''
''Sorangan wé...''
''Ludeung nyah? Pan tadi aya nu paéh ngajuru anyar?''
''Yéy Si Mang Dadang mah nyingsieunan!'' pok téh bari jeung haté mah enya murengked da heueuh tadi téh aya nu maot, ceuk nu nyararita mah paéh ngajuru. Imah kuring téh teu jauh ti kuburan umum.
Reres solat kuring balik. Di jalan nyelang heula mungkus bandros haneut dibanjur saos mani liket da kuring ménta. Nyimpang ka warung Haji Oyah meuli limun. Cihuy, pésta!
Langit sareupna ngagebleg hideung kabulen pihujaneun, asana moal aya béntang da. Hiuk angin karasa nyéor. Paralak... hujan mimiti ngagareuwahkeun. Agé-agé asup ka imah. Karasa tiiseun. Cetrék ngahirupkeun telepisi. Lalajo pilem kartun bari ngahanca bandros, diselang-selang nyuruput limun. Baso gé asa dina elak-elakan kénéh, tapi bandros mah kalah hantem wé diwewel-wewel. Dasar!
Lah asa tumaninah pisan di imah sorangan euweuh nu ngageureuh-geureuh téh. Jurig tunduh mimiti neluh. Kahayang mah langsung ngajungkel na kasur saré, hudang-hudang isuk kira tabuh satengah opat rék ngapalkeun nyanghareupan latihan ulangan téa. Tapi pan can isa. Teu kaci saré can isa mah saur guru agama ogé.
Hujan enyaan geus murag. Guludug mirig cai ngagebret. Nyelang ka kamar hareup, noong  hujan. Ih, geuning lampu teras can dihurungkeun. Cetrék mencet stop kontak. Ayeuna mah cur cihujan rada sidik mani badag. Sup deui ka tengah imah. Henpun disada. Aya SMS ti si mamah nanyakeun kaayaan kuring. Aman, cekeng!
Koréléng ka dapur, mukaan lomari dahareun, tiba dipelong da geus wareg jajan. Balik deui kana telepisi, orokaya hujan beuki ngagedéan, sorana écés ninggang kenteng tingparalak bangun dibarung hujan és, gelap dordar siga keur perang. Gancang telepisi dipareuman. Teu kungsi lila kadéngé adan isa. Alhamdulillah nu dianti ti tatadi geus datang. Ka cai, abdas. Cong solat isa sanajan teu pati husu da jurig tunduh ngadegung-degung sirah, teu tahan.
Lekum, lekum, aweh salam. Teu keyeng wirid, gajleng kana kasur. Sabot meureumkeun panon, omongan Mang Dadang di masjid tadi nongtoréng deui, ''Ludeung nyah? Pan tadi aya nu paéh anyar ngajuru?'' Iiyy... amiy-amit ah.
Ku tarikna tunduh bari beuteung bentet mah nyaan teu tahan. Reup peureum, keeer... Teu inget di bumi alam. Langsung wé anjog ka alam impian... antara sadar jeung henteu, kadéngé aya nu keketrok kana panto. Satekah polah ngabeuntakeun panon, hésé béléké. Irung karasa eungap bangun aya nu  mengkék, suku hésé hojah siga aya nu ngaringkus, leungeun nya kitu kénéh asa aya nu ngabakutet.
''Tuluuung...!'' Ngajerit ménta tulung. Taya nu ngawaro. Enyaan soak. Bingung kudu kumaha laku.
''Tulung, tulung, tuluuung.....!'' Sakali deui ngagorowok, taya nu nulungan. Beuki eungap. Alatan teu kuat ku eungap, kuring hojah ngetrukkeun sakabéh kakuatan. Kitu cenah gé ngalawan eureup-eureup mah. Da jeung saenyana, nu ngabakutet awak ilang, napas karasa ngemplong. Panon bisa beunta, tapi tetempoan meredong. Poék.
''Alah ieung...,'' kuring bingung. Jung cengkat, cinekul ngumpulkeun pangacian. Kakarék sadar horéng lampu listrik pareum. Di luar kadéngé hujan ngaririncik... can anggeus meureun ti soré kénéh.
Ngeteyep leumpang rék nyokot HP rék nénjo jam. Mani hésé béléké leumpang ka nu méja téh hadéna kapanggih. Gancang dibawa kana kasur, diilikan jamna geus tabuh satengah hiji. HP dipaéhan bisi aya nu nelepon, sangheuk ngomong bari bulu punduk tingsariak mah. Simbut dibedol deui rék neruskeun hanca saré.
Karék gé rék meureumkeun panon, atra kadéngé kana panto aya nu keketrok. Enya panto hareup. Puriding... bulu punduk ngaracung... turun ka handap, karasa beuteung ngilinyit, mules, jaba hayang sawér-wéreun.
''Ludeung nyah? Pan tadi aya nu paéh anyar ngajuru?'' Nongtoréng deui omongan Mang Dadang si kasebelan.
Simbut dibetot deui sina enya-enya ngarimbunan sakujur awak nu karasa beuki tiris. Nu hayang dikaluarkeun tina bujur geus nyelek, ngusial, jaba paranas. Mokaha rék kitu gé bati tina baso lada jeung saos bandros. Orokaya nu keketrok kana panto kalah beuki kerep. Mangkeluk saha atuh nya? Geus teg wé nu paéh ngajuru ngaririwaan.
''Tong ngaganggu aing, jurig! Nyaho aing téh budak, heug ngan sorangan!'' Haté cocorowokan.
Nu keketrok jempling sakedapan. Guprak di para aya nu ngaguluprak. Sidik nu ieu mah jurig si monyong. Najan kitu, embun-embunan asa mubul, jajantung asa coplok. Nu keketrok teu kadéngé deui, nyingkah sigana mah ngadéngéeun hahaok kuring.
Beuteung mules nyaan geus teu tahan. Teu hadé kudu bubuang na kasur. Keteyep turun tina ranjang, rék ka cai. Karék gé cé nincak téhel, ''Trok, trok, trok... '' sora nu keketrok datang deui. Ayeuna mah kana jandela, enya jandela kamar kuring nu keur dicicingan. Teu majar kumaha, ngudupruk dina lanté bakating ku sawan. Ngahéphép nahan ketug jajantung nu beuki kerep.
''Sétan goblog, ngalawan siah! Nyingkir ka dituh, aing hayang ka cai!'' ukur dina haté. Jempling deui. Angsrod-angsrod ngorondang ka cai.
Hadéna bisa nepi najan bari rarampayakan ogé. Gog nagog. Sabisa-bisa bubuang téh ulah aya soraan. Ombéh teu sirikna diusapan, teuing beresih teuing henteu. Rada longsong.
Keur kitu téh hujan gedé turun deui. Karék gé ngajungjungkeun bujur rék nangtung,  kasebelanana téh  kana panto dapur pisan nu  teu jauh ti jamban aya nu keketrok deui. Geblug meubeutkeun manéh di dinya, ngahéphép. Suku karasa nyeri.
''Jurig naon ari sia nunutur aing hah?''
Aya pikiran hayang kaluar, tapi poék. Antukna kakarayapan balik deui ka enggon. Ngarimbunan awak ku simbut. Nu keketrok teu  kadéngé deui. Najan kitu, basa mata dipeureum-peureum hayang geura reup bisi isuk kabeurangan, sora nu keketrok asa kadéngé waé.
Tapi antukna mah bisa peureum, hudang-hudang ngadéngé adan subuh.
Basa isuk-isuk rék sakola, pas ka teras kuring reuwas kacida sabab aya jelema keur saré mani tibra. Disidik-sidik beungeutna, masyaalloh ningan Mang Adi, adi bapa kuring. Tayohna nu peuting keketrok téh anjeunna. Dipapay ti panto hareup, kana jandela, terus ka dapur da meureun euweuh nu muka. Deudeuh teuing mang. Terang nu keketrok téh emang, meureun dibukakeun. Ngarasa dosa, nyaan. Demi Mang Adi ukur werat keketrok teu bisa nyoara da apan anjeunna mah tunawicara.
Basa dina angkot ngahirupkeun HP aya SMS, "Sep, Mang Adi aya ka dinya, ngahaja ku Bapa dititah maturan Asép!"
''Hapunten Mang Adi!'' ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (8)

dasep hilman

Sep, cageur???? pohara.....

marinka

sip..

nyi irah

oke...

iwan

hade carita teh...

Ginanjar Lendmark

Carita Misteri dicampur ku Barakatak ditambihan Pangalaman Para Mitra...

H. Asep Saebat Jihad

Hade....!!!

H. Asep Saebat Jihad

Alus.......!!!!

gugum

lucu jeung aya pikasieuneun oge

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: