• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Kintun kana Facebook
Mangle
SN1367930761.jpg [Potrét/Ilustasi: Agus Mulyana]

Poé katujuh, taya parobahan, nu gering angger numpra. Malah mah katempo beuki parna. Teu kadéngé humarurung, teu aduh-aduhan, éstu ngajelepeng teu usik teu malik. Beungeutna sepa, taya getihan. Awakna tiis, nyelecep. Ukur jantung nu ting karedut, urat beuheung nu ting kereteg.

Didit didit dididididit

Hapé ngajerit, lamunan Sadun mancawura di rohang kamar, bubuk diteunggar ku sora SMS. Sadun gagancangan ngajéwang hapé, na layar katémbong gambar amplop tur ngaran lanceukna, Ceu Nurfa.

                        Dun kumaha Bapa ayeuna?

                        Ceuceu isuk ka Karawang

            Sadun ngetik SMS balesan, teu lila tuluy dikirimkeun. Hapé dikeupeul, na leungeun kénca, panonna niténan Bapa.

Reungit nu buncir beuteungna sosoloyongan ngejat ninggalkeun tarang Bapa. Sadun nunda hapé na kasur, leungeunna ngarangkadak hayang maéhan sakadang reungit.

            “Koplok sia!” Ceuk Sadun, bari nepak reungit.

Getih beureum mulas dampal leungeun manéhna.

***

            “Gan, Abdi badé nyuhunkeun widi kanggo mulih ka lembur, kumargi pun Bapa nuju udur, hawatos teu aya nu ngarawat.” Ceuk Sadun, pinuh ku harepan malar diijinan mulang ku Juragan Tatang.

            “Gering naon Bapa manéh?” témbal Juragan Tatang, haré-haré.

            “Duka naon, da teu acan diparios ka dokter, saur Ema mah parna pisan, tos tilu dinten teu tiasa nanaon, teu tiasa calik-calik acan.”

            “Mun manéh balik, nu ngurus pagawean di dieu saha? Pan manéh nyaho, si Nuno keur di rumah sakit, saya teu boga serep jang gantina. Sajabana ti éta mesin di kantor saya teu beunang eureun, kudu terus hirup. Mun manéh balik, saha nu bisa jadi oprator mesin?” Juragan Tatang nunda kaca mata na luhureun méja.

            “Sumuhun, Juragan. Abdi uninga, mung abdi badé neda kabijaksanaan baé, supados diijinan mulih.” Sadun kedal paménta.

            “Keukeuh peuteukeuh manéh mah. Lain téga lain kumaha, wayahna, teu bisa euy. Saya moal ngijinan. Kajaba manéh boga jelema séjén jang gagantina.” Pasemon Juragan Tatang katémbong teteg, teu ngaraskeun ka haté Sadun nu pinuh ku harepan sangkan diijinan mulang ka lemburna.

            “Saha atuh Juragan? Da abdi teu gaduh sasaha kanggo gentosna.” Sadun tanggah, ngawanikeun maneh neuteup Juragan Tatang. Sorot panonna kebek ku harepan nu pagalo jeung rasa keuheul. “Hapunten abdi Juragan, dalah dikumaha, abdi ayeuna tos gilig, teu tiasa dihulag, teu tiasa dihalang-halang. Pami sanés abdi, saha deui atuh nu badé ngarawat pun Bapa?”

“Aéh-aéh, nu asih dipulang sengit ari kitu mah ngarana. Teu beunang diperedih manéh mah.” Ceuk Juragan Tatang, ketus. Gep leungeuna nyokot koran nu ngalumbuk gigireun kaca mata.

            “Teu aya maksad ka dinya, Juragan. Kumaha atuh nya, bingung abdi ge ieu téh.” Sadun melenguk, bari gagaro teu ateul. Haté mah ambek, keuheul ka dununganna.

“Hurungkeun lampu, saya rék maca koran.” Juragan Tatang nerapkeun deui kaca matana, tuluy anteng maca koran, teu lémék teu nyarék.

Sadun ngoléséd, dadana direrab kurasa ambek nu nyedek.  

***

Didit didit dididididit

Hapé ngajerit deui baé, Sadun ngarénjag. Panonna nu geus cepel dipaksa beunta. Aya nomer anyar nu ngirim SMS.

Kang, parantos nyarondong di rorompok?

Énjing, pami tos karempel abdi badé ngalongok Bapa

Sadun niténan nomer anyar na layar hapé. Tarangna kerung weléh teu inget, éta nomer teuing nu saha. Belenyeng SMS balesan dikirimkeun. Eusina patanyaan ngeunaan saha ngaran nu ngirim SMS?

Moal wartos-wartos, saha abdi

Pokonamah énjing abdi tangtos sumping

Nu dikiriman SMS teu ngajawab étré, ukur malesan ku kalimah nu ngondang patanyaan, ngembangkeun rasa kapanasaran, SMS nu mungkas paguneman.

Sadun merelek heuay, jarum jam geus nunjuk kana angka 4 subuh. Cakcak bulé norojol ti tukangeun jam nu ngadaplok na témbok, ngeteyep ngadodoho reungit nu eunteup na congo kalénder.

Panon Sadun beuki cepel, hésé muka, hésé beunta. Les, manéhna kasaréan. Sirahna nyaluuh kana kasur, sukuna nyanghunjar abus ka kolong ranjang.

***

Angin seger, ting bulubus asup ka rohangan kamar, ngawur-ngawur seuseungitan kembang malati nu ligar di buruan. Cahya panon poe ting  borelak, nurihan jandela kaca, nyalusup ka jero kamar. Keureudeup, keureudeup, panon Sadun keukeureudeupan. Bray, Sadun beunta.

Kasur geus rapih, anggel geus ngentep, simut geus ditilepan, seuseungitan kembang malati kaangseu minuhan rohangan kamar. Cahaya panon poé ting sulusup, ngaliwatan jandéla kaca.

“Bapa ka mana?”

Sadun teu sirikna luncat, muru lawang panto. Rekét, panto dibuka. Geuning geus ramé di imah téh. Aya Ceu Nurfa, Kang Isma, Bapa jeung Ema. Kabéh lanceuk-lanceukna geus ngarumpul, ngariung di patengahan imah.

Bapak diuk na korsi sofa, pagigir-gigir jeung Ema. Ceu Nurfa jeung Jang Isma diuk na téhel nu diamparan ku karpet hejo bagedod.

“Tos lami sarumping ieu téh?” Sadun nyolongkrongkeun leungeun, ngajak sasalaman ka lanceuk-lanceukna nu geus ngariung.

“Tah geuning, si bungsu nyaring. Yap, kadieu, Bapa aya picaritaeun, Dun.”

“Aya naon, Pa?”

“Éta cénah Mang, hoyong dipangnyetélkeun lagu Nineung ti Nining Meida.” Ceuk Kang Isma, bari seuri.

“Oh, éta. Ké antosan sakedap...” Teu loba lila, Sadun tuluy moro DVD player, manéhna nyolokeun flashdisk. Ramona mencétan angka, milihan lagu. Teu kungsi lila, lagu Nineung geus ngagalindeng.

Bapak milu ngahaleuang, nurutan nyanyi, sorana lumayan alus, asup kana wirahma lagu. Kabéh tuluy marilu nyanyi, maturan Bapa.

Ras, Sadun inget kana SMS tadi subuh, pajarkeun téh bakal aya tatamu nu datang ka imah. Manéha bakal datang mun kabéh geus ngariung di imah, rék ngalongok bapa cénah mah.

“Ma, ari tadi aya tamu?” Sadun melong ka Ema.

“Euweuh, taya sasaha. Karak aya lanceuk manéh baé. Taya sasaha deui. Naha émangna rék aya tamu ti mana kitu?”

“Oh, enya atuh ai kitu mah.” Sadun tuluy diuk gigireun lanceukna. Gap nyokot kopi weuteuh. Bapa teu katémbong hudang gering, éstu sabihara-sabihari, séhat wal afiat. Paromanna katingali seger.

“Ngimpi kitu aing téh?” Gerentes Sadun na jero haténa.

Rét, manéhna melong ka buruan. Suwung, taya nu ngulampreng, taya nu katémbong seja natamu ka imah Bapana.

Didit didit dididididit

Koréjat! Sadun hudang, impianna peupeus mancawura, rét manéhna kana hapé. Rét manéhna niténan Bapa, rét manéhna ngalieuk ka patengahan imah, taya sasaha, ukur aya Ema nu geus nyegrék, diharudum samping réréng.

Sadun gigisik, tuluy melongkeun hapé.

***

Panon Sadun nu ceuleuyeu ngadadak cénghar, mencrong SMS nu ngagebar na layar hape. SMS ti Kardi, supir pribadi Juragan Tatang.

Dun, Juragan Tatang tiwas

Tadi beurang aya nu ngarogahala

Lelembutan Sadun can ngumpul, gisik deui manehna ngagosok panon. Eusi SMS dibaca deui.

Didit didit dididididit

Hapé ngajerit deui, SMS ti nomer anyar nu tadi, ti jelema nu ngaku-ngaku rék ngalongok Bapa téa.

Kang, teu cios énjing téh

Kabujeng pendak sareng Juragan Karta

Gebeg! Sadun ngagebeg, panonna mencrong Bapa. Gap, manéhna ngeupeul ramo Bapa. Caméwék.

Gerewek! Bapak nyangkerem ramo manéhna, koréjat Bapa hudang, panonna beureum, molotot hurung siga sentér anyar ngabatréan. Ngagebur badis lampu mobil mersi, estu matak silo nu nempona.

Didit didit dididididit

Koréjat! Sadun hudang, impianna mancawura, di rohangan kamar. Hapé ngagolér gigireun manéhna, aya SMS asup, ti nomer anyar. Sadun teu maliré, reup manéhna saré deui. Segur kérékna bebeledagan meulah peuting nu simpé.

Didit didit dididididit

Hapé tuluy jejeritan, Sadun teu éling di bumi alam.

Karawang, 24  Pebruari 2013

Absurditas Malka lahir di Karawang, 29 Méi 1982. Diréksi SkylArt Publisher Bandung, aktif nulis carpon sareng cerpén absurd.

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: