• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Sumartha;

Hanas

Kintun kana Facebook

"Innalillahi Wa Innailaihi Roji'un ..." témbal kuring basa datang-datang indungna barudak ngabéjaan, yén Haji Sarju tatangga kuring di tungtung lembur beulah kalér, cenah geringna teu katulungan. Maot, dipundut ku Nu Agung diala ku Nu Ngayuga.

"Ari Mamah tos ngalayad?" ceuk ku­ring ka pamajikan bari sup ka kamar, nunda tas dina méja kenap, tuluy ngalaan baju nu baseuh ku cikésang jeung cihujan.

"Nembé sareng Embi," témbal indung na barudak ti dapur.

"Leuh papatén gedé meureun nya? Sahanteuna Pa Haji Sarju man loba barayana, tur beunghar deuih. Biasana gé ari ka jalma beunghar jugala kitu mah sok réa anu ngajeujeuh-jeujeuh. Teu kawas ka nu malarat. Ukur tiluan opatan paling gé nu mantuan nguburna téh." cék kuring bari regot nginum cientéh. Ni'mat jeung seger karasana. Bawaning capé atuda.

"Kantenan, mani tungkeb éta ogé," walon indung barudak mairan. Tuluy kadéngé sora dulang diadu jeung centong, digeberan ngiplikna hihid butut. Keur kerah-kerih ngakeul tayohna mah.

Tapi kuring teu ngadagoan heula dahar najan diengké-engké ku pamajikan sangkan ngahuap heula ogé. Sanggeus salat Asar mah, koloyong baé indit bari bébéja ka pamajikan rék ka nu kapapaténan.

Hadéna can kabobondosan. Da datang ka pakarangan imahna Haji Sarju téh, kasampak masih réa kénéh jalma ngarariung, jeung nu séjénna digarawé sacabak-sacabakna. Aya nu keur narokan suluh, aya nu ngarunjalan cai keur nyiramkeun mayit, sawaréh di juru ditu nyieun padung jeung tutunggul tina papan bawaeun ka astana.

Pa Lurah, Pa Lebe, Pa Kulisi, para kokolot lembur jeung Kiyai Ajum mah komo mani dikeprik jeung santri-santrina. Ngan lolobana mah nya kitu, nu dariuk téa baé. Iwal ti Pa Lebe nu teu cicing téh, bubuhan kawajibanana ngurusanan mayit.

"Assalamualaikum!" ceuk kuring ka sakunma nu araya di dinya.

"Waalaikum salaaaam... Mangga calik!" témbal saréréa bari salah saurang ngasongkeun korsi keur diuk kuring. Tapi gampang diuk ngariung, da nu diburu-buru téh hayang panggih heula jeung Pa Haji Sarju nu kiwari tinggal layonna.

Sup kuring asup, seselendep ka jalma awéwé lalaki ahli pamili nu keur ngarubung layon Haji Sarju di tengah imah. Bi Inah anakna Haji Sarju nu panggedéna karérét bari émok téh beungeutna barintit tapak ceurik. Ari Ma Hajina mah di dapur pagalo jeung nu uprek ngolah kadaharan pikeun sidekah nyusur tanah.

"Cing punten." cekéng bari mukakeun samping kebat panutup layon nu ngajolopong dina samak nyaigirah ngalér. Diteuteup sakeudeung, barina ngadungakeun muga-muga almarhum dihampura sakabéh dosana, sarta ditarima Iman Islamna ku Nu Kawasa. Geus kitu rup sam­ping kebat lebah beungeutna téh ditutup keun deui.

"Tabuh sabaraha ieu téh Bi Inah mulih na?" kuring nanya Bi Inah nu émok gigireunana. Leungeunna ngucel biwir baskom wadah duit solawat. Biasa ari di kampung mah nu ngalayad téh sok bari mawa duit solawat. Diwadahan kana baskom.

“Nembé , aya panginten tabuh opat saparapat mah.” Tembal Bi Inah dareuda.

Cukup sakitu kuring nanya téh. Tuluy ka luar milu ngariung jeung tatangga-tatangga katut baraya-baraya nu datang ti mana-mendi.

Maju ka magrib karék si mayit téh réngsé dimandian. Diwuduan. Terus dibungkus ku Pa Lebe.

“Kumaha ieuh, nyalatkeunana cukup di dieu baé kitu? Atawa kudu ka masigit?” Pa Lebe nanya ti lawang panto ditujukeun ka ahli pamili Haji Sarju.

“Cim! Kumaha ieuh cenah?” Bi Inah nyelukan Mang Kosim adina. Nu digeroan nyuruntul ti tengah imah, “Kumaha cenah saur Pa Lebe nyalatkeun Abah téh? Rék di masigit atawa cukup di dieu baé?” Bi Inah ménta jawaban Mang Kosim. Tapi Mang Kosim kalah ngahuleng semu nu bingung.

“Kieu baé atuh,” saur Pa Lurah nyelang méré bongbolongan. “Ieu layon téh naha rék sakalian di ka makamkeun ayeuna atawa ke waé isukan isuk-isuk?”

“Ah, ke waé énjing, kumargi seueur kénéh wargina nu diantos. Sarengna deui ayeuna mah barabé tos sonten teuing sareng bilih hujaneun di makam.” Jawab Mang Kosim tatag ditanya kitu mah.

“Nya lamun kitu mah teu kudu ka masjid atuh. Da jauh ongkoh. Geus cukup di dieu baé. Kitu lain?”

“Leres kitu baé Pa Lurah. Satuju ceuk balaréa.

“Nya sok atuh ari kitu mah. Bérésan ieu tempatna. Urang saralat magrib heula berjamah di dinya di tajug Wa Amsor. Tas magrib urang nyalatkeun di dieu.” Parentah Pa Lebe.

Riungan bubar. Warudu ka pancuran. Sawaréh ka balong tajug Wa Amsor. Ti tajug kadéngé nu parupujian. Teu lila tuluy komat. Prung salat berjamaah magrib imamna Kiyai Ajum. Bérés wirid saréréa baralik deui ka imah almarhum Haji Sarju. Lantaran heurin, nyalatan mayit téh di tilu perhatankeun. Mimiti imamna Pa Lebe. Perhatan ka dua diimaman ku Kiyai Ajum. Nu katilu mah ku Ustad Rosad. Kuring kaasup rombongan ka tilu.

Adat kabiaasan di lembur, méméh mayit dikurebkeun téh sok disidekahkeun heula sakalian mekelan mayit ku du’ana jalma nu hirup. Ngaranna sidekah nyusur taneuh. Saterusna ti poé kahiji nepi ka poé ka tujuh sabada maot, sok ditahlilan. Tapi aya ogé di lembur tatangga mah sidekah nyusur tanah téh saréngséna ngubur mayit.

Nya ieu ogé pikeun almarhum Haji Sarju, sanggeus réngsé nyalatkeun téh dituluykeun ku sidekah nyusur tanah. Rongkah ogé, ma’lum di jalma nu beunghar. Da maké meuncit domba sagala.

Kira jam salapan peuting, tatangga-tatangga nu ngalayad téh nungtutan baralik, marawa berkat saparos séwang. Ngan méméh bubar. Pa Lebe ngawaadian ka saréréa sangkan isukan isuk-isuk wayahna kumpul deui, pikeun nganteurkeun layon ka astana.

Harita, nu tinggal téh kari Pa Lebe, kuring, tatangga nu dareukeut katut ahli pamilina. Pa lebeh maréntahkeun ka nu aya sangkan layon Haji Sarju diasupkeun kana pasaran, ngarah isukna kari bral baé mangkat ka makam.

Atuh lalaki nu araya kénéh kaasup kuring, golosor pasaran digotong ka tengah imah. Turubna dibuka. Sup layon Haji Sarju diasupkeun lalaunan, ditilaman samak jeung bantal. Geus kitu turub pasaran diterapkeun deui. Luhurna ditutupan samping kebat sababaraha lapis. Pangluhurna papaés kembang beunang ngaroncé. Bérés. Golosor digojodkeun di kamar hareup deukeut ranjang beusi. Tapi pantona teu ditutupkeun. Blak baé dibuka ngarah kacaangan tina patromak. Ngan di jero kamarna teu diseungeutan nanaon.

“Heug nya cim, geura tarungguan. Kuring rék balik heula, isukan ka dieu deui,” ceuk Pa Lebe masrahkeun ka Mang Kosim jeung nu araya di dinya sangkan layon Haji Sarji dikemitan.

“Muhun Mangga…” walon Mang Kosim jeung sabatur-batur, “Hatur nuhun sateuacanna Pa Lebe.”

Pa Lebe turun bareng jeung kuring.

Isukna kira-kira jam tujuh, nu rék nganteur ngurebkeun layonna Haji Sarju geus karumpul. Jebul utusan ti astana nu ngali kuburanana datang. Mopoyankeun réhna ngali kuburan geus anggeus.

“Hayu atuh ari geus siap mah. Sok éta pasaranna kaluarkeun ka dieu!” Pa Lurah méré komando. Regeyeng pasaran nu geus meunang mapaésan tadi peuting digarotong dibawa ka luar. Dijagragkeun hareupeun riungan.

“Mangga ka Pa Kyai disuhunkeun kerena Alloh ngamadah heula étang-étang ngamitkeun ka sadayana." ceuk Pa Lurah deui. Pa Kiyai Ajum maju, arék ngamadah. Sakumna ahli waris Haji Sarju dipénta karumpul sing deukeut.

Sakabéh ahli pamilina pada ngucurkeun cimata kasedih basa Kiyai Ajum kalawan basana nu melas-melis ngawakilan Haji Sarju pamitan ka saréréa. Komo Bi Inah jeung Ma Haji mah mani ngaguk-guk.

"Kuring Haji Sarju. Dina menit ieu, detik ieu, arek mulang ka kalanggengan. Geus tangtu kuring boga kasalahan ka aranjeun saréréa. Wayahna kuring hampura. Ogé bisi kuring boga hutang ka anak Adam, amanat ka ahli waris kuring pangmayarankeun." Cag, ayeuna kuring rék indit. Ménta pangdunga ti sarerea. Pileuleuyan ... pileuleuyan."

Bismillahirrohmanirrohiim ...! Regeyeng pasaran digarotong maju ngulon muru astana. Nu ceurik beuki raong. Nganteur aleutan nu jajap layon anu ngeungkeuy ngabandaleut bari saparat jalan teu eureun-eureun maca Lailahail-lalloh, dibilalan ku Pa Lebe. Ka dinyana mah enya, saha nu teu sedih ditinggal-keun maot. Karasa ku sorangan gé basa ditinggal maot ku lanceuk, ku anak, malah ahirna ku bapa sorangan. Peurih atina téh lain dikieuna.

Gotongan geus kaluar ti lembur. Opatan anu ngagotongna dedegeran semu beurateun naker. Tapi buntutna aleutan mah masih jauh di tukang. Najan kitu pating garukgukna nu ceurik mah kadéngé baé.

Kuring leumpang téh tukangeun pisan nu ngagotong.

Teuing aya naon, barang keur nanyakeun pisan jalan ka Tarikolot, ujug-ujug téh Mang Jupri jeung Mang Barhon nu ngagotong pasaran lebah hareup, siraheun mayit, ménta eureun. Bari reg ngarandeg, beungeutna ngalieuk ka tukang, matana buringas siga aya nu dipikasieun.

"Ku naon? Beurat? Gentenan atuh!" ceuk saurang tukangeun kuring.

"Enya atuh sok garentenan. Sanusi. Rojak, sok maranéh mah leuwih rosa geura!" ceuk saurang deui.

"Lain! Lain beurat!" tempas Jupri jeung Barhon. Ambekanana ngahégak.

"Na kunaon atuh?"

Gotongan diturunkeun heula tina tak-tak nu opatan. Sarerea nu nganteur pating kerecewis: "Aya naon? Geuning eureun?"

"Aya sora! Ti jero ieu!" Mang Jupri hariweusweus sarta nunjuk kana pasar­an. "Hirup deui meureun Pa Haji téh!"

"Ah piraku! Dasar borangan sia mah!" ceuk Aki-aki, teu percaya, "Hayoh gancang teruskeun. Gentenan geura bisi sieun mah lah!" si Aki satengah nyentak.

"His lain kitu Ki!" Jupri morongos, "Eces aya sora ti jero ieu pasaran: Naaanjak — nanjak — nanjak! Kitu cenah."

"Enya puguh kitu kadéngé ku kuring gé. Ngan anca pisan," Barhon mairan.

Panasaran ku saréréa pasaran téh diketrok-ketrok bari digeroan sababaraha kali: "Pa Haji!" Tapi euweuh témbal naon naon.

"Pan sidik euweuh nanaon tatéh! Ha­yoh ah teruskeun! Dasar barorangan si Jupri jeung Si Barhon mah. Sok ku mara­neh Rojak, Sanusi, garentenan!" Pa Lu­rah kapaksa milu ngamankeun. Tuluy gotongan maju deui. Nu ngagotong di hareup digentenan ku Sanusi jeung Rojak.

Tapi nya kitu, barang karék mengkol ti Tarikolot rék ka astana, gotongan téh ujug-ujug reg deui baé eureun. Nu nga­gotong panghareupna tipoporosé ménta écag heula. Barang ditanya aya naon deui, Sanusi jeung Rojak nerangkeun bari jeung sieun:

"Dédéngéan téh aya sora! Mééééééngkol - mengkol - mengkol! Kitu cenah!"

Atuh Aki Samad morongos deui, "Kasebelan siah digarawé téh! Hareureuy baé! Teu beunang sisiwo deuleu keur kieu mah!" pokna mani molotot, "Halik ku aing geura ari menggeus teu kareyeng mah!"

Regeyeng Aki-aki téh ngagotong pasaran jiga nu keuheul enyaan. Anu ngaleut nganteurkeun, jadi teu husu maca dikirna. Malah tingharéwos, boa enya layon Pa Haji Sarju hirup deui. Ah piraku. Tapi boa enya. Moal lah. Teuing atuh…

Gotongan geus tepi ka pupudunan nganjogkeun ka astana. Tapi acan gé béak pudunan, geus reg eureun deui baé. Tetela Aki Samad ayeuna mah nu tipoporosé ménta eureunna téh.

"Ke ke heula barudak! Kadéngé henteu ku silaing hah?" pokna ka nu ngagotong.

Bapa Mardi nu marengan Aki Samad kalah peupeureudeuyan ditanya téh.

"Sidik! Si… dik hi ... ah ...!” cenah teu kebat.

"Aya naon deui Aki? Ku araraneh teu­ing nya?"cek Pa Lebe.

Mang Rojak, Mang Sanusi, Mang Barhon jeung Mang Jupri mani nyeuleukeuteuk seuri ngeunah basa ngadenge omongan Aki Samad nu tadi nyarekan téh.

"Ari pokna téh cenah, kadéngé ku ceuli Aki, eu ... muuuudun! mudun! Bet kitu cenah siga nu méré komando. Ah na enya kitu ieu téh eu hirup deui Si Haji téh?" ceuk Si Aki méhméhan ngelay.

Atuh saréréa ngaharuleng, héran tapi gegedéna mah keueung. Nu ngalanteur ngagimbung sisi astana. Pasaran rada dianggangan. Jep euweuh nu nyarita. Tapi teu lila regeyeng deui digarotong sanggeus tetela euweuh sora nanaon:

Ana rék anjog pisan ka liang kubur, goak téh aya sora ti tukang. Tetela Mang Kosim, anakna Haji Sarju. Lumpat nyusul ka kuburan bari nyarita ngahégak: "Ke heula! Layon abah tinggaleun. Ayeuna aya kénéh di imah! Ngagolér di kolong ranjang!" pokna.

"Hah? Tinggaleun? Ari ieu saha nu digogotong? Jurig?" ceuk balaréa. Ngan gubrag baé pasaran téh ku nu ngagarotongna digubragkeun. Panyangkana nu digotong téh enya jurig! Barang gubrag, turubna muka, samping jeung kembang mancawura. Na atuh ti jero pasaran, kuniang téh aya nu hudang bari ngabarakatak seuseurian pikasieuneun. Biribit saréréa lumpat nganggangan.

Barang disidik-sidik, sihoréng nu digogotong téh ... Si Rasta, jelema burung! Atuh ngan réak baé pada nareunggeulan. "Kéhéd téh siah! Dasar nu gelo! Ngagawékeun siah ka kami!" Bari habek! habek! Si Rasta pada narajongan bujurna. Tapi rikat terus manéhna lumpat mani ngabecir bari iirihilan. Saréréa euweuh nu teu ambek. Tapi hayang seuri hayang seuri aya.

"Hanas dicaleungceurikan siah nu gélo téh!!" ceuk Aki Samad ambekna ngagu-gudug bari baralik deui rék nyokot layon Haji Sarju nu tinggaleun di kolong ran­jang.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (3)

Ainniya Fayda Azmi

katipu niyeeeeee... hebat...hebat...cocok pisan sareng alam palemburan asa enya

H. Asep Saebat Jihad

lalakon ieu pernah aya di Mangle taun 70 an ahir, kajadianana di Dawuan, mun teu salah nu gelona Si Salu. Anu nulisna mah poho deui.

Muhamad Miftahudin

aduh ....mani lucu tur waas kana kahirupan urang lembur

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: