• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Haleuang Bentang
Ngawawaas nu Ngumbara

Kénging Rumpaka
Kintun kana Facebook
Mangle
Di antara parabentang bentang nu maridang [Potrét/Ilustasi: Ensa]

 

 

Bentang haleuang midang. Minton di Anjungan Jawa Barat (AJB) Taman Mini Indonesia Indah (TMII). Ngan, naon waé punjulna éta pintonan téh? 

Langit Batawi ceudeum, taya béntang anu tembong. Béda jeung di panggung AJB TMII, di dinya mah béntang téh baranang naker. Nu minton di panggung Anjungan Jawa Barat, béntang-béntang petingan nu biasa makalangan dina widang masing-masing.

Upama disebut béntang petingan, teu sing anéh. Da,  nu maridang téh mémang, parapinilih. Nu ngahaleuang harita parajawara. Geura wé, aya Hj. Neneng Dinar, Sony Riza Windyagiri, Rosyanti, Neneng Firti, Nining Meida, jeung Rya Fitria KDI. “Nu minton téh kalebet béntang-béntang petingan nu tos seueur pangalaman,” ceuk Drs. Nunung Sobari, MM., Kepala Dinas Pariwisata dan Kebudayaan (Disparbud) Jawa Barat, dina acara Parade Bentang nu lumangsung di AJB Taman Mini, Jakarta, sawatara waktu ka tukang.

 

Ngirut Wisatawan

Karep Dinas Pariwisata dan Kebudayaan  miara jeung ngamekarkeun kasenian, tembong dina rupa-rupa kagiatan. Salahsahijina, nu mayeng téh, dipintonkeun di AJB TMII. Nya tangtu, ceuk Kepala Dinas  Parbud, tujuanana sangkan kasenian Sunda hirup jeung huripna. “Kasenian bisa hirup jeung huripna upama aya kabiasaan midang dina féstival, pagelaran, sareng aya dokuméntasina,” pokna dina biantara.

Ngaliwatan féstival, seni nu makalangan lian ti kabandungan ku balaréa, deuih ajén-inajenna gé bakal kapeunteun ku juri. Hartina, kapunjulan-kapunjulan éta seni bisa katangén sarta saterusna bisa jadi cecekelan boh keur éta lingkung seni boh keur nu séjénna. Ngaliwatan pagelaran, seni  bisa terus hirup, lantaran seniman butuh nu lalajo, butuh nu ‘ngaapresiasi’. Beuki remen minton, parapalaku seni gé bisa tetep boga sumanget ngagugulung senina. Saterusna, seni téh perlu dicatet didokumentasikeun boh mangrupa tulisan boh ‘visual’ sangkan tapak lacakna manjang sarta dipiwanoh ku nu hirup sapandeurieunana. Ku ayana dokuméntasi deuih, bisa kaalap mangpaatna, lantaran aya koréhaneun geusan jadi bahan nambahan pangaweruh jeung pangalaman.  

Pintonna seni di AJB TMII, memang misti petingan. Eta  tempat nu aya dina papayung Dinas Pariwisata Jawa Barat téh, teu weléh nembongkeun sumanget dina miara jeung ngamumulé budaya katut pariwisata Jawa Barat.

Nu hayang leuwih wanoh kana kaayaan wéwéngkon tatar  Jawa Barat, kaasup  potensi nu nyampak di kabupaten/kota di Jawa Barat, bisa datang ka Anjungan Jawa Barat.  Ti dinya, wisatawan téh bisa ngira-ngira jeung nangtukeun tujuan nu rék disabaanana.  “Potensi nu nyampak di Jawa Barat kedah kagambar di AJB,” ceuk Dra. Ine Hermina, M.Si., Kepala Balai Pengelolaan Anjungan Jawa Barat sawatara waktu ka tukang

Kagiatan di AJB tara tuna tina miara jeung ngamumulé sagala rupa potensi nu nyampak di Jawa Barat.  Di antarana, sumanget nyaah ka sarakan jeug karep nembongkeun jati diri  Sunda,  jadi salahsahiji udagan ais pangampih AJB TMII.

Anjungan Jawa Barat,  lir jandéla imah. Nu ti luar bisa nempo ka jero imah. Ku lantaran kitu, nu katempo tina jandéla samistina nu pikareueuseun balaréa. Ku lantaran kitu, karep ais pangampih AJB gé hayang némbongkeun kapunjulan Jawa Barat ka pihak luar. “Mung tangtos kapunjulan sapertos kitu gé kedah nyata ayana di Jawa Barat,” ceuk Kepala AJB. Maksud Hj. Ine, nu dipintonkeun di TMII téh memang bener-bener hirup sarta pikareuseun warga Jawa Barat.

Rupa-rupa kagiatan seni jeung pariwisata, di AJB TMII mah, biasa naker. Nya, biasa deuih nataharkeun kagiatanana gé  ti anggalna kénéh. Tatahar kitu ogé kasaksén  waktu rék mintonkeun Parade Bentang Tembang/Kawih Parahiyangan 2013 nu lumangsung Saptu 29 April 2013. Harita gé lalatihan heula di Museum Sri Baduga Jawa Barat, Jalan BKR Bandung.

Nu makalangan di éta panggung,  para seniman bekén. Lagu-laguna deuih sohor naker, da puguh hasil karya seniman moyan. Ngan, ari pangarangna mah, arang kacarita. Padahal, ceuk Kadis Parbud, kalungguhan seniman kawas kitu kacida pentingna, lantaran medalna karya téh cikal bakalna mah arinyana.

Dina Parade Bentang harita, kadis gé nétélakeun jengléngan panyanggi lagu-lagu nu dipidangkeun.  Lembur Kuring nu dihaleuangkeun ku Hj. Neneng Dinar, apan karya  RTA Sunarya (alm). Inyana téh menak Sunda nu gedé katineungna kana kasenian Sunda. Atuh, karya-karyana gé loba nu dipiwanoh nepi ka kiwari. Lagu karya H. Koko Koswara (alm), Reumis Beureum dina Eurih dihaleuangkeun ku Rosyati. Mang Koko (kitu katelahna) moal bireuk deui keur urang Sunda mah. Inyana téh panyanggi lagu nu karya-karyana kalandep nepi ka kiwari.

Lagu-lagu séjénna, nu dihaleuangkeun téh, karya Nano S. (alm), Iik Setiawan, Ubun Kurbansyah, Deddy Odoy, Asep Ili, jeung Jaja Bima.

 

Seni Pangirutan

 

Upama AJB lir jandéla, mémang loba mangpaatna. Lain ukur  milu miara jeung mekarkeun seni jeung potensi wisata, tapi deuih sangkan kapunjulan Jawa Barat dipiwanoh ‘urang luar’.  Da, pancen AJB téh, apan di antarana  ngawanohkeun tatar Jabar ka mancanagara.  Ku cara kitu nu aya di Jawa Barat gé boga sumanget ningkatkeun ajén.

Nurutkeun Kepala Dinas Pariwisata dan Kebudayaan,  Drs. Nunung Sobari, MM., AJB TMII kudu jadi etalase Jawa Barat. Ku lantaran kitu, sagala rupa nu nyampak di Jawa Barat kudu kagambar di AJB TMII. Ngaliwatan éta tempat, kapunjulan Tatar Sunda bisa dipiwanoh balaréa.

Lian ti jadi jandela seni, AJB gé jandela wisata. Kapunjulan alam tatar Jawa Barat, misti jadi pangirutan. Pentingna jandéla wisata, ceuk Kadis deui, lantaran mangpatana mah lain ukur keur dunya wiasata, tapi deuih keur karaharjaan masarakat. Keur Nunung Sobari, sagala rupa potensi nu nyampak, boh lingkunganana, karancagean masarakatna, ogé kulinerna kudu terus mekar sarta jadi cukang lantaran karaharjaan masarakat tatar Jawa Barat.

Nyaritakeun potensi alam jeung wisata Jabar, Nunung mah  gedé haté upama beuki dieu  tatar Sunda leuwih boga daya pangirut. “Kantun miara jeung ngamekarkeunana,” pokna. Komo deui, cenah, apan kekecapan wisata Jawa Barat ayeuna téh, Jawa Barat ngagero dunya. Hartina, aweuhan kapunjulan Jawa Barat kudu kadenge, kareret, jeung kabandungan ku wisatawan mancanagara nu ahirna jadi pangjugjugan nu ti mana nu ti mendi.

 

Eling ka Sarakan

Paradé Béntang Parahiyangan, mémang jadi pangjugjugan. Nu daratang ka dinya gé lain ukur urang Sunda nu aya di Batawi wungkul, tapi deuih ti tempat séjén. Urang Depok, Bogor, jeung sajabana, loba nu ngahajakeun datang ka dinya.  Puguh deui urang Bandung mah, loba naker nu daratang ka éta tempat téh. Da, mémang  béntang-béntang nu maridang téh deuih lolobana mah urang Bandung. “Upami aya kagiatan kasenian Sunda di Anjungan Jawa Barat, sok ngahajakeun wé dongkap ka dieu,” ceuk salah saurang nu lalajo asal Kuningan Jawa Barat. Inyana mah geus jadi urang  Batawi, matuh di Klender. Cenah, sanggeus pangsiun gé terus wé bubuara di Jakarta.  Ku ayana kagiatan kawas kitu,  ceuk  éta lalaki nu umurna 70 taun mah, jadi tatali asih ngantengkeun kanyaah ka sarakan sorangan.

Lalaguan nu dipintonkeun harita, memang lir panggupay rasa. Komo deui ungkara basa nu ngawirahma dina lagu Lembur Kuring karya RTA Sunarya mah, jinek ‘metot’ lelembutan nu ngabandungan éta lagu inget ka bali geusan ngajadi. “Salah sahiji tujuanana ieu pintonan ge kanggo ‘ngawawaas’ nu ngumbara di Batawi,” ceuk Sony Riza Windyagiri, Panata Musik jeung Lagu nu dipintonkeun di AJB TMII.

Sony, seniman ngora teureuh Bandung,  remen ngamancanagara, mintonkeun kamaheranana dina ngahaleuang jeung nabeuh waditra. Atuh harita gé, ieu siswa kelas tilu SMA di Bale Endah, Bandung téh,  lian ti ngahaleuang ogé mirig lalaguan ku jentréng kacapina.

Pintonan Parade Bentang di Anjungan Jawa Barat harita, jadi pangjugjugan balaréa. Haluang tembang, kawih jeung lagu, mampuh jadi pangirutan. Keprokna nu lalajo tanda sugema, teu weleh jadi papaés  saban bentang mungkas haleuang. *** 

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

cucu

sampurasun, hapunteun sateuacanna bilih teu acan uninga, kedahna mah kaseratkeun oge atuh pangarang tina lagu Bentang-bentang Priangan teh, hawatos, tos sesah-sesah nyiptakeun laguna, teras dianggo ku Anjungan Jabar di TMII mung tara kasebatkeun wae jenengan senimanna. nuhun,

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: