• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Drs. Hasan Abdullah, MM;

Ngajak Ludeung ka Luar Negri
Lantaran Boga Pangarti

Kintun kana Facebook

Nu mariang ka luar nagri, mémang hakna. Lantaran keur nyumponan pangabutuh sapopoé téh kudu aya tarékah. Tujuanana gé geusan ngahontal karaharjaan, kaasup para TKI asal Jawa Barat.

Ti taun ka taun nu miang gawé ka luar negeri beuki nambahan. Kituna téh, lantaran kajurung pangabutuh séwang-séwangan. Saperti nu jadi kasang tukang kawijakan pamaréntah ngiangkeun  tanaga kerja ka luar negri ogé, alatanana mah, éstu keur nyumponan pangabutuh masarakat. “Bangsa urang nu kalebetna nagara berkembang, di antarana kawijakan TKI, mémang keur ngungkulan bangbaluh hirup jeung tumuwuhna pangangguran,” ceuk Drs. Hasan Abdullah, MM basa rinéh ngobrol di kantorna, Jl Soekarno Hatta No. 301 Bandung.

Upama di lembur sorangan hésé néangan gawé, nu ahirna loba mariang ka luar negeri, mémang éta jadi hak masing-masing. Ku kituna, pihak pamaréntah, ngaliwatan Balai Pelayanan Penempatan jeung Perlindungan TKI (BP3TKI), ceuk ieu teureuh Ciamis, keur méré luang ka masarakat nu leuwih raharja. Ngan nyakitu téa, gawé ka luar negeri nu ngarahajakeun mah, nya nu boga kamampuhan. “Kantenan nu angkat daramel ka luar negeri, nya kedah nu gaduh pangarti. Numawi kitu kiwari ogé nuju dihangkeutkeun kerja teh di sektor formal,” saur ieu carogé Rahmi Zubaidah.

Tapi sanajan kitu, pihak BP3TKI gé teu ngaleuleungit kana nasib goréng nu kalan-kalan narajang  para TKI di luar negeri. Saperti nu asalna Jawa Barat ogé, hawar-hawar TKI nu katideresa, apan sok aya waé. Dina palebah kitu, cek ieu Kepala BP3TKI, pasualan-pasualan nu tumiba ka para TKI, salawasna gancang diungkulan. Saperti sagancangna koordinasi utamaman nyaluyukeun administrasi jeung pihak terkait. Ku cara kitu, pihak kulawarga ogé loba nu ngarasa jongjon. Kitu deui, keur nyegah pasualan nu teu diharepkeun, dianggalna kénéh ningkatkeun palayanan ka masarakat, ku cara online. Hartina, masarakat nu minat gawé ka luar negeri gé, bisa leuwih gampil jeung daria.

 

Ajén TKI Jawa Barat

Nu mariang gawé ka luar negeri ti Jawa Barat mémang masih panglobana. Di antara nu loba jadi pangjugjugan teh ka wilayah Timur Tengah. Kaayaan kitu, ceuk Hasan matak reueus sakaligus ogé jadi bangbaluh. Undakna nu hayang garawé ti Jawa Barat mémang ningkat. Saperti taun 2009, nu miang kana dua ratusan. Sedengkeun dina taun 2012 undak nepi ka angka kurang leuwih 2.500 urangna. Ku kituna, ceuk pupuhu BP3TKI nu remen jadi narasumber ka saban wilayah, saeutikna aya kénéh mawa bangbaluh. Di antarana waé saperti sual ajén SDM-na. “Ti Jawa Barat seueur, namung ajénna kedah teras ditingkatkeun, pangpangna dina sual kaparigelan dina ngagunakeun basa asing,” pokna.

Kaayaan kitu, bisa jadi nu mawa gambaran atawa citra TKI di luar nagri teu salilana hadé. Malah, dina widang séjénna mah, saperti TKI nu paripolahna goréng apan teu kurang-kurang mawa ‘ngiruhan’. Kitu téa mah, teu béda ti paribasa, angeun sapariuk karagragan tai beurit, geuleuhna mah kabéhanana. “Mudah-mudahan waé kapayunna mah, hususna ti Jawa Barat mah teu aya. Lantaran, keur BP3TKI ogé mémang ditataharkeunana sagalana, kaasup dina nangtukeun cara rekrutmen TKI nu bener-bener kudu luyu jeung pasaratan,” pokna deui.

Upama ngokolakeun TKI masih kénéh nyanghareupan rupa-rupa pasualan, mémang ditilik-tilik sabab-musababna mah, tetep ngamuara kana paripolah para oknum nu ngan ukur ngamangpaatkeun para TKI.  “Seueur kénéh pasualan téh, lantaran dina miangna ka luar nagri teu luyu jeung aturan anu jinek. Ku kituna, keur masarakat Jawa Barat ka hareup, ayeuna mah nu boga hak ngarekrut ogé diwatesanan, saurang keur lima kota atanapi kabupaten,” ceuk Pa Hasan nu lila mancén gawé di Depnaker RI di Jakarta.

Ngokolakeun jeung nungtun TKI, keur ieu teureuh Sunda mah mémang widangna. Ku kituna, keur nyumponan minat masarakat gawé ludeung ka luar negeri, tetep kudu diungkulan. “Intina, ulah indit mun teu siap,” pokna. Maksudna, sagala rupana kudu bener-bener siap, kaasup sual pangabisa, basa, jeung kasiapan méntal di nagri nu ditujuna.

Pasualan TKI ngamuara ti mimiti mangsana tatahar. Di dieu gé loba nu méngpar tina aturan. Boh kamampuh calon TKI boh idéntitasna, loba nu teu luyu jeung kanyataan. Atuh, saterusna, teu meunang jaminan jinek ti pihak agén nu ngiangkeun TKI éta. Balukarna, di nagri tujuanana gé ngarumas, lantaran nu diangen-angen ti lembur téh jauh jeung kanyataan. “Ngabebehna SDM kedah ti anggalna kénéh. Carana, ngaliwatan palatihan-palatihan, boh katerampilanana, kamampuhan komunikasina, ogé méntalna,” pokna.

Kitu deui sual séjénna nu tumali jeung administrasi, ceuk Pa Hasan, program E-KTP  ngabantu pisan, utamana dina ngalengkepan sistem nu leuwih maksimal.

Dina ngurus TKI, Hasan Abdullah gé remen ngalanglang ka saban tempat di Jawa Barat, méré panerangan. Pihakna kalayan gawé bareng jeung pihak-pihak nu raket tumalina jeung TKI, teu weléh ngimeutan saban masalah jeung pasualan nu karandapan ku masing-masing TKI di Jawa Barat.

Nu mariang ka luar nagri, mémang hakna, sabab keur nyumponan pangabutuh sapopoé téh kudu aya tarékah. Tujuanana gé geusan ngahontal karaharjaan. “Kantenan karaharjaan para-TKI Jawa Barat janten panalinga pihak BP3TKI ogé,” pokna.

 

Diajar Hirup Mandiri

Hasan Abdullah pituin Panawangan Ciamis. Keur sakola di SD Panawangan 2 Ciamis mah teu boga cita-cita luhur. Galibna harita, cukup ku bisa gawé nu sakira-kira bisa nyugemakeun sepuhna. Hirup nu teu jauh ti sisi palataran gunung di Panawangan, mémang aya dina asuhan sepuhna. Atuh meunang atikan ogé kuat pisan ti sepuhna.  Ceuk kekecapan karuhun gé, indung tunggul rahayu, bapa catang darajat. Tah, nya kitu pisan nu karasa ku Asep Syarifuddin gé. Indung téh jadi pangjurung laku geusan tinemu rahayu. Bapa téh, pangjajap paripolah sangkan hirup tinemu hurip. Matak, baheula keur budak, atikan sepuh teh jadi tatapakan ludeung hirup ka hareupna. Di antarana kudu diajar hirup mandiri. “Hurip Anjeun, éstu gumantung ka anjeun sorangan,” ceuk Hasan nirukeun kekecapan sepuhna baheula.

Meunang atikan kitu, atuh Hasan saréngséna lulus ti SMPN Panawangan, teu robah pamadegan. Buleud hayang téréh meunang gawé. Nya, blus waé taun 1976 ka STMN milih jurusan Listrik di Tasikmalaya. Diajar listrik nu saterusna hayang hirup mandiri,  ahirna kabiruyungan jadi mampuh nepikeun pangabisa. Ngan sabada meunang béja aya luang  milu tés PNS, nya nyoba-nyoba daftar. Pikirna, teu jadi sual upama robah pamadegan tina hayang usaha jadi PNS gé. Kituna téh, lantaran dulur-dulur Hasan ogé loba nu jaradi guru PNS. Nya, harita kersaning Gusti nu Maha Suci, Hasan ahirna ditarima jadi PNS di Departemen Tenaga Kerja di Jakarta.

Mancén di Depnaker ti taun 1981 mémang jadi nguatan pamadegan jeung nambah pangaweruh. Pangpangna tumuwuhna gawé nu bener-bener keur pangabdian ka nagara. Ngan saur ieu rama Rezka Rachmaudhany sareng Dwisara Ajeng Rachmawati téh, mancén ti Depnaker dina sual karir mah teu gampang. Keur Drs. Hasan Abdullah, MM gé kitu. Harita kudu ngarayap ti handap heula. Atuh palebah kabiruyungan mancén ka nu leuwih luhur téh, éta mah luyu jeung pangabdianana. “Pami damel mah, éstu ngajalankeun pangabdian  nu ihlas baé. Anapon kénging jabatan ka nu leuwih luhur, éta mah kersaning Gusti. Nu penting damel téh kedah ihlas sareng amanah,” ceuk Drs. Hasan Abdullah MM nu kiwari nganjrek di Kota Depok.

Luyu jeung pangabdian di Depnaker, taun 2008, ahirna dipercaya jadi Kepala Balai Pelayanan Penempatan Dan Perlindungan TKI (BP3TKI) Bandung nepi ka kiwari. Tugasna tangtu teu gampang, di antarana ngokolakeun jeung nalingakeun para Tenaga Kerja Indonesia urang Jawa Barat. Ieu teureuh Sunda nu hobina kana pingpong téh, dina pancénna, salawasna nularkeun jeung nancebkeun jiwa pangabdian ka para pagawéna. “Sadaya padamel nu tugasna janten palayan masarakat, nu pangpayunna ditumuwuhkeun pangabdian nu leres-leres ka nagara jeung masarakat,” pokna. 

Sanajan kiwari sibuk mancén jeung méré panerangan ka saban wilayah di Jawa Barat, tetep sok tibelat ka sarakan Panawangan Ciamis. Atuh keur Hasan Abdullah gé dina waktu rineh mah sok nyempetkeun ka lembur pamatuhan, kaasup nalingakeun lembur karuhunna. *** (RH)

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: