• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Drs. H. Asep Syarifudin, M.Si.;

Antara Wirausaha jeung Dunya Pulitik

Kénging Rudi H
Kintun kana Facebook
Mangle
H. Asep Syaripuddin [Potrét/Ilustasi: rudi]

Lahan usaha nyampak di mana-mana. Lakar daék ngalaksanakeunana. Nu darumuk, boh di kota boh di palemburan bisa arusaha. Ngan, naha lahan usaha téh bisa ngaraharjakeun masarakat? Drs. H. Asep Syarifudin, M.Si., staf ahli Anggota DPR-RI bruk-brak ka Manglé.

Mekarkeun usaha, kudu nété tarajé nincak hambalan. Lir patani nu melak paré, kudu ngabaladah heula, kaasup ngolah lahanna. Sanggeus kitu, tebar, tandur jeung melak paréna. Nya tangtu deuih saterusna mah miara pepelakan téa boh tina rupa-rupa gangguan kaasup hamana. Kitu ceuk H. Asep Syarifudin.

Misil kitu, tangtu saluyu jeung tatapakan ékonomi bangsa, lantaran prinsip ékonomi Indonesia mah, kudu ngabuahkeun hasil lain wungkul sadirieun tapi kudu karasa ku balaréa. “Nu arusaha, mangpaatna lain ukur semet boga pausahaan, tapi deui nu teu éléh penting tur gedé mangpaatna mah tumali jeung kuatna méntal ogé jadi cukang lantaran karaharjaan,” ceuk Drs. H. Asep Syarifudin, M.Si., teureuh Garut téh.

Upama kiwari dunya wirausahawan dipigandrung,  cek H. Asep matak reueus. Ngan, kareueus éta, can ngabuahkeun hasil nu nyugemakeun. Robahna watek manusa jadi pangusaha, lir nu katalanjuran ngabalukarkeun sipat individualistik. ”Wirausaha diajar mandiri, kedahna gaduh karep hoyong mangpaat keur jalma réa,” ceuk ieu pupuhu HP3KI Jawa Barat téh.

 

Peran Pamaréntah jeung Pulitik

Kamekaran usaha matak reueus. Karepna kitu, ogé bisa nguatan pangwangunan bangsa. Saperti ngurangan pangangguran, nguatan mental SDM nu mandiri jeung sajabana. Ku kituna, nurutkeun ieu staf ahli nu kiwari ancrub di partéy PKB, nu arusaha, mémang butuh pangrojong saban pihak, pangpangna ti pamaréntah. Misalna waé nu tumali jeung kawijakan, nu engeuh kana usaha. “Nya di nu kawas kitu pentingna pangrojong nu sipatna ‘pulitis’ lantaran kawijakan pamaréntah boh puseur boh daérah misti luyu jeung napas dunya ékonomi,” ceuk H. Asep.

Tangtu kawijakan pamaréntah kitu gé tangtu nu mihak pangusaha pribumi jeung pangusaha leutik. Lantaran, cek Asep, yakin, nagara bakal ajeg sacara ékonomi, lain gumantung ka ékonomi luar, tapi ka palaku ékonomi pribumi. “Pangusaha pribumi kantenan tiasa ngamajukeun ékonomi bangsa,” pokna.

Kumaha ari peran pulitik kana dunya usaha? ékonomi jeung pulitik, dina seuhseuhanana sarua geusan ngaraharjakeun rayatna. Nu ancrub ka dunya usaha jeung politik, tangtu boga kahayang keur milu ngaraharjakeun masarakat. Ku kituna, dunya usaha ogé kudu adumanis jeung dunya politik. “Dunya usaha butuh pulitisi nu ngarti kana widang usaha,” ceuk H. Asep nu biasa ngalatih parapangusaha.

Dina implengan Asep Sarifudin, dunya usaha jeung dunya pulitik, bisa dalit jeung silih lengkepan. Keur dunya pulitik, wirausaha téh gedé mangpaatna. Ngaliwatan ieu widang, ceuk pamanggih Asep mah, bakal mampuh ngawangun jeung mekarkeun bakat kapamimpinan dina politik, nu saterusna ogé paham kana widang wirausaha nu mémang keur dipikabutuh pisan ku sakumna masarakat.

 

Nikreuh Diajar Ludeung

H. Asep lahir 14 Januari 1967 di Sukadana, Garut. Keur leutikna ngalaman pait peuheurna kahirupan. Kitu téh, sabada ramana, Muhammad Djudju, taun 1974 mulang ka kalanggengan, lalampahan hirup Asep nyorang jalan nanjak tur tarahal. Lantaran bangbaluh hirup kulawarga sapinuhna jadi tangung Asep. Najan biangna, Ibu Ika Kartika EP, kasebatna guru, tapi da jaman harita mah, kahirupan kulawarga guru téh, jauh tangéh bisa disebutkeun raharja. Malah, sabalikna, da gajih nu ditungguan sabulan campleng téh, mimindengna mah, najan dipaksakeun ogé, ukur kuat satengah bulaneun.

Ngabandungan kahirupan kulawarga kawas kitu, Asep (cikal), kapaksa kudu mantu-mantu indung, lian ti kudu ngasuh adi-adina nu tiluan; Iwan Ismail, Rudiana, jeung Ade Usep Sofyan. Milu ngahampangkeun bangbaluh rumah tangga, keur Asep jadi pamecut hirup mandiri. Keur leutik kénéh, ngalaman usaha, saperti dagang kurupuk, kenék Kusir Keréték, tukang béca, kuli bangunan jeung sajabana.

Najan Asep jadi budak yatim, Asep ngarasa untung kénéh, loba dulur. Atuh, teu sing ngarasa nunggelis, aya kénéh nu keur dikumahaan. Komo deui, Akina mah, Bah Endon (Aki ti indung), remen mondok di imah Asep, ngajarkeun kaludeung jeung cita nu kudu disanghareupan jaga.

Najan hirup walurat, sakola mah embung pegat. Satékah polah Asep Syarifudin, nikreuh ngeureuyeuh nyiar élmu. Pilihanana, satamatna ti SD Karang Tinggal Garut terus ka SMP. Bati wekel rajin ngapalkeun, teu burung lulus tés ka sakola negeri. Atuh, ahirna mah, Asep sakola di SMA Negeri 2 Garut.

Ngabandungan kaayaan Asep kawas kitu, biangna teu bisa majar kumaha. Najan neger-neger manéh, tetep remen teu bisa nyumputkeun semuna. Kanyaah indung ka barudak, teu jarang ukur mangrupa keclak cipanon.

Taksiran, biangna gé ngarasa, Asep téh ripuh ku bangbaluh. Kapaksa kudu nanggung beungbeurat kulawarga. Teuteup jeung geter sora indung dina nyarita, ku Asep gé karasa, éta téh ébréhna kanyaah nu teu bisa kedal samemena.

“Didoakeun, Hidep sing nanjung!” kitu di antara pok-pokan biangna téh.

Asep sedih ngadéngé kitu téh. Inyana gé ngarti indungna téh banget nyaah ka Asep jeung adi-adina. Tapi, kanyaahna, béda jeung kolot umumna, nu bisa nedunan kahayang barudak.

Karep Asep nyiar élmu, teu kungsi pareum. Malah mun ibarat seuneu mah teu weléh ngabébéla. Kituna téh, lantaran sadar, keur ningkatkeun ajén hirup téh, Asep mah kudu ngandelkeun pangabisana.

Harita, mémang aya jalan. Geus kudu kitu lalampahan hirupna, kudu nyiar élmu najan sok pundah-pindah ti masjid ka masjid. Saperti harita kudu nepi ka matuh sataun di Masjid Ar-rahim Jl. Pembangunan milikna PCNU (Pengurus Cabang Nahdlatul Ulama) Garut.  Di lingkungan éta ogé aya sakola Ma’arif NU (anu anyeuna mah SMK Ma’arif NU). Ti dinya mah, Asep jadi manjangkeun lalakon, nyieun usaha pertokoan ancrub ka organisasi kaagamaan, nu saterusna tibelat ka dunya politik di PKB (Partey Kebangkitan Bangsa).

Lalampahan Asep beuki caang, kaasup dina urusan rumah tangga. Harita migarwa Ny. Imas Masriani, rumah tanggana téh lir ngangkleung dina talaga nu tingtrim. Enya, karasaeunana téh, taya ombak badag, lantaran cai talaga ukur katebak ku hiliwirna angin. Atawa, mun diibaratkeun kandaraan di jalan mah, jlug-jlegna téh, ukur lantaran karikil atawa batur koral, nu teu matak nginggeungkeun kandaraan nu ditumpakan.

Tengtrem di rumah tangga, Asep ge beuki ludeung ka jauhna, nu saterus pindah ka Bandung. Lantaran loba kawawuh, nya di Bandung bisa ngadegkeun yayasan, aktif di Kadin, di organisasi NU Jawa Barat, ogé di DEKOPIN.

Pangalaman kitu, luyu jeung kekecapan kolot mun teu ngakal moal ngakeul; mun teu ngarah moal ngarih; mun teu ngoprék moal nyapék, teu weléh jadi kakuatan H. Asep saterusna, pangpangna sabada dipercaya jadi ahli staf anggota DPR-RI marengan KH. Dedi Wahidi. Hartina, geusan nyorang hirup mangsa datang kudu leuwih hadé, kudu boga niat, ketak, jeung prakna. Cindekna, tékad, ucap jeung lampah téh kudu sawirahma.

Dina ngalaksanakeun pancén gawé kawas kitu, Drs. H. Asep Syarifudin, M.Si. jadi boga luang jeung pangalaman. Inyana apal gek-gekanana matéahkeun program kaasup cara-cara ngalaksanakeunana. Nu leuwih penting, keur dirina mah, icikibung jadi tanaga ahli téh bisa ngamangpaatkeun pangabisa jeung kamampuhanana keur kapentingan masarakat.*** 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: