• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Dr. Hj. R. Poppy Yuniawati, M.Pd.;

Antara Matematika jeung Layung Soré

Kénging Ensa/Unay
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1365652889.JPG [Potrét/Ilustasi: dok. pribadi]

Dunya akademik jeung seni gumulung dina dirina. Léngkahna di dunya séjén,  lain ukur kalangenan. Kituna téh kasaksén waktu ancrub kana dunya mode. Kariweuhna di kampus,  jadi dosen Matematika, teu mugagkeun lampahna jadi ‘desainer’ pakéan. Kitu  Dr. Hj. Poppy Yuniawati, M.Pd., mah. 

Poppy ngumbar paningal! Sorot panonna eunteup lebah patepungna gurat laut jeung tungtung langit beulah kulon. Nya, dina kaayaan kitu, haténa teu weléh kasengsrem ku tetempoanana. Mun kabeneran hadé poéna, langit taya aling-aling, cahaya panon poé nu rék surup, keur Hj. Poppy mah teu weléh matak ngirut. “Layung sonten nu murub-mubyar, janten inspirasi kanggo medalkeun karya ngadamel anggoan,”  ceuk Dr. Hj. R. Poppy Yuniawati, M.Pd.,  basa nyaritakeun kasang tukangna ancrub kana dunya mode.

Hj. Poppy, memang resep ulin sasabaan. Karesepna ngalanglang alam, saperti nyaba ka sisi basisir. Tah, ceuk ieu desainer ti Azkane by Poppy mah,  layung pasosoré téh teu weléh nodél mamaras rasana nu ngalantarankeun muncul ide-ide dina ngararancang pakéan.

Layung soré nu lir emas sinangling, mawa éndah kana sakur nu kasorot. Adumanis tutuwuhan nu héjo lembok atawa kalangkang nu pulas hideung, sanggeus paamprok jeung layung mah boga pulas anu béda. Cindekna, layung soré téh dina implengan ieu wanoja urang Bandung mah, teu weléh jadi modal karancagéan lir cai wahangan nu teu saat-saat.

 

Dunya nu Béda

Jadi dosen Kopertis kalayan cekél gawé ngajarkeun Matematika  di  Universitas Pasundan (Unpas) Bandung, misti daria mikir. Matematika mah ‘identik’ jeung angka-angka. Ieu widang, apan ku sawaréh jalma mah dianggapna téh ‘hésé’, daria, kudu tuluy-tuluyan mikir. Nya di dunya kawas kitu, ieu wanoja téh icikibungna. “Tapi, da Matematika ogé dalit sareng seni,” pokna.

Ku lantaran kitu, dina diri Hj. Poppy mah itung-itungan, angka-angka, ukuran, dalit naker jeung seni saperti ngararancang model pakéan. Malah, nu dua widang bieu teh silihlengkepan. Mun keur ngarasa juwet haté lantaran mikiran dunya kademik  bisa ‘reureuh’ pindah ‘gelombang’ kagiatan kana nu sipatna hiburan nganteur kalangenan. Nya kitu deui, seni gé, ari saperti nyekét, ngararancang, jeung ngiker-ngiker bahanna, apan moal tuna tina urusan utang-itung.

Upama dunya akademik leuwih tiheula nganteurkeun Poppy kana karir kawas ayeuna, memang di dinya mimitina lengkahna mah. Karesepna kana mikir utang-itung, tanjrih nepi ka lulus sarjana pendidikan widang Matematika, Atuh kuliah  S-2-na gé dina widang nu sarua jeung saméméhna. Ahirna, deuih ngahontal gelar doktor gé dina widang Pendidikan Matematika.

Nyangking gelar dina widang Matematika, nganteurkeun inyana acrub kana dunya atikan. Ti mimiti ngadosenan, terus tetep renggenek di Universitas Pasundan (Unpas) Bandung. Antukna, cekel gawéna téh  jadi dosen Kopertis nu mancen tugas di Unpas.

Icikibung di dunya akademik, nyundut kasadaranana geusan leuwih méré mangpaat ka balaréa. Dina ngajar satékah polah sangkan nu diajarkeun téh pikaresepeun. Sadar kadinya, ieu Doktor wedalan UPI Bandung téh, teu weleh mikir néangan tarékah sangkan Matematika nu dianggap hésé teu dijarauhan ku barudak.

Keur kapentingan dunya atikan, pangpangna mah dina mekarkeun widang Matematika, Dr. Hj. Poppy Yuniawati, M.Pd., teu weléh ngayakeun rupa-rupa tarékah, di antarana ngajarkeun Matematika ngaliwatan e-learning (pembelejaran elektronik). Gagasanana kitu, miang tina kanyataan, di sisi séjén barudak téh kabongroy pisan ku kaulinan  nu aya dina komputer,   ‘gim’ tea. Ku kaulinan kawas kitu, barudak téh loba nu ngaluli-luli pangajaran sakola. Di sisi séjén, hartina ogé barudak téh boga poténsi dina mekarkeun dirina ngaliwatan elektronik kaasup komputer. Malah, lain ukur beja mun dina sual ngagunakeun pakakas  komunikasi, barudak loba nu leuwih paham batan kolot-kolotna.   Kanyataan kawas kitu ogé bisa dimangpaatkeun keur kapentingan atikan.

Ngaliwatan e-learning, barudak bisa leuwih akrab kana pelajaran. Ngan, tangtu wé guruna gé kudu paham kana tehnologi komunikasi deuih!

Adumanis mikir jeung seni, ngalantarankeun pasipatan diri Poppy nu teu ngarasa sugema ku kamampuhan nu geus aya. Nilik kana gelar akademisna apan geus jadi doktor, gelar pangluhurna dina atikan pormal mah. Tapi, dirina teu ngarasa sugema ku nu geus kahontal. Buktina, apan ancrubna kana dunya mode gé lain ukur keur kalangenan.

Dina ngalaksanakeun pancén gawé sapopoé, Hj. Poppy  teu weléh narékahan sangkan pangajaran nu diasongkeun ku dirina téh ngirut mahasiswana. Kitu téh, lantaran aya hal-hal anyar, béda ti nu  séjén, ogé boga ciri mandiri (unik). Pikiran kitu, tangtu teu leupas tina imajinasina nu didadasaran ku rasa senina. Da,  dunya seni mah, najan miang ti nu geus aya, teu weléh némbongkeun hal-hal anu béda ti saméméhna.

Upaya mekarkeun diri, meunang pangrojong ti kulawargana. Carogéna, putra-putrana, teu weléh ngadeudeuel kana karep jeung karir  Poppy. “Tangtos wé pangrojong kulawarga téh janten kakiatan kanggo mekarkeun kamampuhan,” pokna basa ditepungan dina acara pameran mode pakéan di Graha Manggala Siliwangi Bandung, Maret 2013 katompérnakeun.

Malah, harita gé, waktu Hj. Poppy mamérkeun rancanganana, Azkane (putrana nu istri) milu pinton anggong dina ‘catwalk’ mamérkeun rancangan ibuna.

Karepna hayang mekarkeun kamampuhan séjéna, lian ti dunya akademik, sabenerna mah geus lila naker. Sakurang-kurangna ti keur jadi mahasiswa kénéh.  Ngan, harita mah ukur sadirieun. Mun hayang boga pakéan anyar, sok nyekét atawa gagambaran. Hasilna, ‘ditarjamahkeun’ dina wujud pakéan.  “Ngadamel anggoan téh sok kenging nyalira wé,” ceuk ieu urang Bandung kalahiran taun 1968 téh.

Kabiasan kitu, meunang pangbagéa ti batur-batura kuliahna. Ngan, cenah, harita mah tacan kapikiran hayang nyieunan model baju keur nu séjén. Najan kitu, lain hartina kahayangna kateug, da di mana waé jeung iraha waé teu weléh nyieun ‘sekét’ baju téa. “Husus wé anggoan istri,” pokna.

Lila éta kahayang téh nyamuni. Tapi, ahirna, dina hiji waktu, Juli 2012, kahayangna téh tinekanan. Kitna téh kalayan dirojong ku kulawargana,  Hj. Poppy mimiti miluan paméran di salah sahiji tempat di Bandung.

Kagiatan kitu, tétéla lir gapura pamuka kana lengkahna nu leuwih jauh. Malum, paméran loba nu ngadongdon. Najan, kaasup ‘semah anyar’ dina dunya mode, teu burung meunang pangbagéa ti balaréa. Buktina,  nu maresen gé mimiti jul-jol.

Kumaha jurusna? Dunya mode, memang dunya nu bruk-brak. Ajénna bisa katingali ku saha waé. Ku lantaran kitu, Hj. Poppy gé engeuh, makalangan dina dunya nu anyar, misti boga kaunggulan. Tah, naon téa? Saperti nu geus jadi cecekelan dirina, karancagéan téh kudu dibarung ku medalna hal-hal anyar, béda ti nu séjén, ogé boga ciri mandiri. Jurus nu tilu bieu, teu weléh jadi cecekelan dina medalkeun karya-karyana. Dina nyiptakeun mode pakéan, Hj. Poppy boga tatapakan anu jinek. “Hasil karya téh kedah anggun, cantik, sareng unik,” pokna.

 

Nu Lila Katunda

Boh lingkungan kulawarga boh lingkungan kampus, memang ngarojong pisan kana karir ieu dosen Matematika téh. Kitu deui nu tumali jeung dunya seni nu diancrubanana, memang luyu jeung lingkungan kampusna ogé. Apan, atikan di Paguyuban Pasundan gé teu weléh neueulkeun kana harepan sangkan nu tolab élmu di lingkungan paguyuban téh ninggang kana kekecapan luhung elmuna, pengkuh agamana, jembar budayana. Adumanis elmu, agama, jeung seni, gumulung jadi pangrojong Poppy dina mekarkeun karancagéanana.

Upama pilihan saterusna ancrub kana busana Muslimah, ogé teu leupas tina lingkunganana téa. Jeung deuih, keur dirina mah éta widang téh lir panggupay harepan. “Ti waktos ka waktos tren mode anggoan Muslimah mingkin ningkat,” pokna.

Kiwari, Azkane by Poppy, ngeuyeuban dunya mode. Bandung nu jadi salahsahiji puseur mode Nusantara, keur ieu desainer mah, jadi lahan subur geusan nyebarkeun karyana. Bukti, apan tawaran gawé bareng gé teu kurang-kurang. Malah, rumah produksi nu dumuk di Jakarta, nu biasa nyieunan sinetron ngajak gawé bareng jeung Azkane by Poppy.

Model hasil desain Poppy geus ngaratus. Memang, boga ciri mandiri, dina gaya jeung pulas. Nu tembong béda ti nu sejen, jeung jadi ciri mandiri téa, kentelna pulas layung dina saban hasil karyana. Saperti  dina pameran Maret kamari téa, ieu desainer akademisi téh, mintonkeun tujuh rupa rancanganana nu dipintonkeun ku paramodel.

Cahaya surup panon poé, keur Poppy, lir mawa tanaga anyar. Waktu kawas kitu, wancina rereuh tur mikir, ngiker-ngiker karya naon deui nu rék dimedalkeun. Cahaya layung basisir, gambaran kaéndahan alam, jeung harepan poé isuk medal deui cahaya anyar. Nya, poé-poé saterusna, masarakat nganti karya-karya Poppy séjénna. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: