• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Tamatna Penjajahan Walanda
di Kalijati Majalengka

Kintun kana Facebook

Lapangan udara Kalijati Majalengka perenahna kuloneun kota Subang. Di dieu ogé tempat pendidikan  penerbang lian ti  jadi pangkalan udara. Kalijati nyimpen  fakta sajarah anu wajib dipiara dimumulé ulah tepika dipopohokeun. Baheula, persisna tanggal 8 Maret 1942, di Kalijati ieu Walanda masrahkeun kakawasaana di Indonesia ka Jepang. Awalna  basa dina tanggal 1 Maret 1942  wadiabalad Jepang nu dipingpin ku  Vice Admiral Takahashi balabuh di Pulo Jawa, di antarana di Teluk Banten Merak, mawa   Letnan Jenderal Imamura jeung setapna.

Rombongan kadua kapalna  balabuh di Eretan Wetan   Jabar kalér,  pasukan dipingpin ku Kolonel Shoji jeung satuan angkatan udara anu ditataharkeun keur ngajorag Pangkalan Udara Kalijati.  Rombongan katilu  balabuh di Kranggan Jawa Tengah, Komando dicekel ku Brigade Sakangachi. Dina waktu kapal Jepang balabuh di tilu daérah téh da teu pisan aya perlawanan. Rajeun aya nu ngalawan ukur  saeutik, ogé anu ngalawan téh kapal-kapal sekutu anu rék mundur ka  Selon. Pasukan Kolonel Shoji  anu ngagempur Kalijati jumlahna 3000 urang dilengkepan ku panser-panser, diwangun ku dua bataliyon Infantri, Komandana Mayor Wakamutsu jeung Mayor Egashira. Gerakan pasukan Jepang kacida kesitna, ngan sakilat kanyahoan geus aya dimana-mana, tepika urang Kalijati ngarasa kagét. Perang campuh 1 Maret 1942  teu bisa dicingcetkeun deui  pasukan Walanda ngayonan Jepang anu dibantuan ku serangan udara ngagempur pangkalan udara Kalijati, atuh pasukan Walanda  kucar-kasir nyalametkeun diri, terus dicehcer tepi ka cunduk di jalan ka Bandung. Ahirna pangkalan udara Kalijati karebut ku Jepang. Hal ieu ngabalukarkeun pasukan Walanda ngarasa  kagebug tepi ka ngabangkieungna. Ambek nyedek tanaga midek, ahirna Walanda tingsulumun kukurubutan liwat Purwakarta jeung Subang. Tapi taya mendingna ,sabab pasukan Jepang kacida kuatna jeung geus ngawasa pertempuran, tepi ka moril pasukan KNIL morosot.

 

Bandung Mangsa Harita

Sabada bisa ngarebut Subang jeung Kalijati,  Kolonel Shoji  milih markasna di wilayah perkebunan Pamanukan Ciasem Subang. Bari terus ngabeledig musuh tepi ka jurusan Lembang, Jepang bisa ngancurkeun  kubu Walanda di Ciater liwat perang campuh anu sengit. Malah waktu muka jalan ogé, pasukan Jepang mah bari  ninggang-ninggangkeun bom blungbleng. Ahirna Ciater karebut ku Jepang tanggal 6 Maret 1942. Korban patulayah  ti dua pihakanana, banjir getih maseuhan lemah Ciater .  Sabada nyahoeun yén Walanda terus kasurungkeun ka Bandung, Gupernur Jenderal Tjarda  masrahkeun kalungguhan pingpinan tertinggi ka Legercomandant nu saterusna ngaluarkeun katangtuan yén Bandung henteu meunang dipaké medan pertempuran sabab padumukna geus gegek pisan. Kulantaran kitu pingpinan KNII ngajukeun gencatan senjata pikeun babadamian. Walanda anu éléh baé dina ngayonan Jepang, pertahanana beuki hengker. Ku kituna Jenderal Terporten anu kakara narima kalungguhan pingpinan Angkatan Perang di Hindia Walanda ti Gupernur Jenderal, nyanghareupan kaayaan anu genting, sabab pusat pertahanan di Bandung beuki ngadongsok. Gupernur Tjarda embung kawiwirangan, nya ngutus  saurang pareman pikeun nepungan Komandan tentara Jepang di Bandung, harita tanggal 7 Maret 1942. Tujuana pikeun ngabadamikeun  kapitulasi pasukan dipingpin ku pareman baé lain sakabéh pasukan Hindia Walanda. Soréna Kolonel Shoji narima utusan Walanda nu mawa bandera bodas. Ceuk Shoji, pareman bisa diajakan badami jeung utusana atawa utusan pribadina,  Mayor Yamashita. Tempat babadamian di hotel Isola Bandung, sabab Shoji arék laporan ka Jenderal Imamura di Batavia, Nya ti harita lumangsungna gencatan senjata téh. Jenderal Imamura ménta  supaya kapitulasi atawa itungan sabaraha lobana jumlah pasukan Hindia Walanda di Jawa. Imamura ngan daék badami jeung Panglima Tentara katut Gupernur Jenderal Walanda di Jalan Cagak Subang Bandung. Babadamian Walanda-Jepang ahirna dilangsungkeun di lapang pangapungan Kalijati lain di jalan Cagak ieuh. Tanggal 8 Maret 1942 harita téh. Jadi tepi ka poé ieu téh meureun geus 70 taun lilana, tapi masih hirup dina panineungan bangsa Indonesia, hususna urang Jawa Barat, hususna pisan urang Kalijati jeung Bandung. Maksud milih Kalijati, kahijina mah  Jepang hayang  nembongkeun kakuatan  tempurna,  kaduana ngajaga boh bisi lain badami anu disorang tapi perang campuh. Ku jalan kitu Immamura bisa langsung ngontrog kaayaan anu keur badami di Kalijati.  Jendral Imamura ti Jakarta miang sorangan jam genep isuk-isuk, teu dikawal. Jenderal Tjarda jeung  Panglima Terporter mah miangna ti Bandung.   Imamura ménta supaya Panglima Terporter masrahkeun diri tanpa sarat jeung masrahkeun sakabéh pasukan Walanda  ka Jepang. Lamun nanduk, jung baralik ka Bandung  pokna téh, hayu urang perang campuh deui, saterusna kota Bandung arék dibom ku Jepang.  Imamura ngan méré waktu 10 menit , terus kaluar ti tempat babadamian. Ahirna Terporten masrahkeun diri tanpa sarat jeung masrahkeun tentarana kabeh ka Jepang terus nandatangan naskah seren sumérén kalungguhan anu geus meunang ngetik pihak Jepang. Ari Tjarda kusabab ngarasa henteu boga wewenang nanaon pikeun  nyindekeun putusan ahirna  ngaléos ka rohang tempat badami. Utusan Walanda teu lila mariang deui ka Bandung. Pukul 22.00 Terporten nelepun  markas tentara Inggris  ngabéjaan yén geus kajadian sérén sumérén  kakawasaan Hindia Walanda ka Jepang sarta geus nandatangan naskah  jeung Jepang tina perkara sérén sumérén kakawasaan jeung pasukan ka Jepang. Terporten ménta supaya sakabéh pasukan Sekutu  ngecagkeun senjata.  Komandan pasukan Sekutu di Jawa Major Jenderal Sinwell nu mimitina ngarasa kaget jeung tugenah sabab ngarasa teu diajakan badami ahirna  ngiringan baé kana sagala rupa anu geus diputuskeun ku Terporten. Isukna Terporten liwat Radiio Bandung, ngabewarakeun yén sérén sumérén kakawasaan ti Hindia Walanda ka pihak Jepang geus dilaksanakeun di Kalijati Majalengka, naskah sérén suméréna geus ditanda tangan. Tanggal 12 Maret 1942 sakabéh Komandan kesatuan Walanda, Inggris jeung Ustralia sacara resmi nandatangan naskah papasarahan pasukan ka komandan tentara Jepang  Letnan Jenderal Maruyama di kota Bandung. Ku jalan kitu penjajahan Walanda di bumi Indonesia dipungkas tepi ka dieu.

Dialog Para Gegeden Walanda jeung Jepang

Dina  babadamian di lapang pangapungan Kalijati, para gegeden Jepang jeung Walanda  dialogna karekam ku pers nu waktu harita ngaliput kajadian penting di Kalijati. Panglima Jepang Imamura nanyakeun ka Gupernur Jenderal Tjarda naha cenah  Gupernur Jenderal jeung Panglima Tentara boga wewenang  ngagelar babadamian di Kalijati?

Nurutkeun Gupernur Jenderal Tjarda, memang dina kalungguhan Panglima Tentara mah teu boga wewenang  milu nyarita. Ari ceuk Imamura,  upama henteu bisa nyarita mah naha atuh datang kana babadamian Kalijati ieu? Gupernur Jenderal Tjarda nyebutkeun yén anu ngondang téh kapan Panglima Imamura, datang téh nohonan ondangan Imamura. Tadina mah susuganan wé  bisa nyarita ngeunaan  pamaréntahan sipil di Jawa. Tacan gé Tjarda namatkeun caritaan anu pokok, tapi caritaana dipengkolkeun ka masalah séjén, bari nunjuk ka lebah panto, pokna téh“ Punten sim kuring seja tumaros, jalmi anu nangtung lebah panto itu naha reporter atawa juru lapor, sim kuring hayang nyaksian sadérek ngusir éta jalma ayeuna kénéh!” Tapi jigana Imamura henteu merhatikeun kana paménta Tjarda sabab Imamura kalahka ngalieuk ka Terporten pok nyarita,

”Naha sadia anjeun masrahkeun diri tanpa sarat?"

Walon Panglima Terporter

”Sim kuring ngan bisa nyaritakeun masalah kapitulasi Bandung”

Imamura;”Kapitulasi Bandung? Ah masalah éta mah bener-bener henteu narik haté sim kuring!”

Imamura sababaraha kali nanyakeun masalah serah tarima Hindia Walanda Tapi sababaraha kali ogé Panglima Terporten nyaritakeun masalah kapitulasi Bandung. Atuh ceuk Imamura téh, lamun keukeuh embung masrahkeun diri jeung masrahkeun pasukan mah atuh urang gancang wé gedurkeun  peperangan, sagancangna anujeun mulang ka Bandung tatan-tatan, sim kuring ogé arék sagancangna cumeluk ngagedurkeun seuneu perang, teu pindo gawe! Ceuk Imamura Bandung arék dibombardir, kapal-kapal udara anu arék ngebomna geus siap di lapang pangapungan Kalijati. Tapi seug dibéré kasempetan panungtung keur nimbang-nimbang kawijakan aranjeun, tapi teu leuwih ti sapuluh menit! Imamura ngaléos ka luar ruangan, sabada 10 menit liwat asup deui, pihak Hindia Walanda geus dariuk deui, nya ahirna kajadian sérén sumérén kakawasaan jeung pasukan. Dialog wirahmana jadi béda, tina keras rengkeng jadi kalem, halon.

Panglima Jepang Imamura jangji, moal eudeuk nyabit-nyabit masalah pamaréntahan sipil, sabab kanyataana pihak Hindia Walanda ogé teu boga wewenang nyaritakeun masalah éta, jadi teu boga wewenang tertinggi pikeun ngajawab pertanyaan-pertanyaan. Ti harita para pingpinan Hindia Walanda dilarang nyarita  ngeunaan hal éta. Sakali deui Imamura nanya naha arék masrahkeun diri atawa moal. Ahirna Panglima Terporten sadia ngalakukeun sérén sumérén kakawasaan jeung masrahkeun pasukan ka Jepang. Gupernur Jenderal Tjarda  nu ngarasa teu boga wewenang nyindekeun putusan, ahirna ngabengbeos kaluar rohangan. Tapi méméh liwat panto, nyarita heula bari nunjuk ka jalma nu nangtung téa, Tjarda ménta supaya méméh kaluar éta jelema anu nangtung lebah panto diusir. Kajadian éta ogé milu nyirian dipungkasna penjajahan Hindia Walanda di Indonesia. Kalijati nyatet sajarah penting dina detik-detik serah bongkokanana Walanda anu ngajurung laku ka sang pajar kamerdekaan pikeun nyumiratkeun Cahayana di bumi Nusantara.*** 

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (2)

Mang Yaya

Subang: Kalijati. Majalengka: Kertajati, Bantarjati, Jatitujuh, Jatiwangi. Bandung: Gardujati. Kalijati Majalengka? Dimana, nya?

H. Asep Saebat Jihad

Ari Kalijati teh perenahna di beulah mana, sakaterang bandara (militer) di Majalengka ngan aya hiji-hijina nyaeta Lanud S. Soekani anu perenahna di kecamatan Jatiwangi (Majalengka Kaler)

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: