• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Wawan Setiawan;

Nu Tapa

Kintun kana Facebook

Geus tilupuluh tilu peuting kuring tapa na luhureun batu némprak di guha téh. Tapi can aya kelemeng totondén, atawa wangsit nu turun. Batu buleud némprak di hareupeun bodas, jiga marmer dihampelas, katojo ku bulan opat welas. Peureum kuring téh, ngan ébréh-écés sagala anu aya di sakurilingeun téh. Teu kaharti, mémang teu kaharti, ongkoh peureum panon téh tapi bisa nénjo ka mana-mendi. Ahéng puguh gé. Ceuk batur, lamun aya maksud, urang téh kudu tirakat. Tah, tapa ogé tirakat. Bisa jadi bener, tapi bisa jadi ogé lain kitu.

Sabab kuring tapa lain aya kahayang, atawa aya kaembung, ngan ukur naon nya? Hésé puguh ogé nerangkeunana, ngan nu jelas kuring téh tapa sabab kuring hayang tapa. Dalah engkéna aya atawa euweuh hasilna, éta mah lain urusan kuring.  Jadi keur naon atuh anjeun tapa lamun anjeun teu boga kahayang atawa kaembung? Ah, énténg lamun aya pananya kitu ku kuring dijawab : pokona mah, kuring tapa sabab hayang tapa. Sabab ceuk kuring mah tapa téh tapakur, napakuran anu aya, napakuran nu can aya, napakuran nu rék aya. Napakuran anu jirim, napakuran anu teu jirim. Tapakur sarua jeung iqro. Sakali deui sarua jeung iqro. Sarua jeung maca. Lamun engké aya totondén, wangsit éta mah lain urusan kuring. Lamun euweuh? Sarua, lain urusan kuring.

Ki Madhapi nu nuduhkeun tempat tapa nu ayeuna téh. Malah dibéré jangjawokan kuat tapa, kieu:

ingsun madep,

raga madep,

madep ka Hyang Wisésa.

rempu si aus

rempag si lapar,

cahya kula

cahya wisésa

cahya buana

nyurup na mokla.

puh! puh! puh!

Mémang bener kuring teu ngarasa lapar, teu ngarasa aus. Ahéng yeuh! Nyaan, kuring sorangan teu ngarti naon sababna kuring kitu da biasana mah peujit koréseun pisan. Naha jangjawokanana anu matih, atawa niat kuring anu keur ngalakonan. Atawa mémang aus jeung lapar téh euweuh, atawa mémang Nu Ngayuga teu mikeun lapar, teu mikeun aus ka kuring. Teuing. Nu penting : kuring teu ngarasa lapar, teu ngarasa aus. Atawa mungkin kuring geus teu ngabogaan rasa, rarasaan? Beuki teuing, keun weh. Lamun, lamun ieu mah, kuring geus teu miboga rarasaan, rasa, meureun kuring téh geus ....? Tapi naha pan hirup kénéh, pan keur tapa, pan keur ....?

Lamun kitu, naon atuh hirup téh? Naon atuh paéh téh? Beu, beuki hésé yeuh. Sakali deui, keun wéh.

Angin peuting, tiis nyocokan ceuli, nyocoan kulit. Reungit rabeng, sorana sahéng. Lain hiji dua reungitna téh. Aya kana puluhna, malah boa ratus. Sorana ogé sahéng, kadang-kadang  ngaguruh, awor jeung sora curug di lebak. Guha téh, teu jero-jero teuing, sabab cahaya bulan, panon poé masih kénéh bisa tembus. Reungit nu ngaratus téh, teu daék nyoco kuring. Enya ngahiungna mah ngahiung, tapi anéh euweuh nu nyoco hiji-hiji acan. Ahéng deui baé. Padahal kuring téh jelema lin? Ku pikiran reungit, atawa tumbila mah, jelema téh sarua jeung bank getih lin, jiga donor lah. Ngan ieu mah dicoco langsung ti pusat, teu maké alat naon-naon. Ujug-ujug jes wéh. Tapi nyaéta ahéng ceuk kuring gé, euweuh nu nyoco hiji-hiji acan euweuh nu eunteu hiji-hiji acan. Ana kitu mah atuh kuring téh teu katingali ku reungit. Atawa mungkin reungitna wé lolong. Tapi maenya kabéhna, ratusan reungit lolong? Atawa mungkin kuring geus salin zat. Teuing wéh. Nu jelas reungit teu nyoco.

Hujan beuki rosa. Tatangkalan ting paledoy. Sawaréh ragrag buahna, sawaréh peunggas dahanna, sawaréh ucul régangna. Ieu téh peuting nu ka tilupuluh opat. Geleger guludug disada ditema kilat pating baranyay. Teuing ti mana jolna, dina batu nu nemprak di hareupeun kuring, geus ngadakong bangkong héjo sajodo, anéh duaanana téh nangtung jiga jelema. Létahna eléh-elélan. Reungit nu pabaliut dicaplukan. Capluk. Kutap-kétap. Belenyéh imut ka kuring. Terus silih tangkeup jeung baturna. Sajodo sigana bangkong téh. Kaciri sili tangkeupna laing pakaléng-kaléng nyangigir. Beu ahéng yeuh. Leupas sili tangkeup. Capluk. Belenyéh seuri. Kitu jeung kitu waé. Capé cacapluk, der, silih tangkeup. Belenyéh imut. Teuing kumaha mimitina, sakuriling kuring téh ramé nu seuri. Tingcakakak, tingcikikik, tingjéréwet, tingkocéak. Tapi angger nu seuri ager-ageran. Beu cilaka yeuh. Bangkong beuki motah. Nu seuri beuki ngeunah. Reungit beuki ngaguruh. Hujan guludug. Séah angin. Dorokdok. Aya régang kiara peunggas, tapi naha sorana mani ngadorokdok. Beu teu kaharti puguh gé. Régang ninggang bangkok. Burinyay lalatu seuneu. Bangkong musna, hujan eureun. Nu seuri teu kadéngé deui. Simpé sakaligus. Sepi. Combrék. Ngan sakédét nétra sagalana geus tibalik saratus dalapan puluh darajat. Simpé sama sakali. Régang musna. Bangkong nya kitu deui.

Kuring angger ajeg, dina sila nu mula. Teu hayang seuri, teu hayang ceurik, teu sieun, teu wani. ­Éstuning cicing téh. Bulan mimiti témbong di langit, nyingraykeun méga nu haleungheum. Bengras lah, bagéa bulan.

Poé katilupuh lima panas mentrang-mentring. Batu di handapeun bujur asa panas kacida. Késang morolok, badis nu mandi di leuwi. Aya haseup mulek na luhureun batu nu lempar téa. Teu lila geus  ngajirim wanoja sataranjang. Kulit nu enay konéng, pameunteu nu beresih, awak nu ngeusi, geulis leuwih ti patung Nefertiti di musium, pinareup jiga kalapa gading téh enyaan. Imut pasrah, jiga Cleopatra dina bulenan permadani basa di tenda Antonius. Ngan calikna, beu, andekak nyimpen nu dekok, ngadangkak nu ngadungkukna. Beu. Aya nu hirup na jero cawet kuring. Gereyem kuring mapatkeun aji pamunah:

tingtrim titiran di pasir

tengtrem mencek na sampalan,

oray sanca jeung kaboa,

ana leumpeuh, leumpeuh kula,

ana bedang, bedang kula,

sanca gumulung, kaboa pundung,

ngamangsa berekat tutung.

Nu geulis guling gasahan, batu téh ngadadak hurung, nu geulis geuwat ngocéak, minggat. Sorana sora koréak. Garapak, garapak koréak hiber ka langit. Sorana, peura. Srangenge nyorot embun-embunan, kuring angger menekung, ajeg dina sila nu asal.

Poé ka tilupuluh genep. Balébat karék meleték. Ibun tiis. Batu tiis. Sepi combrék. Aya oray sagedé nanahaon dina batu lempar téa. Sisitna warna-warni. Matana beureum bangun ngéwa molotot ka kuring. Ngan sakilat kuring diselewegkeun, asana mah, kana beuteungna. Bus kuring kana kadutna, poék mongkléng. Dina jero kadut na, aya oray deui waé, seleweg kuring di teureuy. Titingalan warna-warni, warna-warna anéh. Aya oray deui. Ngan sakilat. Kuring geus diselewegkeun ku oray anu katilu. Titingalan ahéng deui waé, kosong. Asa na méga malang. Kadut oray téh kosong molongpong. Nu aya ngan kuring. Aambeuan, babauan nu anéh nyambuang ka mana-mana. Kuring teu ngarasa nyeri, teu ngarasa lungsé. Ngalieuk ka katuhu, kuring nénjo susukan nu beresih. Seungit na ngadalingding. Lieuk ka kénca. Susukan nu kotor liwat saking. Bauna mulek. Horéng bauna téh séwang-séwangan. Nu katuhu teu ngaganggu ka nu kénca, ogé sabalikna. Pok aya sora tanpa jirim. Hayang naon? Ti mana arék ka mendi? Naon pimaksudeun? Teu hayang nanaon. Ti tukang arék ka hareup. Néangan anu can aya, ngoréhkeun nu kahalangan. Kuring angger kénéh sila, sab geuning nu ngajawab téh lain biwir, tapi indung suku jeung congo buuk. Di hareupeun kuring aya jambatan ditungtungna gunung karang nu tarahal. Euweuh tangkal hiji-hiji acan. Jelema sukan-sukan na mumunggang gu­nung. Aya nu pesta balakécrakan, aya nu ngigel jiga ronggéng, aya ogé nu norowéco jiga nu pidato. Sawaréh parebut korsi. Sawaréh keur ngalukis, ngabatik, mahat nyieun ukiran, topéng bari tinggorowok : "Déwék pangalusna, déwék panghébatna" kitu jeung kitu waé taya eureunna. Di lebakeunana, téng waja, kapal udara, rokét, keur dijarieun, dicor, disambung-sambungkeun, jelema-jelema botak ngadareluk nyanghareupan méja-méjana. Kutrat-kotrét, kutrat-kotrét, geus kitu gorowok : "Déwék nu manggihkeun, déwék nu mang gihkeun,..." Sorana peura, awor jeung ngaguruhna kapal udara. Aya ogé jelema-jelema anu digarawéna téh bari ngomong, ngocoblak teu eureun-eureun, teuing naon nu diomongkeunana mah. Ku ramé éta gunung téh. Kuring badarat, leumpang, ngaliwatan jambatan téa. Di sisina pinuh ku réklameu-réklameu, ngajareblag, bari digambaran jempol. Kabéh. Ngan sakiceup kuring geus nepi ka gunung téa. Dua kiceup geus aya di puncakna. Tilu kiceup geus aya di sisi beulah ditu. Bréh guha. Bus kuring asup. Poék mongkléng. Keukeuh di keureuyeuh. Réngsé guha kahiji. Jog, anjog ka guha kadua. Réngsé eta. Jog anjog ka guha katilu. Sup-ka nu katilu. Barang nepi ka tungtungna kuring sila di dinya. Ngan sakiceup kuring geus anjeucleu di tempat nu pangasalna. Oray nu tadi angger kénéh aya di hareupeun kuring. Panonpoé geus surup. Kuring masih kénéh menekung. Teu galak geuning oray téh. Bareng jeung surup na panonpoé oray téh ngaleutikan, mingkin leutik, ti nu leutik, ahirna musna. Tinggal kuring nunggelis sorangan.

Peuting katilupuluh tujuh, peuting anggara kasih. Batu lempar di hareupeun téh, muter. Laun, laun, tarik, beuki tarik, beng ngapung ka luhur. Muteran awak kuring. Terus ancur. Karikilna racleng, salin jinis jadi nyiruan laksa-laksa. Napuk ka kuring. Gancang parancah ditiupkeun :

kapas ngalayang, kapuk muruluk

ngalayang di pawenangan

muruluk di kaweningan

nu ngalayang jadi regang

nu muruluk jadi huut

huut muruluk na, regang

biurkeun ku angin dewata.

cucuk regang, huut buruk

teu wasa nyiksa ka kula.

Nyiruan areunteup saawak-awak. Na­puk. Tapi taya hiji nu cucungah. Nyiruan ngaluarkeun cacai. Atuh saawak-awak pinuh ku malam. Saawak-awak jadi sayang nyiruan. Salapan palawangan dieusi nyiruan. Sumarambah na bayah. Nyasaak tulang iga. Jleg sayang nyiruan aya di diri kuring.

Kuring angger sila, dina sikep anu mula. Manteng. Ajeg. Jejeg. Madu, di kumpulkeun na tangkorék kuring. Madu minuhan panon. Madu minuhan irung. Madu minuhan dada. Madu minuhan kadut. Sapoé sapeuting sayang nyiruan, lautan madu.

Peuting katilupuluh dalapan. Nyiruan laksa-laksa geus musna. Euweuh sapotong-potong acan. Ngan awak reged, pinuh ku malam jeung madu. Guha téh dadak sakala robah jadi kembang sapatu nu gedé pisan. Aya manuk kolibri nyeuseup kuring. Saat. Madu béak. Getih saat. Malam lééh ku sorangan. Hileud, hiji dua nyalampeurkeun. Kembang sapatu téh dihakanan hileud. Ledis. Cok, cok, hileud dipacok, manuk kolibri. Kuring gé disamualkeun. Asup kana kadut si manuk.

Na kadut kolibri kuring panggih jeung nini Antéh.

"Keur naon Ni?"

"Ninun."

"Keur naon ninun?"

"Nyieun samping."

"Keur naon samping."

"Keur rurub."

"Rurub naon."

"Rurub dunya."

"Baruk na dunya téh bakal paéh?"

"Sakur nu diciptakeun, bakal balik deui ka Nu Nyipta."

"Ceuk saha tatéh?"

"Ceuk biwir, ceuk haté, ceuk uteuk, ceuk paripolah."

"Naha?"  

"Antara euweuh jeung euweuh di dinya gelarna hayang! Antara mulang jeung datang di dinya gelarna renghap."

"Ceuk saha?"

"Ceuk biwir, ceuk haté, ceuk uteuk, ceuk paripolah!”

"Lain, ari Ema. Cenah Ema téh di bulan cicingna téh. Lain dina kadut manuk."

“Bulan mah ukur kalangkang. Eusi kadut ukur titipan. Raga ukur bubuatan. Nya mulang-mulang ka gagang, nya balik-balik ka ahir. Bulan anggang ukur cenah, kadut buruk ukur cenah. Nu angger mah Nu Hiji. Nu teu ngurangan. Nu teu nambahan.

"Ceuk saha?"

"Ceuk biwir, ceuk haté, ceuk uteuk, ceuk paripolah."

"Ti iraha Ema ninun?"

"Ti gubrag dunya mimiti."

"Nepi ka iraha?"

"Nepi ka ayeuna."

"Ayeuna téh iraha?"

"Ayeuna téh nu keur dilakonan. Nu keur karasa, nu keur kaambeu nu keur cacatur, nu keur diayakeun."

Manuk kolibri téh ngendog. Kuring aya na jero endog. Basa endog megar kuring geus cle deui baé. Di tempat tatapa. Peuting ka tilupuluh dalapan. Langit simpe. Aya nu ngabaranyay di langit. Nu ngabaranyay téh béntang. Gedé. Nyorot ka kuring. Beu, sérab. Sérab teu kaampeuh. Dua poé dua peuting cahaya, nyorot. Kana salapan palawangan, kana tungtung buuk. Kana sela-sela kulit. Nyecep. Haneut lir talaga, kaasih, katresna, kanyaah kadeu-deuh.

Peuting ka opatpuluh. Wanci subuh, angin liuh. Kasintu cumeluk ka nu siduru. Harudang-harudang, hudang nu sararé ulah kamalinaan. Geuingkeun nu poho. Hudangkeun nu tibra. Euweuh nu bisa di caritakeun ka aranjeun, aya rasa nu moal bisa diucapkeun ku basa manusa, aya kereteg nu hamo aya basa anu nyukupan pikeun ditepikeun ka aranjeun. Antara euweuh jeung euweuh di dinya gelarna hayang. Antara mulang jeung datang di dinya gelarna renghap. Cag.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: