• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Raden Aria Wira Tanu Datar

Kénging HRS
Kintun kana Facebook

Dalem Cikundul Jayasasana Sawatara waktu ka tukang ngeunaan Dalem Cikundul téh parantos dipidangkeun dina Nyusur Galur. Tapi da moal aya lepatna upama ayeuna dipedar deui, dina versi séjén, karya Cc. Irwansyah.  Karajaan Talagamanggung runtag taun 1529 Masehi. Saterusna Talaga jadi bawahan Sinuhun Cirebon Kangjeng Waliyullah Pangeran Syarif Hidayatullah putu Mahaprabu  Sri Baduga Maharaja, Maharaja Pajajaran. Kajadian éta gedé pangaruhna kana kamekaran Kasultanan Cirebon, pangpangna nu aya tumalina jeung Ingkang Sinuhun Kanjeng Susuhunan Jatipurba Panatagama Auliya Kutubidzaman Khalifatur Rasulullah Saw.

Moal bisa dipungkir yén tadina Cirebon téh bawahan Pajajaran anu mangsa harita diparéntah ku Sri Baduga Maharaja. Bisa Jadi ceuk sapihak taun 1525 Masehi Pajajaran bener-bener runtag sabab Cirebon ogé geus tara ngirim upeti atawa seba ka Pajajaran. Tindakan sarupa kitu upama ditingal tina akal sehat bisa dianggap tindakan incu anu geus ngarempak tatakrama jeung  tradisi karuhuna. Hal sarupa kitu  bisa dianggap baruntak, baha ka pucuk umum anu kawasa. Pihak séjén bisa jadi ogé henteu nyalahkeun kana sikep jeung tindakan saperti kitu sabab pikeun ngadeg ajegna hiji pamaréntahan nagara téh butuh ku kadaulatan, kabebasan jeung kamerdekaan.

Henteu kungsi lila kajadian perang campuh antara Cirebon anu dibantu ku Demak ngalawan Talaga anu dipingpin ku Senapatri Pangeran Kikis jeung Sunan Wanaperih putra cikal Prabu Pucuk Umum Raja Talagamanggung. Tapi sanajan Talaga dibantu ku para puragabaya, para prajurit ti pasantren jeung  Paguron-paguron, tetep éléh kuat jeung jumlah prajurit. Tapina deui kusabab kajeun saeutik cek paribasa tetep mahi, pasukan Talaga ngangsreg ngayonan balad Cirebon anu unggul kuat, para putra Talaga nu teuneung ludeung antep-antepan ngalawanna tepi ka dina ahirna mah unggul jurit. Pasukan Islam nu gedé karumasaan dina waktu harita kapaksa kudu ngaku éléh jajaten ku Talaga henteu majar kumaha, ngaku kana kakuatan lawan nu kajurung ku sumanget juang jeung kapamingpinan Sang Senapati pilih tanding Radén Aria Kikis jeung Sunan Wanaperih. Sunan Gunung Jati sabada nampi laporan ti medan laga énggal lungsur ka Talaga ngayakinkeun kaayaan. Dibagéakeun ku upacara kahormatan ku para pangagung nagara Talaga, dibagéakeun ku guruhna sora anu ngucapkeun kalimat …”Allohu Akbar!” Sunan Gunung Jati dina amanatna ngeceskeun yén sabenerna perang lain keur mémérés masalah, anggur ménta wadal pirang-pirang syuhada. Numutkeun Sultan Cirebon Sang Waliyulloh Syarif Hidayatullah, perang Talaga téh saenyana muncul tina kasalah pahaman prajurit  Cirebon jeung Demak. Nu didongkang lain perang tapi karépéh-rapihan. Pikeun bukti nanjeurna karépéh-rapihan antara Talaga-Cirebon, sakumna prajurit Talaga anu tacan Islam harita kénéh ngucapkeun kalimah Sahadat dipingpin ku Kangjeng Waliyulloh ku anjeun. Pangéran Aria Kikis ngahaturkeun senjata pusaka Talaga Cuntang Barang ka Waliyulloh Sunan Gunung Jati. Saterusna Aria Kikis jeung Sunan Wanaperih dijurung tapakur di leuweung Wana, pikeun leuwih ngantebkeun agama Islam jeung sumerah diri ka Gusti Nu Murbeng Alam. Éta leuweung  saterusna disebut Kampung Wanaperih tug tepi ka kiwari. Basa gempungan di karaton Ciburang hadir para Raja ti Galuh jeung Talaga, hempak ogé rahayat dua nagara, pangpangna ti Galuh Singacala jeung Talagamanggung.

 

Eyang Nangkabeurit Sagalaherang

Caturkeun Kangjeng Aria Kikis tetep renggenek di Kampung Wanaperih Desa Kagok Perwakilan Kacamatan Talaga di Banjaran Majalengka. Aria Kikis kagungan putra genep. Putra bungsu jenenganana   Raden Kanarun, sabada diistrenan ku Sultan Cirebon gelarna jadi Raden Kiyai Aria Wangsa Goparana,  sacara harfiah hartina;  Wangsa = Dinasti,  Gopa= pamanggul pamarentahan atawa pamingpin, Rana= perang. Sabada wapat dipendem di Nangkabeurit kusabab kitu tepi ka ayeuna ditelah Eyang Nangkabeurit Sagalaherang. Nya anjeuna ramana Dalem Cikundul Jayasasana atawa Aria Wira Tanu Datar téh. Wangsa Goparana luluhur para bupati Cianjur. 

Nurutkeun Carita Rayat

kangjeng Dalem Cikundul téh putra kadua Aria Wangsa Goparana Sagalaherang. Dibabarkeun kira-kira taun 1683 Masehi di Cibodas Désa Dayeuh Kolot Kacamatan Sagalaherang Subang. Jenenganana waktu dibabarkeun mah Pangéran Jayalalana. Ti yuswa 8 taun geus diatik dididik kana agama Islam jadi siswa anu pangnyongcolangna di Padepokan Islam Kasultanan Cirebon anu mangsa harita dipingpin ku Panembahan Ratu. Pangeran Jayalalana pangnyongcolangna dina widang kaagamaan, kaperwiraan, siasat jeung elmu kamasarakatan. Tamat pendidikan paguron luhur Sang pangéran dilélér gelar caria jadi karabat karaton Cirebon, kalungguhanana Ngabehi, jadi ponggawa Cirebon  jenenganana jadi  Radén Ngabehi Jayasasana. Ti saprak yuswana nincak 23 taun diangkat jadi Senapati Kasultanan Cirebon , gelarna Aria Wira Tanu, dipaparin prajurit 300 umpi jeung dibéré Kapercayaan pikeun ngadegkeun nagara di patilasan wilayah Pajajaran sisi walungan Cianjur nu kosong sabada ditinggalkeun ku Pangéran Adipati Ewangga nu dijungjung lungguh jadi Adipati Kuningan. Ari tugas utamana mah pikeun nyegah  gangguan ti Banten jeung Walanda nu markasna di Tanjungpura Karawang. Waktu Yan pieter Zun Cun balabuh di Sunda Kalapa tepika bisaeun ngarebut Jayakarta, kira-kira taun 1619 Masehi. Pangeran Jayakarta kungsi amarah ka ponggawa Kasultanan. Alesanna, kunaon cenah ngantep urang asing, Si Bule ngarebut Jayakarta. Sang Pangéran ka Panembahan Ratu mundut supaya nyandak balabantuan puragabaya nu aya di Dayeuhkolot jeung Sagalaherang urang babarengan ngusir Si Bule ti Jayakarta.  Waleran ti Panembahan Ratu wijaksana pisan, saurna téh “Engké dina waktuna bakal diparéntah kudu ngalaksanakeun tugas penting éta!”. Dina yuswa 22 taun, Ngabehi Jayasasana nikah ka putri jin nu jenengana Nyi Tina Dewi Srina anu asalna tina wujud 3 putri jin putrana Kiyai Zubaedi Raja Jin Islam ti nagara Batu Agung Tengger Agung Sagalaherang. Eta tilu putri téh masing-masing jenengana Arum Wangi, Arum Endah jeung Arum Sari. Ti putri jin éta, Pangéran Jayasasana kagungan tilu putra, dua  pameget, hiji istri. Jenengan cikalna Pangéran Surya Kancana, kadua Nyai Sukaesih Carangcangkancana, katilu Radén Andika Wirusajagat. Kira-kira taun 1635 Maseh Senapati Jayasasana ngiringkeun 300 prajurit candakna ti Cireboni. Waktu maju ngulon, nya cunduk di Kampung Simpeureun sisi wétan walungan Citarum peuntaseun muara walungan Cikundul. Nya di dieu Tatarub ngemah tatan-tatan pikeun nyanghareupan Front sapanjang dua musim. Sajewroning kitu, Senapati Aria Wira Tanu/ Radén Ngabehi Jayasasana nyalusur walungan Citarum ka hulu tepi ka cunduk di wewengkon Gunung Wayang. Nya di dieu Kangjeng Dipati tepang jeung Kiyai Gunung Wayang Raden Haji Abdul Syukur putu Pangéran Girilaya ti Cirebon, Kiyai jujulukna   Sun an Pager Barang.

Ti mimiti taun 1645 Masehi Senapati Aria Wira Tanu ngayakeun orientasi di patilasan bawahan Pajajaran  Tengah jeung Girang tepi ka tapel wates walungan Cisadane jeung ngajorok ka walungan Ciburang di Sajira Lebak Banten. Mulangna ngaliwat ka Ubrug, walungan Citatih terus ngaso sawatara lilana di sisi walungan Cileuleuy. Hulu Citatih di Parungkuda, ayeuna mah Pangadegan terus nanjak ka gunung   Sedah Kencana (Gunung Gede) ka suku gunung beulah wetan ahirna tepi ka Padepokan (Pasantren Kangjeng Kiyai Wangsamerta, Tarikolot jeung Cinangsi. Dina hiji mangsa sawatara urang adipati atawa raja urut wilayah Pajajaran Girang jeung Tengah nu ayeuna kawengku jadi daerah DT.II  Cianjur jeung Sukabumi. Para pangagung nagara téh kumpul gempungan di puncak gunung anu jaman Pajajaran dipaké gempungan ogé, tara diganggu ku musuh ti luar. Éta tempat disebut Gunung Rompang. Pangna disebut kitu, sabab tepi ka éta gunung pakarang prajurit Siliwangi geus rarompang kusu diomean, geus limapuluh taun kitu dipaké perang ragot ngayonan musuh, tacan ngalaman dioméan. Puncak gunung Rompang lian ti tumaninah dipaké musyawarah, merenah ogé dipaké ngoméan senjata anu geus tompang. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

Pipin Supriatna

Alhamdulillah geuning aya oge anu uninga, sim kuring parantos lami milari babad dalem cikundul. Upami aya anu langkung lengkep sim kuring hoyong terang, kaleresan numutkan carios sepuh saurna pun aki oge masih aya turunan ti dalem cikundul.

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: