• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Hiji Poé di Pare-pare

Kénging Hana Rohana Suwanda
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1367307346.jpg [Potrét/Ilustasi: Agus Mulyana]

Kuduna mah geus poho da geus lila atuh. Tapi anéh beuki lila lain poho, kalahka beuki ngendag-ngendag jajantung. Padahal umur gé terus nambahan. Cenah biasana ingetan gé sawaréh sok laleungitan. Tapi ieu mah kalah ka manjangan. Bruhbréh gambaran poé éta di Paré-paré. Jota anu tiiseun, tapi beunghar ku alam wisatana.

“Ayeuna mah mending di hotél ngéndong téh, ulah di bumi Kapolda karagok!” ceuk Emili.

“Ari kitu bisa di hotél?”

“Nya bisa atuh, disadiakeun di Hotel Mandoril. Hayang sabaraha kamar?” Padahal saenyana garwana Kapolda téh urang Sunda. Bageur pisan. Ngakuna kawas ka wargina baé. Éta cenah karagok, nya da di imah batur. Hayang bébas mah kudu di alun-alun meureun. Abong barudak seniman.

Sapuluh urang milih ngéndong di Hotél Mandoril. Hotél basajan, anyar kénéh dirénovasi. Ceuk kaamanan hotél, Daéng Sipato, tadina mah bumi ménak Bone cenah, tapi anu kagunganana teu betaheun. Nya ngalih ka Palopo. Bumina diical ka pangusaha sémah urang Semarang.

Saenyana garenah lebah dinya téh. Pamandanganna éndah. Laut makplak hareupeun, ukur dipisahkeun ku jalan jeung jajaran paimahan. Mun ti peuting séahna lambak laut atra kakuping.

Lamun rada lila mah di Paré-paré meureun kaburu ulin saba lembur saba kota. Tapi da ngan dua poé. Jauh kénéh anjanganeunana. Harita dina raraga ngahibur prajurit Siliwangi anu tugas  ngabasmi gorombolan  DI/TII.

Jaman DI, geus kacida lilana. Tapi runggunukna gunung-gunung di Sulawesi, harieum jeung geueumanana kacipta baé. Susah leungitna tina ingetan. Ti Makasar téh norobos leuweung nyorang jalan anu meulitan gunung LatImojong, paroék, harieum, geueuman. Antara lembur jeung lembur téh ancal-ancalan. Diselang ku laut atawa totoang panjang. Numatak baretaheun pisan di Paré-paré téh asa di lembur cenah. Emili sakamar jeung  Somari, di kamar tungtung. Ari Somari da puguh tanggung jawab di réngréngan panitia, remen ninggalkeun Emili sorangan di kamar hotél.

Cara poé éta, Somari bébéjana arék ka Makasar heula aya anu tinggaleun. Emili nyorangan di kamar, dahar gé ménta dianteurkeun ka kamar. Sareupna diuk dina korsi hoé di téras, bari maca majalah. Tapi Oding, Dedi, Maman narénjoeun Emili di téras kawas anu keur anteng ngawangkong bari nyekel majalah. Kadéngé seurina ogé. Ih mani uplek. Ngobrol jeung saha atuh? Da euweuh sasaha. Ngan Emili anu nyahoeun jeung saha manéhna harita ngawangkong. Bada Isa keur usum bulan, kakara gé gék Emili diuk, bet aya anu nyampeurkeun, lalaki kasép, jangkung, pakulitanana beresih bodas. Buukna ombak-ombakan disisir rapih. Panonna cureuleuk hideung. 

“Wilujeng wengi!” pokna bari ngasongkeun leungeun ka Emili anu hookeun. Seukeut neuteup nu kasép nu teu weléh mésem leleb ka manéhna. Poho wé ka Kang Usman mah di Bandung.

“Wengi…”ceuk Emili némbalan.

“Sareng rombongan Siliwangi?” Nu kasép nanya.

“Sumuhun!”

“Waktos di Makasar nongton téh, Tapi teu lami. Éta kasengsrem ku Saputangan Dari Bandung Selatan!” pokna deui bari nyebutkeun yén manéhna kungsi pendidikan di IKIP Bandung Bumi Siliwangi. Tapi teu tuntas kaburu pindah ka Surabaya. Saterusna pokna deui ngiring pamanna ka Swiss meunang sataun.

Emili ukur mairan ku, “Oh….”

“Kumaha di Paré-paré?”

“Betah. Abdi mah resep ka laut!” ceuk Emili anu mémang karesepna kukucrakan di basisir, ulin jeung budah laut anu peuyar. Emili boga laut di Pangandaran, lanceukna bogaeun bungalow kulawarga. Atuh méh saminggu sakali ka Pangandaran ngadon sosonoan jeung budah laut.

“Akang gé resep di lembur téh. Bagja urang gaduh laut. Nu pangresepna mah geura di Palenggu, pareng usum ngadamel parahu pinisi sareng lambo. Seueur anu nyaung-nyaung nu buburuh nyieun parahu!” Nu kasép medar carita. Emili resepeun kana dongéng Palenggu.

“Resep atuh!”

“Ih kantenan wé resep. Tapi aya usumna éta téh. Ké upami nuju usum diajakan nya!” ceuk nu kasép téh. Emili rada reuwaseun ogé. Diajakan? Na iraha kitu?
“Nyuhunkeun alamat di Bandung wé. Engké diwartosan, nyaan!” Pokna.

Emili mésem leleb neuteup nu kasép gigireunana. Bener kasép. Jangkung alit ngalémpéréng konéng. Jiga Purnama Alam dina dongéng. Kitu lah. Haté Emili jol kapentang panah asmara.

“Dupi, salira naha aya di hotél?”Emili ngawani-wani manéh nanya.

“Ih da Akang mah urang dieu. Ieu téh bumi pun bapa. Baheulana mah bumi ageung, bumi adat Bone. Karuhun mah saur nu nyarebat……eu….eu!”

“Saha?” ceuk Emili panasaran.

“Hasanudin Karaeng Bontomangape,” témbalna. Tapi sorana halon pisan méh teu kadéngé. Tapi ku Emili mah kadéngéeunana atra pisan…Karaeng Bontomangpe.

Mani ngalenyap ngadéngé jenenganana disebut. Mémang Daeng Sipato, kaamanan hotel, ogé kungsi nyebutkeun yén éta hotél baheulana karaton salahsaurang Sultan. Tapi Daeng Sipato henteu nyebut-nyebut Hasanudin Karaeng Bonto Mangape. Ngan ceuk Emili, luluhur Suneda gé aya anu jenenganana Hasanudin terahing ménak ti Pajajaran nu ngasta kaprabon di Banten.

Ménak Bone téh mésem leleb. Emili teu kapapanjangan, neruskeun ngawangkong jeung nu kasép. Ngalih kana lalakon prajurit Siliwangi anu keur bégalan pati jeung DI. Éta nu kasép loba nanya ka Emili, kabéh bisa kajawab. Emili ngadongéngkeun ngeunaan prajurit nu keur leumpang lentak-lentuk antara Cake-Baraka. Ceuk Emili prajurit téh geus dua taun tugas di Sulawesina. Hawatos, tapi da tugas.

Nu kasép neruskeun caritaan Emili, disambungkewun jeung jaman Kalipah Umar bin Khatab  anu kantos nurunkeun kawijakan ngeunaan prajurit nu maju perang. Maranéhna saban genep bulan diaplus, dibagilirkeun. Umar nyindekkeun kawijakan kitu sabada ngadangu istri keur ceurik wé ngadingdiut di imahna. Khalifah Umar anu keur nyamur tumaros, “Nyai kunaon ceurik téh mani bangun kanyenyerian kitu?”

Jawabna téh, “Numawi abdi téh dikantunkeun ku salaki tugas ka pangperangan. Geus dua taun teu waqngsul-wangsul. Teungteuingeun Umar bin Khatab,”pokna.

Khalipah teu lémék. Terus wé angkat ngantunkeun éta awéwé. Tapi teu lami ti harita turun kawijakanana anu cukup adil; prajurit anu diiangkeun ka pangperangan dibagilirkeun genep bulan sewing. Jadi genep bulan sakali, diganti.

Ti  harita diharepkeun moal aya deui awéwé anu ceurik kanyenyerian duméh lila teuing ditinggalkeun ku salakina ka pangperangan.

“Upami dilarapkeun téh di urang, kantenan saé pisan nya Kang?” ceuk Emili anu henteu miharep boga salaki ka tentara.

Nu kasép bangun kasengsremeun pisan ngabandungan caritaan Emili ngeunaan pasukan Siliwangina. Emili jiga anu kacida reueus jeung agul boga Siliwangi anu cenah “ka leuweung gé kuring ludeung, pasukan Siliwangi saeutik gé mahi.” 

“Dupi Engkang saha jenengan? Naha nganggo ka Bontomangape?”Emili panasaran. Nu ditanya neuteup heula ka Emili, bangun wegaheun geusan ngajawab.

“Ngaran Kakang….Ismaildin Bau Massepe,” Emili mésem, kayungyun ku nu boga ngaran, bangun anu reueus boga nngaran saperti kitu. Teu maké Bontomangape tapi Bau Massepe.

“Nanging, ku pun bapa waktos badé disakolakeun ka Swiss, ngaran teh Ismaildin wungkul,” pokna deui.

Rét Emili ka langit, bulan geuleuyeungna asa gancang pisan, geus  liwat sirah. Mangkaning isukan kudu nyubuh da rék neruskeun lalampahan, ninggalkeun Paré-paré.

“Geuning parantos wengi, bilih badé kulem!”

“Ah moal. Teu palay ka basisir? Éndah wayah kieu mah. Ceuk nu ngadarongéng, sok kakuping sora anu ceurik, istri. Sorana melas-melis. Éta téh.…Duyung. Sea Mermaid tea!” ceuk nu kasép téh.

Emili panasaran. Beuki peuting beuki panasaraneun. Duka kumaha tungtungna Emili daék dituyun ku Ismail. Turun ti loténg…liwat ka patengahan. Lempeng leumpangna terus ka basisir, dibagéakeun ku séahna lambak. Ahéngna, anu narénjoeun taya anu lémék. Ukur narénjokeun wé ka Emili anu katarénjoeunana leumpang sorangan muru basisir.  Daeng Sipato, petugas kaamanan hotél mah cenah nénjoeun Emili ditutuyun ku nu kasép. Tapi kalahka calangap nyaksian kajadian kitu téh, teu nanya teu nyarék. Nu leumpang geus ngaraas kana budah laut anu peuyar di basisir. Kucuprak…kucuprak. Kakara kaamanan ngagorowok, ”Tobat Gusti….”pokna. 

“Aya naon Daeng, aya naon?” Sakur anu keur aya di téras hotél nyampeurkeun kaamanan bari silih tanya. Daeng Sipato teu némbalan kalahka nunjuk ka lebah nu leumpang ka basisir. Terus ngagidig ngudag ka basisir.

Rusadi, salahsaurang anggota rombongan, kabeneran ngabandungan éta kajadian. Ana gorowok téh manéhna ngagorowok “Emiliiii……”

Berebet lumpat muru Emili anu harita geus ngagolér. Nangkarak bengkang di basisir. Awakna jibreg. Sirahna méh kakeueum ku cai laut. Gancang dirontok ku Rusadi bari babacaan. “Ya Alloh tangtayungan Emili….! Emili….Emili….éling Emili,” atuh rob saréréa ngarubung-rubung Emili. Regeyeng ahirna digarotong ku Daeng Supato jeung patugas hotél anu séjénna. Emili  digarotong ka hotél.

Sakur anu nyaksian kajadian harita nyebutkeun yén Emili leumpangna ka basisir téh sorangan. Henteu aya anu kasép maturan. Atuh sapeuting éta mah hotél ngadadak haneuteun. Kabéh nu nginep jadi tingrariung wé bari ngajaga Emili anu teu éling-éling. Malah anu kagungan hotél ogé sumping da dibéjaan.

Ngagayuh ka subuh Emili kakara éling. Jol nanyakeun Ismaildin, “Kapan abdi téh jeung anjeunna,” pokna. 

Tapi isukna rombongan geus digugubrag kudu bébérés rék neruskeun lalampahan ka Pos-pos Siliwangi di tempat séjén. Tujuan ahir: Enrekang. Di jalan, kakara dibéjaan yén saenyana nu kasép téh……Ismaildin Bau Massepe putra ménak anu wafat ku gorombolan sasumpingna ka Paré-paré ti nagara Paman Sam, tolabul élmu dina widang kamiliteran.                                                                                                                         

“Kamar pribadina téh di loténg Hotél Mandoril. Kamar anu dipaké ku Emili pisan.”

Pék geura, saha nu teu ngagebeg?

“Subhannalloh……..”gerendeng Emili. *****

Selagangga 1965

 

 

 

 

 

 

 

 

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: