• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Siliwangi Nurutkeun Rupa-rupa Sumber

Kénging HRS
Kintun kana Facebook

Caturkeun dina hiji poé, Ki kuwu Sri Mangana Cakrabuana nepangan sang putra Syarif Hidayatullah nu geus mangku gelar Sunan Gunung Jati, salahsaurang tiantara salapan wali Alloh. Maksud Sri Mangana nepangan putra Rara Santang téh pikeun ngadugikeun warta hadé ngeunaan Sri Baduga Maharaja anu geus ngiangkeun 60 urang utusan ka Cirebon. Rombongan dipingpin ku Tumenggung Jagabaya nu diutus ngalayad putra putu Sang Prabu di Cirebon  kumaha kaayaanana.

Tapi  utusan anu genepuluh urang kaasup Tumenggung Jagabaya tétéla geus arasup agama Islam. Saur Sri Mangana Pangeran Cakrabuana, jigana geus cunduk kana waktuna Sunan Gunung Jati ngadeuheus Eyang Prabu di Pajajaran, meungpeung katingalna Sang Prabu geus  rada monteng kana kaunggulan ageman anyar nu dipencarkeun ku putu ratu, Syeh Syarif Hidayatullah. Sunan Gunung Jati tumut ka Sunan Uwa Pangéran Cakrabuana, henteu kungsi lami duaan jengkar ngantun Cirebon ngabujeng Pakuan Pajajaran seja ngadeuheus ka Sunan Eyang Prabu Siliwangi. Tujuana pikeun ngislamkeun mahaprabu Siliwangi katut rayat Pakuan   terus naringgalkeun agama Sanghiyang terus ngagem agama Islam. Caturkeun di karaton Pakuan Pajajaran Prabu Siliwangi dideuheusan ku para gegedén, ponggawa mantri katut -para selir jeung kadang kulawarga sami-sami ngabageakeun para sesepuh katut sadérék nu sumping ti Cirebon, pangpangna Insankamil Sunan Gunung Jati. Ki Buyut Talibarat pamuntangan Sang Prabu geus leuwih tiheula mando payuneun Sang Prabu. Datang rurusuhan bangun aya anu penting pisan. Galantang Buyut Tali Batat unjukan ka Sang Prabu. Pokna téh, bada terang nu tek sarumping ti Cirebon ingkang putu Sunan Gunung Jati putra Rara Santang, Ki Buyut geus  maklum yén putu Prabu sumping  mawa maksudna anu hadé keur dirina, kurang hadé  keur tuang eyang sabab nu sumping ti Cirebon datang ti Babakan Islam boga niat geusan ngislamkeun Sang Prabu, sakulawarga katut gegeden sanagara, kum urang Pakuan Pajajaran, mo pindo gawé. Ki buyut méré gambaran kasatiaan dirina jeung urang Pakuan anu satuhu ti baheula tug tepi ka kiwari moal eudeuk ganti ageman, arék tetep mageuhan ageman luluhur, nyekel pageuh kapercayaan ka Para Sanghiyang, pageuhna Sang Prabu kana agama Sunda Wiwitan,  agama Dewa mulya. Sastrayendra Ayuningrat. Kusabab kabandungan Sang Prabu ngaraos serab ku agama anyar, ceuk Ki Buyut, ayeuna kénéh karaton jeung sabudeureunana jeung sapangeusina ku Buyut arék dipelakan injuk jalu. Bari prak kokolot nagara téh migawé  kaahéngan. Ngan sakedet netra karaton jeung sagala rupaning pangeusina ilang tanpa karana, ngereles leungit tina paningal lahir.

Jadi Leuweung

Sang Prabu ngahiyang, kitu deui para pangagung nagara, ponggawa mantri katut prameswari jeung para emban katut selir milu ngahiyang. Ngan Prameswari Subanglarang ibuna Sri Mangana Cakrabuana, Rara Santang anu geus aya di alam kalanggengan, éta mah mulih ka alam padang poé panjang, lain ngahiyang jiga Sang Prabu. Karaton anu sakitu agrengna ogé ngaleungit ngiring Sang Prabu, salin jinis jadi leuweung geledegan. Tapi ari para putra ménak jeung santana mah henteu dibawa ngahiyang, ditinggalkeun di karaton jeung nagara. Harita taun 1462 Masehi, Pajajaran salin jinis jadi leuweung geledegan. Teu kungsi lila rombongan Sunan Gunung Jati jeung Cakrabuana sumping di dayeuh Pakuan Pajajaran anu geus salin jinis jadi leuweung. Tapi ari ku Sunan jeung Kuwu Sri Mangana mah sagala rupana katingali kénéh henteu aya anu ngaleungit. Duaan lumebet ka karaton Pakuan, Sang Prabu, para selir katut gegedén-gegedén hempak katingali. Aria Kebo Kamale katéwak tapi embung asup Islam, jangji arék asup Islam dina ahir Jaman. Atuh ku Sunan Gunung Jati dibéré pancen ngajaga Cirebon. Ki  Patih Argatala jeung bawahanana kapanggih di tengah leuweung. Rasana mah ngaleungit, padahal katingali jelas ku Sunan Gunung Jati jeung Kuwu Cakrabuana. Dawuh Sunan“ Héh Manéh Argatala, salaman sulumun jiga siluman di leuweung gerotan. Kusabab kitu maranéh saterusna bakal jadi balad siluman. Patih Argatala totobatan ka Sunan jangji arék asup Islam dina ahir jaman. Ku Sunan dibéré pancén kemit di Cirebon. Sunan Gunung Jati lumebet deui ka karaton nepungan kadang kulawarga jeung para pangagung nagara anu geus Islam. Ka sang paman Raja Sangara Sunan ngadawuh yén karaton arék dijadikeun leuweung, sabab nagara Pajajaran ogé arék salin jinis jadi leuweung geledegan. Raja Sangara diwagel ngeusian karaton sabab dawuh Sunan Gunung Jati, Prabu Siliwangi ku anjeun henteu keresa lebet islam, diharepkeun anjeuna milari tempat luareun karaton keur pamatuhan, tempat mangké ngageugeuh dawuhna. Sabab karaton mah geus pasti jadi leuweung gerotan. Balé agung tempat Sang Prabu sinewaka mah dicandak ka Cirebon jeung barang-barang pusaka kaasup gagaman raja kayaning keris, tumbak jeung sajabana, éta bakal jadi pusaka turun tumurun anu wajib dimumulé dipiara tepi ka bisa diwariskeun turun tumurun. Aya saurang putri Sang Prabu anu kakantun di karaton jeung Dewi Balilayaran kajodokeun ka satriya terahing Galuh terus ngadegkeun karajaan luareun Pajajaran ditelahna Sunan Kabuaran, nagarana mah tetep disebut Pajajaran. Engké dina jaman Prabu Seda diancur leburkeun ku pasukan Cirebon Kidul anu dipingkin ku Panembahan Ratu tepi ka Prabu Seda wapat taun 1579 masehi. Putri Sunan Kabuaran nyaéta Dewi Mandapa atawa Tanduran Gagang nu bakal ngalantarankeun aya Raja jaman ahir. (Nu Diungkabkeun ku PB.Sulendraningrat)

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: