• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Sri Baduga Maharaja
Putra Dewa Niskala

Kénging HRS
Kintun kana Facebook

Minggu pengker pedaran parantos dugi ka masalah Siliwangi anu tetela lain jenengan pribadi, tapi gelar. Ku Wangsakerta ogé diangken éta téh lain jenengan pribadi Sang Raja Pajajaran.    Nurutkeun Wangsakerta dina naskahna “ Kawaliya ta wang Sunda lawan ika wang Cirebon   mwang sakweh ira wang Jawa kulwan nyebuta Prabu Siliwangi Raja Pajajaran Dadyeka dudu ngaran swarga nra (Ngan urang Sunda, sakumna urang Jawa Barat jeung Cirebon nyarebutna Prabu Siliwangi Raja Pajajaran. Jadi éta téh lain jenengan pribadi Sang Prabu).”

Di médan perang Bubat luluhur Sri Baduga, Raja Sunda Prabu Lingga Buana mintonkeun wawanén jeung kagagahanana, bener-bener sakti mandraguna. Elmu kasaktén dirina diwariskeun tamplok ka Sri Baduga Maharaja. Ti keur anom kénéh geus sakitu sakti mandragunana, atuh sumawona geus jeneng narpati turta disipuh ku élmu panemu tina getol guguru ka ditu ka dieu, saba buana téh tujuana ngan keur guguru elmu, Sang Prabu ngajanggélék jadi maharaja anu tanpa tanding kasaktén jeung kagagahanana. Prabu Lingga Buana anu gugur di Bubat dilélér gelar Prabu Wangi. Rundayanana kabéh ditelah Siliwangi. Nu ngegentos Linggabuana lain Sri Baduga tapi Wastukancana (silih na, silih téh nu ngagantina, silih genti). Ari Wastukancana, éta téh éyang atawa akina  Sri Baduga. Nurutkeun naskah Wastu Kancana, Prabu Wastukancana ogé sok disebut Wangi Sutah. Urang Sunda jiga anu kurang eungeuh, nyebutna téh Sri Baduga putra Wastukancana. Tapi dina Carita Parahiyangan disebutkeun yén Prabu Wastukancana téh seuweu Prabu Wangi. Naha Déwa Niskala ramana Sri Baduga bet diliwat? Cenah lantaran Déwa Niskala ngan ngawasa Galuh wungkul kalungguhanana Prabu. Sri Baduga mémang penerus langsung Wastu Kancana. Nurutkeun naskah Pustaka Rajaraja I.Bumi Nusantara II/4  rama Sri Baduga  Dewa Niskala jeung mertua Sri Baduga Susuktunggal gelarna ngan Prabu, ari Jajadewata atawa Sri Baduga sarua jeung eyangna jadi Maharaja, jadi pangawasa Sunda-Galuh. Ku kituna saperti anu disebutkeun ku Amir Sutaarga (1965) Sri Baduga dianggap jadi silih atawa anu ngaganti Prabu Wangi, Wastu Kancana . Ku Pangéran Wangsakerta disebut Prabu Wangisutah. Sri Baduga anu ngaganti sacara langsung ti bapa ka anak sacara tradisi, kulantaran kitu nurutkeun Wangsakerta Prabu Siliwangi dianggap putra Wastu Kancana.

Ratu Pakuan

Kacaturkeun waktu Jayadewata sakulawarga ngalih ti karaton wétan (Galuh) ka karaton kulon (Pakuan) karékam ku Bujangga Kiyai Raga ti Gunung Srimanganti Cikuray Naskah ditulis dina wangunan Pantun dijudulan “Carita Ratu Pakuan” ditulis dina ahir abad ka 17 Masehi. Atawa awal abad ka 18 Masehi. Bisa dititénan dina Koropak 410. Dina pantun dicaritakeun geureuhna Sang Prabu Sri Baduga nu kahiji Ambetkasih putri Ki Gedeng Sindangkasih, ari Ki Gedeng Sindangkasih éta téh putra Wastu Kancana anu katilu ti Mayangsari. Prameswari Sri Baduga ngiring carogé ngalih ti Galuh ka Pakuan, iring-iringan panjang, ngembat-ngembat nyatang pinang sapanjang jalan jadi tongtonan rahayat, di saban tempat anu kaliwatan. Tindakan anu pangheulana dilakukeun ku Sri Baduga sabada diistrenan jadi Raja Pajajaran téh, ngalakaksanakeunamanat  Eyang Wastu Kancana anu dititipkeun ka ramana, Ningrat Kancana    waktu anjeunna masih jadi Mangkubumi di Kawali. Bisa dititénan di Kebantenan di salahsahiji prasasti. Kieu unina téh;

“ Mugia salamet. Ieu téh pépéling pikeun Rahiyang Niskala Wastu Kancana, turun ka  Rahiyang Ningrat Kancana saterusna ka Susuhunan nu ayeuna di Pakuan Pajajaran. Kudu nitipkeun   puseur dayeuh di Jayagiri jeung puseur dayeuh di Sunda Sumbawa. Mugia aya anu ngurusna, ulah ngabeungbeuratan ku dasa jeung calagara, kapas timbang  jeung  paré dongdang. Para patugas muara diparéntah supaya ulah méntaan waragad, sabab maranéhna salawasna anu babakti jeung ngabaktikeun diri kana ajaran-ajaran, sacara tandes ngamalkeun ajaran jeung aturan para dewa.

Tandes pisan disebutkeun, puseur dayeuh di Jayagiri jeung Sunda Sumbawa Padumuk di dua puseur dayuh nu disebut tadi dibebaskeun tina mayar opat rupa pajeg, nyaéta“dasa” (pajeg tanaga perorangan) “Calagara” (pajeg tanaga kolektip/rerongan), kapas timbang (10 tanggungan kapas), paré dongdang (paré sagotongan), dina Koropak 630 daptar éta pajeg téh “Dasa”, calagara “ upeti atawa Séba saban taun ka Pakuan (Panggeres reuma). Dina Koropak  406 disebutkeun yén ti daérah Kandangwesi, ayeuna mah Bungbulang Garut, kudu ngirim séba    kapas 10 carangka atawa 10 tanggungan, éta téh séba ka Pakuan saban taun. Kusabab jumlahna henteu saeurik, teu ditanggung ku rayat sacara pribadi tapi ku pangawasa di daérahna. Paré dongdang (panggeres reuma), éta téh leuleuwihan tina hasil panén grede. Paré anu jadi sabada sawah dipanén, ku patani tara dilieuk deui éta téh sabab patani muka deui sawah anyar, paleuleuwihna mah jadi hak raja atawa hak pangawasa daérahna. Numatak sebana ogé ditanggung ku pangawasa daérahna (Tohaan), henteu diteumbleuhkeun ka rayat.

Paré keur séba téh ditaranggung dina dongdang diabringkeun ka karaton. Saban taun teu meunang henteu. Lianti paré, kapas ogé henteu ditanggung ku rayat sébana tapi ku pangawasa daérah. Ari pajeg anu bener-bener mah nyaéta pajeg tanaga dina wangunan “dasa”, jeung “Calagara” , di Majapait disebut Walaghara atawa pasukan kerjabakti.

Tugas-tugas keur kapentingan raja, ngala lauk, moro, ngurus solokan, digawé di pasawahan milik karajaan nu disebut Serang Ageung. Paréna keur upacara resmi, dina Koropak 630 disebut “Wang tani bakti di Wado”  hartina “Patani tunduk ka Wado”. Ari Wado téh tentara  karajaan a anu mingpin calagara. Sistim dasa jeung calagara téh lumangsung terus tepi ka jaman Hindia Walanda. Lila-lila jadi sistim Eodi (gawé paksa   di kebon-kebon milik pangagung Walanda. Calagaéa ahirna dirobah jadi Dinas Umum/ Dinas Kampung, keur kapentingan umum, saperti  miara solokan-solokan, jalan , kuluwung, jagabaya, éta kabéh gratis tanpa  diburuhan nanaon. Tapi anu kadua mah dibayar jeung diberé dahar, Preangerstelsel jeung Curturstelsel atawa tanam paksa. Ngamangpaatkeun sistim tradisi pajeg tanaga. Mayar pajeg ku tanaga lain ku barang atawa duit. Dina ahir abad ka 19 bentukna robah jadi “lakon gawé”, keur tingkat kota. Kusabab sipatna pajeg, anu teu tigin kana kawajiban aya ancaman hukuman. Tina pangalaman saeupa kitu, urang Sunda jadi boga paribasa“ Puraga tamba kadengda ” (digawé tamba henteu, ngan keur nyingkahan hukuman atawa dengda). Bentuk Dasa terus lumangsung sakumaha biasana. Di Désa aya anu disebut “gebagan” ngagarap sawah bengkok, di tingkat kabupatén mah ngagarap sawah gegedén. Jadi harti gotongroyong sacara tradisional gawé réréongan keur kapentingan umum dumasar kana paréntah Kapala Desa. Saenyana lain gotongroyong . Memang tradisional tapi idé dasarna pajeg tanaga. Dina Jawadwipa disebur Karyabhakit, geus dikenal ti jaman Tarumanagara abad ka 5. Piagem-piagem Sri Baduga nu sejena mangrupa “ Piteket” sabab langsung diparéntah ku Sang Prabu. Henteu ngabaud masalah ngabebaskeun pajeg wungkul, tapi ogé netepkeun wates-wates kabuyutan di Sunda Sambada jeung Gunung Samaya nu ditetelakeun jadi “Lurah Kawikuan” nu disebut “ Desa Perdikan” nyaéta désa anu dibebaskeun tina mayar pajeg.

Sumber-sumber Sajarah;      

1.Carita Parahiyangan; Dina sumber Carita Parahiyangan mah Sri Baduga dilukiskeun, Purbatisti      Purbajati, mana mo kadatangan ku musuh ganal musuh alit Suka kreta tang lor kidul kulon  wétan kana kréta rasa. Tan kreta ja lakihi dina urang reya, jaq loba di Sanghiyang siksa.

Tarjamahana;  Ajaran ti luluhur dijungjung luhur tepi ka moal kadatangan musuh boh ku laskar boh sasalad kasakit batin. Bagja raharja di kalér kidul, kulon  jeung wétan nu henteu ngarasa  raharja ngan rumah tangga jalma-jalma anu sarakah kana ajaran agama.

Tina ieu naskah bisa kanyahoan yén mangsa harita geus loba urang Pajajaran anu asup agama Islam. Disebut sarakah lantaran henteu dianggap sugema ku agama karuhuna.

2. Pustaka Nagara Kertabhumi; Parwa 1 Sarga 2.

Di dieu dicaritakeun yén tanggal 12 bagian caang bulan Citra taun 1404 Saka Syarif Hidayatullah ti Cirebon henteu ngirim deui Séba ka Pakuan Pajajaran. Syarif Hidayatullah téh putuna Sri Baduga Maharaja ti Rara Santang. Ari Rara Santang putri Sang Prabu ti Subanglarang, prameswari anu Islam. Syarif Hidayat dijenengkeun raja ku Uwana nyaéta Sri Mangana Pangéran Cakrabuana rakana Rara Santang. Syarif Hidayat jadi raja merdeka di Pajajaran, di bumi Sunda. Harita Sri Baduga nembé ngalinggihan karaton Sri Bima, kaemper-emper  ka karaton yén pasukan angkatan laut Demak geus ngadarangong di Palabuan Cirebon ngajaga kamungkinan daratangna pasukan ti Pajajaran anu niat ngajorag Cirebon. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: