• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Nambih-Nambih Kahadéan

Kénging Arif Nur Hakim
Kintun kana Facebook

Pidawuh Alloh Swt.: Wahuwal ladzii ja'alakum kholaaifal ardi warofa'a ba'dhokum faoqo ba'din darojaatin liyabluwakum fii maa 'ataakum, inna robbaka syari'ul 'iqob, wainnahu lagofuururohiim. Hartosna: "Jeung nya Anjeunna anu ngajadikeun aranadika khalifah di bumi, jeung Anjeunna munjulkeun darajat sabagian ti antara arandika batan anu sawaréhna deui, pikeun nguji arandika perkara saniskara anu geus didatangkeun ka arandika. Saéstuna Pangeran andika téh gancang pisan nyiksa-Na, jeung saéstuna Anjeunna téh Mahajembar Pangampura tur Mahaasih. (Al-An'am ayat  165).

Sakumaha pidawuh Gusti nu Maha Suci di luhur, tos nuduhkeun pépéling ka urang sadaya dua perkara. Nu kahiji, manusa hirup di alam dunya téh lain saukur hirup kitu-kitu waé, tapi geusan ngalaksanakeun pancén tugas. Nu kadua, lantaran dipapacénan tugas, nya atuh manusa ku Gusti dipunjulkeun jadi hamba nu leuwih ti mahluk séjénna. Dua perkara kitu saleresna munasabah upami ahirna manusa bakal meunang balitungan, boh di alam dunya, boh di alam ahérat jaga.

Perkara pancén manusa di alam dunya, kacida lobana. Ébréh sadayana tugas téh dibéjérbéaskeun dina Al-qurán, boh nu sipatna habluminalloh atawa nu sipatna habluminnas. Kayaning solat, zakat, mancegkeun tauhid ka Alloh, puasa, munggah haji, ogé ngokolakeun alam.

Kitu deui perkara manusa diluhurkeun darajatna ogé, ébréh deuih. Saperti mimiti dijieunna manusa nepi ka masalah akal jeung kapamingpinan. Ieu mangrupa tanda-tanda, yén agama Islam nu dilungsurkeun ka urang, teu aya codéka jeung kamangmangan.

 

Tugas Kamulyaan

Sakumaha ditétélakeun di luhur utamana pasualan prinsip hirup manusa nu datangna ti Robbul Izzati Alloh Swt., ayeuna nu jadi patarosanana, kumaha atuh urang ngalarapkeunana? Jeung naon sababna urang kudu ngalarapkeunana? Saleresna patarosan kitu tiasa dijawab singket pisan. Cukup, lantaran urang hirup di alam di nu bogana, Alloh Swt. Atuh kacida wajarna upama urang kudu toat ka nu bogana. Da, nu teu cicing di alam ciptaanana mah, nya teu kabaud umat nu kapapancénan tugas-Na. Tangtu carana ogé, cukup ku toat ka Mantenna.

Tapi, keur manusa dina lalampahan hirup, singhoréng teu cukup ku diterangkeun ku ayat ‘’wama kholaktul jinna wal insan illa liya'budun", tugas manusa di alam dunya ieu, teu aya sanés mung pikeun ibadah ka Alloh, tapi angger kudu dibaladah nepi ka kaimanan jeung polah manusa tetep ajeg dina ageman kamulyaan agama.

Urang tangtu ngarasa sadar, yén hirup téh pamadegan jeung perjuangan. Ku kituna umat ogé kudu boga pamadegan sarta berjuang pikeun ngalaksanakeun tugas manusa di alam dunya. Mung keur ngajalankeun tugas mulya éta, manusa ogé dipasihan anugrah jeung nikmat, nyaéta manhaj al-hayat (aturan hirup) jeung wasilah al-hayat  (sarana pikeun hirup). Ni'mat manhaj al-hayat, nu diturunkeun ku Alloh ka manusa ngalangkungan Al-qur'an jeung Sunnahna, aya nu bentukna kudu dilakukeun, atawa nu ulah dilakukeun, atanapi istilah lain aya nu ngaranna wajib, haram, sunah, mubah jeung makruh. Keur naon aya aturan hirup? Maksudna aya manhaj al-hayat téh, nyaéta pikeun ngajamin kasalametan manusa sangkan sugema sugih mukti di alam dunya ieu. Salamet tina jiwa ragana, salamat tina kayakinanana, salamet tina akalna, turunanana, atawa salamet tina bekel hartana. Jeung éta pisan nu ngaranna al-haajat al-dlaruriyyah, kabutuhan pokok dina kahirupan sapopoé.

Hukum-hukum nu geus ditamprakkeun ku Gusti, saleresna ieu mangrupa kamulyaan. Lantaran, upama waé Alloh Swt. teu masihan aturan hirup, kacipta manusa teu puguh jeujeuhan, teu puguh polah. Ku kituna ieu tugas mulya téh éstuning keur ngalaksanakeun kamulyaan. Disebut mulya, lantaran, dibalik éta ogé manusa bakal aya nu cicing dina kahinaan. Nu mawi Alloh Swt. ogé, ébréh pisan sakumaha diunggelkeun dina Al-qur’an; "Man 'amila solihan min dakari wa unsa wahuwa mu'minun, falanuhyiyyannhu hayyatan toyyibatan, walanaj jiyannahum ajrohum biahsani maa kaanu ya'malun." Hartosna : "Sing saha anu ngalampahkeun amal soléh, boh lalaki boh awéwé sarta manéhna keur dina kaayaan iman, nya saéstuna Kami bakal ngahuripkeun manéhna dina kahirupan anu hadé, jeung saéstuna Kami bakal maparin ganjaran ka maranéhna ku ganjaran anu leuwih hadé batan anu diamalkeun ku maranéhna."

 

Syukuran ka Gusti

Tina dua perkara nu dilungsurkeun ka manusa, kitu deui sanggeus manusa meunang darajat nu unggul, nya dina basa séjénna mah, manusa kedah mampuh syukur ka Alloh Swt. Kecap syukur atanapi harti syukur saleresna lantaran manusa dipasihan anugerah tadi téa. Dipasihan kaunggulan sareng dipasihan aturan keur jalan kasalametan. Lantaran kitu, manusa nu hirup dina ciptaanana, nya wajib ogé syukuranana. "Huwal ladzii kholaqolakum maa fil ardi jami'an tsummas tawaa ilas sama'i fasawwahunna sab'as samawaati wahuwa bikulli shaein 'aliim." Hartosna : "Nya Anjeunna nu ngayugakeun saniskara anu aya  di ieu bumi pikeun maranéh, tuluy Anjeunna ka luhur, tuluy Anjeunna ngayugakeun langit tujuh. Jeung Anjeunna maha uninga kana sagala perkara." Kitu deui, manusa dipasihan akal, dipasihan raga, dipasihan haté, éta ogé anugrah nu wajib disyukuran. Waja’alalakum sam’a wal absyor, wal afidah, la’allakum tasykurun.

Lantaran syukur hartina leuwih lega jeung mulya, atuh jalma nu wajib sukuran ogé lain pédah saukur meunang ni’mat, meunang kasenangan, meunang jabatan jeung sajabana, tapi kaasup nu meunang katideresa ogé wajib syukuran. Henteu di nu beunghar, henteu di nu walurat, tetep kudu syukur ka Gusti.

 

Syukur keur kahadéan

Dawuhan Alloh SWT, Walladziina djahaduu fiina lanahdiannahum subulana wa innalloha maal muhsiniin. Hartosna: Jeung jalma-jalma anu digawena tihothat dina urusan Kami, Saéstuna Kami baris méré pituduh ka maranéhna kana jalan Kami, jeung saéstuna Alloh marengan jalma-jalma anu milampah kahadéan.

Sakumaha dawuhan Alloh di luhur, yén nu ngarana nyaréat atawa usaha bari keyeng, tangtu Allah ogé bakal marengkeun. Ngan jelas usaha nu diparengkeun mungguh Allah téh nya éta usaha dina nanjeurkeun kahadéan. Bébéla ka nagara, usaha sangkan aya kamajuan dina urusan kulawarga atawa dina nyuprih élmu, nya ukuranana usaha dina kahadéan. Dina kalimah "dina urusan Kami’’, tangtu dina perkara nanjeurkeun agama Allah, nu dasarna, iman tea. Margi Iman ka Alloh tiasa disebat prima causa. Hiji ukuran dijieun salamet atawa henteuna manusa hirup di dunya atawa engké di yaomil ahérat, gumantung kana kayakinana. Rék usaha naon waé dina urusan kamaslahatan agama, moal leupas tina kamaslahatan dirina. Éta nu ngaranna ibadah nu ngadatangkeun kahadéan.

Ibadah syukur nu ngadatangkeun kahadéan, ahirna mah henteu waé maslahat keur agama, keur batur tapi ogé nu utama keur mageuhan haté dirina. Syukur ngadatangkeun kahadéan, dina hartos ziyadatul khoer. Lantaran, upama nu syukuran tapi ahirna teu ngadatangkeun kahadéan atawa teu nambih-nambih kahadéan mah, nya disebutna ogé kufur.

Kaunggulan jalma nu syukuran ogé, tangtu dirina bakal leuwih kuat, imanna leuwih kandel jeung haténa bakal istiqomah. Perkara ieu nu saleresna jadi investasi nu bakal langgeng mah. Lantaran upama haténa geus iman, sakumaha gedéna ujian ogé, bakal tetep muji syukur ka Alloh, atanapi nu sebatna sobar jeung tawakal.  “Alaa wainnal jasadi mudgotan ida aslahat solahal jasadu kulluhu waida fasadat fasadal jasadu kulluhu, alaa wahiyal qulbu. "Inget! Saenyana dina awak téh aya sakeupeul daging, upama éta sakeupeul daging téh alus mangka baris alus sakabéh awakna, jeung upama éta sakeupeul daging téh ruksak mangka baris ruksak sakujur badanna, inget éta téh haté."

Ku kituna, sok sanaos kiwari ujian hirup beuki daradeukeut, beuki témbong, tapi mudah-mudah urang salawasna dipancegkeun iman ka Gusti Alloh, dugi ka urang mampuh mancén tugas nu mulya dipayuneun Alloh Swt. Allohuma dolamna anfusana wailam tagfirlana watarhamna lanakunanna minal khoosirin. Amin ya robbal ‘alamin.

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: